Lemburkuring2007

Sengot

Tunda talatah


ngala-caiBaheula di pilemburan hususna di wewengkon Kabupaten Kuningan, lamun ngala cai di sumur teh sok ngagunakeun Sengot nu dijieunna tina awi. Kaawas nu katingali dina gambar, salah saurang warga keur nyicikeun cai kana wadah nu ngaranna Buyung.

Potret Nu Sanes
Lajengkeun maos

Advertisements

Walungan Cijolang

Tunda talatah


DUSUN Bojong, Désa Bangunjaya, Kecamatan Subang, mangrupakeun salasahiji pilemburan  nu perenahna di tapel wates Kabupatén Kuningan jeung Kabupatén Ciamis. Lamun dijugjug ti puseur kota Kabupatén Kuningan, anggangna teh kurang leuwih 60 kilometer.

Demi nu jadi tapel wates dua daérah kabupatén, nyaéta walungan CI Jolang nu misahkeun Dusun Bojong Désa Bangunjaya, Kecamatan Subang, Kabupatén Kuningan jeung Désa Jangalaharja, Kabupatén Ciamis.

Ti Dusun Bojong Désa Bangunjaya, Kecamatan Subang, Kabupatén Kuningan ka Desa Jangalaharja, Kecamatan Rancah, Kabupaten Ciamis teh saenyana deukeut, kurang leuwih  sakilo meter.

Sanajan kitu, urang Dusun Bojong Bangunjaya, Kecamatan Subang, Kabupatén Kuningan sakapeung sok ngarasa wegah lamun rék ka Désa Jangalaharja, Kecamatan Rancah, Kabupaten Ciamis. Teu rék kitu kumaha, sabab lalampahan ti Dusun Bojong ka Desa Jangalaharja kudu meuntas walungan Ci Jolang.

Meuntas éta walungan teh maké rakit, da tacan aya sasak nu nepungkeun dua wilayah kabupatén. Lamun keur caah dengdeng, urang dinya tara wani meuntas najan make rakit. Lamun urang Dusun Bojong rek ka Desa Jangalaharja kapaksa  kudu nguriling maké jalan Désa Tangkolo, Kecamatan Subang, Kabupatén Kuningan,  nu anggangna welasan kilometer

Baheula mah sok kabejakeun aya nu tikelebuh nu meuntas maké rakit dina kaayaan cai umpalan-umpalan. Malah méh saban taun nu tikelebuh di Leuwi Asba teh nepika tiwasna. Leuwi Asba téh katelahna teh leuwi Jaludin, ngan tisaprak aya warga nu ngaranna Asba tikelebuh nelah nepika kiwari Leuwi Asba.

Pikeun nyinglar balai, urang Dusun Bojong tara wanieun meuntas maké rakit dina kaayaan cai hawangan CI Jolang ngagulidag. Kajeun teuing nguriling, batan  kudu meuntas hawangan CI Jolang dina keur kaayaan caina  motah.

Bilih bade ningal nu meuntas walungan mangga

 

alajengna


Tunda talatah

Goreng Dage


KIRA taun 1985-an nepika taun 1990-an, di lembur kuring Luragung, rek munggahan teh sok rame ku nu baralanja ka pasar. Kaasup kuring sok milu riweuh mun ema balanja ka pasar teh

Jenatna pun bapa, (mugi sing dicaangkeun alam kuburna), jadi sedih inget jaman baheula, sok nitah kuring sangkan ngabantuan mawa balanjaan ema ti pasar.

Biasana ema teh sok meuli hayam jago (kampung), da keukeuh bapa mah tara nuang daging hayam nagri. Teu ngeunah cenah.daging hayam nagri mah. Eta daging hayam teh sok diopor keur sahur munggaran, da geus liwat tilu poe mah biasa wae kadaharan keur sahur teh sok saayana.

Kuring mah kadaharan keur sahur teh sok ngahaja meuli goreng kentang, goreng dage haneut, ngadadak jam dua samemeh mangsana sahur da di lembur loba nu dagang gorengan keur sahur tea.

Ari ema balanja ka pasar teh sok sakalian meuli lauk asin sepat, tawes, teri, cumi-cumi, sakapeung sok meuli gakser (apal gakser?) sabulaneun. Ari buka puasa kudu oge aya lauk nu arasin, jeung kudu aya coel sambel. (Agah)*