Lemburkuring2007

Hayang Titirah

11 Pairan

Carita Pondok
Karya Usep Romli HM

Nyingkahan karudet hirup di kota. Ka ditu ka lembur matuh banjar karang pamidangan. Tempat asal basa gubrag ka dunya. Tempat para karuhun nyorang mangsa demi mangsa. Kaasup indung bapa, katut sababaraha urang dulur baraya, nu teu ingkah balilahan ti dinya.
Sababaraha kali dibadamikeun jeung pamajikan. Nyatujuan. Ngan tacan puguh putusanana, kumaha jeung iraha. Kawas-kawas semu beurateun niggalkeun lingkungan panganjrekan ayeuna. Atuh da geus napak pisan. Sabab lain sakeudeung-sakeudeung. Diutang-itung mah aya kana lima puluh taun. Moal aya nu ngangles yen satengah abad teh lila pisan. Ti mimiti ngetrik diajar rumah tangga. Nyieun imah saaya-aya. Asal bisa pake cicing wungkul. Estu wawayagon. Nepi ka tanah ngalegaan. Wangunan ngagedean. Luyu jeung karir nu terus ningkat. Ti PNS gol.II/a lulusan SMA. Pangkat jeung kalungguhan kadongkrak ku ijazah. Tadina mah cukup ku sarjana muda. Agul jeung gaya, satukangeun ngaran make rarangken BA. Tapi batur-batur sapagawean cuh-cih karuliah deui. Hayang ngahontal sarjana. Drs., SE, SH, jeung teuing gelar nanahaon deui nu bisa dipake narik angka kredit. Istilahna civil effek. Komo geus usum pasca-sarjana.. Asa beuki percaya diri sanggeus meunang gelar S-2. Aya MM, M.Si, M.Pd, M.Hum., jeung teuing nanahaon deui. Nu penting, boga ciri.
Rejeki ge geuning beuki hojih. Aya we ti mana, jeung kumaha carana. Tara saat. Bisa boga modal keur neungteungkeun lambang status sosial. Imah paragpag di mana-mana. Kendaraan leuwih ti hiji. Ngan pamajikan nu teu tambah teu robah teh. Saeutikna sacara legal-formal. Ari ilegal jeung in-formal mah, ah, teu perlu dibahas. Pangasilan rea, kalungguhan alus, kasempetan aya, piraku teu dimangpaatkeun.
Pamajikan teu rungsingan. Nu penting salaki aya di gigireun. Resmi nu sorangan. Taya saengan. Kajeun teuing saluareun eta mah, teu nyaho-nyaho.
Nu matak lulut. Sauyunan. Lulus banglus. Nepi ka ngalaman upacara “kawin perak”. Pada muji-muji ku sarerea. Balad pamajikan, boh di arisan, boh di majelis ta’lim, juljol. Ngawilujengkeun. Kitu deui koleha-koleha ti tempat fitness, ti papada langganan salon, ti yayasan-yayasan tempat kagiatan sosial nu teu weleh dipublikasikeun dina koran jeung TV.
Malah ngeunaan hal ieu, kungsi pamajikan ngaharewos. Ngaku dosa ti dituna mah :
“Pap, mamah rumaos, midamel amal soleh teh ngan saeutik, ari waragadna badag kacida.”
“Naha ?”
“Muhun nyumbang ka panti asuhan di Bojongsuka, lima ratus rebu rupia. Ari ngamplopan wartawan nu ngaliput, seep sajutaan.”
“Lah, tong jadi pikiran. Nu penting, Mamah nyumbang, jeung ngaran kawangikeun. Apan papah ge ngiring kadongkrak.”
Ngahaja, sawatara bulan samemeh raya-raya perkawinan perak, kuriak heula. Ngalegaan jeung nambahan dapur. Asalna dapur teh dua. Dapur kering jeung dapur basah. Ayeuna mah dirobah sakumaha usul ahli interior jeung ahli kuliner nu diondang. Cenah,mode kontemporer keur jalma-jalma midel jeung haig klas, imahna dilengkepan ku dapur leuwih ti hiji. Dapur multiinternasional. Aya dapur Itali nu kamashur ku pasakan pizza jeung pasta. Aya dapur Walanda nu kamashur ku kiju jeung panekuk. Aya dapur Jepang nu nyayagian susi, gurume. Jeung rupa-rupa deui.
“Da urang mah, asal ti pilemburan. Kudu inget ka asal-usul, kade. Kudu aya dapur Sunda !”
Pamajikan kerung :
“Dapur Sunda ?”
“Enya. Keun we urang geus tara dahar liwet, beuleum peda, sambel jeung lalab oge. Sayagian we itung-itung perlambang yen urang masih keneh nyunda.”
Ari heg teh, bener bae dapur Sunda nu jadi perhatian para tamu ondangan acara kawin emas teh. Babaturan sakantor, kitu deui babaturan pamajikan, rea tatanya soal dapur Sunda. Boh ngeunaan paparabotan, boh ngeunaan kaolahan.
Hadena aya Bi Kenoh, meunang ngahaja ngangkir ti lembur. Kapiadi indung. Pamajikan mah kapibibi ka eta nini-nini basajan tapi nyakola teh. Manehna jadi jurubicara. Nerangkeun ngaran-naran parabot nu rapang dina bilik, nu bahan-bahanna tina taneuh, kai, awi, jeung batok kalapa. Kayaning gentong, pariuk, pendil, coet, jeung sabangsana. Siwur, aseupan, hihid, dulang, pangarih, centong, parako, para seuneu. Bangsa dangdaunan bumbu nu aya, di antarana daun salam, walang, sereh, laja, jeung rupa-rupa deui. Malah tulang iga domba nu ngahaja digantungkeun, diunun ambeh garing ku haseup, pada ngaeuleuh-euleuh.
Di dapur Itali, Walanda, jeung Jepang mah, taya nu tatanya nanaon. Padahal pamajikan, digendeng ku ahli kuliner, geus siap mere katerangan.
Niat hayang titirah, terus ngabebela. Pamajikan mere saran, sangkan ngala dulur ti lembur. Tunyu-tanya kaayaan di ditu. Sabab moal hade ujug-ujug gurujag. Sanajan aya keneh tanah sacangkewok jeung imah sagede pelok, apan digarap jeung dieusian ku nu sejen. Rerehan keneh.
“Teu pantes ongkoh pantar urang sararak-siruruk di imah butut. Leuwih hade nyieun heula imah anyar. Divilakeun,”cek pamajikan anu boga keneh naluri pasisian. Sanajan geus titereb jauh dina pakumbuhan metropolitan, saeutikna aya nyangkaruk rasa melang jeung nineung ka sarakan. Opat puluh taun ka tukang dahup jeung manehna. Tatangga lembur. Sarua anak jalma nu kasebut jegud. Nu matak kaduga sakola nepi ka SMA heula, terus meunang gawe nuturkeun dulur-dulur nu geus ti heula maju.
“Sina neang atuh urang lembur nu bisa dipercaya. Saha ?”
“Keun we dulur mamah. Mang Uki. Singer jeung jalingeur.”
“Tah enya Mang Uki. Masih keneh ngabandar lauk kitu ?
“Duka tah.”
“Nitahan Hanong we atuh, pan geus sababraha kali nyupir ka lembur.”
Pagetona Hanong, supir kameumeut, karek bisa indit. Mobil nu rek dipake ku manehna, kudu diomean heula handelna. Manehna teu sanggupeun ka lembur mawa mobil nu teu dobel gardan.
“Bawa atuh Taft Rocky ka bengkel. Gancangkeun kituh.”
Padahal aya keneh mobil sejen nu make handel. Landrover Defender, kaluaran 2008. Tapi lebar dibikeun ka Hanong sina kukurusukan ka jalan can diaspal. Komo keur usum hujan. Memang moal nanaon. Malah mobil eta mah ajangna keur nempuh medan beurat. Teu dikopkeun teh, da lain keur kikituan. Ukur nembongkeun kajumawaan wungkul. Da mimindengna mah nagog di garasi.
Ukur sapeuting. Isukna Hanong geus datang deui mawa Mang Uki. Puguh bae diaku. Diuah-aeh. Keur mah ka dulur. Turug-turug langka panggih.. Jeung dicaram pulang poe. Dititah mondok sapeuting, ambeh salse jeung jentre nepikeun pamaksudan.
Disuguhan dahar di dapur Itali, regag-regog. Pizza jeung pasta meunang pesen ti toko, lapur teu ditoel-toel acan. Tapi ari song mah angeun kacang, goreng teri, sambel, lalab, jeung rupa-rupa deui nu kasebut kadaharan Sunda — meunang ngahaja ngaborong Hanong ti restoran Sunda, Mang Uki mani ngalimed. Matak kabita nu hayang.
“Naha ari Aden teu tuang ?”Mang Uki nanya bari ngosom.
“Teu acan hoyong.Sok we emang ti payun.”
Padahal hate leutik mah ngagelecis. Hayang ponyo kawas Mang Uki. Hayang ruab-raeb kawas Hanong. Kawas pembantu sejen, nu masak dahareun, memeh song ka dunungan, diarasaan heula saseubeuhna.
Geus teu bisa ayeuna mah capek-rahem kitu teh. Kudu diatur ku dokter. Tadi isuk-isuk keneh pisan, dokter pribadi nelepon.Yen poe ieu mah mumuluk teh, ukur kulub kentang dua siki jeung cai herang dua gelas.Teu meunang leuwih. Keur dahar beurang, kudu nungguan deui telepon ti dokter, dumasar hasil pamariksaan laboratorium kana cikiih nu rek dikirimkeun ku Hanong engke sabada mumuluk tea. Lamun nyoba-nyoba mawa karep sorangan, moal teu kambuh konplikasi rupa-rupa panyakit nu geus ampir lima taun nyayang dina awak. Liver, kolestrol, jantung, ginjal, hipertensi, diabet, nu sakalina karasa matak hariwang sarerea. Jaba meakeun biaya juta-juta
“Emang mah,duka kumaha, kana barang teda teh, Aden,”Mang Uki satekah polah nahan teurab. “Sakieu geus kolot, hih, rewog we. Maklum tacan aya nu dipantang.”
“Daging domba, embe, osok keneh ?”panasaran nanya.
“Upami aya mah, ah, dihaglok we. Huluna, jeroanana…Nanging di mana aya daging domba, daging embe, unggal dinten, di lembur atuh, Aden. Di pasar seueur, teu kapeser. Ngantosan usum lebaran we, usum hahajatan. Upamina usum kurban. Lumayan, dua tilu dinten mah, rencang sangu teh tara luput ti daging sareng tulang, “Mang Uki nyerengeh.
Ti peutingna, Mang Uki dibere katerangan lengkep ngeunaan niat titirah di lembur.
“Bade kebo mulih pakandangan Aden teh ?”
“Naon maksadna ?”teu ngarti kana omongan Mang Uki cikeneh. Pamajikan ge pungak-pinguk.
“Sumuhun, mulih ka lembur. Tos bosen di pangumbaraan, rupina, Aden sareng Eneng teh, “Mang Uki seuri leutik. Karek sadar, meureun, yen kecap jeung kalimah nu diucapkeun ku manehna, geus rea nu teu matak kaharti pikeun urang kota.
“Mamanawian, Mang,”pamajikan nu nembalan teh.
Isukna Mang Uki dijajapkeun deui ku Hanong. Dituturkeun ku teuteup sumoreang, nepi ka les satukangeun gerbang pager. Sumoreang ka mangsa ka tukang. Keur mangsa budak jeung mangsa rumaja. Mangsa lembur caang ku bulan jeung bentang. Cahayana ruket dalit jeung hate. Ayeuna mah di pilemburan teh geuning geus taya caang bulan, caang bentang. Kasilih ku listrik.
Keur mangsa sagala didahar bari dirarasakeun kangeunahanana. Ti mimiti kepokan selong, pentil jambu, harendong, malaka, bakasem. Taya nu matak jadi panyakit. Malah sehat jeung seger nu aya.
Ras ka Mang Uki. Umurna saluhureun. Tapi belejag keneh. Barang dahar bebas laluasa keneh.
Meureun da daharna keur ngeusi beuteung. Ambeh kuat,tanagaan, enerjik rea gizi jeung vitamin. Lain dahar saperti nu kungsi kaalaman babarengan jeung babaturan papada jalma beunghar anyar, nu nganggap dahar teh minangka gaya hirup jeung hobby ekslusif. Tujuanana lain sangkan seubeuh beuteung atawa ngasupan awak ku vitamin, gizi, jeung nutrisi. Tapi sangkan meunang pangakuan ti lingkungan sewang-sewangan minangka ciri status manusa abad milenium nu sarwa rimbil ku tetelahan. Kungsi jeung pamajikan, asup ka kleub “good-food lovers”, nu mikacinta kadaharan sarwa alus. Diondang kana acara “Chainnes des Rostisseurs Dinners”. Sugan teh acara dahar enyaan. Nu matak indit ti imah, mawa beuteung kosong. Sihoreng ukur diajak ngicip-ngicip rupa-rupa pasakan ti mancanagara. Terus kudu mere komentar ngeunaan pasakan nu cekeneh diasaan. Ampir tilu jam acara kikituan teh. Atuh meh-mehan nambru langlayeuseun. Sabab nu asup kana beuteung, salian ti kadaharan nu diasaan saemet-saemet tadi, wungkul anggur jeung kacang. Anggur kamashur buatan Paris jeung Ustrali.
Duaan teh, beak opat juta rupia. Keun bae mahal-mahal jeung beuteung angger lapar ge da gengsi.
Datang ka imah ngajehjer. Dipaksakeun nyuruput bubur hayam meunang meuli ti sisi jalan bari culang-cileung, sieun aya batur sakleub nangenan. Pamajikan mah isukna kudu ka dokter. Panyakit maag nahunna karugrag.
Ti harita, mimiti ngarasa wajib apal kana ngaran-ngaran kadaharan araraheng.Upamana bae, tenderloin, daging sapi ngora diawuran bubuk pedes hideung, karoket bawang jeung terong, dilulur ku saos dikucuran jeruk mandarin. Nginumna martini. Atawa lightly smoked salmon, saos horse radish caper, medallion of veal oscar. Nginumna cognac. Aya deui abalon, dimsum,hisit soup, jeung rea-rea deui. Sakali dahar kudu bae kaluar sajuta dua juta. Mayarna babari ku ngagesekkeun kartu kredit.
Tina medah-meduh teu puguh, ngalaman dahar dipantrang. Sarupa dua rupa. Nepi ka menu diatur ku dokter dumasar kana kondisi cikiih. Bet ras keur budak, cikiih dumasar kana nu didahar. Tas dahar jengkol, peuteuy, selong, bau segak. Tas dahar malaka, bakasem, semu beureum atawa hejo. Ari ayeuna ti balik.
Dua minggu ti tas diogan, kurunyung Mang Uki. Lain mere beja soal lahan keur titirah. Tapi soal sejen deui. Bari melas-melis, Mang Uki nyarita, yen di lemburna keur kaserang paceklik banget. Geus rea nu teu boga beas. Harga beas mahal. Pangasilan euweuh.
“Kapaksa neda sampeu cangor, Aden. Ukur dibubuy atawa dikulub. Malah rea nu ngagorogotan atahna, bakat teu kawawa lapar, “Mang Uki ngeluk. Mani ngorejat basa ditawaran dahar deui teh.
“Kalaparan ?”gerentes hate. Gap kana koran. Enya bae tah ngajeblag beritana di kaca hareup. Dibukaan salambar-salambar. Breh iklan pembukaan restoran anyar. Natawarkeun kaanggotaan anyar klub good-food lovers, nu iuranana 80 dolar sabulan. Para anggota boga hak meunang potongan 10 persen, tina sakali dahar nu hargana Rp 3 juta saporsi. Ditataan menuna istimewa kabeh. Nu pavorit, double boiled superior shark fin in young coconut. Sop pepet lauk hiu dina batok duwegan. Whole abalone in brown sauce, daging lauk hiu saos coklat, jeung prawn in hot garlic sauce, daging lauk saos bawang bodas. Jeung rea-rea deui.
Ras ka nu kalaparan di lembur sorangan. Ras ka Mang Uki keur ngalimed dahar sangu jeung rupa-rupa deungeunna ti restoran Sunda. Jeung ras ka diri sorangan nu teu bisa dahar nanaon saacan dibejaan ku dokter. Padahal imah agreng dilengkepan dapur multiintenasional sagenep-genep.
Kawasana rencana titirah kudu dibadamikeun deui jeung pamajikan, nu poe ieu acarana arisan berlian, ngahadiran majelis ta’lim diteruskeun ku fitness. Asa bebas kituna mah, da teu kudu ngurus dahareun salaki.****
Garut, 20 Pebruari 2010

11 thoughts on “Hayang Titirah

  1. sahur sahur sahur…………………..

  2. kamarana nya jalmi teh meni rehe pisan ,

  3. geus ampir sataun euweuh nu mairan,,,, kamarana nya jelma urang lembur teh ,,,naha geus pindah ka kota kitu ?

  4. waduhhhhh….. maca carpon jiga kieu mah , memang bener kudu balik kana kadaharan baheula, isuk isuk ngadahar boled atah oge teu nanaon, nginum cai atah tina gentong oge teu nanaon, kadang di tohtor tina sumurna,,,, kadang tina kowakan di sawah oge menei seger teu nmatak jadi panyakit…. ihhh ari kiwari …mangkana hei jalam jalma ulah ngarasa risi ku kadaharan sorangan….. ulah gengsi ku kulub boled….

  5. Heya i’m for the first time here. I came across this board and I find It truly useful & it helped me out much. I’m hoping to offer one thing back and help others like you helped
    me.

  6. Each month well-known consultants in the Austria receive more
    than $8 billion for their services. Much of this money pays for impractical
    data and badly prepared resource fo review services, national policy &
    procedure evaluation.

    Our business is focused in taking care of and improves practice.

    We undertake a wide range of areas of activity, including
    P5F – our own unique framework of review. We, have goodly experienced and talented managers offer a wide variety of super services to meet corporations many needs.

    We together with you provides you with the research and economic frameworks to
    grow your share of the military market. We offer detailed support that can help you get your business objectives through consulting on strategic issues, product development, marketing programs and channels for distribution.

    A common goal for a statistical research project is to identify causality, and in particular
    to draw a actionable conclusion on the effect of changes in
    the values of predictors or independent variables on dependent variables or response.
    There are two major types of causal statistical studies: experimental
    study and observational studies. In 2 types of studies, the effect of
    differences of an independent variable (or variables) on the behavior of the dependent variable are observed.

  7. I do accept as true with all of the ideas you
    have introduced to your post. They are really convincing and can certainly
    work. Still, the posts are very quick for beginners. May you please extend them a
    little from next time? Thanks for the post.

  8. Good write-up. I definitely love this website.

    Thanks!

  9. Currently it sounds like BlogEngine is the preferred
    blogging platform out there right now. (from what I’ve read) Is that what you are using on your blog?

  10. Hey! Do you know if they make any plugins to assist with SEO?
    I’m trying to get my blog to rank for some targeted keywords but I’m not seeing very good
    results. If you know of any please share. Many thanks!

  11. Hello there, You’ve done a fantastic job. I will certainly digg it and personally suggest to my friends. I’m
    sure they’ll be benefited from this web site.

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s