Lemburkuring2007

Pindah Cai Pindah Tampian

5 Pairan

KEUR budak mah, nu panghoréam-horéamna téh ari dititah mandi. Réa kacaturkeunana, barudak harita mah rada nyatru jeung cai téh. Teu saeutik nu kakara indit ka tampian téh mun kolotna geus ngamang-ngamang nyéré.

Horéamna téh ku dua ku tilu. Geus karuhan ari tiris mah-komo mun mandina disedekkeun ka burit-da puguh lembur téh di suku gunung. Éta pangpangna mah, ku jauhna. Geura wé, ti imah téh kudu ngasruk heula, ngaliwatan pudunan jeung kebon awi. Terus mapay solokan, mun hayang téréh kudu ngagurawil kana gawir. Leumpangna gé aya kana sapuluh menitna.

Ari balik ti tampian, apan kudu nyorang tanjakan netek, matak rénghap ranjug. Leuheung mun léngoh, da ieu mah ku kolot téh kudu wé dibahanan lodong atawa émbér keur mawa cai. Puguh atuh datang ka imah ngoprot késang deui. Halodo onaman teu matak wegah teuing. Ninggang di usum ngijih, sok aya wé nu tiseureuleu téh.

Tampian lebakeun imah téh kajojo pisan ku urang lembur mah. Bubuhan éta nu pangdeukeutna. Éta gé aya cinyusu, caina hérang ngagenyas. Ngan… weuh, lalampahanana lain bantrak-bantrakeun. Maké kacaturkeun meuntas walungan sagala rupa. Nu arindit ka cinyusu mah biasana nu ngala cai keur inumeun.

Di tampian téa, asana ti isuk-isuk nepi ka sareupna gé tara towong. Rebun-rebun geus ramé ku barudak marandi, da rék indit sakola. Ka beurangnakeun kolot awéwé, nu ngumbah wadah, ngisikan, atawa nyeuseuh. Wanci lingsir ngulon bereyek barudak awéwé balég tampélé. Tah, golongan ieu nu sok panglilana mah. Kadangkala nguseyna téh ti lohor nepi ka asar. Ka buritnakeun kakara kolot lalaki nu balik ti sawah atawa ti kebon. Parat nepi ka sareupna.

Ku lantaran kajojo téa, pancuranana gé aya opatna. Malah ku bapa mah-da kabeneran tampian téh dina lelemah bapa-maké dipilah-pilah sagala rupa. Ieu keur barudak, ieu keur awéwé, ieu husus nu ngumbah wadah, hiji deui keur kolot lalaki. Ngan dina emprona mah pacaruk wé, mana nu kosong nya éta nu dieusian.

Pancuran téh perenah luhur balong. Nu hiji mah deukeut sawah, nyanghareup ka kebon awi. Rada harieum, da tonggoheunana aya tangkal nangka gedé naker. Antara tangkal nangka jeung pancuran dipegatan ku gawir nu pinuh ku jukut eurih, lebakeun gawir solokan nu caina ngocor ka pancuran.

Minangka pipindingna, tampian téh digedég ku awi. Dapon wé, tamba teu katutupan teuing. Komo mun gedégna geus bobo mah, nungtut lalocotan, nu aya di tampian téh atra pisan.

Awéwé biasana nu sok réwél ku urusan gedég téh. Pokna téh, mun keur ngumbah wadah atawa ngisikan mah, paduli teuing najan dipoconghok gé. Ari keur mandi? Lapur meureun katénjo sabeuleugeunjeur. Ngan ari bangsaning nini-nini mah tara ieuh “ambil pusing” baragadal wé. Lalaki nu naragog dina tambakan balong atawa dina galeng téh boa dianggap tunggul. Nya aréraeun wé nénjona gé. Kajaba mun nu mandi awéwé ngora, teu kurang lalaki nu meungpeun carang. Iwal ti mun nu mandi nyi mojang, sok aya wé akalna téh. Sakapeung tampian téh dikulibeng ku samping kebat. Atawa mandina bari dibaju.

Mimindengna, indit ka tampian téh pabuburit, bada asar. Da tara kurang ti lima welas urang nu ngantay nungguan tampian kosong téh. Sok silih bereg. Réa nu dapon lantis, mandi kadal.

Sajeroning nungguan tampian kosong téh, gandéngna moal aya dua. Nu hoghag urusan tatanén, nu nyaritakeun kagoréngan salaki, rupa-rupa dongéng aya di tampian mah. Ari barudak, méméh mandi téh sok kokojayan heula di solokan.

“Montong di dinya atuh ngojayna, kiruh ka dieu!” cék nu di tampian. Ku barudak mah tara diwaro. Haré-haré wé.

Nu bengal mah barudak lalaki nu keur mangkat begér. Inditna ka cai téh rerencepan, mapay kebon, kajeun ngasruk jukut garut. Lebah tangkal nangka ngadarepong, teu bina ti nu rék perang, ngawaskeun musuh. Nu dikécéngna, naon deui atuh ari lain nu keur mandi. Moal katémbong ti lebah tampian mah, da kahalangan ku rungkun kirinyuh. Kajaba mun disidik-sidik, bakal katémbong rungkun téh oyag-oyagan.

Handapeun tangkal nangka, tonggoheun tampian, mani geus ledug. Da geus arapal jadwal maranéhna mah, geus katalar yén Nyi Anu téh mandina jam saanu. Teu cukup ku kitu, maranéhna mah geus nyaho saha sok panglilana mandi, saha nu sok bari luak-lieuk, saha nu sok diangir unggal poé Jumaah.

Nya lila-lila mah kapanggih. Da éta meureun, mun keur mandi téh sok bari garandéng. Silih sedek papada hayang meunang tempat nu merenah. Kanyahoan wéh ku Mang Uju. Na da éta mah, dibuburakna gé méh nepi ka astana. Lalumpatan satengah notog-notogkeun manéhna. Saréréa gé nyahoeun kana adat Mang Uju.

Untungna téh, basa geus mangkat gedé, henteu kabagéan ngadepong handapeun tangkal nangka. Éta gé kungsi panasaran, hayang nyobaan, ngan naon nu rék ditoong da tampianana gé geus euweuh. Nu aya ukur tangkal kalapa jeung kebon awi ngagegedeg.

Éta sababna mah, ka lembur geus aya cai. Érté kungsi ngeprak urang lembur masangkeun paralon, mawa cinyusu ti Cisumengka. Nu mandi mimiti pindah ka pipir imah. Nyieun tampian wawayagon. Nu ngadepong pindah lapak, aya nu dina dapuran cai, aya nu di saung lisung. Ka dieunakeun, tampian téh pindah ka jero imah.

Singhoréng pindah cai pindah tampian téh lain ukur paribasa. Da jeung enyana, urang lembur geus parindah mandina, ti tampian deukeut dapuran awi ka tampian di jero imah.***(Dadan Sutisna)

5 thoughts on “Pindah Cai Pindah Tampian

  1. Useful information. Fortunate me I discovered your
    website by accident, and I am shocked why this accident didn’t came about in advance! I bookmarked it.

  2. Hirup jaman baheula memang karasa beurat. Kumaha teu beurukur rek mandi atawa ngala cai keur nginum oge sakitu ripuhna. Beda pisan jeung jaman ayeuna, sagala gampang. Tapi najan kitu pikleun anu ngalaman jaman harita tetep bae nineung. Alam asa leuwih endah jaman harita. Utama urusan sosobatan jeung kakulawarfgaan. Beda pisan jeung jaman kiwari, estuning sewang-sewangan.

  3. Jadi inget mandi di walungan keur urang SMP tahun 80-an

    Caritana kieu…..
    Waktu abdi nembe lebet sakola ka SMP, rajin pisan isuk-isuk geus mandi ka walungan, subuh-subuh tos mangkat ka walungan.

    Pada waktu itu saking rajinnya, saya bangun pagi-pagi banget ( maklum gak punya jam dan belum ada listrik ) terus mangkat ka walungan ( dikira sudah subuh )
    Pas diperjalanan / tepatnya dia atas jembatan ketemu dengan orang ( tinggi banget ) saya tegur gak nyahut……..saya gak curiga siapa dia yang saya tanya………..saya melanjutkan perjalanan ke kali dan langsung mandi terus ngeringin badan ( nu’uskeun awak ) diatas batu….( agak lama juga kurang lebih setengah jam )….setelah sekian lama baru kedengeran dari mesjid ( pakai speker ) biasanya marbot membangunkan jama’ah / masyarakat….( biasanya itu dilakukan sekitar jam setengan empat pagi…….
    Saya baru sadar kalau itu masih pagi, pantesan gak ada orang……
    Gak pikir panjang dari situ saya langsung ngabecir lumpat bari jeung sieun……….
    Sampai ke rumah ketemu Ema dimarahin, ” Wawanian ” kitu cenah, tong deui-deui ka walungan isuk-isuk…..
    Ti saprak eta kuring rada trauma ka walungan isuk-isuk teh…..
    Jadi mun mandi teh rada beurang……….
    Penting mah teu kabeurangan ka sakola…..
    Kitu tah caritana……..
    PUNTEN BAHASANA CAMPURAN

  4. Rt na cerdas euy..najan loba nu kaleungitan hoby…da di lembur kuring ge di Pajambon baheula mah sarua mun keur usum halodo teh mani hese cai. mun rek madi jsbna teh kudu ka Tampian anu jauhna waaaah mangkat ngesang balik ngprot, tapi nya kitu seneng we mun bareng jeung mojang mangkatna mah…

  5. ih kang gening sami sareung judulna pindah-pindah themes bae…heheheh

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s