Nu Nganjang ka Lembur Kuring

Baraya Satia ti Canada, Teh Nenen Gunadi, Poe Minggu (25/1), bada Magrib, nganjang ka Saung Kuring. Beulah Kenca, si bungsu, Rahayu, hayang dipotret bareng cenah. Ma’lum nganjangayu ka lembur, atuh mani kirang kahormatan. Kiwari Teh Nenen, aya di Kuningan. Basana teh reueus ku Kuningan teh pedah beunghar ku alamna. Puguh kawilang lila henteu mulang ka sarakan. Iraha bade mulih deui ka Canada? “Ah engke wae sabetahna,” pokna teh. Hatur nuhun Teh tos kersa rurumpaheun ka saung butut.


9 responses to “Nu Nganjang ka Lembur Kuring”

  1. trisna Avatar

    Teh Nenen. Dengan Kumpluk CIA nyah…belakangnya pasti ada tulisan NJUR..Janten CIANJUR…^_^

    Like

    1. lemburkuring2007 Avatar
      lemburkuring2007

      salam deui ti lembur

      Like

      1. trisna Avatar

        Pokonamah Go Kuningan Go !!…..Sono Pisan Euy, Hoyong Nguseup Di Balong Abah (Almr.Saleh Hidayat Singaatmaja)

        Like

  2. maman wahyu Avatar
    maman wahyu

    Hatur nuhun kang Rastono infona, mulih moal ka Lembur, meungpeung aya acara, sok lah di antos kasumpingan na.

    Like

  3. maman wahyu Avatar
    maman wahyu

    sok atuh tangtos keun waktos na, iraha nu sakinten pas.

    Like

  4. Nenen Gunadi Avatar
    Nenen Gunadi

    Hello sadayana….
    Hatur nuhun anu tos komentar, bade aya reuni hayu urang kumpul2 di Kuningan bersama blogger Kuningan.

    Go Kuningan Go !

    Like

  5. Mamat Rohimat Avatar
    Mamat Rohimat

    Welcome pisan teh Nenen
    selamat menikmati hawa kuningan ,dan semoga lekas sembuh dari sakitnya

    Like

  6. Tata Avatar

    Ti mimiti panggih di dunia maya, kuring reueus ka Teh Nenen teh…
    Reueus, sabab boga baraya nu tetep micinta lemah cai,
    nu tetep micinta Kuningan
    nu tetep hayang nempelkeun jati diri-na salaku urang Sunda
    Sok sanajan anjeuna aya di Canada
    Reueus … sabab jauh tina sifat adigung adiguna ,
    jauh tina boga rasa beda sabab geus ngambah dunya ……
    Mun seug sakabeh urang Kuningan di pangumbaraan
    boga sifat jiga Teh Nenen …..
    Duh…. kuring yakin….
    Kuningan nu ku urang dipikacinta teh
    Bisa maju, saperti daerah sejen-na….
    Haturan sumping, teh Nenen…….
    Wilujeng neuteup tur nngeukeup Kuningan ….
    Kuring mah ngan bati hayang ….
    Sabab di dieu keur berjuang
    nafakahan anak jeung pamajikan ……
    Jaga…
    Kuningan rek didatangan …… !!!!

    Like

  7. Rastono Avatar

    Wilujeng kanggo teh Nenen anu tos ngaluangkeun waktos kanggo nganjang ka lembur kuring, mulang ka sarakan Kota Kuningan anu matak pikabetaheun. Bujeng2 teh Nenen anu langki mulang ka lembur, sok sanaos abdi anu tiasa kasebat sering ka Kuningan oge upami bade wangusl deui ka Kota Bandung teh mani haroreamna moal aya. Mung kumargi gaduh kawajiban ahirna maksakeun sok sanaos karaos beuratna hate. Sakali deui wilujeng kanggo teh Nenen, mangga sabetahna we di Kuningan meungpeung aya kasempetan kanggo langsung menikmati keindahan alam Kuningan, da upami tos hiber deui ka Canada mah kantun waasna.

    Like

Tunda talatah