Lemburkuring2007

NU Nyeri Huntu

5 Pairan

NU NYARERI HUNTU

 

Ku :  M. Aruman

 

IEU dongeng, saenyana kungsi didongengkeun baheula ku bapa kuring.   Bapa oge meunang ieu dongeng teh ti aki, kitu deui aki meunang dongeng ti buyut. Enya meureun, disebutna teh dongeng nu didongengkeun deui,  cenah pacenah-cenah, nu antukna  ieu cenah diwariskeun deui ka kuring. Teuing iraha kajadianana, nu puguh mah ieu carita teh jaman baheula dina kaayaan  tacan kamajuan. Tong boroning aya listrik, televisi, nu boga transistor oge sadesa teh beunag diitung ku ramo, kitu oge saukur jalma nu jegudradio oge hjarang keneh. Waktu harita lamun aya nu gering tara dibawa ka puskes atawa ka dokter, da puguh harita mah can aya bidan-bidan acan jiga kiwari. Mun aya nu gering sok cukup ku ubar kampung bae sabisa-bisa atawa paling oge tatanya kanu biaseun alias dukun.

Kacaritakeun, harita di lembur aki ngadadak ibur. Iburna mah kusabab bet rea jalma  ngadak-ngadak rea nu nyeri huntu. Alatan ku reana jalma nu nyeri huntu, saban peuting teu puguh dedengean da puguh pating garerung ngarasakeun kanyeri, ngaheang lir sora  bangbara keur nyayang. Lamun aya jalma nyeri huntu isuk-isuk punglak sore, pon kitu  lamun nyeri sore punglak isuk teh lain saukur babasan. Teuing kunaon sababna, nu jelas mah di  lembur ngadadak loba jalma nu ngomongna ngosom,  da parunglak huntuna tea. Aya nu punglak lebah carehamna, aya nu punglak huntu hareupna, malah nu lesot kabeh oge aya, sok komo  nu bareuh pipina mah geus   henteu kaitung.

Nilik kaayaan samodel kitu, aki kuring buru-buru ngayakeun gempungan, pikeun ngungkulan nerekabna kasus nu nyeri huntu. Sakur kolot lembur    diriungkeun, malah teu tingaleun lulugu oge diondang, sugan jeung sugan aya nu leuwih hade sangkan sakumna warga nu  nyeri huntu gancang cageur sabihara-bihari deui, da moal enya, cenah, salelembur kudu arompong.  Nya pamustunganana, tina hasil babadamian teh aya kacindekan nya eta ngutus  ki lulugu sangkan  neangan ubar ka  dukun.

Selenting bawaning angin, kolepat bawaning kilat, enya ceuk beja, cenah, di Kampung Babakan  aya dukun lepus nu kajojo bisa ngubaran sakur panyakit. Boh panyakit lahir boh panyakit batin, malah nu keuna ku panyakit jieunan samodel keuna ku teluh, pajah teh ku manehna mah  bisa waras deui. Padahal, nu nyageurkeun mah kapan anging kersana mantenna Allah Swt, da manusa mah saukur cukang lantaran.

Eta dukun teh katelah ngaranna Aki Jumanta,  di Kampung Babakan mah hamo bireuk ka eta ngaran. Gancangna carita, basa Ki  lulugu nampa  pancen pikeun neangan ubar tea, satuluyna manehna indit ka Kampung Babakan rek nepungan Aki Jumanta. Ngajugjug eta Kampung kawilang jauh, lamun dilakonan ku badarat  mah   ti mimiti indit nepi ka balik deui bisa nyongcay waktu aya kana genep jamna.

Teu kacatur lalampahan di jalan, kira tabuh sapuluh peuting Ki  lulugu geus anjog di hareupeun imah Aki Jumanta. Teu talangke, Ki Lulugu tuluy ngetrokan panto, teu kungsi lila bray panto muka. Kabeneran nu mukakeun panto teh Aki Jumanta, puguh manehna mah sapopoena aya di imah.

Teu tatanya deui, Aki Jumanta nitah asup ka jero imah Sanggeus diuk dina palupuh nu diamparan ku samak butut, barabat Ki Lulugu ngedakkeun pamaksudan nya eta keur neangan piubareun kusabab di lemburna rea nu katarajang panyakit nyeri huntu. Aki Jumanta gogodeg, kusabab saumur nyunyuhun hulu, kakara cenah, mireng nu nyeri huntu salelembur mah.

Sanggeus surti kana pamaksudan Ki semah, Ki Jumanta nyokot parukuyan ka juru panto pawon (dapur). Satuluyna parukuyan diseungeut, katara ruhakna beureum. Geus kitu Ki Jumanta murulukeun menyan kana ruhak parukuyan, dibarung  kunyam-kunyem mapatkeun jampe pamake.

Teuing jampe nanahaon, nu puguh mah Ki Jumanta dibarung ngagerem, sakapeung panonna buburilakan kawas embe keur dipeuncit. Haseup menyan nyerebung minuhan patengahan imah, Ki Lulugu  meh-mehan kapiuhan, awahing henteu kuat ngambeu bau menyan. Mireungeuh kaayaan Ki lulugu samodel kitu, Ki Jumanta kawas nu sieun katempuhan. Nya, antukna mah Ki lulugu disina balik. “Ki lulugu,  geus atuh ayeuna mah balik da geus diparancahan ieuh,” ceuk Ki Jumanta, kawas nu ngarasa kagugu ku polah Ki lulugu nu harita ngeluk tungkul bari meungpeukan irung.

Mireng caritaan Aki Jumanta kitu, Ki lulugu nguat-nguatkeun maneh nyarita, “Saa..saa…lajengna kumaha nun, ? ceuk Ki lulugu. “Tah ieu cai bawa, sakur nu nyeri huntu sina kekemu ku ieu cai, tangtu  nu nyeri huntu bakal calageur deui, malah nu punglak oge pasti bakal jaradi deui huntuna,” tembal Aki Jumanta, henteu kireum-kireum.

Ngareungeu jawaban Aki Jumanta kitu, Ki Lulugu atoh kacida, malah manehna gancang cengkat rek pamitan, kusiwel mere duit ka Aki Jumanta teuing sabaraha, bari  henteu poho nyebut nuhun.

Sanajan harita kaayaan geus peuting, Ki Lulugu maksakeun balik. Ongkoh keur manehna mah geus biasa leumpang tipeuting. Kira wanci janari leutik, Ki lulugu kakara anjog ka lemburna. Ceuk pikir Ki Lulugu harita, cai ubar teh moal waka dibikeun harita, kusabab manehna ngarasa cape keneh tas leumpang nu kawilng jauh, pamustunganana cai meunang pamahanan Aki Jumanta teh diteundeun dina erak piring. Tayohna Ki Lulugu teh ngarasa cape tas nyorang lalampahan nu lain bantrak-bantrakeun, da eta henteu kungsi lila ngagoloyoh ka enggon, satuluyna sare mani nyegrek. 

Kira wanci subuh, Ki Lulugu ngorejat hudang. Kituna teh kagareuwahkeun nu sora nu ceurikmani rawah-riwih. Singhoreng, nu ceurik teh taya lian pamajikanana di dapur keur kokosehan.Ki lulugu cengkat, dibarung ku ngarasa reuwas tuluy manehna ka dapur. “Aya naon ieu teh..?” ceuk Ki Lulugu, pinuh kahariwang. “Aduh.., aduuh.., aduuh…,  tulung ieu pengpelangan jadi kieu!” tembal pamajikanana, baria angger rawah-riwih.

“Enya.., .kunaon atuh?” ceuk Ki Lulugu, satengah nyentak. Derekdek pamajikanana, ngadadarkeun naon rupa nu karandapan. “Puguh, tadi teh abdi  hoyong kahampangan, mung basa bade ngaberesihan si Eneng cai dina gentong kosong, kaleresan dina erak aya cai, ku abdi dianggo meresihan ieu.., mung basa dibanjurkeun geuning huntu nu hiji teh janten ngalobaab mani ranggeteng,” ceuk pamajikanana.

Ngareungeu caritaan pamajikanana samodel kitu, Ki lulugu saukur nyerengeh. Teu  ngarasa sieun pedah huntu handap pamajikanana ngalobaan, nu kapikir harita mah, Abah Jumanta pajah teh wacis. Malah ceuk pikir Ki Lulugu harita, isukan mah rek datang deui ka Abah Jumanta, tapi lain rek ngubaran nu nyeri huntu atawa ngubaran pamajikanana, tapi rek melet randa Ku kituna nu nyareri huntu teu bisa kaubaran, pon kitu pamajikanana saban poe gogoakan. Abong ngaranna oge dongeng. 

 .

 

5 thoughts on “NU Nyeri Huntu

  1. Kek…kek…kek…ihi…ihi…ihi…
    Kang bener nya karunya ka Ki Lulungu, tapi jigana anu tiasa ngubaran
    etaeunnana ku geutah samoja teh kedah anu tos pengalaman sapertos
    Kang Da2ng, da upami tina carisan akang teu kenging seueur2 kitu mah
    jigana kantos nyobi ngubaran.(punten)

  2. Karunya teuing pamajikan ki Lulugu
    tiasa diajak ngawangkong (ngobrol) atuh upami seuer huntuanmah

    gegelkeun tah ka ki Lulugu nu teu tanggung jawab, malah rek melet randa
    upami palay rontok deui kedah ku geutah samboja
    teu kenging seuer teuing getahna sing rontok sadayana

    Lucuuuuuu . . . . . .

  3. He..he..he..he.. aya-aya wae dongeng teh, atuh kedah kumaha lamun seueur waos dina etana :}}
    Nuhun kang Rastono tos dijelaskeun, abdi kalah teu kiat kuseuri :>>

  4. Teh Nenen, Ringkesan ieu dongeng kieu jigana mah :
    Hiji lembur keur kaserang panyakit nyeri huntu (sakit gigi), kusabab loba teuing nu udurna tungtungna ngutus ki Lulugu keur neangan landong. Ki Lulugu nepangan ki Jumanta dukun sakti keur menta obat. Ku Ki Jumanta dipasihan cai kanggo dileueutkeun ka nu udur. Saur Ki Jumanta upami nu udur ngaleueut eta cai, nu nyeri huntu bakal cageur nu pungglak (ompong) huntuna pasti jadi deui.
    Pas ki Lulugu mulang ti dukun kusabab teu kuat nahan tunduh cai teh disimpen dina rak piring ari manehna terus ngagoler.
    Kacarioskeun isteri ki Lulugu kahampangan, pas bade beberesih ngadadak teu aya cai di gentong, pas ngareret kana rak piring aya cai terus dianggo meresihan taeun. Pas diberesihan ku cai ti ki Jumanta disabudereun taeun ranggeteng jaradi huntu.
    Ki Lulugu mikir, ubar ki Jumanta mujarab, manehna ngarencanakeun nepungan ki Jumanta deui tapi lain menta ubar keur pamajikanna atawa keur urang lembur, tapi rek menta pelet keur melet rangda tatanggana. Jadi pamajikanna angger loba huntu na taeunna, urang lembur teu cageur nyeri huntuna.
    Dasar dongeng atuh mimitina timana akhirna kamana ……….
    Edun pisan kang Zoen………………………… Salut lah………………….

  5. Dongengna siga anu resep, hanjakal teu ngartos pisan maksadna, soalna aya basa anu teu ngartos he..he..he…

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s