Aya TK di Suku Gunung

tk.jpg

Aya TK di Suku Gunung

 

DI Desa Paniis, Kacamatan, Pasawahan, Kabupaten Kuningan, geus aya dua taunna  ngadeg TK Negeri Pembina Pasawahan. Eta TK nu diadegkeun di desa nu beunang disebutkeun sukunna Gunung Ciremai, diadegkeun dina lahan kurang leuwih 100 bata, minangka bantuan ti pamarentah sarta diresmikeun ku Bupati Kuningan H. Aang Hamid Suganda, dua taun kaliwat.

Ssamemehna eta TK teh ngaranna TK Ketilang. Dina raraga ngahangkeutkeun Pendidikan Anak Usia Dini (PAUD), pamarentah nyadiakeun sarana diantarana TK kasebut.

Nilik wangunan TK Negeri Pembina teh kawilang agreng, ngawengku tilu rohangan pikeun kagiatan diajar ditambah sawatara sarana pikeun arulin barudak. Ari muridna kurang leuwih  83 urang nu digeroh ku opat urang guru. arasa reueus, kusabab TK Negeri Pembina teh meunang pangbagea hususna ti masarakat Desa Paniis, umumna masrakat Kacamatan Pasawahan.

Tina sajumlah desa di Kacamatan Pasawahan boga sarana keur diajar pikeun budak nu umurna manjing sakola Tk. Geus puguh di Desa Pasawahan nu kasebut pusat Kacamatan, di desa sejenna oge ayeuna geus aya TK, samodel di Desa Cimara, Desa Cidahu, Desa Ciwiru, di Desa Padabeunghar mah Kelompok belajar program PAUD, kaasup Desa Paniis. *

 


Tunda talatah