Lemburkuring2007

MUPUHUN

Tunda talatah

 

 musim-tanam2.jpg

Mupuhun

KEUR masarakat Sunda baheula nyawah lain ngan ukur nanceb-nancebkeun ninih pare, tapi aya oge patalina jeung hal-hal nu sifatna sakral. Pare dianggap jelmaan Nyi Pohaci (di Jawa mah Dewi Sri), nu matak, boh dina melakna, miarana, boh dina panenna, kaasup ngakut ti sawah ka leuit, henteu gagabah. Leubeut ku tetekon nu kudu diestokeun.

Neundeunna oge teu kitu wae. Puguh tempatna jeung puguh duduga peryogana. Malah ku kolot baheula mah, pare rag-rag sasiki oge sok gancang dipulungan. Pon kitu deui ari dahar, sok nepi ka limit piring atawa daunna (mun bungkus) teh. Ngaremeh dipahing pisan, disebutna oge dusun, matak ngerakeun.

Budak, ku kolot baheula, teu weleh dipapatahan sangkan ari dahar ulah ngaremeh. Mun rag-rag, sangu sok ceurik, karunya kadengeunana ku hayam, terus dipacokan, dihakan. Kitu papatahna. Ka budakna oge nerap, ari dahar teh ati-ati pisan, ulah tepi ka ngaremeh. Ayeuna kolot nu mapatahan ka budakna geus tara kadenge deui.

“Warisan ajen inajen kolot baheula ayeuna mah tara katingali deui,” cek Aki Suhadi (66 taun), urang Desa Tundagan, Kacamatan Hantara, Kabupaten Kuningan. Anu masih keneh miara tradisi dina nyawah atawa ngahuma, cek Aki Suhadi, paling-paling oge masarakat kampung adat, di luar eta mah melak pare teh teu beda ti melak tatanen sejenna.

Aki Suhadi sorangan tepi ka danget ayeuna masih tetep ngestokeun warisan karuhunna dina nyawah. Anu sok dilakukeun ku Aki Suhadi teh nya eta mupuhun atawa mipuhunan. Mupuhuan hartina tandur munggaran. “Mupuhun teh kabiasaan urang desa jaman beh ditu, jaman melak pare gede nu umurna genep bulan,” pokna.        

Prak-prakanana mupuhun, anu pangheulana dipilampah teh nyokot binih sakeupeul, dicokotna tina nu geus aya dina kotakan atawa atawa tina pabinihan. Ti dinya binih nu sakeupeul teh dibura tilu kali. Geus dibura, pare nu sakeupeul dijieun jadi tujuh bagean leutik, unggal bagean ulah kurang ti tilu tangkal. “Alusna mah tujuh tangkal,” cek Aki Suhadi.  

Nancebkeun binih anu munggaran, sambung Aki Suhadi, henteu dapon nanceb, tapi diparancahan heula kalayan tujuanana sangkan pelak parena hade jeung hasilna nyugemakeun.

Mimitina Aki Suhadi maca heula bismillah, sahadat, jeung sholawat tilu balikan. Terus ngagalantangkeun kalimah ieu: Seja titip ka nu kagungan bumi, nu kagungan poe tujuh, sim abdi putuna Sang Kuwu Cirebon Girang seja melak Nyi. Pohaci, nyaeta akarna kawat, tangkalna beusi, daunna waja. Boh bilih aya nu ngaganggu ti sisi ti gigir, neda pangjagakeun, pangraksakeun, siang sinareng wengina. Margi upami ieu pepelakan aya nu ngagunasika, tangtos Susuhunan Pangeran Cirebon bendu.  

Rengse diparancahan, binih pare nu tujuh dapuran lalaeutik teh dianteb-tancebkeun. Beres mupuhun, karek nu rek talandur ancrub. “Nu tandur saterusna mah teu kudu marancahan deui,” cek Aki Suhadi. Di lemburna, nu sok mupuhun teh, lian ti Aki Suhadi, oge Utuy Sutani (66 taun), pangsiunan guru di Kampung Kosambi.  

Baheula cek Utuy Sutani, nu sok dilaksanakeun ku kolot-kolot teh lain ngan ukur mupuhun, tapi oge aya nu disebut nyawen, dibuat, ngakut, jeung sajabana. Tatacara jeung parancahna beda-beda. “Ngan ayeuna mah tradisi nyawah teh nu masih dilaksanakeun teh ukur mupuhun, kabiasaan nu sejen mah ditinggalkeun,” cek Utuy.

Eta teh ku sabab pare gede geus tara dipelak, diganti ku pare nu umurna ngan tilu bulan. Ngala parena diarit, lain dibuat, sarta dibawa ka imahna henteu ranggeuyan, malah loba nu langsung dijual, henteu diteundeun di leuit. “jamanna geus beda, dahar oge ayeuna loba nu tara beak, matak lebar, inget ka jaman werit,” cek Aki Suhadi. (Aki Iding)

 

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s