Lemburkuring2007


Tunda talatah

Goreng Dage


KIRA taun 1985-an nepika taun 1990-an, di lembur kuring Luragung, rek munggahan teh sok rame ku nu baralanja ka pasar. Kaasup kuring sok milu riweuh mun ema balanja ka pasar teh

Jenatna pun bapa, (mugi sing dicaangkeun alam kuburna), jadi sedih inget jaman baheula, sok nitah kuring sangkan ngabantuan mawa balanjaan ema ti pasar.

Biasana ema teh sok meuli hayam jago (kampung), da keukeuh bapa mah tara nuang daging hayam nagri. Teu ngeunah cenah.daging hayam nagri mah. Eta daging hayam teh sok diopor keur sahur munggaran, da geus liwat tilu poe mah biasa wae kadaharan keur sahur teh sok saayana.

Kuring mah kadaharan keur sahur teh sok ngahaja meuli goreng kentang, goreng dage haneut, ngadadak jam dua samemeh mangsana sahur da di lembur loba nu dagang gorengan keur sahur tea.

Ari ema balanja ka pasar teh sok sakalian meuli lauk asin sepat, tawes, teri, cumi-cumi, sakapeung sok meuli gakser (apal gakser?) sabulaneun. Ari buka puasa kudu oge aya lauk nu arasin, jeung kudu aya coel sambel. (Agah)*


1 Pairan

“Ci” Nu Jadi Ngaran Lembur


DIGITAL CAMERADESA Cipondok téh kaéréh wewengkon Kecamatan Cibingbin, Kabupaten Kuningan Kuningan, nu beunang disebutkeun salah sahiji désa nu aya di tapel wates Kabupaten Kuningan Jawa Barat  jeung Kabupatén  Brebes Jawa Tengah.  Lamun dijugjug ti puseur kota Kabupatén Kuningan mah anggangna téh kurang leuwih 53 kilometer.

Ieu désa nu jumlah cacah jiwana kurang leuwih 4000 rebu jiwa,   beulah kalér patapel wates jeung Désa Sukaharja, beulah kulon jeung Désa Ciangir,  beulah kidul Desa Pananggapan Kabupaten Banjarharja Jawa Tengah jeung beulah wetan Sebelah Desa Ciwindu Jawa Tengah.

 Wilayah Désa  legana kurang leuwih 1.406.447   Ha Ngawengku lahan darat             72  hektar, lahan sawah  300 hektar,  pakarangan  29  héktar leuweung  789 Ha jeung lahan lianna 216, 447 héktar.

Cipondok téh  asal tina dua kecap  nyaeta Cai jeung  Mondok. Cai tagtu geus pada apal nyaeta sumber kahuripan nu . Mondok nu dimaksud di dieu lain harti ukuran  cai nu pondok, tapi ngandung harti cai meuting atawa cai sare.

Cai Mondok atawa cai meuting hiji kajadian alatan nguapna cai dina tangkal   pangaruh  hawa tiis  nepika  Cai Mondok nu antukna   jadi ngaran Cipondok. Cipondok mangrupakeun daérah nu di lingkung ku sababaraha  gunung jeung leuweung nu rembet kakayon jeung  hawa  tiis nu henteu nutup kamungkinan aya kajadian nguapna cai dina tatangkalan. *

cropped-perahu1.jpg


Tunda talatah

Waduk Darma Dibangun Mangsa Jaman Belanda


WADUK DARMAWaduk Darma nu perenahna di Desa Darma, Kecamatan Darma, Kabupaten Kuningan, mangrupakeun bendungan tipe kombinasi timbunan batu (DAM Rocktil) jeung timbunan tanah homogeny (DAM Earthil). Eta bendungan nu legana 425 hektar, dibangun ti mimiti 1958 nepika rengse taun 1962.
Nurutkeun data teknis hasil operasional manual nu dilaksanakeu taun 2012, Waduk Darma mampuh nampung cai nepika 38.500m3, tapi kapasitasefektipna mah 36.500.000 m3 elevasi 712,55, elevasi maksimal 713..mdpl, simpanan mati (dead storage) 7.500.000m3 nu aya dina elevasi 702.60mdpl.. Pertumbuhan sedimen 1.091.561m3 salila 50 taun. Hasil anual 2012.
Basa mimiti rengse dibangun, cai ti Waduk Darma dirarancang pikeun nyaian lahan nu legana 22.060 hektar. Lahan nu sakitu legana teh aya diantara di daerah wilayah KabupatenKuningan 6.697 hektar jeung Kabupaten Cirebon 15.363 hektar. Dumasar data panir taun 2006/2007 robah nya eta Kabupaten Kuningan6.400 hektar jeung Kabupaten Cirebon 13.284 hektar. Sejen ti eta dimangfaatkeun ku PDAM Kuningan rata-rata 60 leter/detik, perikanan jaring apung jeung obyek wisata. .
Pembangunan Waduk darma dilakonan ngaliwatan sababaraha tahapan nu dipitembeyan ngayakeun pamariksaan lokasi dina taun 1924. Satuluyna ngararancang nyieun Waduk, usulan tipabrik gula di Cirebon nu dirojong ku Mr.Ir Ca De Jongh ti Jawatan Tambang. Dina taun 1925 diayakeun panalungtikan pikeun ngararancang nyieun eta bendungan.
Nincak taun 1929, Direktor B.O.W (Departemen PU) ngadesek pikeun nalungtik deui lokasi nu rek dijieun bendungan. Pon kitu, dina taun 1930 Jawatan Pertanian Cirebon ngitung waragad nu dirarancang mekeun dana nu badagna F.1.500.000,-.
Taun 1935-1936 ngayakeun panalungtikan geologi nu dilakonan ku Mr. Prof Springer di lokasi nu rek dijieun bendungan. Geus kitu kakara ngayakeun pembebasan lahan milik masarakat nu dirarancang pikeun fasilitas atawa daerah genangan. Di antarana lahan masarakat Desa Darma, Desa Cikupa, Desa Parung, Desa Kawahmanuk, Desa Cipasung, Desa Paninggaran, Desa Sakerta Barat, Desa Sakerta Timur jeung Desa Jagara.
Dina taun 1938 mimiti ngalaksanakeun pagawean di antarana nyieun bedeng-bedeng, jalan anyar ti Jagara nepika Cipasung nu panjangana 4 kilometer, mindahkenjalan PUK ti Jagara nepika Ciceuri, Cipasung jeung Desa Cageur, nyieun Tunnel atawa torowongan, nyieunbangunan jeung saluran spilway jengnyieun panto inlaat jeungoutlat.
Taun 1942 dina nyieun Waduk Darma teh mandeg, kusabab ganti pamarentahan Jepang nya eta Belanda nyerah ka Jepang. Kituna teh lumangsug kacida lilana. Nya dina taun 1956-1957 diayakeun deui persiapan nu dipitembeyan nalungtik mekanikna tanah nu dilakonan ku Lembaga Penyelidikan Masalah Air). Dumasar panalungtikan kasebut, Dirjen Pengairan mutuskeun yen tipe bendungan nu dipake nyaeta tipe rockil jeung taneuh. Ti harita mah kakaranyieun bendungan atawa Waduk Darma teh luamngsung lancar.AJUN MAHRUDIN