Forum Diskusi, kanggo madungdengkeun pasualan nu sakirana mangfaat.prum
Forum Diskusi, kanggo madungdengkeun pasualan nu sakirana mangfaat.prum
| sumarna dina WAWANOHAN | |
| uju juhana dina Kebun Raya Kuningan | |
| Endang A. Sutisna dina NGOBROL | |
| Maman wahyu dina NGOBROL | |
| lemburkuring2007 dina NGOBROL |
Theme Contempt by Vault9.
Blog di WordPress.com.
26 Juli 2009 pukul 10:07 pm |
Naon margina barudak ayeuna sok wani ngalawan ka sepuh..? Padahal kapungkur mah, boh ku sepuh boh ku guru budak teh sieun nembe diteuteup ku kolot na teh. Naha eta teh alatan pergeseran budaya..? Cik ah urang tukeur emutan.
31 Agustus 2009 pukul 3:15 pm |
Sigana barudak ayeuna mah loba kawewelan budaya luar tina radio, televisi malah tina blog oge (ngaku). Pan conto-conto tina televisi we ku barudak mah dianggap pasti alus jeung bener. Pan baheula mah ka saluhureun teh kudu adab jeng sopan, ari dina carita barudak dina televisi ayeuna pan Lu, gue, malah asa hebat mun nyebut kabogoh, pacar gua cantik banget. Padahal pan nu banget mah bako tampang paranti nyisig. Sok atuh mmimitian biasakeun ngajaga jeng ngamumule budaya, mimiti tina basa, pan BASA TEH CICIREN BANGSA. mun basa Sunda, usahakeun nu hade, mun basa Indonesia ulah dicaqmpur jeng basa Batawi sagala atuh. Mimitian usahakeun mun Blog basa Sunda, make basa Sunda nu alus, lain kudu basa lemes, nu basajan we. Yu ah mitembeyan! Wassalam, Mang Atik.
30 Juli 2009 pukul 7:03 pm |
Malem Jumaah, biasana mah sok seueur ide…
31 Juli 2009 pukul 8:44 am |
- aturan anu di terapkeun ku kolot/guru baheula disosialisasikeun ku conto2 teladan
- sadar atanapi heunteu kolot/guru ayeuna leuwih condong kana tuntutan ka budak soal akademi ktimbang ahlak
- tontonan teu ngandung tuntunan
Insya Alllah teu sadaya kolot/guru ayeuna sapertos kitu
pastina kalakuan budak hasil kombinasi ti kolot + guru + lingkungan
31 Juli 2009 pukul 12:50 pm |
Leres pisan tah pamadegan kang Dadang teh, pami kitu mah pangajaran tatakrama di sakola teh kedah digederkeun deui.
31 Juli 2009 pukul 8:38 pm |
Kumaha teu rek ngalawa ka kolot atawa ka jelma au dipikolot, lamun hal-hal siga dihandap ieu kacida bebasna.
-Televisi. Budak ayeuna kacida pisan dipangaruhan ku televisi. Sigana leuwih oba lalajo televisi tibata kana kagiatan kaagamaan, atawa pelajaran sakola.
-kurang kagiatan anu sifatna ngabantu kahirupan kolot. Buda ayeuna hampir teu pernah ngabantu kana pagawean kolotna. Lamun teu sakola, ulin jeung baturna leuwih nyita waktu. Akibatna kurang deukeut hubungan jeung kolot.
- Kurang tuladan ti kolot. Kolot ayeuna leuwih resep mere duit atawa materi tibatan mere conto atawa tuladan nu hade.
-Kurang pelajaran budi pekerti. Jaman ayeuna pelajaran agama anu formal leuwih loba tibatan pelajaran budi pekerti anu leuwih gampang ditarima. Pelajaan agama kudu diapalkeun, sedengkeun pelajaran budi pekerti cukup dibere conto.
Sakitu heula, ti emang.
31 Juli 2009 pukul 11:02 pm |
Tah…tah…tah geuning, kedah kumaha atuh ketak urang salaku kolot Mang Uu…? Enya, antukna mah tamiang meulit ka bitis nya Mang..?
3 Agustus 2009 pukul 11:07 am |
Susah jaman ayeuna mah kang, margi televisi tos aya di unggal bumi, manasina kapungkur televisi teh sa kampung mung aya hiji, janten jaman kapungkur mah rada husu kana di ajar na teh , boh di sakola atanapi di mushola na. Langkung ti eta, nu janten sepuh oge ulah ngamemenan teuing ka murangkalih teh, disiplin sakedik jamak ulah di sangka galak ka murangkalih, da eta teh kanggo kasaean murangkalih na keneh. Duka ka beh dituna mah kumaha abdi oge teu acan terang da pun anak alit keneh.
5 Agustus 2009 pukul 7:41 pm |
Televisi ceuk Urang Yahudi leuwih bahaya tibatan ajaran atawa sistim kapercayaan lainna. Numatak (cenah) diimah Urang Yahudi (anu ortodok) teu meunang aya televisi. Pangaruh televisi kana kahirupan masyarakat kacida pisan gedena. Ngaleungitkeun televisi ? Pikeun ayeuna mah pamohalan bisa. SAbenerna lain televisina anu salah, tapi eusi atawa acara siaran anu ngarusak budi pekerti anu kacida gorengna. Coba bae titenan, hampir kabeh carita sinetron teu aya anu ngajaran bener. Jelma anu hatena atawa niatna hade, digambarkeun hiji kabodoan. Beda jeung kagorengan, kacida pisan nembrakna, mulai ti ekspresi nepi ka cara-cara kajahatan/kalicikan bener-bener diajarkeun.
Balikan ka jaman kolot baheula (sim kuring lahir tahun 60an) hampir kabeh budak kudu milu kana kahirupan rumah tangga. Lamun bapana tani pasti kudu miluan ka sawah atawa ka kebon. Hubungan anak jeung kolot kacida deukeutna. Da bari digawe bari dipapatahan. Cag heula sakitu ti emang.
3 Séptémber 2009 pukul 1:13 am |
kumaha barudak teu ngalawan ka kolot, pan nu karolotna oge sibuk maen FB atanapi ngeusian Blog, janten hilap kana kabutuhan barudak. Iraha waktuna ngariung, silih guyonan atanapi ngaping budak diajar, lolondokan ngiringan sareng ngaping ulina budak, iraha nyadiakaeun waktos kanggo mumundingan, hompimpa, kakawihan jst.. nua aya ngan ambeuk lamun di deukeutan budak.. “awas lah, tong caket bapa, ngaganggu, bapa nuju didamel”, padahal maen FB …. sok lah ngaraku….
Punten, da loba kanyataan .. termasuk anu nulis ieu… he he…
16 Séptémber 2009 pukul 6:05 pm |
Henteu ngan ku kasibukan bae. Kolot ayeuna lolobana nganggap materi bisa ngagantikeun kaakraban. Lamun budak geus cukup dibekelan materi, dianggap geus cukup. Cara ngajar anak oge beda pisan jeung kolot urang baheula. Memang kkolot baheula rada otoriter, tapi waktu budak geus hideng ajaran kolot teh katarima pisan benerna.
Kasibukan budak oge ayeuna mah kacida pisan. Jam 6 isuk ka sakola nepi ka jam 3 beurang. Jam 4 les nepi ka jam 6 sore. Mulai jam 7 peuting nganggeuskeun PR. Beda pisan jeung jaman baheula, budak cukup waktu keur ulin jeung babaturanna.
Cag heula, engke disambung deui.