FORUM ini terbuka bagi siapa saja untuk saling menyapa, bertukar pikiran/pendapat dan bertanya jawab tentang apa saja yang bermanfaat.
Ada beberapa sarat yang harus diperhatikan : Memelihara dan menjaga etika sopan santun, tidak menyinggung perasaan orang, menggunjing atau memojokan seseorang, bahasa yang jorok dan hal lain yang bertentangan dengan nilai-nilai etika dan hukum yang berlaku.
Bila ada pernyataan yang dianggap bertentangan dengan sarat tersebut, maka akan dihapus. Terima Kasih, semoga forum ini bermanfaat sebagai wahana untuk memererat tali silaturahmi khususnya warga Kabupaten Kuningan.


Halo…halo…halo…
Kumaha daramang baraya Kuningan ?
wilujeung .ti abdi kanggo. kang lembur kuring 2007. nenendiantini.
Sae…! Sae…..Sae…! Samulihna? nu di mana ieu Nenendiantiny Gunadi teh? Abdi di Sidapurna, handapeun Cipari Cigugur.
Wilujeung tepang, punteun nembe dibales soalna laptop abdi kena ku virus salami dua dinten, abdi ayeuna aya di Canada.
Abdi oge gaduh rerencangan di Cipari waktos sakola, tapi duka ayeuna dimana.
Sae pisan aya blog lembur kuring kanggo nambih teman salembur, sareng infona oge menarik nambih pemasukan berita ti lembur.
Baktos, nn
salam kenal,kasadaya urang kuningan dimana wae ayana.
nepangkeun,abdi urang kuningan…
nami lembur abdi desa kananga,kecamatan cimahi..
tah kitu ….cag..
Salam Kenal nya ti abdi A. Mahrudin, nganjrek di Puri Asri 3 Ciporang Kuningan. Dupi kang Tarso nuju ngumbara di luar daerah atanapi ayeuna dumuk di Desa Kananga. Soalna kamari ieu abdi tos ti Desa Cikeusal Kang..!
Kang Zoen ari desa Cikeusal dimana ?
Maklum abdi mah ngumbara teras jadi banyak tidak tahu daerah Kuningan.
Desa Cikeusal teh kalebet ka Kacamatan Cimahi. Ti Cidahu mudun, ngalangkungan walungan maneungteung.
Walah… abdi mah teu acan pernah ka Cidahu oge, nembean abdi mireng di Kuningan aya Kecamatan Cimahi, saterang abdi mah Cimahi aya didaerah Bandung, kaluwarga abdi oge aya anu di cimahi Bandung.
Sugan engke lamun mudik kedah ngurilingan Kuningan perkenalan he..he..he..
Muhun, bade apal kumaha apan lami diluar daerah nya…? Tah, Tonggoheun Desa/Kacamatan Cimahi Kuningan, aya Gunung nu disebat Gunung Tangkubanparahu, nu aya hubunganana sareng sasakala (legenda) Sangkuriang. janten Gunung Tangkubanparahu teh sanes mung di Bandung, di Kuningan oge aya.. Malah, upami Gunung Tangkubanparahu nu di Kuningan mah persis pisan sapertos Parahu. Kawasna sae, dianggo kanggo shooting film laga, alamna oge ngadukung lah. Punten, sanes promosi. Ha.ha..ha..!
sawangsulna A,Mahrudin …
Abdi nuju ngumbara…dijakarta
Damel di media promosi & pusat informasi
wilayah cibubur
Alamatna: citra grand blok R5/10
cibubur. punten nmbe di bales..!
Eh… matalk reuwas geuningan aya gunung Tangkuban Parahu Di Kuningan ? ari sugan teh ngan aya di Bandung.
kalau bisa postkan cerita legenda Gn. Tangkuban parahu ala Kuningan di Blog Lemburkuring, sami sareng legendana Sangkuriang ?
Punteun seueur naros.
nanti kalau mudik mau tahu Gn. T. Parahu Kuningan, mungkin dekat dengan gn. Ciremai?
Insya Allah, akan dipostingkan. Ada Kesamaan, namun Gunung tangkubanparahu Kuningan lebih diperkuat dengan bukti-bukti yanga kini ada. Diantaranya sungai Maneungteung.
Hello… hello…. Kuningan
Kamarana ??????????????????
Enya, nya kamarana….? Kumaha daramang?
Panginteun nuju pada leleson he..he..
Kang Zoen, kumaha daramang di Kuningan?
mungkin harus lebih dipromosikan lagi web stenya, atau tukar link, biar orang-orang tahu ada web site tatar kuningan, linkmu juga akan dilinkkan di web siteku.
Enya, duka tah Kang Tarso oge duka kamana…? saurna bade ngintunkeun foto Gunung tangkubanparahu, diantos lebeng teu aya wartosna. rariweuh panginten Teh…! Padahal, urang Kuningan teh henteu kaetang duka sabarah rebu urang di Jakarta, bandung, Bogor, Tangerang, Medan. Duka teu acan terang kaklik panginten ieu blog sareng website urang Kuningan teh. Salam kanggo Rukun Wargi Kuningan di Jakarta kumaha daramang..? Ikatan Warga Kasturi (IWAK). Bapak Ir. Cartam urang Cimahi-Kuningan nu aya di Peuntas. Haturan, bilih kaleresan ngaklik ieu Blog.
Di Kuningan mah Alhamdulilah, nuju dina kaayaan kawilujengan.
Aya ..2. !!!!! Leres Kang Abdi teh keur rada rariweuh ….pakiweuh.
perkawis photo .. gunung tangkuban parahu kuabdi parantos dikintunkeun ka email ..lemburkuring2007@yahoo.com
Hey kang Tarso… kumaha damang di Jakarta ?
Teu aya kang tarso kalah sepi teu aya ucing-ucingan haa..haa..ha..
Ayeuna mah aya web site tatar sunda, sok geura amengan kaditu. Hampir sami sareng blog ieu, ngan pedah janteun web site. Upami terang sareng urang kuningan di Jakarta wartoskeun aya web site tatar sunda, janteun urang rame-rame nimbrung, ubar rindu, sami-sami ti Kuningan.
Upami aya humor deui geura postkeun, ngan abdi mah geuningan lepat teras teu tiasa nebak padahal mah dipikiran mani serius sampe puyeng he..he..he..
Kang Zoen, saur kang Tarso photo gunung tangkuban parahu di Kuningan tos dikintunkeun ka email lemburkuring, bika emailna teras pasang di web site / blog, abdi hoyong ningali photona.
Kang Zoen anu bageur….
Kunaon email abdi teu bales-bales ?????
Nuju parundung sugan, mani sepi geuningan….
Abdi oge nuju paranas, gara-gara seueur makan kambing haa..haa..
Eh hilap, kumaha rencana bisnis majalah ?
Tah, ari digebrag deui mah naronghol deui geuning dulur nu satia teh. Kanggo Kang tarso, naha da weleh eta foto teh teu aya dina email abdi. Upami tiasa mah dikintunkeun deui Kang…!
Teh Nenen, sanes pndung tapi bade guguru heula ka Kang Tarso. pan sagala rupi oge henteu padu bae, kedah aya elmu supados usahana lancar. Nuhun Ah dilongokan yeuh.
Leres sagala oge kedah dipelajari, ulah maen bisnis asal bisi matak pabaliut ha..ha..ha..
Kang Tarso, uapmi tiasa mah kintunkeun photo Gn. Galunggung Kuningan ka email abdi gnenen@gmail.com.
Heran abdi mah nembe mireng aya gn. galunggung di Kuningan.
Eh… geuningan abdi teh kuper hi..hi..hi..
Teh Nenen,pami photo Gunung galunggung mah heunteu gaduh
aya oge Tangkuban parahu tea …
kumaha bade..?
‘Hatur nuhun atas infona perkawis web site tatar Sunda ..tea
Kang Zoen kumaha Photo teh tos ditampi..,teuacan.?
abdi tos ngintunkeun deui kamari..
Atos Kang..! pan Eta tos dipostingkeun di eu blog. Punten wae rada leuir. Margi ku kariweuhan..di lembur. malih abdi oge ngintun email waleran kana email nu dianggo ku akang ngintun foto tos kabika? Nuhun Kang…! Eh, tos nyobian ngalongok kana wevsite abdi nu enggal ? Nuju dibeberes keneh..!
Maksad Teh Nenen mah, panginten G. Tangkubanparahu Kuningan…! Lepat nyerat, eta panginten nuju emut ka urang Tasik…! Pemi hoyong foto Gunung Galunggung mah, kedahna nyungkeun ka Kang Genibara Kebo Hideng, urang Cipondok Cibingbin. pan anjeunaa sok pulang-anting Kuningan-Tasik. Mung duka kamana tah, kang Genibara tah mani pleg les. Pundung kitu?
Mani asa jarempling geuning di lembur teh..! Kumaha daramang baraya…? ? Teh nenen sareng kang tarso nu biasa panggetol ngalongokan ngiles kamana? Bilih nuju aya nu nuju teu damang sing enggal damang…! Bilih aya nu nuju pundung, tong kateterasan nya….!
Kuningan,…Kuningan..Kuningan…! Luragung…., Luragung…..! Cibingbin, Cibingbin…Cibingbin…..! Jeh, Kamarana duluuur? ,
ma enya G. Galunggung aya di kuningan….? da abdi teh salah sahiji anggota Perhimpunan penjelajah Hutan & pendaki Gunung (RANTING) di bekasi, teu apal….hi.hi..hi….Meni kuper ih padahal pan urang lami euy ngalanglang buana ka mana2…tapi teu apal geuning….kuper euy…..!!!
Ha..ha..ha.. maksad abdi gn. tangkuban parahu salah ngetik, pedah ngan apal gn. Galunggung hi..hi..
Nyaan kang Rahmat, abdi mah kuper dilembur sorangan mah, gara-gara ngalalana teras, jadina buta daerah sorangan.
Kota Kuningan oge mani seueur anu terang, ngan apal anu ngetop wungkul Linggarjati, cipanas, cibulan, Darma…
Geuningan aya nami desa Cimahi sagala, katerang abdi mah Cimahi aya diwilayah Kab. Bandung, dulur abdi oge seueur di Cimahi Bandung.
Pas mireng di Kuningan aya gn. Tangkuban parahu, mani heran, sugan teh ngan aya di Bandung ha..ha..
Kade, lepat deui henteu apal ka ngaran Gunung di lembur sorangan Teh…! Kaciaaaaaan deeeh lho..!
Di Kuningan aya nami Gunungkarung, Gunungmanik, Gunungjawa…jsb. Ke ditataan deui…!
Salam ka sadaya baraya…
sampurasun….araya ieu teh? kumaha daramang urang kuningan?
dupi teh nenen di kuninganna di mana?
Aya….! Teh Nenen mah di Canada…!
sumuhun di canada, tapi urangkuningan palih mana tadina? ari pak mahrudin dimana liggih teh? abdi dhany, ari rompok sepuh mah di jalan pramuka lembur sukun, tapi abdi ayeuna di jakarta. hatur nuhun, wilujeng tepang
Oh kitu..! Saurna mah di Pasapen…! Mung abdi henteu apal dimana persisna. ..! Abdi mah di Komplek Puri Asri 3 Ciporang Kuningan kang..!
Hatur Nuhun kang Dani..!
oh ciporang, ke pami anu di tanjakan saatos cijoho namina kompleks naon ta teh, jadi hilap abdi teh, saneh puri asri kitu?
Eta mah, panginten Komp Cijoho. Puri Asri 3 mah, jembatan Ciharendong engkol ka kenca.
wilujeng siang sadayana. oh muhun kang, ciharendong. atuh ari didinya mah abdi oge gaduh pun lanceuk dua nu linggih didinya, di puri asri. baktos we kang heheheh
Wilujeng sonten di dieu mah…! He…he..he..! Saha tuang raka nu di Puri Asri teh..? Puri Asri I, Puri Asri II atanapi Puri Asri 3 ?
Kang Ajun Anu imut tepi ka amit-amit…
Usul…!!!!
Urutan tanggal Teh Ti Nu Terbaru Pang luhurna, dugi ka nu pangheubeulna panghandapna, piraku bade ningali nu panganyarna kedah sosorolokan Scroll.
Biar Leuwih efektif kitu wae…
Kumaha daramang ?
Alhamduliallah..damang…!!
Teh,.photo tangkuban parahu tos dikintun ku abdi ka email gnenen@gmail.com..
wilujeng sonten, punten nembe nonghol deui…
puri asri sabaraha nya hehehe? pokona puri asri nu di ciharendong we abdi mah terangna. nya eta pun raka teh namina pak bambang sareng pak ceppy, pami tepang mahbaktos we kang ti abdi hehehe
Kang Ajun, dupi dicek blogna tabuh sabarahaan dinten ieu???
Kang, naon bentenna bab Forum sareng bab Interaktif???
Nu ngbentenkeun bab (page) forum sareng page interaktif di ieu blog nya eta forum ngahaja nganggo rohangan diskusi, sillaturahmi kanggo sasama pengunjung. page interaktif kanggo nu langkung lega ambahanana nya eta ngundeur luang pangaweruh ku mangrupi karya tulis ti para pengunjung. Tiasa diaos dina katangtosan di luhur. hatur Nuhun
Kanggo pun dak kajene, abdi ngecek blog mah tara tangtos. Kumaha salsena wae. Nu seringna mah bada asar, bada magrib, bada Isa, Subuh, Bada Lohor. Tengah wengi, saupamina teu aya batur ngobrol nya sokiseng-iseng ngecek bilih aya baraya nu lebet. hatur Nuhun, seratan teh aya dina email abdi. Mung bingung, teu aya judulan sareng nami nu nyeratna.
kanggo kadu.. Wilujeng sonten deui. Puri Asri aya tilu ngajajar saampar samak. Ti kaler tapel wates sareng Desa Kasturi nya eta Puri Asri I, Puri Asri II ka kidulna Puri Asri III. Insya Allah upami pendak Pa Bambang sareng pa Ceppy diwartoskeun.
Tos katampi kang Tarso, hatur nuhun pisan.
Nn
Kamarana ieu teh? Kang Solihin di Bogor teu ngelol2
Kang Zoen, ari desa Parakan diwilayah mana ?
Abdi nembe bika web blogna desa Parakan.
Punteun, maklum kuper hi..hi..hi…
Ari Maleber dimana ? Caket Cirebon ?
Desa Parakan di Kacamatan Maleber, Kabupaten Kuningan. Sateuacanna Desa Buniasih. Kapungkurna kalebet ka Desa Lebakwangi. Ti Jalan Sudirman teras ka wetan.
Muhun leres pisan, geuning apal atuh siakang teh, sering amengan kitu ka lembur abdi?
terang abdi oge ari jalan Sudirnman mah, ngan nyaeta duka abdi mah nembe mireng Desa Buniasih, walah… abdi mah kedah ningali peta Kuningan, mani buta pisan geuningan wilayah Kuningan, padahal mah alit panginteun Kuningan teh, basa abdi nuju alit mah osok meser gorengan dipayuneun toko-toko pusat Kuningan, mani sepi pisan kotana, ngan resep kuudarana, tenang/nyaman, cocok untuk istirahat refreshing.
Abdi mah apal wilayah Surabaya, kantos sakola & damel di Surabaya, pas week end sok piknik sareng rerencanagan kawilayah wisata Jawa Timur, pokokna mah diider jauh-jauh oge. Ari mudik ka Kuningan mah ngan sataun sakali, eta oge paling-paling ngan saminggu, sareng ngan amengan ka Linggarjati, cibulan, cugugur, waduk darma, cipanas.
Kumaha ari kaayaan Kuningan ayeuna, tambah rame ?
Wah… kangen abdi hoyong mudik, utamana mah hoyong gorengan & hucap, bubur ayam.
Ari di Kuningan tos aya mal-mal/plaza ageung ?
walah kang ajun hampura….. abdi lepat ngawadahan….
saestuna seratan-seratan teh utamina ngawaler opini bu nenediantiny teh kedahna mah di rohangan forum nya….. sanes di interaktif????
Sakali deuih hapunten…
ah kang ajun punten abdi guntas gentos nami teh sanes bade nyiliwuri atanapi mancala putra mancala putri mung saukur teu acan tiasa nge blog nu leres….
maksa mah hoyong munculna nami mang jasu…tos wae, naaaaa kalah ka bulak balik tilu opat kali pabeulit…
rumaos abdi mah teu acan kantos ngambeu an eblog eblog an tadina….
minangka na mah trial and error…he he he…
rumasa adek tuturut munding ka kang ajun jadi bloblogeran….
he he he
sembah kapihatur neda sewu pangapunten …..
jaka sunda alias jaka sunda07 alias mang jasu…. sohib gaib ti gunung handap…
wassalam,
Mang jasu…
Mang Jasu/Jaka Sunda,
Abdi oge janten bingung, waktos ngabales serat di interaktif kumargi aya dua nami kang jaka, & Mang jasu.
Sugan teh benten jalmi he..he..he..
Teu nanaon, abdi oge gaduh seueur nami samaran, biasa ari didunia internet mah, jaga-jaga bilih kena spam.
Laptop abdi oge mani dua kali kena virus spam, atuh diopname salami tilu dinteun, diimunisasi campak heula he..he..he..
Punteun bilih bs. Sunda abdi nyampur aduk sareng Bs. Indonesia, kumargi maklum abdi mah rada eror bs. Sundana.
Maos serat ti Mang Jasu anu terakhir, aya anu teu kahartos maksadna, kumargi bs. Sunda abdi mah balelo, kedah muka kamus bs. Sunda heula.
Leres ari Bapak Abdi mah urang Kuningan, ngan ari abdi mah lahir di Semarang, waktos abdi remaja di Surabaya, sakola sareng damel di Suarabaya, sampe akhirna abdi ka Canada. Osok abdi oge ka Kuningan ngan sataun sakali, ari kangen ka gorengan gemet, aci, boled, sampeu, sareng kangen ka bubur ayam-na, & sorabi dicampur goreng tempe/dage. Raos pisan, seneng abdi mah kamasakan tradisional, dari pada masakan Amerika, matak bosen.
Engke upami abdi mudik mah, hoyong ka Kuningan, komo upami tiasa reuni sareng warga lembur kuring sadayana anu sok ngaramekeun blog lembur kuring, kabayang matak resep.
Baktos,
Nn
Ka Bu Nenendiantiny…
Ulah Hariwang teu kedah salempang….
Anda menemui permasalahan bahasa sunda????
Silahkan hubungi penerjemah sunda….. Kang Ajun tea…he he he
Kamarana ieu teh mani jarempling…?
wilujeng sonten kang ajun? nuju manteng teu? abdi nembe nampi imel ti akang perkawis tulisan. dupi eta teh kedah ngangge basa sunda atanapi kumaha, da sanaos urang sunda abdi mah radi tipaparetot pami ngadamel tulisan sunda teh hehehehehe
Insya Alloh ke ku abdi diusahakeun, perkawis naon, sepakbola kuningan atanapi naon?
Tapi pami aya tulisan anu di blog abdi kaangge mah, mangga we,bade dianggo mah.
hatur nuhun an tos disampekeun salamna.
wassalam
Hatur Nuhun sateuacanna. Muhun sepak Bola Kuningan. kanggo Media Komunitas Kuningan. Seratan ku bahasa Indonesia. Nuhun. sok mulih ka Kuningan?
Para akang kamarana ?
Komo para mojang mah mani teu ayaan, ngan abdi sorangan, bilih bosenen para akangna, ari ngan abdi anu nimbrung.
Mangga atuh neng, teteh, ibu, kalebet ngiringan ngobrol dilembur kuring.
Abdi bade milarian rencang-rencang abdi alumni SMEA Negeri Kuningan lulusan tahun 1994, mun aya nu terang hubungi abdi ya
Permisi….. numpang lewat…
Apa kabar Kang Zoen , Teh Nenen….
Baik, kemana aja tuh Kang Logan..? Sibuk ya..? .
Eh… kang logan… I am fine tapi rada ruwet pabaliut alias capek he..he..he..
Ari kang Tarso kamana ?
Capetang…!
Ari Capetang artina naon kang Zoen ha..ha..ha..
Haaarrr ari capetang teehhhh lincah atawa pinterrrr carioosss contooohhhnaaa Anak pak Rt tehhh alit keneeehh tapiii nyariosss nahhh manii capetang.
badee narooossss yeeehhh pernah diayaken silaturahim langung temu muka warga-wargi lemburrr kuriiinnnnggg?
haturnuhuuuuuuunnn.
Teu acan..! maksad mah aya, mung rupina ngantos waktos nu pas…! Hatur Nuhun dilongokan.
Kumaha upami kop-dar na urang bari launching edisi cetak + kegiatan lomba-lomba tulis menulis dari tingkat TK sampai umum, lomba sastra, lomba cerpen, lomba gambar vignet, lomba karikatur hari jadi kuningan, lomba kartun jsb. jrrd….
Satujuuuuuuu…?????
Asalamu allaikum …
Kumaha Urang kuningan daramang ???
Wilujeung kang Totong, hatur nuhun dipasihan terang “Capetang” geuningan abdi masih kedah buka kamus B. Sunda. Sesah pisan milari kamus online B. Sunda diinternet, upami aya anu terang web site kamus online B. Sunda, abdi pasihan infona.
Assalamu’alaikum untuk semuanya…
saya hanya ingin menanyakan, bagaimana baiknya apabila saya mempunyai tempat sarana fasilitas belajar untuk kursus, apakah perizinan harus melalui DIKNAS atau DEPNAKER? karena selama ini yang saya daptkan informasinya simpang siur…. mohon pencerahannya, terimakasih…
wassalam..
mangga dilajeungkeun..
Klo yang sudah2 bisa menghubungi Diknas melaui bidang Pendidikan Luar Sekolah (PLS). Trim,s barangkai informasi ini dapat membantu.
Nepangkeun, Urang Padarek – Kuningan ngiringan ngobrol
Kanggo dPrince of Smart,
Fasilitas kursus teh ijinna tiasa ti Diknas atanapi Depnaker.
Upami pelatihan ketrampilan jangka pendek anu henteu mengarah kana pendidikan formal ijinna ngalangkungan Depnaker. Diantawisna kursus Bahasa Inggris, komputer, bengkel, menjahit, nyupir.
Pelatihan panjang anu mengarah kana pendidikan formal, setara Diploma n Diploma ijinna kedah ngalangkungan Diknas. Diantawisna nyaeta kursus Bahasa Inggris atanapi komputer anu mengarah ka Diploma satu.
Tapi saran abdi mah, nyobian bae heula tanpa ijin sasasih dua sasih mah etang etang ngantosan muridna. Nembe upami tos tangtos aya muridna, ijin dilereskeun.
Mugi aya manfaatna.
Wass W W
kANG… KIRA2 PROSEDURNYA APA AJA YAH?.. MAAF SOALNYA INFORMASINYA SULIT SAYA DAPTKAN, TRMKSH…
ALHAMDULILLAH ADA TANGGAPAN DARI REKAN SEMUANYA, DAN MOHON MAAF APABILA SAYA MENGGUNAKAN BHS. INDONESIA, SAYA MENGERTI BAHASA SUNDA TAPI GA BISA MENCARI KATA2 YANG BAIK JADI KHAWATIRNYA SALAH FAHAM, (PERNAH TERJADI PADA PENGALAMAN PRIBADI) MHN MAKLUM….
SEKALIAN SAYA INGIN MENANYAKAN MENGENAI PROGRAM BANTUAN DANA YANG LAHIR DARI DIKNAS UNTUK LEMBAGA PENDIDIKAN NON-FORMAL, APAKAH DIKUNINGAN SUDAH ADA DAN DIMULAI PELAKSANAANNYA?… SAYA MENDAPAT INFORMASI DI KOTA BESAR SUDAH BERJALAN… DAN KIRA2 APA SAJA PERSYARATANNYA UNTUK MENDAPATKAN BANTUAN TERSEBUT?…
UNTUK INFORMASI, SAYA SUDAH MENJALANKAN USAHA INI DARI TAHUN 2003 DAN MEMPUNYAI IZIN DARI DEPNAKERTRANS KUNINGAN PADA AWAL BERDIRI… YANG SAYA KURANG FAHAM, APABILA PROGRAM ITU ADA UNTUK WILAYAH KUNINGAN APAKAH BISA JIKA KITA HANYA TERDAFTAR PADA DEPNAKER SEDANGKAN ITU ADALAH PROGRAM DIKNAS, TERIMAKASIH…
MOHON PENCERAHANNYA…
Program bantuan teh umumna aya di setiap departemen kementrian, disesuiakeun sareng program kementrian masing masing.
Programna kadang mangrupi kerjasama sareng negara negara donor.
Minggu kamari abdi ngalebetkeun 4 mahasiswa ka perguruan tinggi swasta full beasiswa (gratis 100%)
Kaleresan si PT eta teh nampi dana bantuan ti luar, dugi ka tiasa nampi 75 mahasiswa beasiswa 50% sareng belasan mahasiswa beasiswa 100% khusus kanggo dhuafa.
Upami kanggo lembaga pelatihan, jarang mendakan nya, paling oge ti Depsos atanapi ti Depnaker kanggo BLK BLK anu tos jalan programna.
Persyaratan kanggo nampi bantuan, rupina mah standar dimana mana oge …. Ngintunkeun proposal lengkap sareng “meyakinkan” nu diketahui ku pejabat Desa sampe camat.
Syukur syukur proposal na teh dibantun langsung nganggo jalur toll, melalui tepangan nu aya di departemen.
Para birokrat teh umumna butuh “pangakuan” tu luhur. Upami tos gaduh ijin ti Depnaker .. ajukeun bae proposalna ka Depnaker. Margi upami programna berjalan sukses, engkena janten alat “Jualan” keberhasilan Departemen ka birokrat nu di luhurna.
Tapi perkawis ijin mah, upami gaduh ijn dua duana (ti Diknas atanapi Depnaker) saleresna langkung aman, manawi manawi kapayunna tiasa janten program pelatihan teh tiasa “ekspansi” ka jalur formal.
OH BEGITU YAH PAK… UNTUK YANG TERAKHIR SAYA KURANG FAHAM PAK… MAKSUDNYA DENGAN KATA AMAN DALAM PORSI APA YAH?…
Bade naros sk 100% nu cpns tahun 2005 teu acan aya infona geuning, irahanya medalna?
“AMAN” nu dimaksad teh kieu teh …
1. Sataun dua taun urang nitenan usaha kursus pendek (short courses), tapi saha anu terang kapayunna tiasa berkembang janten program profesi setara diploma. Upami ijinna ti ayeuna Insya Allah langkung mirah.
2. Kanyataanna di lapangan, dina sababaraha kasus sok aya oknum anu nyobi nyobi ngutak ngatik kelengkapan serat ijin tea. Padahal batasna mah saleresna tos jelas, mana bagian Depnaker sareng mana bagian Diknas.
Mau Nanya tentang Rencana Pelaksanaan Pembelajaran Untuk SMA, Kira2 rekan2 ada yang tau bisa didapat darimana dan didownload darimana yah?… Mohon diarahkan, terimakasih atas semua bantuannya…
Rencana Pelaksanaan Pembelajaran ??
Mungkin bisa pake search engine Google atau altavista
Pakai key word KTSP (Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan) SMA
Terus download ajja salah satu
Mudah mudahan itu yang dicari
bade narus kabarna gunung ciremai kumaha?aman teu ya akang2,eceu2?rencanana abdi teu hoyong naek deui da sono ka jamana masih sakola,
Amannnn Gunung Cermai InsyaAllah amaaaaaannnnn, sok atuh nostalgiaa ka Palutungan……. Benerrr simkuring tiap taun pasti nostalgia ngajak barudak …..jalan – jalan ka Palutungann …. Cisantana……… sambil mulihna ngabantun Cucu sareng sayuran ples kesemek di Cisantanaaaaa.
Duh sok maniiii waassss ari aya di Gunungnyaaaaaaaa.
Ari kang tarlan kawit timana yeeeehhhhh ari lalampahan teh dimana ayenaaaaa.
Salam kenal ti Simkuring.
T. Saidin.
Ass,,,wr..wb.
salam kanggo sadaya kulawargi besar kuningan,,,,abdi teh bangga janteun wargi kuningan,,,wios kotana alit,,,tapi SDM na diperhitungkeun. muhun abdi teh kawit ti NANGGERANG-Kramatmulya,,,ari sadintenna mah janteun buruh pabrik di cikarang,,,aya nu terang panginten kawasan Hyundai,,tah eta tempat padamelan pribados teh. titip carios kanggo nu tepang ka pengurus PO.Luragung jaya/Putra Luragung/Putri Luragung jaya,,,upami tiasa armada bis nu jurusan Cikarang-Kuningan ditambihan,,,(upami teu lepat ayeuna mung aya 2 kitu oge enjing tabuh 6an langkung) soalna upami teu naek rombongan kanggo mudik,,rada sesah aksesna,,,kedah ka terminal pulogadung heula,,(iih abdi mah sok haroream kadinya teh,,,),,,hatur nuhun kasadayana,,,wilujeung nunaikeun ibdah syaum,,mugiya urang sadaya jenteun muslim nu bertaqwa
Aduh kang Dodo oh iya kang di Nyundai Mechanicnaa seer hente kebetulan saya pelanggan Dealer Nyundai tapi biasana kalau service di Nyundak TB. Simatupang Lebak Bulus. ooohh iya kebetulan saya kalau lebaran suka ngayaken angkutan lebaran pake Mobil L 300 lamun bade pesen angkutan lebaran simkuring aya biasana jurusan ka Lebakwangi Jakarta, Kuningan, Cinembey, Cinagara, jeng Galaherang.
Lamun akang sareng rerencangan tiasa ngordinir arus mudikna tiasa kontak ka simkuring.
Haturnuhun.
Kang T. Upami abdi mulih panginteun tiasa sewa mobilna, kanggo kejutan kakaluwarga ujug-ujug muncul dilembur tanpa berita he..he..he..
Upami ngabejaan heula pastina dijemput kuraka, abdi mah hoyong kejutan.
Tiasa sareng ples supir kapan atuh mau pulang ke Kuningan, yaaa sesuatu kejutan itu mengesankan ……. dicobiaan bae atuuuuuhhhh tar saya bantu okeee.
Hatur nuhun kang T, tapi moal tiasa lebaran ayeuna mah, upami tos siap-siap, bade ngawartosan lewat email kang ka T, soalna hoyong kejutan, anu terang ngan kang T sareng abdi he..he..he..
Geuningan kang Zoen lagi kena masalah, saurna internetna rusak, panginteun aya karusakan dikomputerna, atanapi providerna, soalna karunya lembur kuring teu acan di update, ngantosan anu gaduhna. Enggal atuh kang Zoen di imunisasi akses internetna, seueur baraya anyar.
Haturan kanggo baraya sadaya, kumaha daramang..? Hapunten kanggo Kang Ikin…. ! sanes teu nyapa nya…! ma’lum, pas bade nyapa atanapi mairan baraya sadaya teh. Na eta eta koneksi internet Kaligane ngiring puasa. Hatur Nuhun ka Kang T. Saidin nu tos noel Kang Ikin.
Teh Nenen, jantenkeun wae atuh mudikna…! Tah geuning tos aya angkutan ti Jakartana mah…! Kitu deui kanggo kang Dodo Juhada, tah geuning aya nu nawisan angkutan ti pa T. Saidin. Ka Nanggerang mah kalangkungan pan.. Mung kade bilih kajantenan sapetos taun pengker aya urang Kuningan nu mudik ti Jakarta nganggo beus, nu kedahna liren di Panawuan, ari ieu bet teras kacandak ka Ciawi da puguh kasarean..!
Kang Dodi, nu naroskeun warnet pangcaketna sareng koneksina cepet..di Kuningan..! Cobi ka Warnet Klik-NET, caket Stadion Mashud Wisnu Saputra Kuningan (pengkereun PLN) Kuningan.
Hatur nuhun kang Zoen ,nya abdi paling ari ka kuningan wae ka warnet mah ,ngan hanjakal eung di kuningan teh mung sakedik keneh WARNET teh meni sesah aya oge daerah kota …di kecamatan2 oge duka bisa di etang paling ,komo deui di Pedesaan nana …kumaha Anak bibit kuningan rek berinteraksi sareng dunia luar lamun mung sakedik mah ..paling cek bahasa mah anak kota aje yang bisa nikmatin….deuh..deudeuh teuing.. Upami di kota anu abdi nuju didamel nya eta Kota Bandung meni seuueur hampir tiap pelosok jadi teu sesah ngilari warnet..abdi mah geratisan da internetan teh di kantor hee…he…
nya yeuh kang Zoen nuhun email na wang gugubrag lah urang kuningan nu bararetah di kota sanes sina mararudik….MUDIK>>>MUDIK>>>
kanggo baraya kuningan anu aya di bandung sok wang patukeur informasina keur mudik ..sareng anu aya di kota sanes oge nuhungkeun partisipasina kanggo info mudikna….THANK
Kang Kumaha damang? Punten ah kamari lebaran mulang ka Kuningan teu mampir… hapunten samudaya kalelepatan. NB. Alamat na puisi ti abdi sumoputkeun punten
Sae…! Muhun mani teu mapir. Tos disumputkeun. Nuhun
halo punten nembe ngiringan nimbrung deui kumargi abdi sibuk .kumaha damang dulur2?
ass…wr wb
pun…..ten nepangkeun abdi wargi kuningan (kel winduhaji), ayeuna kaleresan
nuju ngumbara di sumatra di kota empek-empek.
salam kasadayana
Teh Nenen, mangga atuh email ka : antoniantoni333@yahoo.com
diantos.
Salam,
Wira
15/01/2008 05:36 KDRT
Sakit Hati, Istri Potong Kemaluan Suami
Liputan6.com, Deli Serdang: Sakit hati karena suami akan menikah lagi,
seorang wanita di Kecamatan Patumbak, Deli Serdang, Sumatra Utara,
memotong kemaluan suaminya hingga nyaris putus, belum lama ini.
Akibatnya, sang istri Mariati harus berurusan dengan petugas
Kepolisian Sektor Patumbak dengan barang bukti sebilah pisau dapur
yang digunakan tersangka.
Kendati terancam hukuman 15 tahun penjara, Mariati seolah tak
menyesali perbuatannya. Kepada polisi Mariati mengaku kesal karena
suaminya, Yandi, berniat menikah lagi karena mereka belum dikaruniai
anak meski sudah 18 tahun menikah.
Sementara Yandi kini harus dirawat intensif di Rumah Sakit Umum
Pirngadi, Medan. Malu atas peristiwa yang dialaminya, korban menolak
ditemui siapa pun. Menurut dokter yang merawat korban, kondisi kelamin
Yandi sudah mulai membaik setelah menjalani operasi penyambungan alat
vital. Namun dokter belum bisa memastikan bisa atau tidaknya alat
vital Yandi kembali normal seperti sedia kala.(ADO/Yudhistira)
Ih mani serem pisan beritana, jaman kiwari jalma mani nararekad kitunya.
kabayang upami teu gaduh alat vital, aduhhh kumaha rasana, dunia asa sepi pisan meureunnya.hehehe…..
kang sanes dunia asa sepi wae tapi gelap gulita gelap sagala-gala.
ibu mariyati, ibu mariyati aya-aya wae, saking nyaahna meureunan
ka suamina.
Muhun kabayang pisannya kang upami teu gaduh Sanjata hahaha…….
mudah-2an cukup suami ibu maryati bae anu ngalamanana.
Teh Nenen kamana wungkul yeuh…….
BAGAIMANA KABAR TERMINAL KUNINGAN?
masih aya…………….. 3 karcis can aya nu meuli di terminal teh.
tingkaroceak…………………….
jiga manuk kurang dahar
Teh Taty kuninganna dimana ?ayeuna tinggalna dimana ?
Kuningan, kuningan…. Pembangunan sangat cepat…. DAN TERASA CEPAT KALO PAS SEKARANG LAGI MAU ADA PILKADA…….. kemana n bangun apaan 4 tahun sebelumnya?….. Terminal udah berapa TAHUN YAAA?????………..
assalamualaikum…….. dulur sadayana kumaha daramang….
Ass.wr wb.
Sateuacana nepangkeun abdi orang kuningan (Wdhj) nu keur ngumbara di Bekasi.
Kumaha sadulur di Kuningan kabarna ayeuna ? daramang,syukur upami damang mah eta anu di panuhun.
Salam kanggo rerencangan alumni STMN kuningan thn 95 khususna jurusan listrik,kamaran bae teu aya bejana ?
Tos heula nya nuju di damel ieu teh.
Wassalam
punten, bade naros, aya anu alumni SMAN Garawangi teu, angkatan 1994 di ieu forum teh ???
Очень хочется написать что-то под таким постом, выразить свое мнение… но писать банальности или односложные фразы – не к месту, измышления же какие-либо здесь будут неуместны… потому что всё уже сказано.
Поэтому не буду усложнять – http://optishape.ru/ – Гербалайф – сайт помощи
ari urang garut kamarana nya ……
@ kang yusup a ridwan, urang garut tangtos nuju di garut heheh….aya nu di cisurupan, pameungpeuk, cipanas, tarogong, cibatu, wanaraja, sukawening, ciwalen, sukadana, malangbong jeung sajabana jeung sajabana. Naha dupi akang urang garut?
Aya oge iyeuh pribados urang cimahi, didieu kaca kango perkeanalanteh kitu. wilujeng tepang ka dulur dulur urang sunda
Euleuh aya tamu… Sok atuh calik kang. Bade ngaleueut naon, kopi ta susu? Atanapi bade nyobian ‘PONARI SWEAT’ ? Ayeuna di dayeuh nuju naek daun eta inuman teh…. Salam tepang kang ti abdi, budak pang kasep na di kaca palih dieu mah heheh…
He he he untung aya budak cibunut yeuh, teu tulag tolog teuing nuhun ah ditampi yeuh kopina, meni sejooot!
Assalamu’alaikum….
Wilujeng siang…
Hai kota Kuningan, salam sono nya kanggo alumni SMAN Garawangi angkatan 1994, abdi kangen pisan hoyong patepang sareng sadayana…..
atuh etamah gunung tangkuban parahu, simkuringmah aya di sawatara tempat caket ti gunung burangrang, sagedengeun gunung tangkuban parahu eta, dupi pun wasta teh wahyu lulusan smea sangkuriang. nepangkeun oge.
Kau kan slalu tersimpan di Hatiku
Meski ragamu tak dapat ku miliki
Jiwaku ‘kan slalu bersamamu
Meski kau tercipta bukan untukku
Tuhan berikan aku hidup satu kali lagi
Hanya untuk bersamanya
Ku mencintainya sungguh mencintainya
Rasa ini sungguh tak wajar
Namun ku ingin tetap bersama dia
Untuk selamanya
Mengapa cinta ini terlarang
Saat ku yakini kaulah milikku
Mengapa cinta kita tak bisa bersatu
Saat ku yakin tak ada cinta selain dirimu
puisi..puisi…puisi….
Tema wordpress sae pisan mangga langsung di cobi
Bu yulianti sim abdi alumni smagar tapi taun 97