Ku : E. Sutisna
Hiji peuting poe sabtu bada isya di teras Tajug mangsana bubaran ngaji di Desa Pajambon, desa di Pasir Gunung Ciremai, aya 7 urang budak keur galecok ngobrol kaditu kadiu mani rame.. Baca tuluyan ieu tulisan »
Sobat Sajati
17 Maret 2009Pindah Cai Pindah Tampian
18 Pébruari 2009KEUR budak mah, nu panghoréam-horéamna téh ari dititah mandi. Réa kacaturkeunana, barudak harita mah rada nyatru jeung cai téh. Teu saeutik nu kakara indit ka tampian téh mun kolotna geus ngamang-ngamang nyéré. Baca tuluyan ieu tulisan »
Mangsa Peuting di Pajambon
10 Pébruari 2009Panineungan : Endang A . Sutisna
SOK nyeredet hate mun mireng nami Kuningan teh, ngarasa tibwelat jweung waas. Nineung, sok hayang deui mulang engke boboran siam.Lamun peuting (di Pajambon), duh tiisna taya babansdinganana. Baca tuluyan ieu tulisan »
Mulang ka Lembur
23 Séptémber 2008Mulang ka Lembur
NU ngaranna mulang ka lembur, enya mudik, hususna keur urang Kuningan mah sasatna geus jadi tradisi nu saban taun henteu bisa dilleungitkun. Sanajan saban minggu atawa saban bulan sok rajeun mulang ka lembur, dina pareng nyedek kana mangsa lebaran mah estu ngahajakeun mulang ka lembur teh. Baca tuluyan ieu tulisan »
BEREKAT
18 Séptémber 2008Carita Pondok
BEREKAT
Ku : Maman Aruman
LAYUNG koneng hibar beulah kulon, angin halodo ngahiliwir nebak kana kembang di pakarangan pating aroyag pating arulang kawas anu ngagupayan. Wanci ashar harita teh, di hareupeun imah Si Aki geus diuk nyanggeye dina korsi butut bari ngelepus udud daun kawung bangun nu nimat naker.
Haseupna nyerebung jiga nu keur muput reungit.
Si Aki teh salah saurang warga di Komplek Perumahan RSS nu geus kawilang lila nyicingan eta imah teh. Milih imah oge nu ukuran pangleutikna, malah imahna oge angger kitu keneh sakumaha aslina ti develover, malah can aya dapur.
Saheulaan mah dapurna nyieun sasaungan di tukang ngarupakeun gedeg awi nu ditambalan ku triplek butut mani geus rarawing bakat ku geus lila kahujanan kaanginan kaciri triplekna geus awing-awingan.
Duka ti mana asalna, nu puguh mah Si Aki teh geus lila ayana di eta komplek teh bari hirupna teh nyorangan, teuing boga pamajikan duka teu boga anak, warga di komplek teu pati arapaleun.
Ari hirup sapopoena ngandelkeun gajih pangsiunan ti veteran, cek beja mah manehna teh urut pajuang. Salian ngandelkeun pangsiunan nu teu sabaraha sapopoena sok pirajeunan kula-kuli ka batur meresihan solokan, ngaberesihan karang atawa miceun runtah, malah sok daek ngawakilan ronda sagala, da geuning si Aki teh sakitu mah kaasup hampang birit.
Salian ti kitu, mun pareng awakna sehat mah rajin pisan ka masjid, sok komo wanci sholat subuh mah rajin pisan tara kapiheulaan ku batur, manehna sok adzan bari dilagukeun jiga melas-melis ngelingkeun ka warga komplek supaya geura areling hudang keur ngalakonan solat subuh, sakapeung hate sok nyeredet mun ngadenge sora sia Aki adzan.
Geus dua poe Si Aki taya nu nitah gawe, mangkaning geus teu bogaeun duit da gajih pangsiunan mah geus beak ti minggu kamari keneh. Geus sapoe sapeuting beuteung Si Aki teu kaeusian nanaon da puguh di imahna geus teu boga naon-nanon mangkaning gajihaan masih jauh keneh, beuteung Si Aki ngurubuk pupurilitan menta eusi teu dirasa.
Bari udud ngebul, ngararasakeun peurihna beuteung, Si Aki ngalamunna jero, hatena ngagerentes nikmat teuing lamun ayeuna dahar sangu pulen dicocolkeun kana peda beureum pohara nimatna.
Si Aki anteng ngalamun bari miceun kuntung roko, ret ka beulah kidul kana kebon sampeu tatanggana nu geus karolot, pucukna ting garupay, jorojoy dina hate si Aki aya niat ke peuting rek maling sampeu tuluy sampeuna dibubuy kacipta teuing nimatna, meureun ieu beuteung moal kukurubukan teuing. Tapi Si Aki ngorejat jiga nu reuwas manehna istigfar ngusap beungeut, si aki kakara sadar kapan tangkal sampeu teh nu batur.
Rentang-rentang ti beulah wetan aya jalma leumpang ka kulonkeun, ari leungeunna ngiwing-ngiwing kertas, eta jalma asup ka sakur imah nu kaliwatan, beuki lila beuki deukeut, geuning sihoreng Pa RT 45 keur ngondang jigana mah. Sup Pa RT ka pakarangan bari uluk salam. Dina jero hate si aki ngagerentes “bener pisan geuning pa RT teh keur ngulem” hate si aki bungah kacida ke peutingna rek murak berekat. Pa RT asup ka pakarangan dibageakeun ku Si Aki mani rengkuh pisan.
“Mulih ti mana pa RT?” tanya si Aki, katara paromanna marahmay.
“Puguh Ki tos ngulem, ieu Pa Camat bade salametan putrana” jawab pa RT kalem.
Si Aki hatena bungah kacida, da pasti pangna Pa RT asup ka pakarangan manehna meureun rek ngondang si Aki. Beuteungna nu pupurilitan ngadak-ngadak leungit, hatena pinuh ku kabungah jeung harepan da ke peuting rek nurak berekat. Brek Pa Rt diuk gigireun Si Aki, sabada sasalaman, satuluyna mah ngalobrol ngaler ngidul nyaritakeun kaayaan waktu harita ti mimiti saatna cai di sumur warga nepi ka urusan ronda sagala.
Teu karasa waktu teh geus harieum beungeut, nu teu pati lila ngong adzan ti beh landeuh, teu pati lila jung pa RT pamitan bari ngajak sasalaman bari pokna.
“mangga ki geuning teu karaos tos magrib deui” saur pa RT bari jung nangtung ngajak sasalaman ka si Aki.
“Mangga mangga” ceuk si Aki
Sakoloyongna Pa RT, hate si Aki ngarasa heran geuning pa RT teh asa teu ngahaturanan salamaten pa Camat. “Euh meureun aing mah henteu diondang” gerentes Si Aki., ah tapi keun bae sing teu diondang ge muga-muga ari berekat mah kakirim gerentes hatena pinuh ku harepan.
Satuluyna si Aki cengkat asup ka jero imah bari hatena pinuh ku harepan ke peuting rek murak berkat. Sup Si Aki ka kamar mandi rek abdas tuluy netepan solat magrib, si aki harita mah teu ka masjid da awakna karasa leuleus da puguh ti kamari beuteungna teu kaeusian naon-naon.
Bentang mimiti kaluar ting karetip, mega hideung ngadingding beulah kaler lampu taman baranang nyaangan kekembangan nu aya di sisi jalan pucuk angsana ting aroyag ting arulang kaoyagkeun angin peuting, bulan sapasi ngangkleung di luhureun Gunung Ciremai di deukeutan mega hideung.
Bada solat Isa, si Aki kaluar ti imahna cle diuk dina korsi butut nyangeye nahan kapeurih beuteung nu kukurubukan menta eusi. Si Aki panonna teu weleh mencrong ka beulah kulon, bari hate pinuh ku harepan muga-muga aya nu ngirim berkat piwarangan juragan camat, lieuk deui-lieuk deui beuheung asa nyeri beuheung sosonggeteun nempoan ka beulah wetan, tapi lapur geuning nu ngirim berekat teh teu daek jol.
“Boa-boa salametan teh geus beres, aing mah teu kabagi berkat” gerentes hatena jiga nu putus harepan, mangkaning ieu beuteung asa tambah pupurilitan.Karasa asa leuwih peurih.
Keur anteng ngalamun bari ngararasakeun peurihna beuteung, katempo ku si aki ti beulah wetan jiga aya jalma nu leumpang rurusuhan bari leungeunna jiga nu babawaan. Beuki deukeut beuki jelas geuning nu leumpang teh sihoreng Mang Endang dipiwarang ku juragan Camat mikeun berekat.
“Asalamualaikum” Mang Endang uluk salam
“Waalaikum salam “Tembal si aki
“Ieu ki nyanggakeun berekat ti pa Camat hatur lumayan” ceuk Mang Endang daria naker.
“Aduh hatur nuhun pisan katampi” jawab si Aki semu nu bungah pisan.
Ceg berkat ditampanan bari hatena muji sukur ka nu maha kawasa, hatena bungah kacida bubuhan geus ampir dua poe nahan lapar ari ayeuna aya nu ngirim berkat, nuhun gusti…Si Aki namprakeun leungen, bari neuteup Mang Endang nu pamitan. Karasa cipanon Si Aki ngeclak bari hate pinuh ku kabungah Alhamdulilllah hatena ngagerentes.
Si Aki asup ka jero imah, berekat ditunda na meja hareup tuluy dibuka, eusina mani pepek, aya lauk mujaer jeung semur endog, di sisina aya oreg tempe campur emi di tengahna aya daging sakeureut. Memeh ngadahar berekat koloyong Si Aki ka dapur heula rek nyokot cai keur nginum da bisi kabuhulan .
Di dapur manehna lila neangan gelas bari popoekan da kabeneran lampu listrikna kabakar geus saminggu tacan kaburu diganti, geus kitu curulung nyicikeun cai kana gelas, geus pinuh koloyong Si Aki ka tengah imah deui, keur ngalengkah ka tengah imah kadenge di tepas aya sora pating keresek pating careplak, barang ditempo geuning aya meong hideung satilu-tilu keur ngarecah berekat.
Si Aki ngahuleng sajongjonan, tuurna nyorodcod mata molotot mata simeuteun ngahuleng siga nu kasetrum listrik, hatena sedih nalangsa teu tulus ngadahar berekat, da dipiheulaan ku meong garong. Leng si aki teu puguh rarasaan tetenjoan asa ranyay teu inget di bumi alam, Si Aki kapiuhan.
Sep 2002,
Meuli Goreng Kentang Jeung Dage Haneut
30 Agustus 2008Ku : Agah
KIRA taun 1985-an nepika taun 1990-an, di lembur kuring Luragung, rek munggahan teh sok rame ku nu baralanja ka pasar. Kaasup kuring sok milu riweuh mun ema balanja ka pasar teh Baca tuluyan ieu tulisan »
Nyawang Cilengkrang Ti Kaanggangan
26 Juli 2008Catetan : Endang Sutisna
HIJI desa di suku Gunung Ciremai, wewengkon Kabupaten Kuningan, tempat nu kungsi matri ati. Nya di ieu desa pisan kuring kungsi ngarasakeun tiisna hawa gunung jeung endahna alam pilemburan. Reueus jeung bagja harita mangsa keur budak jadi urang gunung nu boa teuing kiwari mah bisa kaalaman ku genersi ayeuna. Baca tuluyan ieu tulisan »
MOS
16 Juli 2008KAGIATAN Masa Orientasi Siswa (MOS) nu dilakonan ku siswa anyar SMP/SMA tetela jadi bangbaluh lain saukur ku calon para siswa, da kolotna joge sarua ngarasakeun.
Teu saeutik kolot nu ngarasa menit (lieur), kusabab kudu neangan kadaharan jeung paralatan sejenna keur kaperluan MOS tea. Taya di warung lumpat ka toko, taya di toko lumpat ka pasar, taya di pasar lumpat ka supermarket, beh dituna ka toko serba ada (Toserba). Padahal,nu dibeulina the henteu pira, tapi ongkos sababaraha kali tikel batan harga barang nu dibeulina.
Masa orientasi siswam saenyana ngarupakerun hal positif. Sabab kegiatan salian keur ngawanohkeun calon siswa jeug lingkunganana, nya saeutikna pikeun ngagodog mental calon siswa. Tapi anehna, saban taun MOS taya bedana jeung perpeloncoan.
Kahayang mah, kahareupna kagiatan MOS ddieusi ku kegiatan nu leuwih mangfaat. Contona,calon siswa sina mawa bibit tangkal, terus dipelakeun boh di lingkungan sakola boh luareun sakola. Itung-itung nghaudang sangkan calon siswa raket jeung nyaah kana lingkungan. Tah, eta bibit tangkal teh dicirian atawa dingaranan. Saupama eta tangkal geus gede, bisa dijadikeun panineungan nu moal bisa dipopohokeun.
Dimuat ku lemburkuring2007
Dimuat ku lemburkuring2007
Dimuat ku lemburkuring2007 