Mani Jempling

28 Séptémber 2009

Peuting teh karasa jempling. Kamarana atuh nya..? Biasana mah sok aya Kang Andi Gumilang ti Tundagan ngalongokan lembur. Aya Kang Maman Wahyu ti Garawangi, Kang Aan, kang Dadang, Kang Uha jeung nu sejenna.
Ah keun wae, rariweuh meureun.


Usum Panyakit

9 Agustus 2009

Panyakit nerekab di mana-mana, kaasup di lembur rea nu gering. Gering lahir, aya oge nu gering batin.


Narumpeng Teu..?

18 Juli 2009

Kapungkur mah sasih rajab teh sok narumpeng nya..? Duka tah ayeuna, resep balakitrik balacombrang kang Maman, mudik…mudik..mudik..Numpeng…


Kamarana…?

13 Juli 2009

Kang Bunut, Putra Betawi, Kang Uha Palembang, Dadang Kutakembaran, Urang Luragung, Ciwaru, Cibingbin, Cidahu, Ciawigebang kamarana, Cimahi, Kadugede, darma, subang, Selajambe kamarana nya…?


Pengumuman!

22 Juni 2009

Budak Cibunut :
Tatangga awewe gigireun imah kuring galak pisan. Sakanyaho kuring maneh na masih parawan…. bayangkeun, padahal umur na geus kapala opat. Naha euweuh lalaki anu daek keun ka manehna? Atawa ulah2… maneh na lesbi? Ah, bodo!

Sok saha nu rek daftar? Kang sapri, kang diplong, kang oman, kang rustam, kang dedi, kang lembur kuring….buruan nya, kasempetan terbatas!


Tuh jalma..

2 Juni 2009

Ku : Mang Jasu

Nu ka kulon tumpak sapeda
nu mangkat ngidul tumpak mobil
nu ngincig ka wetan rurusuhan
nu suak seak dina motor kakalerkeun
……
Geuning tujuan mah sarua kabeh….. Ka….. Katil

Tah jalma..
nu make kameja bodas..
nu dibedak sakandelna..
nu dianting gelang reunceum…
nu make kutang jeung tembong calana jero..
nu ngan make kaos oblong..
nu make saragam dines…
….
panungtungan mah baju nu tara kaburu dibeli….
anu papasten makekeun didiri….. Salambar boeh…

Deuh jelema…
luhur darajat…
luhur pangkat…
komo gelar ulah batur poho nyebut…
Bapak Insiyur…
Doktorandus…
Sarjana anu…
Master Ilmu eta…itu…
Komo Ulah Lali Nyebat Bapak HAJI mah… pamali….
Na bet teu geuwat dipake…
Gelar anu tangtu anu dipiboga…
Pangkat anu geus hak anu urang kabeh…
Gelar… Almarhum…


Obrolan Jaman Baheula

11 Maret 2009

Ku : Putra Betawi Kuningan

+Geuning endog puyuh teh mani aralit kieu?
- Upami saageung endog meri mah Bu, panginten jebol bujur puyuhna..
+ Dok, bapa teh sok sesah upami bade kahampangan. .
- Sabaraha taun yuswa bapa teh?
+ 80 taun
- Nya pantes wae, panginten persediaan cai papang bapa tos seep..
Ibu-ibu sombong rek dioprasi.
+ Katingalna mah Ibu teh kedah dibius lokal?
- Bius lokal? Abdi mah jalmi aya Dok, sakantenan we biusna…nu impor…
+ Saha lalakina nu pang senangna di dunya?
- Nabi Adam, lantaran teu kagunganeun mitoha..
+ Sebutkeun mantan pemaen Persib anu lumpatna pangtarikna?
- Budiman.. Tasik-Bandung ge ukur dua jam..
- Tukang ngomean mobil boga anak kembar, dingaranan…Accu jeung Obeng…
+ Bade ka mana, Ceu?
- Ka rumah sakit.
+ Saha nu teu damang?
- Seueur.
Aya jalma mabok leumpang mapay-mapay rel. “Nanaonan aya jalma bet nyieun taraje sakieu panjangna?” ceuk nu mabok dina jero hatena.
Aya saurang jalma seselendep rek meuli cendol. Tukang cendol ambek.
+ Lamun rek meuli cendol di dieu, kudu ngantri kawas batur, ulah seselendep kitu?
- Hus, anjeun tong ngambek. Nu meuli mah apan raja?
+ Ma enya aya raja meuli cendol?
(Tina Ngobrol lemburkurig2007.wordpress.com)


Pro Kontra Rarancang Ngadegkeun Propinsi Cirebon

10 Maret 2009

Sanajan rarancang keur ngadegkeun Propinsi Cirebon geus dideklarasikeun, tapi nepi ka danget ieu tetep ngondang pro kontra sawatara elemen masarakat kaasup jajaran pamarentah Kabupaten Kuningan nu katangenna henteu ngarojong kana eta rarancang ngadegna Propinsi Cirebon teh. Buktina, basa Panitia Persiapan Propinsi Cirebon (P3C) ngadeklarasikeun keur ngabentuk Propinsi Cirebon, di salah sahiji Hotel Cirebon, sawatara poe kaliwat, taya saurang oge pajabat Kuningan nu datang. Naha enya, pangna teu datang teh pedah henteu ngarojong..? Kumaha Sikepna rayat Kuningan…? *