Pangalaman ngajugjug Lembah Cilengkrang

18 Agustus 2009

Basa lebaran taun kamari kaleresan Tamu kaluarga ti Tasik hoyong pisan ka Cilengkrang da eta panasaran cenah mun ukur mireng carita mah..nya ku kuring dianteur ngan samemehna dibejaan ari lalampahan ka Lembah Cilengkrang teh bakal manggih jalan turun naek mapai gawir nu ngalingkiwing (basa sunda eta teh) tur kudu boga kasiapan fisik anu Oke. Baca tuluyan ieu tulisan »


Klinik Kesehatan Pondok Pesantren

5 Pébruari 2009

PONDOK Pesantren (Pontren), nepika kiwari umumna tacan dilengkepan ku sarana klinik kasehatan. Padahal, klinik kesehatan di pasantren teh kacida dibutuhkeunnana ku para santri. Kusabab kitu, perlu tarekah sangkan pasantren boga klinik kasehatan.

(Naha Enya kitu………?)


Kuningan Ceuk Baraya

22 Agustus 2008

MAPAG milangkala ka 510 Kuningan, 1 September 2008, sim kuring seja ngajak ngobrol ka sadaya baraya hususna urang Kuningan bilih diantara baraya aya nu kagungan bahan obrolan, pamendak, ide, saran, harepan, kritik nu aya pakaitna sareng KUNINGAN. Mangga tembrakeun, bade nganggo basa Sunda, Indonesia, bahasa wewengkon atawa bahasa lembur teu kedah asa-asa. Mung wayahna, ngobrol di dieu mah moal aya wedang. Hatur Nuhun.


Pasir Gegerbeas

23 Juni 2008

PASIR Gegerbeas teh nya eta hiji pasir kuloneun lembur Karangasem Desa Haurkuning, Kacamatan Nusaherang, Kabupaten Kuningan. Ceuk sawatara urang Haurkuning, pangna disebut Gegerbeas teh pedah d ponclot eta pasir aya pabeasan.

Lain pabeasan (padaringan) ilaharna samodel di goah imah, tapi ieu mah mangrupa taneuh gorowong. Naha taneuh gorowong bet disebut pabeasan ? Ceuk urang Haurkuning keneh, memang galibna kitu, sabab jang nu percaya mah bisa dipake sareat pikeun ngukur nasibna hiji jalma.

Nurutkeun urang Haurkuning, salian pabeasan atawa taneuh gorowong, di Pasir Gegerbeas teh aya batu panjang jeung batu ucing. Pangna disebut batu ucing, pedah gede jeung wangunna samodel ucing keur cinutrung. Eta ge sarua bisa dipake ngukur nasibna jalma deuih.

Tapi ceuk kokolot di eta lembur, kade ulah salah harti, Pasir Gegerbeas mah lain tempat munjung atawa muja, da munjung mah kudu ka indung muja kudu ka bapa, leuwih merenah hiji tempat pikeun jalma nu hayang noropong atawa ngolongan nasibna dina mangsa nu keur disanghareupan.

Bisa sagala rupa nu aya pakaitna jeung haliyah dunya, jabatan, jodo atawa bisa oge pamaksudan lianna. Upamana bae, hiji jalma boga karep hayang naek pangkat, pikeun ngolongan tinekanan jeung henteuna teh bisa kanyahoan lamun datang ka Pasirgegerbeas.

Carana cenah kawilang gampang, cukup ngodok bagean taneuh anu gorowong tea. Lamun kakodok tur meunang taneuh, cirining udagan hiji jalma engkena bisa tinekanan. Pon kitu sabalikna, lamun bagean taneuh gorowong teh teu bisa kakodok tur taneuh jeroeun nu gorowong teu bisa karanggeum, eta cirina paniatan hiji jalma moal tinekanan.

Ari batu panjang carana teh dideupaan. Lamun bisa kadeupaan, cirina paniatan atawa unek-unek jeroeun hate bisa tinekanan. Kitu deui sabalikna, lamun batu panjang teu bisa kadeupaan hiji ciri paniatan moal tinekanan.

Ngeunaan batu ucing mah carana teh kudu dijungjungkeun (diangkat). Tah, lamun batu ucing bisa kajungjungkeun, hiji ciri kahayang bisa kalaksanaeun. Tapi saupama teu bisa kajungjungkeun mah, cirina moal kalaksanakeun. Waallahu alam *


BKL Muslimat Desa Garawangi

11 Juni 2008

KEUR ngawangun kaom lanjut usia (lansia) di Desa Garawangi, Kelompok Bina Keluarga Lansia (BKL) Muslimat, ngayakaeun rupa-rupa kagiatan diantarana pangajian di Majelis Ta’lim, Jalan Santai jeung kaparigelan ngamangpaatkeun bahan sesa nu disulap jadi urung bantal, simbut jeung rea-rea deui. Eta kagiatan, dipiharep kaom lansia bisa mandiri. Hartina henteu gumantung ka nu sejen. *


PIALA ADIPURA

10 Juni 2008

TEU salah lamun urang Kuningan ngarasa reueus, pedah taun ieu nampa Piala Adipura Tapi kareueus (kebanggaan) teh kedah janten panggeuing kanggo ngaronjatkeun deui ajen kabersihan hususna di sabudeureun kota Kuningan. Leres kitu Baraya..?


Lenyepaneun

1 Juni 2008

Lenyepaneun

KEBANGKITAN Nasional nu kiwari karasa keneh aweuhanana, saenyana ngahudangkeun deui bangsa Indonesia kana niley-niley kabangsaan. Niley-niley kabangsaan ngarupakeun jiwa atawa roh dina enggoning ngalakonan kahirupan bangsa jeung nagara. Lamun disebut jiwa, ngandung harti yen instrumen-instrumen kanagaraan kudu nyoko kana eusi Pancasila. Kusabab kitu, sagala tindakan jeung ucapan minangka warga nagara Indonesia kudu mampuh ngalaksanakeunana. *


Catetan Nu Kapopohokeun

22 Méi 2008

TI baheula masarakat Kuningan teh kawentar (katelah) sauyunan. Henteu pahilir-hilir cai henteu pagirang-girang tampian, cohagna masarakat Kuningan dinamis jeung agamis. Rea nu ngalumbara ka kota bari henteu poho kasarakan. Buktina henteu saeutik masarakat nu ngadon bubuara ti mimiti tukang bubur nepika pajabat saperti di Jakarta, mangsa balik ka lembur mah aub ngarojong pangwangunan.
Tah budaya saperti kitu, sawadina dipiara ulah nepi ka luntur ku usum laas ku jaman, budaya gawe nu rancage kudu dimumule pikeun conto generasi kahareupna.
Generasi ngora nu baris neruskeun tapak lacak generasi samemehna perlu ditataharkeun ti ayeuna keneh sangkan budaya masarakat Kuningan nu sabililungan ulah keuna ku basa jati kasilih ku junti, cindekna kalindih ku budaya luar nu antukna bisa mupus budaya masarakat nu sabilulungan jadi aing-aingan, nu rancage jadi kaleked, nu dinamis jadi bengis jeung robahna budaya sejenna.
Lamun rea budaya masarakat Kuningan nu robah, naon atuh nu kudu dipikareueus, sabab lamun geus ngolesed hese deui pikeun ngabebenahna, sabab ngawangun budaya masarakat leuwih hese batan ngadegkeun hiji bangunan, sabab leungitna budaya masarakat sakapeung mah henteu katitenan.
Moal lila deui, urang Kuningan baris ngayakeun pesta demokrasi milih pamingpin (bupati/wabup) mudah-mudahan wae taya halangan sareng harungan, sok komo nepika riributan.