Gara gara aya terminal anyar kabeh kabawa riweuh, padahal mah Terminal Tipe A teh di Kuningan mah kurang manfaat sabab kota na leutik, Baca tuluyan ieu tulisan »
Nyaah Teuing
15 April 2009Mang Jasu :
Nyaah teuing mun sumegrukna ceurik karna lara cinta ka manusa, mun mah atuh urang teh ceurik da sieun di jauhan ku Alloh. Humandeuar teh lain peta jalma iman. Mungguhing manusa kudu sukur lan tumarima rumangsaning bagja dipaparin nikmat nu taya kendatna.
MARI KITA RENUNGI KEMISKINAN
17 Pébruari 2009Oleh Budak Cibunut
Apa yg anda bayangkan saat dengar kata miskin? Jika anda merasa miskin itu masalah, anda salah. Jika anda berpikir tdk kuliah itu miskin, tidak punya mobil itu miskin, tdk pnya hp limited eddition itu miskin etc, dsb dsb….maka anda salah. Baca tuluyan ieu tulisan »
Lembur Kuring Muka “Koropak”
10 Pébruari 2009
KEUR nampung tulisan-tulisan ti Baraya boh di lembur boh di pangumbaraan, nu ayeuna-ayeuna pating pucunghul, Blog’s Lembur Kuring muka “KOROPAK”.
Koropak di dieu, nya eta mangrupa tempat pikeun neundeun rupa-rupa tulisan nu ditulis ku BARAYA LEMBUR KURING samemeh dipidangkeun di salah sahiji kaca (Halaman/Page) husus ieu blog’s.
Maksadna, sangkan henteu bacacar sarta ngagampangkeun pikeun sakumna nu sok pirajeunan maca tulisan-tulisan di Blog’s urang Kuningan tea.
Da geuning, henteu saeutik tulisan- BARAYA LEMBUR KURING nu munel tur rea pulunganeunana. Boh mangrupa tulisan kaagamaan, puisi, pangalaman jeung rea-rea deui.
Hanjakalna, eta tulisan teh pabeulit reujeung komentar atawa obrolan sejenna. Ku kituna, ti ayeuna mah mangga urang kumpulkeun heula dina rubrik “KOROPAK”, (Klik di Luhur), samemeh dipidangkeun dina kaca husus diluyukeun jeung bahasan tulisan sewang-sewangan.
Koropak, Kantun Klik Wae di luhur
Hatur Nuhun
Mapag Bulan Ramadhan
26 Agustus 2008
MOAL lila deui umat Islam baris tepung jeung bulan Ramadhan 1429 H, bulan suci nu pinuh rahmat sarta ampunan Allah SWT. Patali eta hal, Kepala Kantor Departemen Agama (Depag) Kabupaten Kuningan, H. D. Arifin, cumeluk hususna ka sakumna masarakat umat Islam di Kuningan sangkan ngamangfaatkeun bulan Ramadhan sahade-hadena. Baca tuluyan ieu tulisan »
Balong Situ
30 Juli 2008BALONG situ, kitu katelahna teh. Enya, salah sahiji balong nu perenahna di Desa Windujanten, Kacamatan Kadugede, Kabupaten Kuningan tea. Teuing naon sababna pangna disebut Balong Situ, da basa nanyakeun ka barudak urang dinya teh geuning taya nu arapaleun. Rek tetelepek ka kolot tacan kaboro, ongkoh deuih saban ngaliwat ka lebah dinya teh sok rurusuhan. Baca tuluyan ieu tulisan »
Lalakon Hirup
20 Juni 2008SEPUH kapungkur nyebatkeun, hirup teh pinuh lalakon. Saban jalmi tangtos kagungan carita kahirupan sewang-sewangan. Boh paitna boh amisna tina sisi kahirupan tangtos kantos karandapan. Mung nya kitu, henteu sadayana carita kahirupan urang kedah dicarioskeun ka nu sanes, tapi satungtung lalakon hirup sanes hiji aib atanapi wiwirang naon lepatna saupami ditembrakeun, etang-etang silih tukeuran pangalaman. Beh dituna kanggo guareun anak incu urang. Ngalangkungan ieu blog, simkuring umajak hayu urang silih tukeur pangalaman. Kapan saur sepuh oge Luang mah sanes tina bincurang tapi ti papada urang. Sanes Kitu Kang Awan, Teh Nenen, Kang Uha, Kang Dadang Pakembangan, Kang T. Saidin, Kang ON2, sareng akang Teteh nu sanesna…!
Kadedetkeun ku Harga BBM
19 Juni 2008SAKEDAPAN mah kuring ngahuleng, basa mireng nerekelna harga Bahan Bakar Minyak (BBM) teh. Hirup asa nete semplek nincak semplak, usaha keur meumeujeuhna tiiseun der pamarentah ngundakeun harga premium tina Rp. 5.000 jadi Rp. 6000. Matak menit usaha jaman ayeuna mah, panumpang tiiseun harga BBM naek, hirup bener-bener karasa ripuh, sanajan ahirna tarif angkot milu undak, tapi kudu kudu ngalaman heula patorong-torong jeung panumpang sabab harita tacan aya kacindekan ngeunaan katangtuan tarif angkutam.
Usaha jadi supir angkot teh awahing ku maksakeun. Da lamun aya pacabakan sejen sarta matak pikahartieun mah, kuring hayang pindah pakasaban. Kitu teh lain saukur pedah pangaruh nerekelna harga bengsin, tapi ceuk tadi oge beuki dieu panumpang angkot di Kuningan mah henteu bisa diandelkeun. Sakali mangkat ti terminal Cirendang anjog ka Pasar Baru Kuningan mawa panumpang limaan teh geus kaasup alus, malah geus teu aneh lamun nepika teu meunang muatan. Atuda ayeuna mah geus rea nu boga motor
Pribadi jeung telepon seluler.
Ari angkot di Kuningan jumlahna ngaratus, trayek Cirendang-Pasar Baru jeung Cirendang-Pramuka wae kurang leuwih 130 mobil. Saban poe angkot nu hiji jeung nu lianna patutur-tutur kawas nu pawey, bari mawa panumpang jumlahna kurang ti lima urang. Lamun nasibna keur alus, henteu dipungkir aya sesa keur nyumponan kabutuh kulawarga di imah. Mun pareng keur tiiseun, nya kapaksa kudu ngahutang heula ka warung. (Obrolan Supir Angkot Kuningan).
SAKEDAPAN mah kuring ngahuleng, basa mireng nerekelna harga Bahan Bakar Minyak (BBM) teh. Hirup asa nete semplek nincak semplak, usaha keur meumeujeuhna tiiseun der pamarentah ngundakeun harga premium tina Rp. 5.000 jadi Rp. 6000. Matak menit usaha jaman ayeuna mah, panumpang tiiseun harga BBM naek, hirup bener-bener karasa ripuh, sanajan ahirna tarif angkot milu undak, tapi kudu kudu ngalaman heula patorong-torong jeung panumpang sabab harita tacan aya kacindekan ngeunaan katangtuan tarif angkutam.
Usaha jadi supir angkot teh awahing ku maksakeun. Da lamun aya pacabakan sejen sarta matak pikahartieun mah, kuring hayang pindah pakasaban. Kitu teh lain saukur pedah pangaruh nerekelna harga bengsin, tapi ceuk tadi oge beuki dieu panumpang angkot di Kuningan mah henteu bisa diandelkeun. Sakali mangkat ti terminal Cirendang anjog ka Pasar Baru Kuningan mawa panumpang limaan teh geus kaasup alus, malah geus teu aneh lamun nepika teu meunang muatan. Atuda ayeuna mah geus rea nu boga motor
Pribadi jeung telepon seluler.
Ari angkot di Kuningan jumlahna ngaratus, trayek Cirendang-Pasar Baru jeung Cirendang-Pramuka wae kurang leuwih 130 mobil. Saban poe angkot nu hiji jeung nu lianna patutur-tutur kawas nu pawey, bari mawa panumpang jumlahna kurang ti lima urang. Lamun nasibna keur alus, henteu dipungkir aya sesa keur nyumponan kabutuh kulawarga di imah. Mun pareng keur tiiseun, nya kapaksa kudu ngahutang heula ka warung. (Obrolan Supir Angkot Kuningan).
Dimuat ku lemburkuring2007
Dimuat ku lemburkuring2007
Dimuat ku lemburkuring2007