23 Nopémber 2009
ASTANA Gede teh ngarupakeun pamakaman umum, nu perenahna di lelewek Cipicung Kelurahan/Kacamatan/Kabupaten Kuningan.
Pangna disebut Astana Gede, lain saukur pedah lahanna nu lega, tapi rea oge warga nu boga anggapan yen
Astana Gede teh baheulana ngarupakeun pamakaman para gegeden atawa luluhur Kuningan nu gede jasana pikeun masarakat Kuningan.
Malah, tong boro jalma dalah sato oge saperti kuda nya eta Si Windu, kapan dikuburkeunana teh di Astana Gede. Nu matak tong heran, lamun di Astana Gede kiwari aya nu disebut kuburan kuda
1 Pairan |
MAPAY LARATAN |
Panumbumaneuh
Dimuat ku lemburkuring2007
28 Agustus 2008
WILUJENG mapag sasih shaum, mudah-mudahan urang diparinan kakiatan lahir batin. Amien. urang papag bulan anu sae teh ku kahadean pikeun eunteung urang mayunan sasih di luar Ramadhan (Uha Samsuha Palembang).
WILUJENG ibadah saum kasadayana, hapuntun pribados sakulawargi.
Urang beberesih heula kanggo mapag bulan suci Hatur nuhun. (Dadang Pakembangan)
Assalamualikm Wr.Wb.
Kang Uha, wilujeng mapag Bulan Ramadhan, mudah-mudahan diparinan kakiatan lahir bathin. Wassalam : (Icuk Yunadi, Jakarta Timur).
MARHABAN Ya Ramadhan kanggo saderek sadayana ti Kuningan pamugi urang sadaya tiasa ngisi ramadhan tahun ieu ku kasaean ibadah sareng amal sholeh, sareng jadi jalmi anu dipikacinta ku Alloh SWT. (Anang Sudrajat).
(Sim Kuring Nu aya di Lembur, teu sambung du’a kasadayana mugia urang sadaya tiasa langkung nyaketkeun diri ka Allah SWT. Amin.
Baktos
Zoen/Sarimbit).
3 Pairan |
MAPAY LARATAN |
Panumbumaneuh
Dimuat ku lemburkuring2007
7 Agustus 2008
SABAN mapag poe nu ngandung karamat, enya milangkala atawa tepung taun Proklamasi Kemerdekaan Republik Indonesia di lembur sok ngayakeun rupa-rupa acara. Rupa-rupa kamonesan diayakeun, samodel ceuk Kang Uha Samsuha, urang Winduhaji nu kiwari ngumbara di Palembang, saban agustusan di Winduhaji sok aya acara arung jeram nu tempatna di walungan Surakatiga.
Hayu atuh urang ngareuah-reuah poe nu ngandung sajarah. Peupeuriheun urang baheula teu milu bajuang, ayeuna bangsa urang geus merdeka saukur kari nuluykeun perjuangan para pajuang nu kiwari geus rea nu tilar dunya.
Poma, lebah dieu mah kecap merdeka teh tong dipelesetekeun. Sabab ngarebut kamerdekaan teh lain hal nu gampang. Memang, kecap merdeka bisa jadi rea hartina gumantung jalma nu ngahartikeunana. Tapi keur kuring pribadi, merdeka tetep merdeka leupas tina panalikung kaum penjajah.
(Beu, cuang ngobrol nyaritakeun Kamerdekaan, tong katungkulkeun teuing ku pasualan Pilkada).
1 Pairan |
MAPAY LARATAN |
Panumbumaneuh
Dimuat ku lemburkuring2007
17 Juli 2008
Wilujeng sareng ngiring bingah ka Kang Awan Sundiawan Sarimbit (Baraya Lembur Kuring), rehna putrana Muhamad Ridwan Sidik, parantos ngalakonan salah sahiji sunah rosul (dkhitan).
Resepi Dinten Senen, Ping 21 Juli 2008, di Gedung Pemuda Kuningan Jalan Arya Kamuning No. 1 Kuningan.
Mugia janten murangkalih nu soleh, tuhu ka ibu taat ka rama, tiasa babakti ka nagri sareng lemah cai, pon kitu taat ngalakonan sareat agama Islam. Amin. Amin.
6 Pairan |
MAPAY LARATAN |
Panumbumaneuh
Dimuat ku lemburkuring2007
12 Juli 2008
Geretes Hate : Jaka Sunda
Ti saprak apa ngantun
Uih ka anu nyipta
Mamah.. Widian Abdi Uninga
Gerentes Hate, Sawangan, Lamunan
Gumujeng ukur, laku wales ditaros
Di teras eta pluran semen di pipir panto pengker bumi
Nya wanci pecat sawed ngantos lohor
Wanci ashar ngantos magrib
Mamah tos dua taun
Simpen rusiah sajarah taktak ngampleh tilas ngayun ambing abdi keur orok beureum
Dedeg ngabongkok da ngahuapan nyoo abdi keur budak
Una ukur ngagerentes hate anu kapireng ..
Bales ukur ningali mamah unggal di teras eta.
Bodas rambut ciri yuswa gurat yuswa dina raray, tilam soca
Anjeun, bati nuyun abdi budak keneh . mah, kedah kumaha abdi mulang tarima?
Gusyi anging anjeun nu baris ngabales
Pasapen, 9 Rajab 1429
(Catetan : Jaka Sunda ngintun ieu seratan ngalangkungan SMS Lwembur Kuring 08881969159. Hapunten bilih aya nu kapotong atanapi kirang merenah nempatkeunana).
Jaka Sunda, masihan saran kanggo muka SMS ONLINE di Lembur Kuring. Insya Allah, janten tinimbangan kanggo kapayunna . Hatur Nuhun
1 Pairan |
MAPAY LARATAN |
Panumbumaneuh
Dimuat ku lemburkuring2007
29 Juni 2008
Dina raraga mapag tepung taun ka 510 Kuningan, Insya Allah sim kuring sareng rengrengan Baraya di Kuningan baris ngayakeun Pameran Foto Kuningan dari Masa ke Masa. Ku kituana, ka baraya nu bade ngiringan pameran mangga dantos. Ngeunaan waktosna teu acan tiasa ditangtoskeun. Hatur Nuhun
Leave a Comment » |
MAPAY LARATAN |
Panumbumaneuh
Dimuat ku lemburkuring2007