Hatur Nuhun, parantos rurumpaheun ka blog urang lembur, pa guru..! Abdi di tepis wiring tutugan Gunung Ciremai. Di Bogor mah seueur manisan pala paginten nya..?
Bilih aya nu peryogi majalah sunda “BALEBAT” mangga tiasa ngahubungi kana surelek : geni_bara@yahoo.com.sg hargana Insya Allah murah mung Rp.5.000,- teu acan kalebet ongkos kirim.
Trim,s buat Nenen Gunadi di Canada. Puisinya sangat menawan, seindah alam Kuningan aslinya lho. Warga Kuningan, tentu merasa bangga ada kiriman puisi sebagus ini.
Hi there… kumaha damang ?
Trims juga atas diterimanya puisiku, aku suka Kuningan, soalnya Bapakku dari kuningan, dan aku dibesarkan di Kuningan, biarpun aku lahir di Semarang, dimanapun aku tinggal Kuningan adalah kelas utama, tak mungkin lupa.
Ketika pohon-pohon nan hijau bertumbangan
udara mulai memanas nan menyengat
Air dan lautan mulai keruh menghitam
Penghuni dalam lautan meratap sekarat tak berdaya
Tanah mulai meradang gersang dan berasap tebal
Binatang-binatang punah korban pembantaian brutal manusia
Dan terakhir manusia-manusia musnah korban pembantaian keserakahan
Bayangkan…, begitu seram masa depan tanah ini.
Aneh…, justru manusia-manusia saling menuding dan saling berkata benar
Nyatanya tanah ini merintih, merana, dan berdarah
Adakah suatu hukum yang adil ditanah ini ?
Atau suatu hukum sedang sembunyi ketakutan ?
Gara-gara kelompok manusia serakah yang kejam
Berakibat pembantaian masal hewan-hewan, pepohonan, dan manusia sendiri
Jika terlihat kelompok manusia sedang membantai keji hutan hijau
Tembak sajalah!
Hijaukan tanah ini !
Demi manusia-manusia , demi hewan-hewan, demi penghuni dalam lautan
demi pepohonan nan rindang, demi masa depan anak-anak bangsa
By Nenen Gunadi
Puisi ini tercurah karena rasa duka saya tentang pengrusakan dan penjarahan liar hutan-hutan ditanah air, semoga pemerintah dan masyarakat sadar segera untuk menghijaukan kembali hutan yang rusak.
Hey manusia…!
Aku induk orangutan yang ketakutan, suaraku memilu perih
Dengar bisikan puisiku pilu membiru, dan resah merana
Lihat rumah pohon hijau diatas sana berkilau cahaya mentari pagi
Berdinding ranting kering, beratap daun pisang, berlantai daun kelapa
Kuanyam rumah pohon pelindung anakku, dan tempat kami berkumpul
Ketika sekelompok manusia kejam merampas anakku dari pangkuanku
Jiwaku bergetar, dan akupun lemas berlutut pasrah
Terkenang dia senang bergelantung bermain ceria dipundakku
Dia berbulu coklat halus, dan sorot matanya tajam berbinar-binar
Jemari mungilnya mulai pintar memetik buah segar dari pepohonan
Cerita buaian malamku selalu menghantarnya tertidur dalam pelukku
Air mataku tak terbendung, sampai luka hati ini tersulam rapat lagi
Hey manusia…!
Kembalikan anakku kerumah pohon hijau ini
Jikalaulah ada rumah yang merindu biru
Disini rumah pohon hijau inilah yang merindu
By Nenen Gunadi – Canada
Puisi ini tercurah didedikasikan buat orangutan yang diambang kepunahan, bagi yang ingin bersahabat dengan orangutan kunjungi : http://www.orangutan.or.id/
Leres Kang, ngahaja ieu teh etang2 ngawartosan akang nu nuju ngumbara Ha.hha.ha..! kang, Satuju teu Kang, pami info-infona Kuningan wungkul? Longok geura surat Keur ka lembur, sareng forum silaturahmi di ieu blog. Nuhun, tos kersa rurumpaheun. Salam kanggo kulawargi, mugia apanjang apanjung.
Kawanku
Tak usah kau sembunyikan kegelisahanmu
Jangan kau tutupi kesedihanmu
Karma kau bukan seorang aktris
Yang pandai berakting di depanku
Sudahlah kawan
Lepaskan segala kepenatanmu
Tumpahkan bersama air matamu
Sandarkan galaumu di pundakku
Karena kau sahabatku
Bila dalam malammu tiada berteman
Lamunkanku di hayalmu
Aku pasti kan hadir temani
Dalam sisi beku hatimu
Karna kau sahabatku
Ema…..
geuning tingtrim teh teu pasini
cangcaya sakapeung atra
sigana
mung lembur nu baris jadi paniis
mung hanjakal Ema,
abdimah narah mulang ka Nusantara
embung balik ka NKRI
da hayang teh
mulang ka Pasundan
ka Parahyangan
seja mulang pedah tibelat ka “Rumingkang”
seja bakti ka pancaniti jeung lemah cai
hayang geura bruk-brak beja
cacarita rendaan cara lalaki langit lalanang jagat
Jaya Perkosa
kantos abdi tumaros
naha hanjuang beureum masih anteb
na tatapakan kuningan asri
nu bakal kasampeur di hareup
Ema,
mun enya teh abdi mulang
hayang dipapag ku jatining asri
ku seungitna kaemasan ki Sunda
asalamu allaikum…,kasadaya anu login ka ieu blog…
Bade tumaros ,kunaon nya website http: //www kuningan asri situs resmi kab kuningan,teu tiasa
di akses/buka…..,’aya anu terang panginten?…
Kang Tarso ari di Canada nuju tengah wengi ayeuna teh, sareng nuju hujan ditambah kilat sagala. Abdi nuju rada teu sehat sigana kirang tidur rada harareeng panginteun pangaruh cuaca.
Alhamdulillah Kang Tarso, abdi di Desa/Kacamatan Ciniru, kumaha urang Kuningan nu sanesna di Jakarta yeuh kamarana wae. Kawasna mah teu acan arapaleun sadaya panginten nya aya blog urang Kuningan ieu. Promosikeun tah ngaraha apal kana suasana Kuningan.
saya sebenarnya udah isi buku tamu di tatar kuningan, ya isi disini juga biar lengkap aja, trim’s lagi karena adanya LemburKuring2007 ini saya bisa tau lebih banyak tentang kuningan
Alhamdulillah, dina danget ieu mah nuju sehat. Kumaha samulihna? Mangga bade di link mah, bingah wae nu aya..! Insya Allah nu saderek oge ku simkuring bade di linkkeun dina ieu blog (manawi diwidian). Hatur Nuhun tos kersa rurumpaheun. Ke urang pancakaki…! Blih antawis urang tos wanoh di darat…!
Hebat euy, urang Parakan eusina euyeub ….! Nunhun tos disususud. Nyungkeun widi ka Pa Kuwu Parakan, ku abdi bade dilinkkeun kana www. tatar-kuningan sareng lemburkuring2007.
Salam kenal saya hanya ingin memberikan info kepada rekan-rekan alumni stm yang ingin mengikuti Program pelatihan Khusus Mechanic Alat Berat bisa menghubungi Pak Saidin di nomor 02187987900, Lembaga Pendidikan Kompetisi, PT. Saida Group, dan para lulusan diberikan informasi peluang kerja ke perusahaan tambang beserta bimbingan menghadapi test masuk keperusahaan tersebut.
Insya Allah medal dina 1 September 2007.
Ka Baraya Kuningan dimana wae ayana, mangga kintunkeun seratanana (Puisi, Artikel, Pangalaman, Sawangan, bahasan jsb). Ngeunaan tema sareng bahasa panganteurna mah teu langkung, bade ku bahasa Indonesia bahasa Sunda, nu diutamikeun nyoko kanggo kamajengan daerah Kabupaten Kuningan. Naskah diantos saelat-elatna Minggu III Agustus 2007. Atuh ka baraya nu parantos pesen lahan sareng sayogi janten sponsor iklan kanggo ucapan hari Jadi Kuningan EDISI CETAK Blog leburkuring2007.wordpress.com sareng website tatar-kuningan. com, timpah tipayun simkuring ngahaturkeun nuhun.
Husus bahan seratan kanggo edisi cetak blog lemburkuring20007 sareng website tatar-kuningan.com edisi cetak mugi dikintunkeun kana email lemburkuring2007@yahoo.com. Maksadana, supados henteu pagedrug sareng media cetak lokal sanesna. Margi tangtos hasil karya baraya Kuningan nu dikintunkeun kana blog sareng website ieu teh, aya nu dicopy paste boh ku media elektronik boh media citak kuningan, luyu sareng katangtosan.
Assalaamu’alaikum
Kang, blog ieu tos di borgol, eh, di-blogroll di blog abdi. Sugan wae atuh aya batur salembur anu kersa rurumpahuen ka blog simkuring tiasa neraskeun nganjang ka blog ieu sareng anu tatar-kuningan tea..
Nuhun.
Upami teu kaabotan, punten manawi tiasa nge-link ti blog akang ka blog simkuring (tukeran link). Hatur nuhun sateuacana.
Namina nya eta Kebun raya Padabeunghar. Pedah perenahna (terletak) di Desa Padabeunghar Kacamatan Pasawahan. Desa Padabeunghar ngarupikeun daerah nu pangcaketna sareng Gunung Ciremai. Perenahna, di tapel wates (perbatasan) Kabupaten Majalengka sareng kabupaten Cirebon. Alamna endah matak betah. Mung nya kitu, Kebun raya Padabeunghar teu acan asapertso kebun raya bogor, margi nuju dibebenah keneh.
aduuh abdi oge urang kuningan euuuuuy, tapi ayeuna tos tilu taun tugas di Gorontalo. Tiasa heunteu nyak abdi nimbrun di lembur kuring ? asa ku kangeeen pisan abdi mah upami mendengar kata kuningan teh. hampura nyak kang upami basa abdi blepotan, maklum abdi mah ngumbara terus di luar kuningan.
ari Padabenghar mah caket desa abdi, mungkin kaliwatan sadesa, Padabenghar ka wetan Desa Ciwiru, tos ti Ciwiru nyak desa Abdi , Desa Cidahu Kec. Pasawahan. Memangna di Padabenghar aya kebon raya nya ?
Mangga bade bade nngiring nimbrung mah..! Soal basa teu janten pamengan, bade ku basa Sunda atanpi Indonesia nu penting mah tiasa kahartos. Der tong asa-asa. Leres di Desa Padabeunghar aya kebun raya.
Nuhun tos ngalongok ka lemburkuring.
pa ajun komisaris sae pisan blog-na tp ko foto acara agustusannya ga ada foto esianya…….?????tampilkan dong biar q-ta bisa ada buat report ke pusat bahwa agustusan esia ada acara sekalian buat promosi blog-nya….thanks
Ah masa..? Kan ada dalam acara salawatan. Di page foto, background spanduk. Iya donk, kan skrg mah jamannya bukti bukan janji. jamannya esia, jamannya untung. janten sanes jamanna dibobodo. Eh, naha kalah promosi he…hee.! Tapi da leres, koneksi internet wifone esia abdi mah ngebut euy…!Merdeka…!
Kumaha damang warga-wargi Kuningan, usum naon yeehh di Parakan teeehhh … kapungkur mah abdi hobyy berburu Manuk jeng Bagong sampai keliling ka lembur-lembur kuring … Galaherang, Maleber, Seklok, Cipakem … sampee ka subang, tapi ayena mah tos henteee karunya ka manuk jeng alam satwa sing parunaahhh ,….. oh iya saya ingin memberikan infoo niihh … bagi para lulusan technic Civil, Explorasii, Drilling, Construction, Technic mesin yang belum punya kesempatan atau yang habis kerja baik anu tos pangalaman atawa anu tacan didamel cobiian lebetken lamaran ka situs, (CVna wae ) ka. email simkuring : yaaa mudah-mudahan nanti ada peluang, informasi dari simkuring lamun aya kesempatan ku simpkuring diwartosan. kirimken wae CVna.
Haturnuhun ka lembur kuring, InsyaAllah lamun aya info terbaruuu kusimkuring diwartosan.
Deuh sono pisan ari ka lembur teh hoyong namah Usaha di leumbur tapi da geuning teu gaduh ka ahlian nu nyumponan.ka paksa Di Jakarta cenah ”tai aja jadi duit”(punteun)
Ohh ktiuuuuu haturr nuhuuunn pak infonaa..haturnuhuuunnn, bapak ayena teh linggih dimana di Jakarta apa di Kuningan ? ada infooo apa nih pak yaaaa mungkin bisa kita bahas sama …sama, Pendidikan, Usaha atau naon wae lahhh yang bisa kita pacuuul ?
Assalamu’alaikum untuk semuanya…
saya hanya ingin menanyakan, bagaimana baiknya apabila saya mempunyai tempat sarana fasilitas belajar untuk kursus, apakah perizinan harus melalui DIKNAS atau DEPNAKER? karena selama ini yang saya daptkan informasinya simpang siur…. mohon pencerahannya, terimakasih…
Alhamdulillah akhirna abdi tiasa ngempel sareng dulur – dulur orang kuningan ,abdi ngaraos bingah tiasa berinteraksi sareng nu sanesna sanajan lewat web ieu tapi abdi tos rumaos ciga di lembur sorangan …tepang keun abdi dodi ti desa sadamantra kaleresan abdi damel di bandung , kumaha daramang sadayana dulur-dulur kuningan teh? amien ,kalayan doa sareng pujina urang panjat ka gusti alloh supados kota kuningan nu ku urang di pikanyaah jeung di bangga keun janten kota nu subur ,makmur, sareng sejahtera wargi masyarakatna .Kuningan ASRI euy
Aya nu uninga henteu nya … di Jakarta teh tahun 80 an aya ikatan / perkumpulan wargi kuningan namina IPPMK (Ikatan Pemuda Pelajar dan Mahasiswa Kuningan) .
Dupi ayeuna teh masih IPPMK masih aktif atanapi tos pingsan nya ???
Upami masih aktif, dimana sekretariatna sareng no teleponna.
Ass. lemburkuring, alhamdulillah, tiasa tepang sareng baraya, nya baraya dina bahasa tur dina budaya. Nepangkeun, abdi SANTOBRI, ti PANANGGAPAN, Breres Jawa Tengah, kaleresan ayeuna nuju di Pekanbaru (tos 14 tahun). hapunten upami bahasana teu nganggo undak unduk basa anu sae. maklum urang pananggapan mah bahasa sundana oge kasar pisan, boh dina tata bahasana oge dina logatna. ari urang Kuninganmah logatna oge ngalun halus, ari urang pananggapanmah (sunda jawa tengah) heuras sok rada nyentak. Keun keur kuringmah teu jantel alit ati, minder ku batur, justru eta teh bagian tina kakayaan bahasa sunda. Salam ka wargi sadaya…ceu urang Pananggapanmah : “keur karumahan deh dulur..!!, walaras deh, ari boga waktu mah, arulin tuh ka imah kami..”.. hatur nuhun, SUKSES UNTUK LEMBUR KURING>>
Waras deh…! Pananggapan hebat lah..! kami oge upami ka Pananggapan teh henteu asa di Jawa Tengah, tapi asa di Kuningan. jalmana arakuan komo Pa Mantri Didi mah. Bunda Ully Sigar oge kantos kukurusukan di leuweung Pananggapan basa aya Hari Air Sedunia sababaraha taun kapengker. Kami oge sono pisan ka Panannggapan teh. Nineung ku sangu huma sareng beuleum lauk ti Bendungan Malahayu. Tong asa-asa nganjang ka lemburkuring, da sadayana oge apan urang teh baraya. Wilujeng
Mangga kang Santobri kalebet, leres urang teh baraya, wilujeng nimbrung dilembur kuring, ari abdi mah teu acan pernah ka Pananggapan, malah nembe mireng, maklum kuper ha..ha..ha..
Nepangkeun! Sim kuring asli Kuningan, lahir mah di desa Subang nu dugi ka ayeuna listrik sareng telepon masih byar-pet, komo upami musim hujan. Ngumbara di Bandung 16 taun, ayeuna tos nincak taun ka opat mulang ka lembur jadi guru di SMKN 3 Kuningan (STM). Hatur Nuhun. http://rudyh-smk3kunigan.blogspot.com
Si Horeng Urang Subang kumaha Kang Rudy Damang ……. atuh kan Pak Agum Gumelar teh Urang Subang …….. cobiann kinten masukan ka anjenna ……… Sugan wae atuh kang aya jalan kaluarna tentang listrik sareng sajabina.
Waduhhh turut berduka cita yaaahhhh, iya lah kasihan ….kalau te kita si Windy menderitaaa ….. gimana kabar di Canada Tehhh….. Usum naon ayena teh …….sok atuh kirim ka simkuring mumpung mau Lebaran eeeyyy ….. sugan wae atuh aya nu cocok he he he …..Lebaran Uih tee ka Lemburrrr ? ka pungkur ari teteh Nenen teh Di Kuningan Sakolanaaaa?
KUMAHA ,……Mudik-Mudik mamang ,aa, bibi sadayana Mararudik atuh Kuningan sina Rame ku Balada urang Kuningan …ulah ku jalmi pendatang… GET THE HAPPY IN KUNINGAN CITY… ARE U PULLED ? GOING ON NOW>>
Assalammualaikum……kenalkeun…abdi ti Bekasi ngiring nimbrung wios ti Bekasi tapi
asli urang kuningan……kumaha dulur…dulur salembur baraya sadesa….. salambaktos
ti simkuring…anu nuju ngalalana….. nuhun….urang Kuningan tah tos aya tali baraya di Blog urang Kungian kudu dimulule……hatur nuhun….
Ngiring nimbrung tur hoyong tumaros ieu teh.
upami beus (BIS cak urang jakarta mah) Luragung jaya nu ka cikarang bade lebaran teh ditambihan heunteu,,teras waktosna iraha wae tiap dintena?punten atuh ka dulur sadaya nu caket ka pengurus PO. Luragung pasihan terang nya…….kanggo nu gaduh web… hatur nuhun pisan.
pribados lulusan STM PUI Cilimus,,,,,,,rorompok mah di nanggerang-kramatmulya…mung nuju ngumbara di cikarang……hatur nuhuuuuuuuuuuuun.
Yang mau pesan tiket mudik tiasa pesan tiket ka simkuring simkuring aya di Bogor yeeeh sareng jakarta kendaraan L 300 sok saha anu bade daftar mudiiikkkkkk ka Kuningannnn.
Sadulur anu bade mudik ka Kuningan Simkuring aya info yeeeehhh sugan wae bermanfaat …. ka sadulur nu bade mudik upami butuh Angkutan lebaran simkuring ngayaken Transportasi Mudik tujuan Jakarta-Kuningan mulai di buka tanggal 6 Sampai tanggal 11 October 2007 jenis kendaraan … ” Kijang EFI tahun 2000 sareng L 300 tahun 1997″ diantar sampai tempat.
Kijang Muat untuk 7 orang harga : 130 perorang :
L 300 Harga untuk 12 orang harga 80,000 perorang :
Hatur nuhun ka p’totong yang ngenalin saya ke blog orang kuningan, ditunggu reunian-nya ya…
baru tau saya teh..ada perkumpulan orang2 kuningan…
selamat “lebaran” buat sadayana…ati2 ya dijalan kalo mudik…
Sami-sami neng EEtiiiiiii eh hilap ari lembur teh di daerah manaaa nyaaakkk Pasawahannya Teeeehhhh etiii. teh Nenen kumaha damang yeeeehhh waduh usum naon yeeehhhh di Canada …? wah teh Nenen saya mau bawa si Omon jeng si Ucil ka Kuningaaannnn … hoyong ngiring lebaran di Kuningannn cenaahhhhh. hee hee heee abis kasiah kalau di tinggal nda ada yg ngurusinnn …1
Hello kang T, abdi mah nuju rarepot geuningan, wah pokokna mah repot kusagala he..he..he..
Sae kang T, ucing oge kedah ngiringan lebaran, bisi sato oge ari tos ngahiji jadi siga anak sorangan, abdi oge upami mudik ucing abdi “Tommy Jr ” max” & manuk abdi “Jasper (kakak tua), Jimmy, Dixi, DJ” bade diboyong, soalna teu aya anu ngurus.
Ari ucingna kang T, toiletna nganggo Cat’s Litter ” Pasir di box”?
Ucing abdi mah, tos dilatih nganggo toilet manusa, jadi teu kedah repot meser Cat’s litter, ngan tinggal ngeflas, bade diajaran sena ngeflas toilet sorangan, ngan abdina pabeulit ku sibuk.
Ass…wr wb, punten simkuring bade ngiringan ngagabung.
salam kenal dari wargi kuningan nu keur ngumbara di palembang, ari kawitna ti kel winduhaji kec/kab kuningan kaleresan sami sareng bpk bupati anu anyeuna satu kelurhan, punten wae bahasana gado2 kami hampir setiap lebaran mudik ka kuningan
kami ( suami/istri) sangat2 bangga dg kota kelahiran, ini mah cuma usul ke pemda mudah2an sampe klo bisa wisata palutungan dibagusin seperti curug sidomba pasti lebih asik en geulis, panutup salam kasadaya wargi2 kuningan terkhusus ka alumni sma kosgoro th 83/84 “salam pelabon” kapan nya urang bisa ririungan ngabayangkeun zaman2 baheula tea, salam kanggo ceu eti kantin
Ass. Wr. Wb.
Kang..mani sedih euy abdi teu aya nu nyapa padahal unggal enjing unggal poe ngintip ieu blog…. tapi moal pegat + moal putus ka cinta kuring ka lembur di Kuningan, salam tepang kasadayana, bravo Baraya tatar Kuningan!!
Kanggo Kang T. saiding,
Wilujeng Lebaran 1428 H. mana peyeum sareng papais monyongna atanapi raginang, diantos pisaaannnnnnnn. mani waas ka papais monyongg
di jakarta abdimah kang mr. T..nuhun asa ngempel sareng baraya ngiring di ieu blog teh, asal mah ti Ds. Pajambon…abdi kungsi gaduh rencang namina Saidin ti Ciniru Jalaksana..salam kanggo nu gaduh lembur kuring, ka ne2n..pokona sadaya baraya di tatar Kuniningan lah, sakantenan bade tumaros ari Maudy Kusnaedi teh nu artis..tis..tis tea kang.
nuhun
Wilujeng tepang kanggo saderek sadayana urang sunda ti tatar kuningan
Kumaha daramang sadayan, ngiring nimbrung urang bogor, nepangkeun sono ngaraketkeun tali duduluran, mugia urang sadaya ditangtayungan ku gusti nu maha suci.. Amiin… ngiring salam tepang nineung kanu di Cirebon… iraha ngiringan nimbrung ka dunia maya teh sapertos urang Kuningan… cag ah heula……
Wilujeng tepang sareng T`Maudy artis anu geulis tea, geuningan masih emutan keneh sanaos tos janten artis oge kanu monyong2 teh “papais”, aya deui geuningan makanan anu enggal teh di kuningan namina kiripik bayam mani rangu pisan.
Waduh kang Uha kumaha yeeehhh kabarnaaa, sareng Teh Maudy K ……… bade naros ka kang Uha ari akang teh posisi di Jakarta atanawi di Kuningan bilihhh simkuring aya kenalan baru namina Kang Uha didamel di Pemda DKI ari dikuninganna di Cijoho….. ?
Ka Teh Maudy kumaha yeeehhhh wartos naaaaa …… ari Hoyong papais Moyong sareng sajabana makanan Khas Kuningan ayaaa keneh d Bumi kaleresan banyak anak didik saya ti Kuningan, Ti Manis, Ti Cigugur, Ti Luragung, Ti Garawangi, Ti Kabumen, ti Jagabaya, Ti Purwawinangun, Ti Minuherang ……. lagi bertamu Allhamdullilah nyarandak oleh-oleh Gemblong. Peyem jeng sajabana …… masih aya keneh yeeeehhh.
Informasii kamari simkuring dapet kabar ti teh Nenen di Canada …. lagiii sibuuukk bin padat InsyaaAllah saurnaa 2 Mingguu deii Online tiap dinten.
Dibuka Pendaftaran Pendidikan Pelatihan Mekanik Alat Berat untuk di support ke Perusahaan Tambang seperti : Freeport, New Mont, KPC, dan yang lainnya.
Bilih aya putra, ponakan, tetangga, atau sajabina Lulusan STM ( Mesin Automotive, Listrik, Las, sareng Bubut ) tiasa di informasiken, ka Lembaga Pendidikan Kompetensi Saida Group.
Alhamdulillah kabarna sae pisan, dupi sawangsulna teh kumaha ?, o….iya bade balik naros yeuh ari ti kuninganna teh kawitna ti mana ?.
Kang, ari saya mah ti prak borojolna dugi kumisan teh di kuningan di Kel Winduhaji
kapalih wetan sakedik ti Awirarangan , hanya ayeuna keur ngumbara aya disebrang
lautan di sumatra di kota empek-empek, nya bilih atuh kaleresan jalan2mah ka Palembang tong hilaf mampir, sukses selalu keur kang T.Saidin.
Teh Maudy simkuring mah di Kuningannana Jl. Otista pengkeren SMPN 2 Kuningan ti Palaza ka kidul teaaa… cuma di Kuningan cuma sampai SD saterusnaaa ngarantau ka Indramayu(SMP), KaCirebon ( SMA ), Kajakarta ( nerasken) Kuliah sampai didamel tur Usaha sampai ayena.
Teh Maudy ari siakang Erik seneng Gemblong teeee sareng peyem and papais …… wuiiihhhh rerencangan abdi Bule-bule mani seneng pisan lamun dipasian Gemblong sareng papais + Raginang ……. Cuma kalau saya kasih Peteeeyyyyy suka gak mau …. bauuu ceenaaaahh. yang lucu saya suka dikirimin Peteeeyyy sama candidate saya dari Purwakartaaa te tanggung-tanggung nyandak ngirimna ka kantooorrr 2 Kardussss ……… Bule-bule kawan saya pada tutupp idunggg haaa…haaa..haaa.
Padaha duuhhh peteeyyy teh raos pisaaannnn apalagi kalau makannya sama ikan peda ples sambeeellll …..aduuuuuuhhh pohoooo eta rendang jeng sajabanaaa.
Beu eta Kang T Saidin kalah nyiar nyiar piatoheun geura… ngawawaas batur nuju kabungbulengan ku peuteuy sama ikan asin… halah janten lapatr kieu yeuh…
Tuluuuuung…..
Aduh, wilujeung tepang saderek-2 salembur…
Nepangkeun pribados oge asli kuningan, tepatna ti Desa Cipakem, Kec. Lebakwangi.
Mung ayeuna pribados nuju ngumbara di Batawi, yach lumayan milarian sekeupeul berlian hehehe……
Sususgana urang tiasa berbagi informasi ( hahaha gayanya bahasana make bahasa batawi ).
Punteun bade tumaros ari Mang Jaya masih aya teunya…teras dongengna masih di setel teunya di Radio Linggarjati,
Aduh mani waas kalo sekarang masih ada, da ti mulai saya SD samape SMA mah masih osok ngahephep bae caket Radio mirengkeun dongengna Mang Jaya, mugi-mugi beliau dipaparinan Kasehatan Aminn, da kapungkurmah mung Dongeng wae anu jadi Panghibur di kampung abdimah, benteun sareung ayeuna da barudak teh aradukeul bae mayunan PS mangsa kiwari mah, perkembangan jaman tea, tapi da saya mah masih inget tah upami mang jaya bade nganggeuskeun dongengna yeuh kieu geura ” Eeuuhhhh waktosna seep pamiarsa” mangga urang teraskeun deui enjing… ari tos mireung kitu teh.. bulacat bae sim kuring lumpat. maen bal di lapangan cek urang cipakem mah tajong maen bal teh…hehehe
salam ka sadayana..
ereeehhh eta geuning aya urang sirigading, seklok , cigeruuuttt ….. kumaha wartos na wa ulis jajang yeeehhh sareng kuwu anyaaarrrr ………. sampean ayaaa di manaaaa ? haaaa eta siganamah logat cipakeeemmm, aruh sok inget ka kang Tata penyiar radio Bekasiiii sok nyebut Gohgorrrr ha..haa..haa,
Kang lamun ka Cipakem salam ka Kang, andi, H Sujam, Wa Eho, Lurah Senen, Ibu guru Yatiii pesen seleee nyaaaa ? ulah hilappp ka mandor ihol. haaaaa…haaa..haaaa.
Leures pisan upami tos “waktosna seep, abdi oge sok langsung we maen bal”
Mang Jaya mungkas dongengna ku “waktosna seep biasana keur meumeujeuna seru”
Upami dongeng anu wengi abdimah tara terang rengsena, kumargi sok kaburu kerek
Mani waasnya baheula, dipalemburan mani sepi jempling, pararoek can aya listrik
mung sora Mang Jaya we ngadongen ka kuping tina bilik urang lembur
Mangga nepangkeun ka Putra Cipakem, abdi oge asli bibit ti Parakan
Assalamualaikum……………. nepangkeun kasadayana, ari simkuring teh kawit ti Kp. Jagra, Kutakembaran – Garawangi, mung tikawit lulus SMA ngumbara kaJakarta………nya kabetahan teuing, janten bae…………sok hilap ka lemah cai……..punten kasadayana simkuring ngiring gabung dina obrolan ieu……………
Mangga Kang Dimhong
Sok sugan aya pangalaman, obrolkeun kadinya ulah isin2
Kutakembaran mah atuh rayina Pakembangan
Nguping wartos urang Kutakembaran seur nujanten pengusaha sukses di Jakarta
Kahade ulah hilap ka lembur, kucurkeun rezkina pasti atoheun pisan urang lembur
Muhun nya, Kutakembaran teh raina Pakembangan. abdi kantos ka Kutakembaran mah. Ti Desa Pakemabangan mengkol ka kenca (jurusan Ciniru). Di caket lapang sepak bola, ayeuna mah tos aya SMPN 2 Garawangi sae pisan. Tong hilap atuh ka lembur Oh enya, sop dengkil di Dewi sartika nya? . Dengkil Embe..Hee…hee.!
promosi dengkil embe yeuh kang zoen, kang dengkil anu palih kenca
lamun urang bade arah ka Mesjid Agung sanes.
kang zoen, leres pisan eta dengkil embe nateh mani raos da waktos
kamari boboran kantos nyobian ditambih deuih tuang nateh sareng
kupat mani raos pisan, upami teu lepat mah dengkil “Mang KEYO” kitu.
sumuhun raos pisan……..saupami di dieu aya cabangna, atoh pisan panginten wargi Kuningan anu nuju ngumbara…………..tiasa ngadaang dengkil asli masakan Kuningan…………..
Kang Uha Samsuha
Jakarta keukeuh macet jeung banjir, tapi keukeuh abdi banting tulang teh di Jakarta
Kuningan teuteup tiris jeung adem, abdi sabtu/minggu mah teuteup we maksa turun ka Kuningan tiris2 oge
Di Kuningan mah tiris2 oge aya nungabaturan bobona
Sanaos di Jakarta rarujit oge, upami tos turun ka Kuningan mah sok plong
Ayeunamah Kuningan teh luar biasa majeungna
Sanes jalanna bae nu licin, kendaraanna oge mani harerang, rumahna saligrong
Pa Aang H. Suganda anu ti Winduhaji tea katingalna teh mani smangat jeung mrakyat
kbeneran pisan Kuningan gaduh pmimpin spertos kitu
Maklum si Windu oge gagah jeung lincah kapungkurna
Kang Agfhal wilujeung tepang, linggih dimana yeuhhhhh…di kuningan atanapi di kota sanes. abdi oge kapungkur gaduh rerncangan di kuningan di SMA Kosgoro namina agfhal..janteun kaemutan ka anjeuna.
Kumaha daramang sadayana waduh punten nih baru masuk lagi ……. kebetulan lagi padeeett teh Maudy kumaha damang Cep Edy sareng Suami yaaa mudah-mudahan selalu sehat walafiat sakulawargi.
Leres kang Dadang Pelatihan untuk mekanik alat berat sudah dimulai lagi …. dan kebetulan simkuring nuju ngarecrut beberapa candidate untuk support ke Oil & Gas sareng Tambang Emas Freeport Tembagapura, insyaAllah anak-anak yang sudah didik dan lulus test Kompetensi tiasa direcrut untuk kesana.
kang support ka Barudak SI Mesin atau STMnya yang mau ikut proses pelatihan sangat terbuka peluang, insyaAllah trainer-trainer sesuai dengan specialisasinya kebetulan saya ambil dari beberapa perusahaan alat berat dan tambang yang sesuai dengan bidangnya.
Pak Budi kumaha damas sampun lawas kita ora ketemu kepriben kabare bu Eni Insyaallah Minggu depan saya ke Exor balongan mampir ke Tuvarep.
Kang… sok aya anu tataros ka abdi lulusan STM, terutami anu ti lembur (Pakembangan).
Mung abdi teh masih poekeun sistem sareng prosedurna
Cik upami tiasamah kintun ka abdi brosur atanapi nusanesna
Kang Tototng Saidin, abdi oge hoyong beraling janten pekerja, udah bosen jadi tukang indomie rebus yeuhhh..kaleureusan abdi lulusan STM Pertiwi Kuningan, jurusan mesin, tiasa di bantos teu.., mung usia parantos 25 an yeuhhhh, sareung pangalaman nembe di Icalan Mie rebus sareung bubur kacang ijo bae…
kumaha tah kang….
Assalamualaikum wr,wb.
Punten bade ngiringan nimbrung,tos lami teu tepang ka wargi-wargi urang kuningan
pribados teh ti Serang-Banten ,tos lami ngumbara di Serang teh,bilih aya mitra sadaya anu ka serang tong hilap mampir ka sim kuring
hatur nuhun
http://www.dokter-online.co.nr Merupakan situs KESEHATAN YANG DIASUH OLEH dokter-dokter, anda dapat BERKONSULTASI KESEHATAN dengan dokter kami secara GRATIS
Punten,
saya ga bisa berbahasa Sunda meskipun sedikit banyak tahu beberapa kosa-kata. I just stumbled your blog and I’m so excited about the language. Keep up the good work. Any translation of your writing would be good! Salam, Arfi Binsted. NZ.
Assalamualaikum…
Sami2 Teh Maudy wilujeubg tepang oge, punten nembe tiasa ngawaler, kaleresan nuju seueur padamelan. Ari abdi mah linggih teh rada tebih geuning, di padang, tp ari asli ti kuningan. kalo rerencangan anu di kosgoro teh angkatan sabaraha nya ?
kanggo teh Nenen, Kang Arfi, Kang juned, kang Asep, Kang Dadang, Kang Saidin sareng Kang Zoen wilujeng tepang kasadayana, salam dari Ranah Minang…
Hatur nuhun ka sadayana…..Ari Abdi mah dikuningan teh teu pati tebih sareng Kang totong di pengkereun SMP 2. Raos atuh nya nuju usum salju mah, teh nenen tiasa sosorodotan dina salju, he he he he…..ari di padang mah kaleresan nuju usum hujan bae geuning, palalaur bade angkat2an tebih oge sieun ku longsor…
Mani waas jeung endahnya maos puisi Teh Nenendianti
Coretan soal lingkungan oge mani pas
Katingal pisan wawasan sareng pengetahuanna
Ulah bosan Teh, sok diantos nusanesna
Asslamualaikum Wr Wb
Haturan ka sadayana, punten nembe mucunghul deui, kaleresan kamari-kamari nuju pakepuk ieu teh ku padamelan janten teu tiasa sosonoan sareng baraya di dieu. Kumaha kang Ajun, neng Nenen sareng sadayana we kum teu di wiji-wiji, daramang….?
Usum naon di lembur, hujan kitu..?
kang, kumaha pami ditambihan blogna ku perangkat chat, supados anu nuju OL di ieu blog katingali kunu sanes, janten tiasa lebih interaktif, pan jadi leuwih loma tah sareng duduluran tatar kuningan..hatur nuhun
Geuningan muncul deui, damang kadu (Dhe…) he..he..he.. kamana wae… boa ngiringan pundung saentosna Inggris gagal ka Euro 2008…
Leres mun tiasa mah ditambihan kolom chat, upami tiasa chat online tambah karaos babarayaanna.
Hutan mah dikitu kieu oge pasrah
Satwa-satwa upami tos kenyang perutna pasti cicing
Manusia teu cukup kenyang, lamun acan puas tara sok narima, teu cicing, malah
masih terus ngaganggu nu lain
Resikona teu ka satwa atanapi ka hutan, nu pastimah ka manusia keneh (senjata makan tuan).
Teh Nenen, upami Sabtu-Minggu abdi nuju ngadem di Kuningan bari ningalian sawah jeung kebon, tapi upami Senen-Jumat aya di sekitar JABOTABEK wara-wiri milari rejeki
Assalamualaikum, Wr.Wb.
Salam kenal kanggo ka sadayana urang Kuningan. Sok sono ara ngadangu kata Kuningan teh. Margi abdi oge asal mah ti Kuningan. Mudah2an aya nu maos ku rencang sakola di SMPN Ciwaru angkatan 1986, sareng SPGN Kuningan angkatan 1989. Hatur nuhun ka blog lemburkuring2007.
Hatur nuhun Teh Nenendianti. Kawitna timana? Lami tinggal di Kuningan? Tos lami atuh di Canada? Tapi masih cinta nya ka Kuningan mah. Kaleresan abdi tinggal ka Jakarta. Nyejakeun abdi uih ka Kuningan sataun 3-4 kali mah.
Leres masih kangen ka Kuningan, komo kana gemet & sorabi kadang kabayang teras, ari abdi mah sering berkelana, tapi ari mudik ka Kuningan ka Kadugede, aya raka diditu.Tos aya 3 taun di Canada, ayeuna oge nuju badai salju, abdi mah ngan nyumput wae dibumi teu kuat ki tiis dibawah nol darajat, uh…. siga hirup dilebet kulkas he..he..he..
Paling oge di Jakarta mah usum panas haredang, polusi jrr hi..hi.. teu betah abdi mah di Jakarta teh, hoyong didaerah sejuk, tenang, ningali pamandangan anu hejo-hejo. Mugi-mugi Kuningan masih hejo & sejuk kana panon.
Aya makanan tradisional Kuningan nyaeta tokecang, aya keneh anu ngadamel ?
Abdi mah seneng ka makanan tradisional, ongkoh tara mendakkan didieu mah he..he..he..
Eh… dongkap-dongkap ngabibita gemet & gemblong, kumaha damang kang T, where have you been ? disappeared he..he..he..
Kang Ts, sugan bade kopi darat taun baruan sareng kang Zoen, abdi mah ngiringan noong wae tidieu. Taun baruan abdi mah diguyur salju hi…………….. dingin…….
Inyaallah mun te aya halangan simkuring bade kaKuningan loba nu hajatan yeeehh sadulur di Kuningannn h he he, waduh mani resep atuh hujan saljumah nyaaa bisa ngahodhod teruussss, yaaaa saya doakan mudah – mudahan tahun baru awal yang lebih baik dari tahun sebelumnyaaaaa.
Panginten sadayana ningali berita di TV. Aya berita ti Kuningan. Jamaah Ahmadiah manislor Jalaksana diserang. Meni prihatin, nalangsa ningalina. Kahoyongmah urang Kuningan mah tetep handap asor, ramah, bijak, nya saluyu sareng istilah Kuningan asri. Panginten kedahna mah cara damai, henteu cara kekerasan. Mudah-mudahan mah kota Kuningan tetep asri, aman, sejuk.
Mangga kalebet kang Zoen he..he..he..
Hatur nuhun puisi abdi dipostkeun!
Kanggo para Ibu, SELAMAT HARI IBU!
“Ribuan kilo jalan yang yang kau tempuh lewati rintang untuk aku anakmu, Ibuku sayang masih terus berjalan walau tapak kaki penuh darah penuh nanah, seperti udara kasih yang engkau berikan tak mampu ku membalas Ibu… ibu…” Iwan Fals.
Hidup Ibu… hidup wanita… hidup mojang… hidup wanita buruh migran ….
Kintunan proposal kanggo pelatihan di PT. Saida Group tos katampi ku abdi
via Yadi Cigodeg kaping 22 Des 2007
Insya Allah upami aya anu minat ku abdi diinformasikeun
Ieu teh pa ajun nu di Puri Asri 3.. tatanggina pa Guru Anang nu di SMK 2 ?…
pami leres nepangkeun abdi oya..nu kapungkur ka rompok pa ajun nambut CD MS office 2000 sareng pa RT Yatno…
diantos di Log abdi… alamat log na ku abdi disimpen nya pa… pami tiasa punten alamat log nu abdi ge disimpen di bapak .. etang etang promosi … hehehehe
Leres pisan pa Oya, sami2 nepangkkeun. Hatur nuhun. Diantos atuh, iraha bade ameng deui ka rompok urang ngobrol bari ngopi.hee…hee…! Nuhun tos dilink, mangga ku abdi oge dilink di ieu blog. Nuhun.
Wilujeung tepang ka saderek-2 ti wewngkon kuningan, pribados oge aslinamah ti Kuningan tepatna ti Manis Lor mung parantos lami ngumbara di daerah batur, aya web salembur mani wararaas hoyong ngalongokan lembur euyyyy.
Wilujeng tepang ka sadayana.
Kang wilujeng tepang, ngiringan silaturahmi ka sadaya dulur di wewengkon kuningan, abdi asli ti kuningan ayeuna nuju ngumbara di nagara deungeun,
salam kasadayana
WIlujeng tepang kanggo kang Jun sareng kang Nurhidayat, mangga calik ngobrol-ngobrol, leres abdi oge kangen kalembur, komo kana jajanan tradisionalna wah… matak kabayang teras he..he..he..
hatur nuhun kang,,,,abdi sakulawargi daramang,,,,abdi mah nuju ngumbara di Perancis di kota Saint -Etienne kirang langkung 30 menit ti kota Lyon,,,,nembé 3 tahunan,,,,
pami tiaalit sampai sma di kuningan, teras neraskeun sakola di bandung,,,ari kulawargi mah sadayana di sawah waru,,,,,
Kang Nurhidayat, mani wonderful lukisanna, ngan hanjakal abdi mah teu ngartos ku bs. Perancis. Soalna abdi mah sadidinten di Kanada ngobrol ku bs. Inggris he..he..he..
Upami tiasa mah di tambihan ku bs. Inggris supados abdi tiasa ngartos maksad lukisanna. Wayne oge hoyongeun ngartoseun.
Lukisan bibir merah anu nuju di botox, ih… serem tapi cantik……
Tos ningali ucing abdi Tommy Jr nuju “…” ditoilet ha..ha.., ieu linkna :
Aduhh wilujeng tepang …. iihhh ie teh kang agfal agus fadillah tea …… kumaha bagea masih inget tee ka entin ciawi …….. kumaha damang ayena dimana kang aguss ….. masih inget kan ka entin kosgoro kan sok dibonceng kapungkur.
Nantilah Kang Said, kalo ada waktu dan nuju teu aya padamelan saya pulang ka kuningan…. Kanggo neng entin wilujeng tepang deui, tos lami pisan nya kita gak ketemu, kumaha kabar entin sakulawargi ? mudah2an sehat2 sadayananya, saya jg alhamdulillah sehat..:) ayeuna kaleresan saya nuju dinas di padang, nyaa kieu lah saya mah udar ider bae ka kampung batur..:) ari entin ayeuna dimana ? puguh bae moal hilap ka rerencangan sakola mah, terutama ka entin, biar gimana jg urang duaan kan pernah gaduh kenangan indah,he he he he.. jadi sampe iraha oge moal tiasa di leungitkeun tina emutan. duh…mani hoyong deui balik ka jaman sakola
baheula..:).. o yah ari tuang rama sareng ibu kumaha kabarna ? kapungkur teh kantos mireng nuju udur rama teh… mugi2 bae dipasihan kasehatan ku Allah SWT. Salam baktos bae nya ka Rama sareng Ibu… nanti iraha2 urang ngayakeun reunian nya, buat manjangkeung tali silaturahmi supaya teu pareumeun obor teuing, terus kalo aya kabar2 rerencangan infokeun sa saya nya lewat email aja ka agfhal_fadillah@yahoo.com atanapi agus.fadilah@indosat.com.
Alhamdullilah sehat kang, sumuhun nya sok inget ari kersakola he he he…… ayena tos gaduh putra sabaraha kang ? saurna tos tiluuu aduh mani resep nyaaa …. aduuuhhh sumuhun saya sok ingettt kababaturan sakola kenangan …… wartosna kamarana nyaaaa, har ayena teh dipadang aduuhhh tebih pisannya singatos-atos wae didituuu. salam kanggo ka kakaluarga diditu. ari pun rai dimana nyaaaa …. nukasep tea sok iseng etah pun rai tehhh he he he kalau te salah mah sakolana di Indramayuuu nyaaaa. salam wae atuh. mangga kang agfal. yaaaa te acan mireng aya reunian di kosgoro teh gening.
Syukur atuh lah ari sarehat mah…….Alhamdulillah geuning ari buntut mah tos aya tilu….duka atuhnya geuning kenging dinas teh tebih kieu, tp panginten tahun ieu oge ngalih deui ka jawa…pun rayi teh ayeuna linggih di jakarta…..
Kang Dadang usum naon yeeh Dicigodeg …… kumaha nih anak-anak yang mau ikut pelatihan alat berat teh tos ayaa ? yaa alhamdullilah angkatan pertama 30 urang katampi damel di Freeport. Kumaha yeeeh kang Agfal ….. usum naon di Padang teeehh ?
Nepangkeun pribados Rastono, dupi kawitmah ti Desa Sidamulya – Kec. Jalaksana.
Mani reueus ku ayana komunitas urang Kuningan teh.
Margi kanggo nu ngumbara mah mangrupikeun landong kasono ka Lembur.
Dupi nganjrek mah ayeuna teh di Bandung.
Sok ah…………. geura midang urang Kuningan, ulah eleh ku nu sanes
Kanggo baraya sadayana, punteun upami gaduh waktos mah mampir di http://www.nenensnest.com teras isi my guestbook, biar tambah banyak teman, my guestbookna nembe dibikin jadi masih keneh kosong he..he..he..
Bungahna hate Abdi kapendak sareng blogna Urang Kuningan. Hatur nuhun Kang, Nepangkeun Abdi: Saenan, alumni SMAN Cilimus taun 1989, kawit ti Desa Bojong Cilimus, ayeuna di Jakarta deui saparantos ngumbara di Tanjungbalai Asahan (Sumut) , (2000 s.d. Des 2007). Sono ka lembur, ngan ukur sono wungkul, soalna teu acan sempet deui ka KUningan. Salam ka wargi Kuningan, khususna ka para wargi Blog ieu sareng kanggo alumni SMAN Cilimus (kapungkur mah namina SMA NeCis)…
daramang, kanggo téh nénén hayu urang ka kuningan,,,kang jun insya Allah abdi sakulawargi badé ka kuningan sasih juli, lumayan ngalongokan,,,,
saminggon di kuningan, saminggon di Bandung masihan workshop di SR UPI, teras work shop di jatiwagi,,,salangkungna ka jogyakarta,,,
kilang langkung 35 harian di Indonesia,,,
salam tepang oge ka sadayana
Kang Nur, wilujeng ka Kuningan, ngabibita he..he..
Abdi mah sigana teu acan tiasa, soalna nuju sakola, teras sasih juli (summer) aya training dilapangan.
Salresena abdi teh diundang ku go-persib.com web site Persib Bandung fan, kanggo membahas buku abdi “Soccer With Love”, bade mudik tapi teu tiasa mastikeun waktosna bilih lepat.
Iraha kang Nur, ngayakeun pameran di Toronto Kanada ?
Resep lamun urang tiasa kapendak dilembur REUNI, bahagia abdi teh he..he..he..
Kang Nur, upami tiasa mah mampir ka web abdi teras sign my guestbook jadi nambihan daftar sahabat.
Kanggo Kang Awan : Teu acan Kang, kumargi mani asa pabaliut geuning. Wilujeng tepang kanggo kang Rastono, Kang Saenan. Kanggo Kang Nurhidayat, upami ka Kuningan mampir atuh ka saung butut. The Nenen kumaha damang…? Enya resep nya upami ngariung.
Damang Kang Zoen,
Nyaan resep upami tiasa reuni kumpul-kumpul salih tukeran elmu, baraya anu dongkap direuni tiasa speaks tentang pengalaman sesuai dengan yang sedang digeluti, wah… ngan masih ngalamun geuningan, tapi ari plan mah sudah dirancang he..he..he..
Punten kasadayana, pribados nembe nonghol deui
Kaleresan pribados nembe kapapatenan pun bapa ngantunkeun (pupus)
Salami saminggon aya dilembur, Desa Kutakembaran-Garawangi. Alhamdullah ayeuna tos tiasa online deui sareng lemburkuring . . . . . kumaha daramang sadayana ?
Innalillahi Wainnailaihi Rojiuun…….
Pribados ngiringan duka cita yang sedalam-dalamnya atas wafatnya Bapak
dari Kang Dadang, semoga Almarhum diterima amal ibadahnya diampuni
segala keselahannya dan ditempatkan sebaik-baiknya disisi Allah SWT
serta kelurga yang ditinggalkan agar sabar dan tawakal dalam menerima
musibah ini. Amin.
Hatur Nuhun ka Kang Jun, Teh Nenen sareng nusanesna. Kang Jun sumuhun Bp Dalang Sukra tos almarhum, malih sareng abdi mah caket pisan bumina. Alhamdulillah dupi kaayaan alamna mah masih sapertos kapungkur pikabetaheun. Malah upami sakalian wangsul oge sok hoream deui ka Bandung upami teu emut ku padamelan mah.
Kangggo kang Syamsuha abdi ngiring bela sungkawa, mudah-mudahan dipasihan katabahan dina mayunan ieu cocobi.
Teh Nenen di bandung mah ayeuna heurin ku tangtung teh leres pisan, malah nu matak ngisinkeun mah jadi kota sampah. Sakalina aya rencana bade ngdamel PLTSampah malah diprotes. Seueur teuing nu pinter di bandung mah, janten seueur rapatna daripada damelna.
Kanggo kang Aghfal wilujeng tepang yeuh………………….
Upami bade koresponden ngalangkungan e-mail mangga kintunkeun ka salahsawios e-mail pribados : rastono@mbt-kons.co.id atanapi rastono32@yahoo.co.id
Sami sami Kang Tono wilujeung tepang oge…kanggo Kang Dadang abdi oge ngiring belasungkawa, mudah2an almarhum diterima di sisi Allah SWT, amin. leres pisan nya kang Tono kota bandung teh ayeuna mah mani kotor, teu sesuai sareng namina Bandung Kota Kembang…tapi mudanh2an bae kapayunna mah bandung teh jadi kota nu beresih…pokona mah hidup bandung lah…..! teh nenen kumaha babar kanada teh ? nuju usum naon yeuh…? iraha tiasa nganjang ka padang teh, sok lah diantos…kanggo nu sanesna oge, sok lah diantos …..
he,,he,,, menara miring mah panginten nagrina nu ditanduk ku Zidane,,
kang U syamsuha, wilujeng ah,,,wajit kadu masih usum di palembang,,,
salam baktos
nurhidayat sakulawargi
Kang Dadang, turut belasungkawa.
Kang Afgal, di Kanada nuju usum badai salju, nyaan kangen kalembur, komo kana Hucap he..he..he.. boa ayeuna mah harga gemet tos mahal, siga tempe & tahu, mangkaning hoyong gemet sabaskom…..
Kang Nurhidayat, upami mudik ka Kuningan, kang Zoen hoyongeun tepang jumpa darat saurna, ngan ulah ngabibita Hucap ha..ha..ha..
Kang Rastono, nyaan Bandung teh jadi kota sanpah ayeuna mah, sareng leres seueur teuing jalmi palinter tapi ngan nyarios wungkul, teu aya tindakkanna, ah… pusinggggggggg.
Kang Nur, leres pisan upami dilemburmah tuangeun eta teh kasebatna wajit
upami di daerah aslina palembang eta namina “lempo” ,dupi lempo mah teu
aya teu usumna usum terus, geuningan kang Nur apal kana lempo (wajit)
kantos kitu ka kota empek2.
Kang dupi rerencangan sakola kapungkur aya anu ti winduhaji ?
muhun kang lempo, abdi mah seneng pisan, nuju kuliah seueur réréncangan di bandung sok nyarandak ,abdi kantos ka palembang ka komplek assegaf gaduh réréncangan diditu,
,,,,réréncangan di winduhaji ,,,gaduh namina wawan ( smpn 1),,,putrana guru silat geuning, teras aya réréncangan nikah ka urang winduhaji bumina sapaliheun masjid,,,namina iwan juliano,,,damelna di jakarta,,,
Insya Allah kang abdi bade ngalongokan lemah cai,,,sasih julian,,,akang badé uih henteu,,,
kanggo kang jun Insya Allah mampir,,,
salam baktos kasadayana
kang nur, guru silat teh namina p`uung bumina ti masjid kapalih kidul sakedik,
ari abdimah sareng kulawargi upami cutina sok nyandak pas boboran sakantenan
sok pendak sareng rerencangan sakola.
komplek assegaf mah tos caket atuh ka komperta karorompok (rdp) kantun
kana 2 km deui.
waktos akhir desember ka kuningan teh, ayeunamah upami bade lebet kota teh
tosdisambut kubundaran di parapatan cijoho (kapungkurmah simpang tilu)
teras ditaman kota teh tos aya air mancur tiasa joged ngiringan kana lagu,
mangga diantos dilemah cai kuningan.
kanggo kang zoen, mana atuh poto taman kotana ? di antos
Assalamu’alikum wr wb
Alhamdulilah geuningan aya ogenya jalmi anu masih peduli ka lemah caina…..sukur atuh kang pamudah-mudahan ieu blog terus di tingali ku balarea khususna warga kuningan anu mikanyaah,mikacinta,jeung mikadedeh ka kuningan anu caritana ayeuna teh ker ngabangun geuningan di pangwangunanana, bravoo kuningan lahhhhh…….hidup Kuningan euyyyyyyyyyy……..!!!!!!!!!
Assalamu’alikum wr wb.
Salam kenal kasadayana, nepangkeun abdi ticikaso kec. karamatmulya dupi linggih ayeuna di Jakarta, tos lami hoyong silaturahmi sareung urang kuningan teh, tapi nembe ayeuna mendakan blog iyeu teh. hayu atuh urang sami2 jadi duta urang kuningan, nepangkeun kanu sanes yen kuningan teh kota anu asri, kuningan teh kota anu hijau sareung kuningan teh salah sahiji tempat anu gaduh nilai sejarah. sejarah bangsa2 nukapungkur (Situs Purbakala Cipari) sejarah perjuangan (Perjanjian Linggarjati) etateh ngan saukur conto, salami iyeu katingalina teu acan aya anu situs anu secara khusus ngabewarakeun kanu sanes yen kuningan teh layak dijanteunkeun kota tujuan wisata. sakali deui hayu urang sami2 ngawangun, ngajaga, ngalestarikeun kota kuningan.
Kanggo baraya sadayana, urang teh kedah gaduh rasa humor, ari ditingali kuabdi seratan teh Dewi saking bingahna tiasa pendak sareng rerencangan anu dikenal di blog ieu, sanes maksad kanu teu puguh, ngan juga urang kedah ati-ati bisi nuju humor oge ulah sampe berkesan negatif.
Salam tepang kanggo teh Dewi, mangga teraskeun urang ngobrol di lembur kuring, tos sawios aya anu nyarios teu puguh mah, ulah didamel sakit, ari jalmi hirup mah kedah tiasa narima kritik. Ari pandangan abdi mah, maksad teh Dewi ngan humor.
Upami hoyong curhat ka abdi (ngobrol-ngobrol), mangga tiasa lewat email abdi di gnenen@gmail.com atanapi ka web page abdi http://www.nenensnest.com
Ulah isin-isin, tiasa nambih persahabatan & babarayaan.
Salam tepang kanggo para akang anu nembean nimbrung.
Ass. Wr.Wb.
Kang Rastono, di Bandung, kamana wae yeuh? Usum naon di Bandung ? Di Jakarta mah usum Banjir, Penggusuran..Hayu diantos kabarna. Pami SMS mah pan rada terbatas nya.
Kanggo Kang Ajun, kumaha kabarna kota Kuningan teh? Tos lami teu terang kaayaan perkembangan kota Kuningan. Maklum pami mudik ka lembur (Garajati Ciwaru), tara kabujeng jalan – jalan ka Kota Kuningan. Sok emut waktos sakola kapungkur, tukang mapayan jalan di Kuningan. Jigana mah tos benten pisan nya. Radio LInggarjati teh masih aya kitu? Mang Jaya masih sok ngadongeng keneh kitu? Teras rada ka kidul payuneun Pemda, aya toko buku puisi, 22, Sakola SPGN Kuningan, masih aya ? Plasa Kuningan, Kuning Ayu Teatre, Ciremai Teater, masih aya? Kapungkur mah eta tempat teh kanggo refresing saentos budal sakola. Matak waas pami emut ka jaman kapungkur, akhir tahun 80an. Mudah-mudahan mah Kota Kuningan langkung majeng.
Salam bae kanggo ka sadaya urang Kuningan di mana wae ayana.
Wassalam.
Euleuh-euleuh eta Kang Ikin nonghol deui. Alhamdulillah abdi ayeuna sehat, mung biasa di Bandung mah upami usum hujan tirisna moal aya matak hoream mandi enjing mun teu emut bade damel mah. Upami di Bandung mah ayeuna nuju usum Flu Burung, DBD sareng Chikungunya. Ngan panyawat anu umum nyerang murang kalih mah diare sareng demam. Sok lah kang sing sering atuh lebet ka lembur kuringna ngarah tiasa ngobrol. Abdi kenging nomor teh Eeng, ke ku abdi di SMS keun. Punten ah nomor Kang Dede nu aktif nu mana nya??? abdi sababarakali sms teu aya waleran bae.
Kang Ikin, abong-abong tos di Batawi nya mani alim we ningali kota Kuningan teh. Di kota Kuningan ayeuna tos robih pisan, perobihan anu paling utama di tengah kota sepanjang jalan siliwangi saatosna Kolam Renang palih kiri aya BCA, Toserba Fajar, palih kanan aya Toserba mung hilap namina, SDN 1 Kuningan tos dirombak janten sae malih jadi pusat Tutor UT kanggo guru-guru anu neraskeun S1, Ciremai Theatre tos disulap janten Toserba, kitu deui Kuning Ayu Theatre janten Yogya Dept Store, tah upami Kuningan Plaza dikembalikan fungsina janten taman. Malih taman mesjid agung oge ayeuna mah sae pisan. Upami ti Jalan Pramuka bade ka Cijoho teu kedah mengkol ka jalan siliwangi margi tos aya jalan tembus lempeng ka kaler anu tembusna ka Cijoho sareng ka Cirendang. Eta panginten diantawis parobihan Kuningan anu abdi terang. Anu langkung detil mah panginten kang Zoen langkung paos.
Sok ah diantos kabar sanesna.
Wassalam,
Rastono
Kang Icuk, nu naroskeun kaayaan kota Kuningan ayeuna. Tos sababaraha dinten Kuningan diharudum pepedut (kabut). Hawa karaaos langkung tiris ti biasana.
Upami Kang Icuk kapungkur resep mapayan jalan di Kuningan leres ayeuna tos seueur nu robih, sakumaha nu disebatkeun ku Kang Rastono. Radio LInggarjati aya keneh, ayeuna namina Radio Siaran Linggarjati Utama (Rasilima). Kitu deui Mang Jaya ngadongeng keneh. Payuneun Pemda, aya toko buku puisi, 22, aya keneh. Sakola SPGN mah teu aya. Payuneun Pemda ayeuna janten SMAN 3 Kuningan, Plasa Kuningan janten Taman Kota. Kuning Ayu Teatre, Ciremai Teater mah tos teu aya. Teh Nenen, iraha bade ka Kuningan the…? Hatur nuhun ka Kang Icuk, hatur Nuhun Kang Rastono. Hatur Nuhun sadayana.
Kanggo nu gaduh ieu rorompok wilujeung tepang, duh hapunteun nembe noel, kahilapkeun. Wilujeung Kang, mudah-mudahan tambih manfaat ku ayana blog ieu kanggo silaturahim warga Kota kuda, sok emut nuju SD aya soal dina ulangan ditaros naon lambang kota Kuningan, abdi ngawalerna “Kuda Jengke” hehheh…margi sok ningal patung kuda jengke dipayuneun masjid syiatul Islam kapungkurmah.
Kang Rastono wilujeng tepang oge , dipalih mana di Bandungna? abdi di Cinunuk caket Cibiru Kang. Leres tangtos pangling upami ka Kuningan teh seueur perobihan ayeunamah.
Di Darma oge nuju dibangun jalan lingkar ti tungtung waduk Darma, desa Jagara dugi ka kulon caket Puskesmas Darma, janten engkin mah, mobil nu arageung teh nguriling moal tiasa langsung kana jembatan panjang Waduk Darma, saurna teh bilih bocor oge ngabahayakeun pami jembatanna seueur teuing mobil nu arageung ngalangkung ka dinya
Kang U. Samsuha wilujeung tepang ah.
dupi palembangna dimana?, abdi oge ayeuna nuju tugas di Palembang kirang langkung 2 mingguan. tinggal mah masih di Aston, kantor di Jl, Veteran.
Upami aya waktos mangga urang copy darat hehe…
Reh gening eta aya kang sidik urang cimucang Cipakem waras eeeyyyyy usum naon yeeehhh di Cipakem ? kang sidik ayena linggih teh dimana? reeeeh eta kang sidik mani tos lami tekakuping kabarnaaa sugan nyumput bae di Seklok atanapi di Sirigading.
Kanggo urang Kuningan nu aya dipangumbaraan, kumaha pada mudik ka Kuningan? Pedah waktos liburan ayeuna. Salam bae ka sadayana. Hanjakal abdi teu tiasa ka lembur. Tong hilap oleh-olehna, sorabi haneut, hucap. Golono makanan khas wewengkon Ciwaru.
Kang Rastono, Kang Ali Darma, kumaha mudik ka Kuningan ?
Teh Nenen kamana kitu ?
Wassalam.
Assalamu’alaikum ….
Duh..waas pisan muka ieu “jandela” ! Pangalaman endah nu karandapan baheula, ngolebat dina ingetan….. Baraya urang Kuningan, muga-muga tali mimitran urang sadaya, tiasa pageuh deui ku forum ieu…
Salam kanggo alumni SMA Negeri I Kuningan (Baheula SMA Negeri Kuningan) angkatan tahun 1983. Toto Sunarto, Uud (Masih di Depsos ?) Yani di Pagajahan, Imam Sugema, Eman Kardiman… masih aya sadayana ? Nanang Sukmana di gang Ciwaru. dr. Iyep (masih tugas di Gebang ?) Ir. Eka Sukma, sareng nusanesna. Iraha bade reuni ?
Ti : Tata Tavip Budiawan.
Punteen……
Geuning sesah nya, milarian ‘bungkeuleukanna” nu gaduh ieu blog. Maksad teh hoyong terang langkung jentre, saha sareng dimana-na. Reueus gaduh baraya nu kreatif ! Nu mageuhan tali mimitran tur ngaropea budaya sunda !!
Karasa beuki tibelat ka lemah cai….. tibelat ku kupat tahu-na …. tibelat ku seger hawa-na….. tibelat ku ramah rakyat-na…..
Kapungkur, tilu taun mondok moe (kost) di Kabumen,
ayeuna pating kolebat pangalaman endah nu geus karandapan ….. , ngolebat dina ingetan.
Duh…. lotek ceu Entin ,masih aya ?
Duh … Ice Juice payunan SMAN I Kuningan, masih aya ?
Duh…. tahu lamping Jagabaya, masih aya ?
Duh…….
Abdi oge urang Kuningan, kawit ti wewengkon Kecamatan Darma. Ayeuna nuju ngumbara di luar Kuningan, tapi masih di Jawa Barat. Gaduh saung di Ciharendong.
Abdi yakin, moderator blog ieu teh sobat abdi, nu kantos sasarengan nyusud patok wates Kuningan sareng wewengkon Jawa Tengah.
“Bade ka RT Jawa Barat, atanapi ka RT Jawa Tengah, pak?” ceuk eta barudak leutik teh, waktu urang ulin ka hiji kampung di garis wates Jabar-Jatim.
He he he…, sok waas ari emut nuju sasarengan di Kuningan teh.
salam kenal ka sadayana urang kuningan anu aya di nusantara atawa di luar nagari, terutami ka teh Nenen sareng rengrenganana, oge ka teteh Maudy sareng anu sanesna anu taos lami ngageugeuh di lembur kuring.
hatur nuhun ka teh Nenen, tapi kamarana anu sanesna nya? mani tiiseun pisan, abdi hoyong nepangan ka sadayana ka urang Kuningan anu aya dimana bae. ka Teh Maudy cios teu makalangan janteun Bupati atawa Wakil Bupati teh, omat waler nya Teh, abdi ngarojong pisan.
Assalamu’alaikum wr.wb.
salam kenal ka sadaya baraya nu aya di Lembur Kuring utamina ka teh nenen nu aya di nagri sambrang sim kuring ti gunungkeling hoyong ngiring riung mungpulung di lembur kuring
Aduh mani ripuh pisan yeuh, BBM naek jadi semuanya naik, biaya hidup tinggi, komo hidup di jakarta, mani tambah beurat pisann…mohon bantuan doanya, mudah-2an kami kuat menghadapi kehidupan ini. Pemerintah sekarang sudah tidak peduli lagi ke Rakyat kecil seperti kami.
Sampurasun……, hapunten ka wargi sadaya, sim kuring unjuk tumaros, aya anu terang sareng namina MULYADI, DEDE, ETIN sareng Yus, kawitna ti Cibeureum Kuningan palih wetan. Alumni SMPN Cibingbin angkatan tahun 79/80. Oge kang Sudar ti Cibodas; Amsor, Samsudin, Didin, IMAs, Otim, Entin, Gigis ti Cibingbin. Mani sono…. mang puluh tahun teu patepang. harita mah basa jaman SMP karasep sareng gareulis… percanten ayeuna oge siganamah tambah tambah…
Upami aya nayngkok ka dieu diantos kontek-kontekna…
Salam, ti sim kurung nu nuju ngantos wartosna.
Santobri…Pananggapan. Alumni SMPN Cibingbin lulus tahun 1982.
Boleh SMS saja ke 0811-760380
Assalamualaikum wr.wb.
Nepangkeun sim kuring, asli urang Sunda, ngumbara di Cilegon, Banten, tapi teu jadi jawara. Pangaresep masih keneh kana nulis. Sakedap deui, bade promosi, bakal terbit novel “Children of Heaven” adaptasi tina film Iran, tina judul anu sami. Upami panasaran mah, longok bae atuh blog sim kuring.
Salam ka sadayana urang Sunda.
Mun tiasa mah sok atuh urang ngayakeun tepang wargi
di lembur. pan..lamun lebaran teh gampil gnempel.
urang silih kenalkeun putra
silaturahmi teh kan manjangkeun umur nya kang ?
Teh Taty wilujeng tepang upami mireng nami taty teh nami yang yang selalu melekat siang kalayan wengi, pun bojo namina sami tati oge, alumni skkp kng & smkk crbn.
Di peuntas sami nuju ngumbara oge, perkawis buntut tos dua anu hiji di bdg pameget anu alit istri nembe bade ngiringan spmb.
Kembali salam ti pun bojo kanggo keluarga.
kumaha daramang kang ajun sakulawargi.
eta basa abdi kakuningan nyangakeun buku tea.hatur nuhun parantos di angkeun..,ngan hanjakal sakedap di kuningan nana.margi dadan tos ngantosan.
kang leres geuning peyeum teh raos pisan.abdi dugika meser 3 ember.
mudah mudahan ke pendak deuinya ari ak cupumanik.
salam baktos ka sadayana
nety anu sono bae ka lembur
Rampes
Alhamdulillah Teh sae.
Muhun, atuda mani rurusuhan. janten teu tiasa ngahormat. kamari oge pendak sareng Dadan, Kang Dhipa, Kang Atep Kurnia, Kang Rosyid E. Abby, kang Dian sareng nu sanesna waktos aya acara Panglawungan di Kuningan. Dupi Teh Neti ayeuna nuju dimana ? di luar nagreg. Eh di luar nagri…? Nuhun ah
Alhamdulillah Teh, danget ieu abdi sakulawargi aya dina kaayaan sehat. Salam kanggo Mr nya..! Tah, aya Teh Neti. urang Bandung sambat geura, kamari ieu nganjang ka Kuningan. Salam kanggo ka sadayana, utamina kanggo ka Kang Uha nu satia ngalongokan ieu blog.
kang ajun kmh damang?geuning sae blog tentang kuningan teh..hehehe..huebatlah kang ajun teh. sim kuring kamari hilap teu pamit waktos mulang ka cianjur deui. iraha atuh bade ka cianjur??salam baktos ka sadayanan urang kuningan..ay lap yu oll we poko na mah nya, kang…..:)
Punten nganggo bahasa Indonesia, margi letah asa pabuelit, inggis lepat ucap, sieun ngaruksak bahasa sunda. \
Begini Kang,… saya lagi duduk melamun di suatu tempat di pinggiran kota Pekanbaru… kebayang tadi malam nonton TV ada sebagian warga di daerah Jawa sana yang berebut air bersih jatah pemerintah akibat kekeringan yang begitu panjang. Terus saya ingat akan daerah Kuningan Timur (Cibingbin dan sekitarnya) termasuk kampung saya Pananggapan, yang sangat potensial mengalami kekeringan seperti yang di Jawa sana. Ci jangkelok sungai utama di Cibingbin dulu merupakan sumber kehidupan yang menyenangkan. airnya mengalir tak mengenal musim. Ikannya jadi incaran para nelayan lokal. Sekarang “katanya” kering kerontang di saat kemarau dan banjir di saat musim hujan yang hanya mendatangkan bencana. Jauh berbeda dengan daerah Luragung ke arah Kota Kuningan yang airnya masih mengalir dengan baik yang menyuburkan tanah petani.
Kang,…. maksud saya, seberapa jauh PEMKAB Kungingan memperhatikan hal ini??, katanya sumberdaya alam teh salah satunya adalah air, selain tanah dll. Bagi manusia air adalah kehidupan. Buat kita-kita yang di kampung yang katanya hidupnya bertani, air adalah dewa. tanpa air petani kolap..Kondisi ini memperparah kondisi petani yang GUREM, Subsisten,modal cekak (karena akses ke dunia perbankan juga sulit), pengetahuan rendah, lahan tebatas, kadang-kadang hanya petani buruh. Dampak lanjutan tingkat ke sekian dari terbatasnya air adalah munculnya generasi penerus yang serba lemah (dari segi fisik karena kurang gizi, segi pendidikan ya tak berijazah karena tak mampu menyekolahkan, dari segi moral juga anjlok, karena akan berusaha dengan berbagai cara untuk pemenuhan kebutuhan hidupnya). Karena tidak adanya alternatif usaha, maka akan melakukan eksploitasi sumberdaya apa saja secara serampangan. Misalnya penebangan liar pohon jati punyanya Perhutani, pengambilan batu dan pasir di tempat-tempat yang tidak diperbolehkan, jual narkoba, jual diri, dlll yang sifatnya negatif.
Atau untuk mempertahankan kehidupannya, sebahagian warganya terutama yang laki-laki menjadi masyarakat urban di perkotaan Jakarta, bandung dan kota-kota besar lainya untuk bekerja, yang sebagian besar sebagai buruh kasar. Akibatnya usaha pertanian yang selama ini digelutinya ditinggalkan dan kalaupun diusahakan menjadi tidak optimal (produktivitas lahan menjadi rendah) dst…….
Tuh kan kang.. jadi panjang ceritanya….
Saran saya untuk Pemkab Kuningan atau para pemangku kepentingan di tatar Kuningan Timur, mari kita kembali ke alam… galakan yang namanya konservasi tanah dan air, mulai dari sekarang. dari rumah kita sendiri. buatlah lubang-lubang untuk tandon air tak kala hujan. jangan sampe air hujan yang sudah dianugrahkan Allah kepada kita hanya numpang lewat saja di halaman rumah kita. Suruh air itu mampir dulu di tanah pekarangan kita, biar dia masuk ke dalam tanah, tidak langsung ke sungai dan menjadi banjir. Insaya allah air itu akan kita panen di saat musim kamarau.
yang besar lagi tentu membuat embung atau dam atau waduk atau bendungan sebagai tabungan di saat musim kemarau. Buatlah di daerah hulu sungai Cijangkelok atau di hulu hulu sungai Cibeureum. Insaya Allah, Citenjo, Dukuh Badag dll desa yang ada dihilir Cibingbin atau Cibeureum akan kebagian air juga saat kemaru.
Tak kalah penting adalah memelihara dan mempertahankan hutan-hutan lindung atau konservasi dan lakukan gerakan menanam pohon apa saja disekitar kita atau di lahan-lahan yang kritis… contoh program yang sangat terkenal dan patu dicontoh dan dipertahankan adalah GERAKAN RATGANTANG…. anjuran Bapak Gubernur JABAR tempo DOELOE… (jangan-jangan lembur kuring juga udah lupa)
atau Mau sampai kapan kita bertahan dengan kondisi yang sangat mengkhawatirkna ini ????, bagai mana dengan anak cucu kita??? Mari kita merenung sejenak, dan ayo kita bangkit dan lakukan sekarang juga . Apa yang bisa kita lakukan lakukan lah…
Kesimpulannya ;;;;;;;;; mari kita hidupkan kembali RATGANTANG…
punten kasdayana…wilujeng enjing lah…..!!!!!!
Abdi numpang lewat…..
tos kangen euy..hoyong ngarobrol sareng wargi di kuningan…he..he..he….
Punten Ari “”Teh MAUDY teh saha etateh…!!!!!!!
mang leureus kitu Artis ….!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!
HE..HE..HE..lmun lereus teh jdi isin ih….
Margi nge fans pisan saya mah…………
punten pisan akang teh di rewong ku rerencangan mani seueur ,meni ngagimbung, maklum lah di kantor ,nembe sakalimat tos di klik jadi we teu puguh.salam tepang we kasadayana wargi kuningan,mugia tanjeur di buritan jaya di buana.sok atuh urang ngadamel acara.
Eta mah lagu jaman abdi kapungkur masih sakola di Kuningan. Tapi lirikna tos hilap.Sigana mah kieu : Di batas kota ini, ku menatap wajahmu, perpisahan ini membuat luka di hati, dst….. tos teu apal.
Tah tah kitu muhun leres kitu pisan lirikna teh, dupi Icuk Y Teh timana kawitna, sakola di Kuningan na di mana+alumni taun sabaraha nya? sok waas ari mireng lagu eta teh,babakunamah sok emut ka simanehna jaman kapungkur.
di hiji desa di kota Kuningan..desa anu kungsi (Insya Allah saterasna) kapatri dina ati..nya di ieu desa kuring kungsi ngarasa bangga jadi budak leuweng atawa gunung nu kiwari geus teu bisa kaalaman ku genersai ayeuna, dina samemeh usum panen kacipta kuring sarengsena sakola nya ka sawah bari mawa bekel saayana nungguan manuk pi’it anu nyerang pare nu keur memejeuhna paneneun, hoyah..hoyah..halik siah..minggat mun geus seubeuh” gorowok teh baru rikat ngabetot tali nu nalian bebegig..berrrr si pi’it saparakanca teh hiber ka sawah nu sejen (pinter nya) duka ayeuna aya keneh kitu manuk pi’it teh, aya deui manuk heulang (elang jawa kituh) muih di luhur bari panon ngawaskeun anak hayam nu misah jeung bikangna..aya keneh heulang teh kitu ayeuna????? ret kana munding hmmm coba rasakeun kulit leungen jeung kulit bitis mun urang pas aya dina luhur awak munding.hiyyy ginggiapeun tuda tapi da teu kapok hayang deui-hayang deui numpak munding teh..aya keneh munding di lembur??? nu bedas ngagaru sawah teu pernah ngarasa cape!! aya keneh kitu ayeuna munding nu ngawuluku atawa geus di ganti ku munding Jeoang atawa mesin traktor nu pasti bahan bakarna ku bensin anu matak jadi polusi jeung racun kana sawah!!! saha anu pernah nyieun sasaungan di pasir sisi gunung??? hmmm bari meuleum sampeu atawa jagong nepi ka tutung tapu da rasana edot bae..kungsi baheula kuring jang pada batur ulin di sasaungan di sisi gunung can ge meuleum jagung da kaburu aya bagong!!! aya keneh kituh bagong teh di lembur kuring, sakapeung kungsi aya kidang lumpat ka lembur di berik ku sadesa tapi sang kidang lumpatna taya tandingna (pantes mobil jepang aya ni di merekkan Kijang “memang tiada duanya” aya keneh kitu kidang di lembur kuring..monyet!! kamana eta kunyuk teh nu baheula ting gurawil dina tangkal di Pamalayan kamarana atuh silaing teh..sieun ku manungsa anu jahat atawa geus teu aya nu bisa di lebok..duka kamarana ayeuna moyet di lembur kuring teh?? Gatrik, adu pinci,gepak sodor, bebentengan, jiglong..ayeuna masih keneh aya kituh barudah dina mangsa caang bulan ulin babarengan uucingan??? kamana kabogoh kuring nu baheula nu geulis ku ambucuy meni pikaedaneun..Kiwari desa kuring loba nu ngajugjug reh ayeuna aya tempat rekreasi nu karek kapanggih nyaeta “lembah cilengkrang” kade kuring amanat ulah ngaruksak nu geus jadi hak!! ulah nambahan sangsara kana sasatoan, tatangkalan jeung nu sejenna!! cag ah sakieu heula coretan Budak Pajambon, salam ka N. Gunadi, kang Ajun sareng ka sadayana baraya di tatar Kuningan.
Salam tepang kangg kang Endang Sutisna, waduh… maos kisah laluna mani ngiring waas, komo pas di inget ka kabogoh mah he..he..he..
Leres hayu urang ngajaga alam lingkungan, sareng melindungi hewan-hewan liar disekitar kita. Siga gn. Ciremai kabakaran mani prihatin pisan, seueur sasatoan diurang mulai pada punah, dibantai/ditembakan boa…
Kang Endang, kisahna tod dipasang di web site abdi judulna Bangga Jadi Budak Leuweung, http://www.nenensnest.com
Wios ah… nembe minta ijin ayeuna oge
kanggo mats di Pajambon : tuan rumah kanggo volley teh pajambon? euleuh pasti mani rame da abdi ge resep kana volley teh..lembur mana anu sok langganan juara teh…salam olahraga ka sadaya pamuda Pajambon..
Akang meni heran , hese pisan ieu teh, hoyong ngobrol sareng urang salembur nu ti Garawangi, lebeng dugi ka ayeuna can aya kalangkang kalangkangna acan , kamarana kitu jalmi teh?
Akang ti palih kaler Garawangi, lengkepna ti Desa. Citiusari, Kec. Garawangi. Paling oge 30 m ka palih kaler ti pasar Garawangi teh, Ameng atuh kakaler,tapi akang ayeuna aya di Jakarta wangsul ka Kuningan saminggu sakali, saptu minggu libur.
Kang Ma2nwahyu wilujeng tepang ti simkuring anu anyeuna nuju di peuntas (palembang), kang saupamina ti pasar garawangi ka palih kelermah panginten tepang ka Endah sareng rakana nganhilap namina kapungkurna di sma kuningan, upami teulepatmah kapungkurteh caket bumina aya heuleur, anjeuna (endah) rerencangan sakola waktos di smp 2 ngalih ti smp garawangi bilih tepangmah salam ti simkuring.
Nepangkeun Kang Maman abdi oge ti Kec. Garawangi ka palih kidul
pasna ti Ds. Kutakembaran (caket Pakembangan).
upami liburan abdi sok nyejakeun ka pasar Garawangi milarian tahu
raos pisan tahu Garawangi upami dicoelkeun kana sambel
komo upami sanguna pulen
SALAM KENAL
Dengan FRONT KOMUNITAS INDONESIA SATU (FKI-1, Ormas Independen). Utk lebh mengetahui kegiatan dan AD/ART FKI-1 dpt dilihat di Website:www.apindonesia.com (Klik LOGO FKI-1).
Terima Kasih Imas Nurhayani,SE. Sekretariat:Gd.Dewan Pers. Jl.Kebon Sirih No;32-34 Jakarta Pusat. Tlp:0213503349, 3864167, 0818798586. Email:satufki@gmail.com.
Kang Dadang teh di lembur kitu? di kinten ku akang mah di Jakarta, akang sok kalembur saminggu sakali da kulawargi mah di di lembur, 17 belasan insa allah aya di lembur , ameng atuh ,ke ku akang di antos, sakantenan borong tahu, alamat akang lengkepna.
Maman Wahyu.
Ds. Citiusari
blok batukarut,
dusun Kliwon,Kec.Garawangi.
ti psr ka kaler 30 m.
Alumni smpn 2 th 80/81, di Plg sareng kulawargi tapi pun anak anu hiji di Bdg , Insya Allah boboran uwih, dupi simkuring di kuningan teh di kel winduhaji ka palih kidul ti kantor kelurahan, nya kalangkungan saupamina bade ka garawangimah.
Tos sepuh kang Uha teh , abdi mah taun 80/81 teh nembe kls 5 SD, Tamat SD teh Taun 82/83, bilih aya waktos mah tos Boboran ameng ka Wetan , ti Purwa sari kantun ngaler sakedik , tos dugi ka lembur abdi, sok lah di antos.
Tah geuning aya saderek di kaler, kantun ka kulon sakedik tos dugi ka lembur akang.
Mangga kang Dadang ameng ka kaler, hilap.. lulus taun sabaraha ti SMP/SMA teh?
Alhamdulillah sae kang, ngan ieuteh kamari rada-rada teu ngeunah hate lantaran SFC eleh ku Persija keurmah kaasupan golna geus di ujung waktu deuih.
Kang Dadang oge kumaha wartosna di Kuningan nuju usum naon ? saurna anyeuna tos mulai ngecek deui unggal dinten teh.
Kanggo Kang Ma2nwahyu keun wae tos sepuhmah da etamah hukum alam anu bakalan kuurang sakabeh bakalan kaalaman tapi anu ku urang kudu dipiaramah teu sanaos sepuh/anom urang bina dina silaturahim, salam kanggo sadaya wargi Garawangi, o iya Garawangi teh ari kapungkurmah kasohor ku dagena.
Abdi lulus ti SMP Garawangi/SMA 1 taun 1987/1990
Kang Maman mah panginten lanceuk kelas
umurmah masih anom tpi tos sgala diraos, loba teuing kahoyong panginten
Ulah leupat sangki Kang Maman, Kang Uha mah sanaos tos sepuh tpi kahoyongnamah teu kalah kunu anom.
Dinten Minggu kamari alhmdullah tos ngawitan hujan, para wargi tani tatan2 bade peupeulakan, trutami di wewengkon abdi anu sawahna tadah hujan
Upami aya anu hoyong ningali vidio & photo kegiatan warga Indonesia anu aya di Edmonton Kanada, waktos ngiringan heritage festival 2008 bulan Agustus tgl 3-5,
mangga tingali di http://www.nenensnest.com
Leres pisan akang teh tangtosna lanceuk kls,akang mah di teraskeun sakola teh tebih
SMP di Jakarta SMA di Bekasi, anclong anclongan , sakantenan milari waragad kanggo sahuap sakopeun, maklum di jaman akang mah sesah dahareun jaman werit saur sepuh mah . tos heula nya seur padamelan nu SEGERA SIPATNA. SALAM KA SADAYANA.
Wilujeng sonten saderek sadaya,daramang ieu teh? nuhun pisan pami daramang mah, oge…Agustusan teh
geuning asa kirang meriah di Garawangi mah, tos Upacara teh teu aya naon naon,benten sareng kapungkurmah meni meriah pisan, zaman akang keur alit,da sagala di ayakeun teras di pamerkeun di lapang Kacamatan teh,nu Penca,Reog,Calung,jrd
naha dibatur ge sarua kitu?
sateuacana wilujeung boboran saum sareng wilujeung tepang sareng abdi, abdi oge ti Kuningan kaleresan ayeuna nuju ngumbara di Riau (Duri), kumaha daramang urang kuningan sadayana?
Alhamdulillah, mani bingah kuayana blong Kuningan mudah2an nambih ngiatkeun babarayaan khususna urang kuningan sareng nu nuju ngumbara.
Ass.
Kang Zoen, punten ngiring bewara sakedik :
Kanggo ka alumni Warga Reabe Spendruxs 1986-1989, insya allah bade aya reuni kaping 4 Okt 2008. Anu aya di Kuningan boh dimana bae. Diantos kasumpingannana.
Kanggo info saterasna, hubungi ka Kang rastono.
Wassalam.
haturan ka sadayana . wilujeng tepang sareng simkuring,ti jembrana bali.asli kuningan pisan 100%, ngiring jabung tumalapung, nya margim sok sono tur waas ka kuningan teh genetna, gemb\longna,tahu kopecina, kitu welah, pamugi urg kuningan ka alakurnya, ulah pakia2 teuing ku pasoalan beda paham, didieu oge heterogen kepercayaan teh, tp bisa bersikap berjiwa besar, ok , teu hilap hidup pesik.
ti
akang
alumni SMA 1 Kuningan
th 89.
cag ah
]gejlig tewewew
Wilujeung teupang Kang Engkos Koswara di kota turis
Kuninganna kawit ti weuwengkon mana
rupinamah langceuk kelas abdi di SMA 1 Kngn
Aya kabar naon ti Pulau Dewata, kahade sing atos2 bilih aya bom deui
sumuhun atuh yi, sdy tepang k cipto ciwarumah, anu salirana alit rd jangkung, kumisan geuning kapungkurmah, da anjeunamah nj SMA oge tos kumisan, akang mah dugi ka 37 thn oge teu acan beger2 acan geuning makana teu katurut gaduh kumisteh he he he….
akang ti wewengkon pakidulan kawitmah, yi,kuninganateh,
alhamdulillah bom mah teu aya ayeunateh, mung nu seueur mah sono we ka lembur margi bd boboran tea,sugan pareng insya Allah sklwrgi akang seja sungkem ka sepuh di kuningan.amien
Kang Engkos, Nepangkeun abdi Didi Tarsidi, kawitna ti Sukajaya (Babakan) Segong caket Karangbaru, Gagambiran, Garajati.
Alumni SMP Ciwaru, tahun 1986, neraskeun di SMA Luragung, neraskeun deui di UNISMA, ayeuna abdi di Bekasi.
Kanggo neng Nendy kumaha damang ? teu aya kabarna teu aya mampirna , sibuk panginten Nendy teh ? teu sawios nuju sibuk mah, mugia sing aya dina kawilujengan bae.
Kang U Syamsuha teu acan mampir ka email abdi geuningan, sami jigana kang Uha teh sibuk, Kang Dadang Pakembangan , kumaha damang? syukur pami daramang mah.
Wilujeng netepan Puasa bae kasadayana nu teu tiasa kasebat hiji hijina .
Tah…tah ….gening aya batur salembur nu nyangkut ayeuna mah , kang Aan Rusdiana urang Garawangi, blok mana ti Garawangina ? nepangkeun abdi Maman Wahyu , kawit ti Citiusari, blok kidul.Tepang teu ka P. Tata juarta nu ayeuna janten Kep Sek SMPN Babakan reuma? salam pami taepang mah, nuhun nya.
tah nyambung ayeuna mah. garawangina ti blok karangken, tepang, aya wargi kitu? Ke..ke.. nu mana pa tata teh nya. siga na mah angkatan sepuh nya. he.. hee.. abdi angkatan enggal. lulus sma eh 97. jadi masih budak kamari sore. tepang ge kepala sekolah smpn garawangi pa uca sunarsa. kang maman teh, ayena linggih di mana? on line teh di citiu kitu?
Muhun akang teh saderek ka Didin + Uju, di Gg. Garuda. pami P.Tata Juarta mah kapungkur mah rompok na pengkereun mini market, P.Tata kantos janten guru di SDN. Suka imut , taun 86 an.
Ayeuna Aan sok di mana? di Garawangi? di Jakarta?
Alaaah cuapeee dech dug dag kitu. Punten kang maman, nembe buka net deui. nembe dongkap ti mitoha di cirebon. Oooh…. atuh caket gg garuda, mini market nu payuneun bri nya? abdi mah lilinggihan teh pengkeren koperasi bumela, palih kaler alun-alun desa garawangi. Abdi teh batan nganggur, ngawulang di husnul Khotimah – manis kidul jalaksana. damel mah di di palih dinya. ari linggih mah di jalaksana ( ngontrak cenah, da ari guru mah kabisa na ngontrak jeung ngontrak wae. di harap maklum cenah. wiljueung boboran siam 1429. minal aizin walfaidzin – hapunten lahir tumekaning batin kanggo kang maman, oge kasadaya nu ngageugueh ieu blog sareng nu gaduhna. mararangga. bade liburan heula…….
Hatur nuhun kana pangulemna, bade di sayogikeun naon nya pami ka Garawangi teh? aya tahu kapling kitu ? raos tahu kapling nya. Tos gaduh putra sabaraha ayeuna ?
Sallam baktos sateuacana kanggo AA jeung sadayana.mangga kanggo kamajuan urang kuningan mah tong aya batasna saling dukung saling mayung saling tutulung .cayo ka sadayana
emm… jadi kangen ka kuningan… btw kang kunaon teu dijadiin komersil aja kayak situs beritacirebon.com yaaa itung – itung nambah wadah buzt cari berita tentang kuningan yang up to date terus jujur.
Geuning teu aya deui komentarna nya di UPTD Garawangi teh, tara di buka kitu lembur kuringna ? hanjakal atuh , abdi nuju milari laratan nu nami Tata Juarta ti Garawangi nu ayeuna cepeng damel janten Kepala SMPN Babakan reuma , Ibu Euis nu tos janten Kep Sek, nu kantos ngawulang di SDN Sukaimut teras ngawulang di SDN Mancagar, kamarana atuh nya jalmi teh , saribuk kitu pedah seueur uleman nu hajatan ?
kang maman puntennnnnn….. nembe buka deui. liburan bada teh ;lami. lumayan. di garawangi teh usum hajatan geuning. kamari wae katiluan nu hajat teh, rerencangan narikah. alahhh… kieu geuning hirup teh kudu kondangan wae. nembe gaduh hiji. 7 sasih jalu. kamari2 nglangkung ka citiu sari. bade mampir the da teu terang? pami teu lepat mah ayeuna kepsek babakan reuma teh pa apang apandi sanes pa tata, tos ngalih sugan? ibu euis..? cik urang taroskeun heula k rerencangan guru di sd mancagar. tahu.. tahuuuu
sami atuh usum hajatan mah di citiu ge kitu da, meh ampir unggal dinten hajatan teh , pami bu euis sukmawati teh ayeuna ngajabat Kep Sek SDN Tambakbaya, kapungkur mah linggih na di Garawangi palih kulon perbatesan sareng purwasari, ti pos ronda/pangkalan ojeg ka kaler sakedik, ayeuna teh duka masih didinya duka tos ngalih, insaallah pami ka lembur hoyong ameng ka garawangi sakantenan ka Mi Emoh ,( ibuna didin,uju juwarsa, budi, ilah ) sareng bade maluruh laratan na kulawargi Bp.Sukinta,Ibu Sukati ( kembar ) P.Sukinta gaduh putra Nyi Umisah, dupi akina ti sadaya nu di sebat di luhur Bp. Reksa . manawi jang Aan terang kana nami nami nu di sebat ku akang ieu ?
KANGGO KASADAYANA SIMKURING BADE NGENALKEUN DIRI, ARI ABDI TEH NAMINA SYUKUIR MULYANA ARI ASLINA URANG CIBUNTU KECAMATAN PASAWAHAN KABUPATEN KUNINGAN JAWA BARAT, SIMKURING AYEUNA NUJU NGADU NASIB DIJAKARTA, KALERESAN ABIDI NUJU NGARINTIS USAHA NAMINA KLS TOUR & TRAVEL, BOH BILIH GADUH INFORMASI NUBADE JALAN-JALAN KAMANA BAE TONG KAMANA-MANA HUBUNGI KA SIMKURING.HATUR NUHUN SATEUACANA.SALAM KOMPAK KHUSUSNA KANGGO KALUARGI BESAR “LEMBUR KURING” NU NGUMBARA DIMANA BAE….
Minggu, 12 Oktober 2008.
Keur urang Kuningan, poe ieu jadi bagian tina sajarah kahirupan.
Pilkada langsung pikeun milih pamingpin lima taun ka hareup, insya Allah rek dilaksanakeun. Ieu teh meureunan wujud tina kembang kahirupan masyarakat, sabab pan urang mah kudu mi-indung ka waktu mibapa ka jaman.
Tilu pasang calon, Arochman, Asri jeung ……. (hilap tah calon ti perseorangan….) maju nyalonkeun diri keur jadi pamingpin. Insya Allah tilu pasang calon, boga visi jeung misi nu hade keur kamajuan Kuningan.
Ti pangumbaraan , “mucunghul” harepan, muga muga “pesta demokrasi rakyat” Kuningan teh, bisa lungsur-langsar kalayan tetap didasaran ku kasadaran yen urang teh masih sadulur. Tong aya huru-hara. Tong aya naon-naon. Amin.
Sukses keur Kuningan Tercinta !!!!
saha bae nu janten bupatina hayu urang dukung ku urang sarerea, sangkan pangwangunan di kota urang ningkat. sanes kitu kang ,teteh , euceu, ayi, ? ari tos jelas kapilih mah ulah janten perbedaan malah kedah ajanten sabeungkeutan , tingali sapu nyere , tah urang kedah nyonto ka sapu lidi.
Satuju pisan kang maman…saha deui nu bade majukeun kuningan…iwal ku urang sararea…salah sahiji conto, sing gede hate tur tawakal anu teu kapercanten jadi bupati…teras anu kapercanten sing…sholeh kalayan pageuh nyepeung amanah rakyat….mudah2an…amin ya rabb..
pokonamah kuningan maju terus tur jadi kota berwibawa…nu dieusian ku masyarakat saroleh…..
tos sakitu wae…bilih titilek letah…mangga lajengkeun..
betul sekali jang Andi Siswandi, pami teu acan pemilihan mangga dukung nu srek kana hate tapi pami tos aya nu kapilih kalayan sah nurutkeun hukum sareng undang undang, urang kedah sabeungkeutan ngarojong kana pangwangunan kana nu tos di programkeun ku pamarentah, ok.. selamat membangun.
kang agah, kumaha wartosna bebeledugan teh ? ngadamel teu waktos bulan puasa? rame panginten di luragung mah nya kang, kang U. Syamsuha kumaha tos angkat deui? wilujeng damel bae. kang dadang pakembangan , kang yani , jang aan di garawangi? kamarananya teu kapireng pireng ? araya kitu ?
Aya kang maman yeuh masih ngarenghap…. he..he.. Nuju damel. salam tepang ka kang dadang, kang yani, sadayana nu ngageugueh ieu blog. kang lembur kuring nu ngadamel tatar kuningan hatur nuhun. wilujeung enjing sadayana.
Sanes ngawulang abdi mah purah ngabersihkeun kelas, badega ti ditu na mah. tepang atuh k pa daswa sareng pa asep mah. Wargi kumaha ka arenjeuna? line teh di mana, di kng atanapi dimana? kumaha bade bisnis burger eusi peuteuy?
Posisi line di Cikarang-Bekasi Pa Aan
Salam kasadayana. . . Pa Daswa, Asep, Pa Ustad Rijaludin + Pa Ustad Ahmad Taufiq (anggota DPRD), teu hilap oge ka Pa Haji Sahal Suhana (Pembina Ponpes).
Abdi oge sering ka Al-Multazam Khusnul Khotimah, insya Allah iraha2 urang pendak.
Alhamdulillah, aya pang hibar ti gusti nu maha suci..mangga ..wilujeung tepang kanggo teh kertawangunan,
wilujeung boboran saum ( lebaran )…kasadayana bae kum masyarakat kuningan…
Hatur nuhun parantos rurumpaheun ka blog pribados..
Cobi buka (klik bae) http://awan965.wordpress.com/tag/santai-sejanak/
pasri rada keom…
salam kawanoh kang ti kulawarga paguyuban lembur kuring kabupaten kapuas kalimantan tengah….
Klo boleh usul, tambah dong rubriknya.
Terima Kasih, anda telah mampir di blog saya. Insya Allah, secara bertahap rubrik ditambah.
wilujeng juragan…
abdi urang bogor
Hatur Nuhun, parantos rurumpaheun ka blog urang lembur, pa guru..! Abdi di tepis wiring tutugan Gunung Ciremai. Di Bogor mah seueur manisan pala paginten nya..?
Trim,s telah mampir di blog saya. Informasinya telah saya baca, semoga bermanfaat bagi kita semua.
Ngiring Iklan sa-alit kang :
Bilih aya nu peryogi majalah sunda “BALEBAT” mangga tiasa ngahubungi kana surelek : geni_bara@yahoo.com.sg hargana Insya Allah murah mung Rp.5.000,- teu acan kalebet ongkos kirim.
Hayu kahareupkeun basa sunda ngaliwatan “BALEBAT”
Hatur nuhun Kang Awan
Genibara/Kebo Hideung
Pedalan mana, tah Majalah balebat teh?
euleuh-euleuh aya liputan guha lalay (guha indrakila). janten sono ka pun….(kedahnamah di eusi “bojo”),..
haturnuhun tos diliput.
cag,
aeman_sip di Jogja
salesman Erlangga
aeman_sip@yahoo.com
Hatur Nuhun tos kersa rurumpaheun. Padahal mah candak deui wae tah “bojo” teh, he.he.he..!
DISEJUKNYA KUNINGAN PAGI HARI
Gunung tinggi berkabut putih
Sawah, kebun menghijau luas
Langit biru dihiasi awan cerah
Disejuknya Kuningan pagi hari
Lagu bidadari mojang sayap putih
Kebaya kuning bergaya seksi
Melenggang elok, bibir tersenyum
Disejuknya Kuningan pagi hari
Air danau sejuk, air hangat cipanas
Gemercik air sungai berdendang
Embun jatuh ke daun yang menari
Disejuknya kuningan pagi hari
Anak-anak, dewasa, orang tua
Merasa nyaman melagu cinta
Kedamaian hati merekah hangat
Disejuknya kuningan pagi hari
By Nenen Gunadi – Canada
Puisi Ini didedikasikan buat warga Kuningan Jawa barat, semoga Kuningan tambah hijau, damai, dan asri.
Trim,s buat Nenen Gunadi di Canada. Puisinya sangat menawan, seindah alam Kuningan aslinya lho. Warga Kuningan, tentu merasa bangga ada kiriman puisi sebagus ini.
KEBAYA : By Nenen gunadi Bisa di lihat di puisi
Hi there… kumaha damang ?
Trims juga atas diterimanya puisiku, aku suka Kuningan, soalnya Bapakku dari kuningan, dan aku dibesarkan di Kuningan, biarpun aku lahir di Semarang, dimanapun aku tinggal Kuningan adalah kelas utama, tak mungkin lupa.
Salam Kuningan Asri
Baktos,
HIJAUKAN TANAH INI
Ketika pohon-pohon nan hijau bertumbangan
udara mulai memanas nan menyengat
Air dan lautan mulai keruh menghitam
Penghuni dalam lautan meratap sekarat tak berdaya
Tanah mulai meradang gersang dan berasap tebal
Binatang-binatang punah korban pembantaian brutal manusia
Dan terakhir manusia-manusia musnah korban pembantaian keserakahan
Bayangkan…, begitu seram masa depan tanah ini.
Aneh…, justru manusia-manusia saling menuding dan saling berkata benar
Nyatanya tanah ini merintih, merana, dan berdarah
Adakah suatu hukum yang adil ditanah ini ?
Atau suatu hukum sedang sembunyi ketakutan ?
Gara-gara kelompok manusia serakah yang kejam
Berakibat pembantaian masal hewan-hewan, pepohonan, dan manusia sendiri
Jika terlihat kelompok manusia sedang membantai keji hutan hijau
Tembak sajalah!
Hijaukan tanah ini !
Demi manusia-manusia , demi hewan-hewan, demi penghuni dalam lautan
demi pepohonan nan rindang, demi masa depan anak-anak bangsa
By Nenen Gunadi
Puisi ini tercurah karena rasa duka saya tentang pengrusakan dan penjarahan liar hutan-hutan ditanah air, semoga pemerintah dan masyarakat sadar segera untuk menghijaukan kembali hutan yang rusak.
Terima kasih,
Nenen Gunadi, http://www.nenensnest.com
ON, Canada
RUMAH POHON HIJAU MERINDU
Hey manusia…!
Aku induk orangutan yang ketakutan, suaraku memilu perih
Dengar bisikan puisiku pilu membiru, dan resah merana
Lihat rumah pohon hijau diatas sana berkilau cahaya mentari pagi
Berdinding ranting kering, beratap daun pisang, berlantai daun kelapa
Kuanyam rumah pohon pelindung anakku, dan tempat kami berkumpul
Ketika sekelompok manusia kejam merampas anakku dari pangkuanku
Jiwaku bergetar, dan akupun lemas berlutut pasrah
Terkenang dia senang bergelantung bermain ceria dipundakku
Dia berbulu coklat halus, dan sorot matanya tajam berbinar-binar
Jemari mungilnya mulai pintar memetik buah segar dari pepohonan
Cerita buaian malamku selalu menghantarnya tertidur dalam pelukku
Air mataku tak terbendung, sampai luka hati ini tersulam rapat lagi
Hey manusia…!
Kembalikan anakku kerumah pohon hijau ini
Jikalaulah ada rumah yang merindu biru
Disini rumah pohon hijau inilah yang merindu
By Nenen Gunadi – Canada
Puisi ini tercurah didedikasikan buat orangutan yang diambang kepunahan, bagi yang ingin bersahabat dengan orangutan kunjungi : http://www.orangutan.or.id/
Alhamdulillah pangesto, trim,s atas kiriman puisinya. Moga tidak bosan aja mengirim tulisan untuk Kuningan.
Kumaha damang?
Geuningan aya blogna oge ngenaan Kuningan. Simkuring oge lahir di Kuningan. Tapi ayeuna nuju ngumbara di Bogor
Salam,
O. Solihin
http://osolihin.wordpress.com
Leres Kang, ngahaja ieu teh etang2 ngawartosan akang nu nuju ngumbara Ha.hha.ha..! kang, Satuju teu Kang, pami info-infona Kuningan wungkul? Longok geura surat Keur ka lembur, sareng forum silaturahmi di ieu blog. Nuhun, tos kersa rurumpaheun. Salam kanggo kulawargi, mugia apanjang apanjung.
asalamu allaikum….
nepangkeun yeuh,abdi oge tikuningan
bade ngiringan nimbrung di ieu blog….
Waalaikum salam. Mangga, akang, cuaang… ramekeun! Nuhun tos rurumpaheun.
Kau sahabatku
Kawanku
Tak usah kau sembunyikan kegelisahanmu
Jangan kau tutupi kesedihanmu
Karma kau bukan seorang aktris
Yang pandai berakting di depanku
Sudahlah kawan
Lepaskan segala kepenatanmu
Tumpahkan bersama air matamu
Sandarkan galaumu di pundakku
Karena kau sahabatku
Bila dalam malammu tiada berteman
Lamunkanku di hayalmu
Aku pasti kan hadir temani
Dalam sisi beku hatimu
Karna kau sahabatku
Ema…..
geuning tingtrim teh teu pasini
cangcaya sakapeung atra
sigana
mung lembur nu baris jadi paniis
mung hanjakal Ema,
abdimah narah mulang ka Nusantara
embung balik ka NKRI
da hayang teh
mulang ka Pasundan
ka Parahyangan
seja mulang pedah tibelat ka “Rumingkang”
seja bakti ka pancaniti jeung lemah cai
hayang geura bruk-brak beja
cacarita rendaan cara lalaki langit lalanang jagat
Jaya Perkosa
kantos abdi tumaros
naha hanjuang beureum masih anteb
na tatapakan kuningan asri
nu bakal kasampeur di hareup
Ema,
mun enya teh abdi mulang
hayang dipapag ku jatining asri
ku seungitna kaemasan ki Sunda
by yy rukayadi..
Duh….eta sajak mani linduh. Tong melang tong hariwang, Kuningan sareng Ki Sunda ayeuna nuju midang, nuju tandang makalangan ngigelan jaman. Nuhun, tong bosen ngalongokan.
Salam kenal dariku.Boleh ikut nimbrung sekalian baca-bacakan.Met beraktivitas aja
asalamu allaikum…,kasadaya anu login ka ieu blog…
Bade tumaros ,kunaon nya website http: //www kuningan asri situs resmi kab kuningan,teu tiasa
di akses/buka…..,’aya anu terang panginten?…
Cobi Klik http://www.kuningankab.go.id (margi situs resmi Pemkab Kuningan gentos nami) Hatur Nuhun tos rurumpaheun.
Untuk Kang Ibnu, salam kenal kembali dan dengan senang hati dipersilahkan untuk menikmati isi blog ini.l
asalamu alaikum..
wijuleng enjing .!akang/teteh
kumaha daramang …urang kuningan ‘
Kang Tarso ari di Canada nuju tengah wengi ayeuna teh, sareng nuju hujan ditambah kilat sagala. Abdi nuju rada teu sehat sigana kirang tidur rada harareeng panginteun pangaruh cuaca.
Kumaha Jakarta masih keneh banjir ?
Alhamdulillah Kang Tarso, abdi di Desa/Kacamatan Ciniru, kumaha urang Kuningan nu sanesna di Jakarta yeuh kamarana wae. Kawasna mah teu acan arapaleun sadaya panginten nya aya blog urang Kuningan ieu. Promosikeun tah ngaraha apal kana suasana Kuningan.
aeh… muhun, dicanada mah wengi nya
Almamdulillah Teh tos teu banjir deui,
ayeunamah musim panas/halodo.
saya sebenarnya udah isi buku tamu di tatar kuningan, ya isi disini juga biar lengkap aja, trim’s lagi karena adanya LemburKuring2007 ini saya bisa tau lebih banyak tentang kuningan
salam………
sae..mugi-mugi iyeu website salajengna
Hatur nuhun, tos kersa rurumpaheun…!
wilujeung wayah kieu….dunungan kumaha damang? yungkeun wisi kanggo nga link blog salira hehe
Nuhun ah
Alhamdulillah, dina danget ieu mah nuju sehat. Kumaha samulihna? Mangga bade di link mah, bingah wae nu aya..! Insya Allah nu saderek oge ku simkuring bade di linkkeun dina ieu blog (manawi diwidian). Hatur Nuhun tos kersa rurumpaheun. Ke urang pancakaki…! Blih antawis urang tos wanoh di darat…!
Cobi buka http://desa-parakan.blogspot.com/
Hebat euy, urang Parakan eusina euyeub ….! Nunhun tos disususud. Nyungkeun widi ka Pa Kuwu Parakan, ku abdi bade dilinkkeun kana www. tatar-kuningan sareng lemburkuring2007.
Assalamu’alaikum,
Salam kenal saya hanya ingin memberikan info kepada rekan-rekan alumni stm yang ingin mengikuti Program pelatihan Khusus Mechanic Alat Berat bisa menghubungi Pak Saidin di nomor 02187987900, Lembaga Pendidikan Kompetisi, PT. Saida Group, dan para lulusan diberikan informasi peluang kerja ke perusahaan tambang beserta bimbingan menghadapi test masuk keperusahaan tersebut.
Terima kasih.
Materi pelatihan 70 % Peraktek dan 30% teori waktu pelatihan 16 kali pertemuan, Pengajar nya Trainer-Instruktur dari Exs. Freeport, Trakindo.
Tempatna di Komplek. Pemda Bogor – Jawa Barat.
Haturnuhun pembukaan sudah dibuka tinggal meminta Brosur dan Formulir.
Demikian … Hatur nuhuuuun.
Terima Kasih Infonya Pak..!
Buat Pak Saidin salam kenal kembali. Ditunggu info-infonya.Trim,s
From Buhun With Blogger…
Kumaha rencana versi citakna Lembur Kuring teh kang???
Insya Allah medal dina 1 September 2007.
Ka Baraya Kuningan dimana wae ayana, mangga kintunkeun seratanana (Puisi, Artikel, Pangalaman, Sawangan, bahasan jsb). Ngeunaan tema sareng bahasa panganteurna mah teu langkung, bade ku bahasa Indonesia bahasa Sunda, nu diutamikeun nyoko kanggo kamajengan daerah Kabupaten Kuningan. Naskah diantos saelat-elatna Minggu III Agustus 2007. Atuh ka baraya nu parantos pesen lahan sareng sayogi janten sponsor iklan kanggo ucapan hari Jadi Kuningan EDISI CETAK Blog leburkuring2007.wordpress.com sareng website tatar-kuningan. com, timpah tipayun simkuring ngahaturkeun nuhun.
Husus bahan seratan kanggo edisi cetak blog lemburkuring20007 sareng website tatar-kuningan.com edisi cetak mugi dikintunkeun kana email lemburkuring2007@yahoo.com. Maksadana, supados henteu pagedrug sareng media cetak lokal sanesna. Margi tangtos hasil karya baraya Kuningan nu dikintunkeun kana blog sareng website ieu teh, aya nu dicopy paste boh ku media elektronik boh media citak kuningan, luyu sareng katangtosan.
Hatur Nuhun
wilujeng sonten kumaha daramang
Wilujeng sonten, Alhamdulillah…!
Assalaamu’alaikum
Kang, blog ieu tos di borgol, eh, di-blogroll di blog abdi. Sugan wae atuh aya batur salembur anu kersa rurumpahuen ka blog simkuring tiasa neraskeun nganjang ka blog ieu sareng anu tatar-kuningan tea..
Nuhun.
Upami teu kaabotan, punten manawi tiasa nge-link ti blog akang ka blog simkuring (tukeran link). Hatur nuhun sateuacana.
Hatur Nuhun Kang..! Eta nu dipiharep ku simkuring. Mangga ku abdi bade dilinkeun di ieu blog.
wilujeng tepang ka sadayana
tanah di sekitar kebun raya berapa yah
Berapa harganya, atau berapa luasnya?
Kebun raya mana ?
Iya ya..! Kebun raya mana? Kebun raya Bogor atau Kebun raya Kuningan?
Sugan di Kuningan aya kebun raya ? naon namina ?
Namina nya eta Kebun raya Padabeunghar. Pedah perenahna (terletak) di Desa Padabeunghar Kacamatan Pasawahan. Desa Padabeunghar ngarupikeun daerah nu pangcaketna sareng Gunung Ciremai. Perenahna, di tapel wates (perbatasan) Kabupaten Majalengka sareng kabupaten Cirebon. Alamna endah matak betah. Mung nya kitu, Kebun raya Padabeunghar teu acan asapertso kebun raya bogor, margi nuju dibebenah keneh.
aduuh abdi oge urang kuningan euuuuuy, tapi ayeuna tos tilu taun tugas di Gorontalo. Tiasa heunteu nyak abdi nimbrun di lembur kuring ? asa ku kangeeen pisan abdi mah upami mendengar kata kuningan teh. hampura nyak kang upami basa abdi blepotan, maklum abdi mah ngumbara terus di luar kuningan.
ari Padabenghar mah caket desa abdi, mungkin kaliwatan sadesa, Padabenghar ka wetan Desa Ciwiru, tos ti Ciwiru nyak desa Abdi , Desa Cidahu Kec. Pasawahan. Memangna di Padabenghar aya kebon raya nya ?
Mangga bade bade nngiring nimbrung mah..! Soal basa teu janten pamengan, bade ku basa Sunda atanpi Indonesia nu penting mah tiasa kahartos. Der tong asa-asa. Leres di Desa Padabeunghar aya kebun raya.
Nuhun tos ngalongok ka lemburkuring.
pa ajun komisaris sae pisan blog-na tp ko foto acara agustusannya ga ada foto esianya…….?????tampilkan dong biar q-ta bisa ada buat report ke pusat bahwa agustusan esia ada acara sekalian buat promosi blog-nya….thanks
Ah masa..? Kan ada dalam acara salawatan. Di page foto, background spanduk. Iya donk, kan skrg mah jamannya bukti bukan janji. jamannya esia, jamannya untung. janten sanes jamanna dibobodo. Eh, naha kalah promosi he…hee.! Tapi da leres, koneksi internet wifone esia abdi mah ngebut euy…!Merdeka…!
Assalamualaikum wr wb,
Kumaha damang warga-wargi Kuningan, usum naon yeehh di Parakan teeehhh … kapungkur mah abdi hobyy berburu Manuk jeng Bagong sampai keliling ka lembur-lembur kuring … Galaherang, Maleber, Seklok, Cipakem … sampee ka subang, tapi ayena mah tos henteee karunya ka manuk jeng alam satwa sing parunaahhh ,….. oh iya saya ingin memberikan infoo niihh … bagi para lulusan technic Civil, Explorasii, Drilling, Construction, Technic mesin yang belum punya kesempatan atau yang habis kerja baik anu tos pangalaman atawa anu tacan didamel cobiian lebetken lamaran ka situs, (CVna wae ) ka. email simkuring : yaaa mudah-mudahan nanti ada peluang, informasi dari simkuring lamun aya kesempatan ku simpkuring diwartosan. kirimken wae CVna.
Haturnuhun ka lembur kuring, InsyaAllah lamun aya info terbaruuu kusimkuring diwartosan.
Salam,
kakulawargi Lemburkuring khususnaa warga-wargi Kuningan, Kuningan Kota, Cigodeg, Sawah waru, Kabumen, Clame , Pasapen,Lamepayung, Luragung, Cinagara, Cinembey, Lebakwangi, Ciwaru, Maleber, Galaherang, Cipakem, jeng sajabanaaaa.
Salaammmm.
Assalamualaikum wr wb,
Para Wargi Sadayana kumaha damang yeeehhh dinten iyee teehh…. Selamat bekerja sareng mugi-mugi ditangtayungan ku Allah Swt. amin.
Salam,
T. Saidin
Putra Kuningan
lam kenal bae atuh kanu gaduh ieu website
Salam kenal deui..! Nuhun
Deuh sono pisan ari ka lembur teh hoyong namah Usaha di leumbur tapi da geuning teu gaduh ka ahlian nu nyumponan.ka paksa Di Jakarta cenah ”tai aja jadi duit”(punteun)
He love!!!kang abdi ti Desa Garajati
salam kenl bae ti abdi neumbe ka pendak yeuh leumburkuring
Nya Kana naon wae usaha mah..Kang ! Nu penting mah halal. Nuhun, tos ngalongok ka lemburkuring. ,
Assalmu’alaikum kang
simkuring bade nyampeur kangge ngadubako di http://www.ngariung.com kangge ngamumule budaya sunda
Nuhun ah, diantos pisan
partisipasina
Walaikum sallam, wr wb,
ari ngamumule naon nyaaaa …. aduh te ngartooos simkuring nyaaaa.
Salam kenal wae .
Salam,
Ngamumule teh tiasa menjunjung tinggi harkat derajat, tiasa memelihara, merawat dsb.
Ohh ktiuuuuu haturr nuhuuunn pak infonaa..haturnuhuuunnn, bapak ayena teh linggih dimana di Jakarta apa di Kuningan ? ada infooo apa nih pak yaaaa mungkin bisa kita bahas sama …sama, Pendidikan, Usaha atau naon wae lahhh yang bisa kita pacuuul ?
Assalamu’alaikum untuk semuanya…
saya hanya ingin menanyakan, bagaimana baiknya apabila saya mempunyai tempat sarana fasilitas belajar untuk kursus, apakah perizinan harus melalui DIKNAS atau DEPNAKER? karena selama ini yang saya daptkan informasinya simpang siur…. mohon pencerahannya, terimakasih…
wassalam..
mangga dilajeungkeun..
Alhamdulillah akhirna abdi tiasa ngempel sareng dulur – dulur orang kuningan ,abdi ngaraos bingah tiasa berinteraksi sareng nu sanesna sanajan lewat web ieu tapi abdi tos rumaos ciga di lembur sorangan …tepang keun abdi dodi ti desa sadamantra kaleresan abdi damel di bandung , kumaha daramang sadayana dulur-dulur kuningan teh? amien ,kalayan doa sareng pujina urang panjat ka gusti alloh supados kota kuningan nu ku urang di pikanyaah jeung di bangga keun janten kota nu subur ,makmur, sareng sejahtera wargi masyarakatna .Kuningan ASRI euy
Hatur nuhun ka Kang Dodi..! Hebatlah Sadamantra janten rame ayeuna mah..!
Ka Pa T. Saidin, urang ngobrolkeun usaha budidaya Jengkol sareng peuteuy..! He…heee.!
wah hebaat tuch lamun aya kripik peuteuy,burger rasa jengkol atanapi pizza isi pete
Duuuh geuning teu aya nu nyapa abdi nya ?
Aduh kang ikin waras eeeyyyy … aya dimana yeeuuhhh ?
Kiripik Jengkol geura raos, diekspor kamancanaga.
Kang T,
Kumaha Beriiiiiiitttttttttt, Buriiiiiiiiiiitttttttttttttt, Biriiiiiiiiiiiiiitttttttttt he..he..he.. aya-aya wae geuningan.
Kumaha tah tentang jengkol kiripik ? he..he..he..
Aya nu uninga henteu nya … di Jakarta teh tahun 80 an aya ikatan / perkumpulan wargi kuningan namina IPPMK (Ikatan Pemuda Pelajar dan Mahasiswa Kuningan) .
Dupi ayeuna teh masih IPPMK masih aktif atanapi tos pingsan nya ???
Upami masih aktif, dimana sekretariatna sareng no teleponna.
Aya tapi tos tearaktif, masih aya nu aktif Pemuda Sanding Gunung ( Desa Galaherang ), Pemuda Arya kamuning , per daerah ayena mah nu aya.
wilujeung mayunan sasih syiam…hapunteun sabudaya kalepatan
pa ikin uninga ka pak toto toharudin ? atanapi ka pak idris , Mba ? sareng pak asep guru anu janten Wasit bulu tangkis anu bumina di jln veteran ?
Abdi apal ka pa Toto Toharudin. Pa H. Toto Toharudin, Kepala UPTD SD Mandirancan panginten nya ?
Alls,
Assallamu’Alaikum Wr Wb,
Ya Allah Muliakan Saudara2ku ini, bahagiakan keluarganya, berkahi rezekinya & Kesehatannya kuatkan imannya, tinggikan derajatnya, eratkan talisilaturahminya kami dan bukakan pintu maafMU dalam menyambut ramadhan mohon maaf lahir bathin ” Selamat Menjalankan Ibadah Puasa 1428 H ” T. Saidin Sobandi Widya Santika.
Wa’alaikumsallam wr.wb
Semoga Allah memberkahi kita semua. Wilujeng ngalakonan ibadah shaum. Mugi urang sadaya dipaparin kakiatan. Amin
Ass. lemburkuring, alhamdulillah, tiasa tepang sareng baraya, nya baraya dina bahasa tur dina budaya. Nepangkeun, abdi SANTOBRI, ti PANANGGAPAN, Breres Jawa Tengah, kaleresan ayeuna nuju di Pekanbaru (tos 14 tahun). hapunten upami bahasana teu nganggo undak unduk basa anu sae. maklum urang pananggapan mah bahasa sundana oge kasar pisan, boh dina tata bahasana oge dina logatna. ari urang Kuninganmah logatna oge ngalun halus, ari urang pananggapanmah (sunda jawa tengah) heuras sok rada nyentak. Keun keur kuringmah teu jantel alit ati, minder ku batur, justru eta teh bagian tina kakayaan bahasa sunda. Salam ka wargi sadaya…ceu urang Pananggapanmah : “keur karumahan deh dulur..!!, walaras deh, ari boga waktu mah, arulin tuh ka imah kami..”.. hatur nuhun, SUKSES UNTUK LEMBUR KURING>>
Waras deh…! Pananggapan hebat lah..! kami oge upami ka Pananggapan teh henteu asa di Jawa Tengah, tapi asa di Kuningan. jalmana arakuan komo Pa Mantri Didi mah. Bunda Ully Sigar oge kantos kukurusukan di leuweung Pananggapan basa aya Hari Air Sedunia sababaraha taun kapengker. Kami oge sono pisan ka Panannggapan teh. Nineung ku sangu huma sareng beuleum lauk ti Bendungan Malahayu. Tong asa-asa nganjang ka lemburkuring, da sadayana oge apan urang teh baraya. Wilujeng
Mangga kang Santobri kalebet, leres urang teh baraya, wilujeng nimbrung dilembur kuring, ari abdi mah teu acan pernah ka Pananggapan, malah nembe mireng, maklum kuper ha..ha..ha..
Nepangkeun! Sim kuring asli Kuningan, lahir mah di desa Subang nu dugi ka ayeuna listrik sareng telepon masih byar-pet, komo upami musim hujan. Ngumbara di Bandung 16 taun, ayeuna tos nincak taun ka opat mulang ka lembur jadi guru di SMKN 3 Kuningan (STM). Hatur Nuhun.
http://rudyh-smk3kunigan.blogspot.com
Si Horeng Urang Subang kumaha Kang Rudy Damang ……. atuh kan Pak Agum Gumelar teh Urang Subang …….. cobiann kinten masukan ka anjenna ……… Sugan wae atuh kang aya jalan kaluarna tentang listrik sareng sajabina.
Kang T, Windy tos rest in peace dinten Sabtu sonten tabuh 05.55 waktu Ontario, dipangkuan abdi. Tos bebas tipanyawat kankerna.
Asallamualaikum wareg geuning tos buka puasa teh kamerkaan yeuh …kumah daramang ? on line on line
Ari anu gaduh web site na kamana, geuningan jarang nimbrung, kang Zoen sehat atanapi sibuk tara nongol ?
Waduhhh turut berduka cita yaaahhhh, iya lah kasihan ….kalau te kita si Windy menderitaaa ….. gimana kabar di Canada Tehhh….. Usum naon ayena teh …….sok atuh kirim ka simkuring mumpung mau Lebaran eeeyyy ….. sugan wae atuh aya nu cocok he he he …..Lebaran Uih tee ka Lemburrrr ? ka pungkur ari teteh Nenen teh Di Kuningan Sakolanaaaa?
Nu gaduh website sigana masih kulemm keneeehhh …. he..he.
Hapunten ka sadayana, ieu koneksi internet di rompok kawas nu ngiring puasa. ngadat tos opat dinten.Ieu oge bari ngabuburit di warnet.
kang zoen bade naros upami ka kuningan abdi sok sesah ngilari WARNET , warnet mana anu pang caketna sareng loading na teu lami / akses cepat ?
ngiring ngalangkung saliwatan …. kumaha kabarna Kang ? Salam kanggo sadayana
KUMAHA ,……Mudik-Mudik mamang ,aa, bibi sadayana Mararudik atuh Kuningan sina Rame ku Balada urang Kuningan …ulah ku jalmi pendatang… GET THE HAPPY IN KUNINGAN CITY… ARE U PULLED ? GOING ON NOW>>
nepangkeun sim kuring teh urang Cidukuh, Desa Tundagan, Kec. Hantara,
punten ngiring nimbrung.
salam kasadayana satatar kuningan
heeey aya nu alumni smkn 2 kuningan henteu nyah ?
heey
Assalammualaikum……kenalkeun…abdi ti Bekasi ngiring nimbrung wios ti Bekasi tapi
asli urang kuningan……kumaha dulur…dulur salembur baraya sadesa….. salambaktos
ti simkuring…anu nuju ngalalana….. nuhun….urang Kuningan tah tos aya tali baraya di Blog urang Kungian kudu dimulule……hatur nuhun….
Waalaikum Salam…….Mangga, wilujeng sumping. Hatur Nuhun.
Ass. WW.
Ngiring nimbrung tur hoyong tumaros ieu teh.
upami beus (BIS cak urang jakarta mah) Luragung jaya nu ka cikarang bade lebaran teh ditambihan heunteu,,teras waktosna iraha wae tiap dintena?punten atuh ka dulur sadaya nu caket ka pengurus PO. Luragung pasihan terang nya…….kanggo nu gaduh web… hatur nuhun pisan.
pribados lulusan STM PUI Cilimus,,,,,,,rorompok mah di nanggerang-kramatmulya…mung nuju ngumbara di cikarang……hatur nuhuuuuuuuuuuuun.
Yang mau pesan tiket mudik tiasa pesan tiket ka simkuring simkuring aya di Bogor yeeeh sareng jakarta kendaraan L 300 sok saha anu bade daftar mudiiikkkkkk ka Kuningannnn.
Assallamualaikum wr wb,
Sadulur anu bade mudik ka Kuningan Simkuring aya info yeeeehhh sugan wae bermanfaat …. ka sadulur nu bade mudik upami butuh Angkutan lebaran simkuring ngayaken Transportasi Mudik tujuan Jakarta-Kuningan mulai di buka tanggal 6 Sampai tanggal 11 October 2007 jenis kendaraan … ” Kijang EFI tahun 2000 sareng L 300 tahun 1997″ diantar sampai tempat.
Kijang Muat untuk 7 orang harga : 130 perorang :
L 300 Harga untuk 12 orang harga 80,000 perorang :
Mangga anu bade daftar diantos.
asalamuallaikum wr.wb , SELAMAT HARI RAYA IDUL FITRI…Dulur-dulur
Wilujeng Idul Fitri kanggo baraya Kuningan sadayana !
Hatur nuhun ka p’totong yang ngenalin saya ke blog orang kuningan, ditunggu reunian-nya ya…
baru tau saya teh..ada perkumpulan orang2 kuningan…
selamat “lebaran” buat sadayana…ati2 ya dijalan kalo mudik…
Sami-sami neng EEtiiiiiii eh hilap ari lembur teh di daerah manaaa nyaaakkk Pasawahannya Teeeehhhh etiii. teh Nenen kumaha damang yeeeehhh waduh usum naon yeeehhhh di Canada …? wah teh Nenen saya mau bawa si Omon jeng si Ucil ka Kuningaaannnn … hoyong ngiring lebaran di Kuningannn cenaahhhhh. hee hee heee abis kasiah kalau di tinggal nda ada yg ngurusinnn …1
Hello kang T, abdi mah nuju rarepot geuningan, wah pokokna mah repot kusagala he..he..he..
Sae kang T, ucing oge kedah ngiringan lebaran, bisi sato oge ari tos ngahiji jadi siga anak sorangan, abdi oge upami mudik ucing abdi “Tommy Jr ” max” & manuk abdi “Jasper (kakak tua), Jimmy, Dixi, DJ” bade diboyong, soalna teu aya anu ngurus.
Ari ucingna kang T, toiletna nganggo Cat’s Litter ” Pasir di box”?
Ucing abdi mah, tos dilatih nganggo toilet manusa, jadi teu kedah repot meser Cat’s litter, ngan tinggal ngeflas, bade diajaran sena ngeflas toilet sorangan, ngan abdina pabeulit ku sibuk.
Wilujeng kang T, selamat Idul Fitri.
Salam mudik,
Nn
kang Deny (Kadu) kamana geuningan teu nongol-nongol ?
Salam mudik,
Nn
assalamualaikum salam kenal,punten bade tataros kabapak-bapak nu berwenang lamun tiasa mobil nu kakuningan penumpangna tong seeur teuing
salam kenal,punten b
Wilujeng tepang kang Yayat, selamat Idul Fitri.
Salam kenal.
hebat blognya
Kenal kembali pak…! ah, biasa-biasa saja..!
kang ajun adalah salah satu wartawan yang benar-baner hebat yang ada di Kuningan
hapunten abdi nembe ngiring nimbrung deui…kumaha damang dulur?
Ass…wr wb, punten simkuring bade ngiringan ngagabung.
salam kenal dari wargi kuningan nu keur ngumbara di palembang, ari kawitna ti kel winduhaji kec/kab kuningan kaleresan sami sareng bpk bupati anu anyeuna satu kelurhan, punten wae bahasana gado2 kami hampir setiap lebaran mudik ka kuningan
kami ( suami/istri) sangat2 bangga dg kota kelahiran, ini mah cuma usul ke pemda mudah2an sampe klo bisa wisata palutungan dibagusin seperti curug sidomba pasti lebih asik en geulis, panutup salam kasadaya wargi2 kuningan terkhusus ka alumni sma kosgoro th 83/84 “salam pelabon” kapan nya urang bisa ririungan ngabayangkeun zaman2 baheula tea, salam kanggo ceu eti kantin
Ass. Wr. Wb.
Kang..mani sedih euy abdi teu aya nu nyapa padahal unggal enjing unggal poe ngintip ieu blog…. tapi moal pegat + moal putus ka cinta kuring ka lembur di Kuningan, salam tepang kasadayana, bravo Baraya tatar Kuningan!!
hatur nuhun
Wa Allaikum sallam, wr wb,
aduuh apa kabar yeehhh kangg aya dimana kang endang teeehhhh ?
Kanggo Kang T. saiding,
Wilujeng Lebaran 1428 H. mana peyeum sareng papais monyongna atanapi raginang, diantos pisaaannnnnnnn. mani waas ka papais monyongg
Neng Maudi teu mudik ka Holand ? sanes Kang Eric teh kawitna ti Hollandnya…
Salam,
Urang manis Lor Tea
di jakarta abdimah kang mr. T..nuhun asa ngempel sareng baraya ngiring di ieu blog teh, asal mah ti Ds. Pajambon…abdi kungsi gaduh rencang namina Saidin ti Ciniru Jalaksana..salam kanggo nu gaduh lembur kuring, ka ne2n..pokona sadaya baraya di tatar Kuniningan lah, sakantenan bade tumaros ari Maudy Kusnaedi teh nu artis..tis..tis tea kang.
nuhun
Wilujeng tepang kanggo saderek sadayana urang sunda ti tatar kuningan
Kumaha daramang sadayan, ngiring nimbrung urang bogor, nepangkeun sono ngaraketkeun tali duduluran, mugia urang sadaya ditangtayungan ku gusti nu maha suci.. Amiin… ngiring salam tepang nineung kanu di Cirebon… iraha ngiringan nimbrung ka dunia maya teh sapertos urang Kuningan… cag ah heula……
Wilujeng tepang sareng T`Maudy artis anu geulis tea, geuningan masih emutan keneh sanaos tos janten artis oge kanu monyong2 teh “papais”, aya deui geuningan makanan anu enggal teh di kuningan namina kiripik bayam mani rangu pisan.
Waduh kang Uha kumaha yeeehhh kabarnaaa, sareng Teh Maudy K ……… bade naros ka kang Uha ari akang teh posisi di Jakarta atanawi di Kuningan bilihhh simkuring aya kenalan baru namina Kang Uha didamel di Pemda DKI ari dikuninganna di Cijoho….. ?
Ka Teh Maudy kumaha yeeehhhh wartos naaaaa …… ari Hoyong papais Moyong sareng sajabana makanan Khas Kuningan ayaaa keneh d Bumi kaleresan banyak anak didik saya ti Kuningan, Ti Manis, Ti Cigugur, Ti Luragung, Ti Garawangi, Ti Kabumen, ti Jagabaya, Ti Purwawinangun, Ti Minuherang ……. lagi bertamu Allhamdullilah nyarandak oleh-oleh Gemblong. Peyem jeng sajabana …… masih aya keneh yeeeehhh.
Informasii kamari simkuring dapet kabar ti teh Nenen di Canada …. lagiii sibuuukk bin padat InsyaaAllah saurnaa 2 Mingguu deii Online tiap dinten.
Hatur nuhun.
Informasi :
Dibuka Pendaftaran Pendidikan Pelatihan Mekanik Alat Berat untuk di support ke Perusahaan Tambang seperti : Freeport, New Mont, KPC, dan yang lainnya.
Bilih aya putra, ponakan, tetangga, atau sajabina Lulusan STM ( Mesin Automotive, Listrik, Las, sareng Bubut ) tiasa di informasiken, ka Lembaga Pendidikan Kompetensi Saida Group.
Hatur nuhun,
TS.
Alhamdulillah kabarna sae pisan, dupi sawangsulna teh kumaha ?, o….iya bade balik naros yeuh ari ti kuninganna teh kawitna ti mana ?.
Kang, ari saya mah ti prak borojolna dugi kumisan teh di kuningan di Kel Winduhaji
kapalih wetan sakedik ti Awirarangan , hanya ayeuna keur ngumbara aya disebrang
lautan di sumatra di kota empek-empek, nya bilih atuh kaleresan jalan2mah ka Palembang tong hilaf mampir, sukses selalu keur kang T.Saidin.
Teh Maudy simkuring mah di Kuningannana Jl. Otista pengkeren SMPN 2 Kuningan ti Palaza ka kidul teaaa… cuma di Kuningan cuma sampai SD saterusnaaa ngarantau ka Indramayu(SMP), KaCirebon ( SMA ), Kajakarta ( nerasken) Kuliah sampai didamel tur Usaha sampai ayena.
Mampir atuh lamun ka Kuningan, sareng Ka Bogor.
Teh Maudy ari siakang Erik seneng Gemblong teeee sareng peyem and papais …… wuiiihhhh rerencangan abdi Bule-bule mani seneng pisan lamun dipasian Gemblong sareng papais + Raginang ……. Cuma kalau saya kasih Peteeeyyyyy suka gak mau …. bauuu ceenaaaahh. yang lucu saya suka dikirimin Peteeeyyy sama candidate saya dari Purwakartaaa te tanggung-tanggung nyandak ngirimna ka kantooorrr 2 Kardussss ……… Bule-bule kawan saya pada tutupp idunggg haaa…haaa..haaa.
Padaha duuhhh peteeyyy teh raos pisaaannnn apalagi kalau makannya sama ikan peda ples sambeeellll …..aduuuuuuhhh pohoooo eta rendang jeng sajabanaaa.
Beu eta Kang T Saidin kalah nyiar nyiar piatoheun geura… ngawawaas batur nuju kabungbulengan ku peuteuy sama ikan asin… halah janten lapatr kieu yeuh…
Tuluuuuung…..
Kang T. Saidin, aya salam ti Kang Arif sareng Teh Dede…!
Wa’Allaikum salam wr wb, tolong sampaikan Pak. Selamat Menjalankah Ibadah Haji mudah – mudaha sesahat, lancar dan menjadi Haji yang Mabrur.
Aduh, wilujeung tepang saderek-2 salembur…
Nepangkeun pribados oge asli kuningan, tepatna ti Desa Cipakem, Kec. Lebakwangi.
Mung ayeuna pribados nuju ngumbara di Batawi, yach lumayan milarian sekeupeul berlian hehehe……
Sususgana urang tiasa berbagi informasi ( hahaha gayanya bahasana make bahasa batawi ).
Salam Kenal
Boy Tunggara
Punteun bade tumaros ari Mang Jaya masih aya teunya…teras dongengna masih di setel teunya di Radio Linggarjati,
Aduh mani waas kalo sekarang masih ada, da ti mulai saya SD samape SMA mah masih osok ngahephep bae caket Radio mirengkeun dongengna Mang Jaya, mugi-mugi beliau dipaparinan Kasehatan Aminn, da kapungkurmah mung Dongeng wae anu jadi Panghibur di kampung abdimah, benteun sareung ayeuna da barudak teh aradukeul bae mayunan PS mangsa kiwari mah, perkembangan jaman tea, tapi da saya mah masih inget tah upami mang jaya bade nganggeuskeun dongengna yeuh kieu geura ” Eeuuhhhh waktosna seep pamiarsa” mangga urang teraskeun deui enjing… ari tos mireung kitu teh.. bulacat bae sim kuring lumpat. maen bal di lapangan cek urang cipakem mah tajong maen bal teh…hehehe
salam ka sadayana..
ereeehhh eta geuning aya urang sirigading, seklok , cigeruuuttt ….. kumaha wartos na wa ulis jajang yeeehhh sareng kuwu anyaaarrrr ………. sampean ayaaa di manaaaa ? haaaa eta siganamah logat cipakeeemmm, aruh sok inget ka kang Tata penyiar radio Bekasiiii sok nyebut Gohgorrrr ha..haa..haa,
Kang lamun ka Cipakem salam ka Kang, andi, H Sujam, Wa Eho, Lurah Senen, Ibu guru Yatiii pesen seleee nyaaaa ? ulah hilappp ka mandor ihol. haaaaa…haaa..haaaa.
Sanes ngalelewe ka Putra Cipakem
Leures pisan upami tos “waktosna seep, abdi oge sok langsung we maen bal”
Mang Jaya mungkas dongengna ku “waktosna seep biasana keur meumeujeuna seru”
Upami dongeng anu wengi abdimah tara terang rengsena, kumargi sok kaburu kerek
Mani waasnya baheula, dipalemburan mani sepi jempling, pararoek can aya listrik
mung sora Mang Jaya we ngadongen ka kuping tina bilik urang lembur
Mangga nepangkeun ka Putra Cipakem, abdi oge asli bibit ti Parakan
Assalamualaikum……………. nepangkeun kasadayana, ari simkuring teh kawit ti Kp. Jagra, Kutakembaran – Garawangi, mung tikawit lulus SMA ngumbara kaJakarta………nya kabetahan teuing, janten bae…………sok hilap ka lemah cai……..punten kasadayana simkuring ngiring gabung dina obrolan ieu……………
Mangga Kang Dimhong
Sok sugan aya pangalaman, obrolkeun kadinya ulah isin2
Kutakembaran mah atuh rayina Pakembangan
Nguping wartos urang Kutakembaran seur nujanten pengusaha sukses di Jakarta
Kahade ulah hilap ka lembur, kucurkeun rezkina pasti atoheun pisan urang lembur
he,he,he……..kang Dadang ti Pakembangan? atuh tepang ka Emod sareng Jajat?
InsyaAlloh, ke sasakali mah rek amengan ka Kuningan……….kangen hoyong daang sop dengkil anu di landeuheun kuning ayu, aya keneh henteu ?
Muhun nya, Kutakembaran teh raina Pakembangan. abdi kantos ka Kutakembaran mah. Ti Desa Pakemabangan mengkol ka kenca (jurusan Ciniru). Di caket lapang sepak bola, ayeuna mah tos aya SMPN 2 Garawangi sae pisan. Tong hilap atuh ka lembur Oh enya, sop dengkil di Dewi sartika nya? . Dengkil Embe..Hee…hee.!
promosi dengkil embe yeuh kang zoen, kang dengkil anu palih kenca
lamun urang bade arah ka Mesjid Agung sanes.
kang zoen, leres pisan eta dengkil embe nateh mani raos da waktos
kamari boboran kantos nyobian ditambih deuih tuang nateh sareng
kupat mani raos pisan, upami teu lepat mah dengkil “Mang KEYO” kitu.
salam kasadayana
dari rantau
sumuhun raos pisan……..saupami di dieu aya cabangna, atoh pisan panginten wargi Kuningan anu nuju ngumbara…………..tiasa ngadaang dengkil asli masakan Kuningan…………..
Sop dengkil embe, hucap jeung sorabi sok ngarumbara ka kota gede, apan loba pisan
urang Kuningan di pangumbaraan teh
Warung kopi, mie, rokok jeung nulainna………….pasti sukses
euleuh-euleuh teuing eta ari kang dadang mireng dengkil embe+kupat mah
kaluar tah geuningan ti patapaanana, lapareun meureunan he….he…..he
kumaha wartosna jakarta / kuningan teh sae kitu ?
Kang Uha Samsuha
Jakarta keukeuh macet jeung banjir, tapi keukeuh abdi banting tulang teh di Jakarta
Kuningan teuteup tiris jeung adem, abdi sabtu/minggu mah teuteup we maksa turun ka Kuningan tiris2 oge
Sawangsulna kumaha di Palembang ?
Kang Dadang, sami atuh ayeunamah dimana-mana teh nuju musim
hujan, hanya ari di palembang mah hawana teu satiris jiga dilembur.
Raosnya ari caketmah tiasa unggal waktu ka kuningan teh da panginten
naik bus/kareta oge batan kuseringmah panginten gratis…tis….tis, he…he.
Sanes kitu Kang Uha
Di Kuningan mah tiris2 oge aya nungabaturan bobona
Sanaos di Jakarta rarujit oge, upami tos turun ka Kuningan mah sok plong
Ayeunamah Kuningan teh luar biasa majeungna
Sanes jalanna bae nu licin, kendaraanna oge mani harerang, rumahna saligrong
Pa Aang H. Suganda anu ti Winduhaji tea katingalna teh mani smangat jeung mrakyat
kbeneran pisan Kuningan gaduh pmimpin spertos kitu
Maklum si Windu oge gagah jeung lincah kapungkurna
O…………………..ooooooooooooooooo beigicu toh,sambil nyelam minum air
nih………………..yeh.
Anumatak betah teh nyakitu ayeunamah kuningan teh “ASRI” teh sanes
simbol wungkul tapi kanyataan, dakatingali geuningan ku urang sadaya.
Maju terus kuningan
Totong Saidin dimana nich,….ga ke Cirebon, diantos di cirebon di bumina ibu Eni
Tong Hilap oleh-olehna hehehe….
Salam
BUDI
Punteun palawargi urang kuningan, kamarana yeuhhhhhhh geuningan tiiseun pisan, kang moderator kamana yeuhhhhhhh
uha tea
haloooooooooooo
Kesepian niiiii…….yeeeee
Kang Uha kumaha di Peuntas? kang dadang kamana nya..?
Alhamduliilah kang Zoen kbr mah sae pisan, upami ditaros musim sami
jigana sareng di kuningan nuju hujan wae unggal dinten teh.
Kumaha kang Zoen wartosna teh damang ? oge kumaha di kuningan teh
saparantosna hajatan POPWILDA janten jawara umum panginten nya ?
Salam kasadayana dari peuntas (nambut istilah kang Zoen,punten)
Kang Totong Saidin kamana yeuhhhhhhhh….
Kang Totong lagi dinas ka luar kota siganamah……
anu sanesna kamarana yeuhhhhhhhh, meni tiiseun pisan…
Kaping 20 Nov ngawitan pelatihan rupinamah Kang T.Saidin
Tahu Lamping yeuh haneut pisan
Ulah hilap mampir memeh Cigadung
asalamualaikum….
Waalaikumsalam
Kang Agfhal wilujeung tepang, linggih dimana yeuhhhhh…di kuningan atanapi di kota sanes. abdi oge kapungkur gaduh rerncangan di kuningan di SMA Kosgoro namina agfhal..janteun kaemutan ka anjeuna.
salam,
Maudy tea
Assalamualaikum, Wr wb,
Kumaha daramang sadayana waduh punten nih baru masuk lagi ……. kebetulan lagi padeeett teh Maudy kumaha damang Cep Edy sareng Suami yaaa mudah-mudahan selalu sehat walafiat sakulawargi.
Leres kang Dadang Pelatihan untuk mekanik alat berat sudah dimulai lagi …. dan kebetulan simkuring nuju ngarecrut beberapa candidate untuk support ke Oil & Gas sareng Tambang Emas Freeport Tembagapura, insyaAllah anak-anak yang sudah didik dan lulus test Kompetensi tiasa direcrut untuk kesana.
kang support ka Barudak SI Mesin atau STMnya yang mau ikut proses pelatihan sangat terbuka peluang, insyaAllah trainer-trainer sesuai dengan specialisasinya kebetulan saya ambil dari beberapa perusahaan alat berat dan tambang yang sesuai dengan bidangnya.
Pak Budi kumaha damas sampun lawas kita ora ketemu kepriben kabare bu Eni Insyaallah Minggu depan saya ke Exor balongan mampir ke Tuvarep.
Just Info :
dibutuhkan segera :
1. Geotehnical Engineer. ( Balikpapan )
2. Electrical Engineer. ( Jambi )
3. Qa & Qc Engineer ( Freeport )
4. Mechanical Engineer ( Freeport )
5. Geology.
Informasikan : kirim CV ke ( t_saidin@yahoo.co.id)/ (saidint@gmail.com)
Terima kasih.
Eta geuning Kang T. Saidin muncul
Kang… sok aya anu tataros ka abdi lulusan STM, terutami anu ti lembur (Pakembangan).
Mung abdi teh masih poekeun sistem sareng prosedurna
Cik upami tiasamah kintun ka abdi brosur atanapi nusanesna
Wilujeung teupang tah ka Teh Maudy K
Haturnuhun
InsyaAllah kang Dadang nanti saya kirim Brosurnya untuk kedaerah Kuningan, InsyAllah infonya bisa dilihat di Media Info sareng Peluang Karir.
Kang Tototng Saidin, abdi oge hoyong beraling janten pekerja, udah bosen jadi tukang indomie rebus yeuhhh..kaleureusan abdi lulusan STM Pertiwi Kuningan, jurusan mesin, tiasa di bantos teu.., mung usia parantos 25 an yeuhhhh, sareung pangalaman nembe di Icalan Mie rebus sareung bubur kacang ijo bae…
kumaha tah kang….
Assalamualaikum wr,wb.
Punten bade ngiringan nimbrung,tos lami teu tepang ka wargi-wargi urang kuningan
pribados teh ti Serang-Banten ,tos lami ngumbara di Serang teh,bilih aya mitra sadaya anu ka serang tong hilap mampir ka sim kuring
hatur nuhun
http://www.dokter-online.co.nr Merupakan situs KESEHATAN YANG DIASUH OLEH dokter-dokter, anda dapat BERKONSULTASI KESEHATAN dengan dokter kami secara GRATIS
Punten,
saya ga bisa berbahasa Sunda meskipun sedikit banyak tahu beberapa kosa-kata. I just stumbled your blog and I’m so excited about the language. Keep up the good work. Any translation of your writing would be good! Salam, Arfi Binsted. NZ.
Hello kang Arfi,
Selamat gabung (Wilujeng gabung)
Sekarang kang Arfi ada dimana ?
Salam kenal (Wilujeng tepang)
Assalamualaikum…
Sami2 Teh Maudy wilujeubg tepang oge, punten nembe tiasa ngawaler, kaleresan nuju seueur padamelan. Ari abdi mah linggih teh rada tebih geuning, di padang, tp ari asli ti kuningan. kalo rerencangan anu di kosgoro teh angkatan sabaraha nya ?
kanggo teh Nenen, Kang Arfi, Kang juned, kang Asep, Kang Dadang, Kang Saidin sareng Kang Zoen wilujeng tepang kasadayana, salam dari Ranah Minang…
Mangga Kang Agfhal, aya khabar naon ti Tanah Minang ?
Upami di Kuningan asal ti weuwengkon mana
Salam ti Canada kang Agfhal, didieu mah nuju usum salju jadi kagiatan diluar berkurang, abdi tiasa online deui.
Kanggo kang Dadang salam tepang.
salam tepang,,,,,kangge sadayana ti sim abdi nu di tebih nuhun
kamarana yeuh?
Hatur nuhun ka sadayana…..Ari Abdi mah dikuningan teh teu pati tebih sareng Kang totong di pengkereun SMP 2. Raos atuh nya nuju usum salju mah, teh nenen tiasa sosorodotan dina salju, he he he he…..ari di padang mah kaleresan nuju usum hujan bae geuning, palalaur bade angkat2an tebih oge sieun ku longsor…
Salam tepang oge ka kang Budi…
tets hallo tets hallo 123 tets euy
test diterima…
Kanggo Teh Nenendianti
Mani waas jeung endahnya maos puisi Teh Nenendianti
Coretan soal lingkungan oge mani pas
Katingal pisan wawasan sareng pengetahuanna
Ulah bosan Teh, sok diantos nusanesna
halloooo……kamarananya mani sepi kieu….
allooooooooooooooww…………….. jg keur urang awak kumaha damang?
sumatera barat jeung jawa barat mah teu beda jauh lah sama-sama aya
baratna.
Asslamualaikum Wr Wb
Haturan ka sadayana, punten nembe mucunghul deui, kaleresan kamari-kamari nuju pakepuk ieu teh ku padamelan janten teu tiasa sosonoan sareng baraya di dieu. Kumaha kang Ajun, neng Nenen sareng sadayana we kum teu di wiji-wiji, daramang….?
Usum naon di lembur, hujan kitu..?
kang, kumaha pami ditambihan blogna ku perangkat chat, supados anu nuju OL di ieu blog katingali kunu sanes, janten tiasa lebih interaktif, pan jadi leuwih loma tah sareng duduluran tatar kuningan..hatur nuhun
Geuningan muncul deui, damang kadu (Dhe…) he..he..he.. kamana wae… boa ngiringan pundung saentosna Inggris gagal ka Euro 2008…
Leres mun tiasa mah ditambihan kolom chat, upami tiasa chat online tambah karaos babarayaanna.
Hello Kang Dadang Pakembangan, daramang…
Kaleresan abdi mah seneng corat coret, katambih mireng tina berita kaayaan lingkungan, hutan, satwa-satwa hancur, ulah manusa, matak sedih pokokna mah, akhirna kasedih abdi dicurahkan lewat puisi.
Ari kang Dadang aya dimana ?
Salam damai selalu,
Nn
Hutan mah dikitu kieu oge pasrah
Satwa-satwa upami tos kenyang perutna pasti cicing
Manusia teu cukup kenyang, lamun acan puas tara sok narima, teu cicing, malah
masih terus ngaganggu nu lain
Resikona teu ka satwa atanapi ka hutan, nu pastimah ka manusia keneh (senjata makan tuan).
Teh Nenen, upami Sabtu-Minggu abdi nuju ngadem di Kuningan bari ningalian sawah jeung kebon, tapi upami Senen-Jumat aya di sekitar JABOTABEK wara-wiri milari rejeki
kang dadang meni hebat euy….ngiring atuh kang ka ibukota nu saurna kota sarebu impian……
Assalamualaikum, Wr.Wb.
Salam kenal kanggo ka sadayana urang Kuningan. Sok sono ara ngadangu kata Kuningan teh. Margi abdi oge asal mah ti Kuningan. Mudah2an aya nu maos ku rencang sakola di SMPN Ciwaru angkatan 1986, sareng SPGN Kuningan angkatan 1989. Hatur nuhun ka blog lemburkuring2007.
Mangga kang Icuk, wilujeng tepang.
Hatur nuhun Teh Nenendianti. Kawitna timana? Lami tinggal di Kuningan? Tos lami atuh di Canada? Tapi masih cinta nya ka Kuningan mah. Kaleresan abdi tinggal ka Jakarta. Nyejakeun abdi uih ka Kuningan sataun 3-4 kali mah.
Leres masih kangen ka Kuningan, komo kana gemet & sorabi kadang kabayang teras, ari abdi mah sering berkelana, tapi ari mudik ka Kuningan ka Kadugede, aya raka diditu.Tos aya 3 taun di Canada, ayeuna oge nuju badai salju, abdi mah ngan nyumput wae dibumi teu kuat ki tiis dibawah nol darajat, uh…. siga hirup dilebet kulkas he..he..he..
Paling oge di Jakarta mah usum panas haredang, polusi jrr hi..hi.. teu betah abdi mah di Jakarta teh, hoyong didaerah sejuk, tenang, ningali pamandangan anu hejo-hejo. Mugi-mugi Kuningan masih hejo & sejuk kana panon.
Aya makanan tradisional Kuningan nyaeta tokecang, aya keneh anu ngadamel ?
Abdi mah seneng ka makanan tradisional, ongkoh tara mendakkan didieu mah he..he..he..
Baktos,
Nenen
Assalamualaikum, wr wb Kumaha sadayana daramang aduh punten nembe gabung deiii yeeeng maklum sikuring nuju repoott pisann nuju ngalalana heulaaa … kumaha teh Nenen Kang Zoen , Teh Maudy , Kang Dadang sadayaaa dulur-dulur lembur kuring.
Mudah – mudahan dalam keadaan ditangtayungan ku Gusti Allah. Amiin
Kang Zoen Insyaallah Email dr kang akang nanti akan saya tindak lanjutiii ? ide bagus kang …. oohh iya taun baruan teh jenten di Kuningan Copy Darat.
Teh Nenen yeehhh didie seer saguuuu enak merennya dibikin Golono atau Gemet sareng Gemblong.
.
Alhamdullah, pangestu Kang T. Saidin
Bagea, sawangsulna Kang Saidin damang ?
katingalnamah mani ringkig wangsul ti pangumbaraan teh
Angkaribung ku oleh2, disambut Kang Zoen !!!!!!!
Eh… dongkap-dongkap ngabibita gemet & gemblong, kumaha damang kang T, where have you been ? disappeared he..he..he..
Kang Ts, sugan bade kopi darat taun baruan sareng kang Zoen, abdi mah ngiringan noong wae tidieu. Taun baruan abdi mah diguyur salju hi…………….. dingin…….
Nn
Inyaallah mun te aya halangan simkuring bade kaKuningan loba nu hajatan yeeehh sadulur di Kuningannn h he he, waduh mani resep atuh hujan saljumah nyaaa bisa ngahodhod teruussss, yaaaa saya doakan mudah – mudahan tahun baru awal yang lebih baik dari tahun sebelumnyaaaaa.
Upami mudik ulah hilap meser sorabi & gemet he..he..he..
Tapi ari terus diguyur salju mah moal tiasa taun baruan tiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiissssssssssssss…
Enya kang T, mugi-mugi ditaun baru bisnis yang sedang dirinci lancar & maju….
Salam wae ka Kuningan “Love Kuningan”, upami kang T mudik,
Nn
Panginten sadayana ningali berita di TV. Aya berita ti Kuningan. Jamaah Ahmadiah manislor Jalaksana diserang. Meni prihatin, nalangsa ningalina. Kahoyongmah urang Kuningan mah tetep handap asor, ramah, bijak, nya saluyu sareng istilah Kuningan asri. Panginten kedahna mah cara damai, henteu cara kekerasan. Mudah-mudahan mah kota Kuningan tetep asri, aman, sejuk.
http://www.dokter-online.co.nr !!!!! Merupakan website KONSULTASI KESEHATAN GRATIS Yang diasuh oleh team dokter
Hapunten ka sadayana abdi nembe gabung deui. Kumaha daramang sadayana?
Mangga kalebet kang Zoen he..he..he..
Hatur nuhun puisi abdi dipostkeun!
Kanggo para Ibu, SELAMAT HARI IBU!
“Ribuan kilo jalan yang yang kau tempuh lewati rintang untuk aku anakmu, Ibuku sayang masih terus berjalan walau tapak kaki penuh darah penuh nanah, seperti udara kasih yang engkau berikan tak mampu ku membalas Ibu… ibu…” Iwan Fals.
Hidup Ibu… hidup wanita… hidup mojang… hidup wanita buruh migran ….
Kang T. Saidin
Kintunan proposal kanggo pelatihan di PT. Saida Group tos katampi ku abdi
via Yadi Cigodeg kaping 22 Des 2007
Insya Allah upami aya anu minat ku abdi diinformasikeun
Haturnuhun
Ieu teh pa ajun nu di Puri Asri 3.. tatanggina pa Guru Anang nu di SMK 2 ?…
pami leres nepangkeun abdi oya..nu kapungkur ka rompok pa ajun nambut CD MS office 2000 sareng pa RT Yatno…
diantos di Log abdi… alamat log na ku abdi disimpen nya pa… pami tiasa punten alamat log nu abdi ge disimpen di bapak .. etang etang promosi … hehehehe
Leres pisan pa Oya, sami2 nepangkkeun. Hatur nuhun. Diantos atuh, iraha bade ameng deui ka rompok urang ngobrol bari ngopi.hee…hee…! Nuhun tos dilink, mangga ku abdi oge dilink di ieu blog. Nuhun.
insya allah pa ke mun adbi ameng ka puri…abdi mampir
Wilujeung tepang ka saderek-2 ti wewngkon kuningan, pribados oge aslinamah ti Kuningan tepatna ti Manis Lor mung parantos lami ngumbara di daerah batur, aya web salembur mani wararaas hoyong ngalongokan lembur euyyyy.
Wilujeng tepang ka sadayana.
Salam,
Jun Putra Manis Lor
Kang wilujeng tepang, ngiringan silaturahmi ka sadaya dulur di wewengkon kuningan, abdi asli ti kuningan ayeuna nuju ngumbara di nagara deungeun,
salam kasadayana
WIlujeng tepang kanggo kang Jun sareng kang Nurhidayat, mangga calik ngobrol-ngobrol, leres abdi oge kangen kalembur, komo kana jajanan tradisionalna wah… matak kabayang teras he..he..he..
Baktos,
Nn
nuhun téh di bagéaken, muhun leres pisannya sorabi haneut sareng rongé-rongé,,,enjing-enjing nagog sateucana jogjrog,,,,,usum kénéh henteunya jogjrog téh,,
Sorabi hanet dicampur dage oge raos, wah… ari tos kana tuangeun matak lapar he…he…he…
Ari Kang Nurhidayat aya dimana ?
Wilujeng sumping Kang Nurhidayat, wiljeng gabung. Kumaha damang kulawargi sadaya? Dimana lingggih linggih teh ayeuna? Hatur Nuhun tos rurumpaheun.
hatur nuhun kang,,,,abdi sakulawargi daramang,,,,abdi mah nuju ngumbara di Perancis di kota Saint -Etienne kirang langkung 30 menit ti kota Lyon,,,,nembé 3 tahunan,,,,
pami tiaalit sampai sma di kuningan, teras neraskeun sakola di bandung,,,ari kulawargi mah sadayana di sawah waru,,,,,
Kang Nurhidayat, mani wonderful lukisanna, ngan hanjakal abdi mah teu ngartos ku bs. Perancis. Soalna abdi mah sadidinten di Kanada ngobrol ku bs. Inggris he..he..he..
Upami tiasa mah di tambihan ku bs. Inggris supados abdi tiasa ngartos maksad lukisanna. Wayne oge hoyongeun ngartoseun.
Lukisan bibir merah anu nuju di botox, ih… serem tapi cantik……
Tos ningali ucing abdi Tommy Jr nuju “…” ditoilet ha..ha.., ieu linkna :
punten ah bade ngiring nimbrung, upami kang nurhidayat teh di sawah waru na di palih mana nya ? putra na saha ?
Ruh kang Agus Padilah iraha yeehh bade ka Cigodeggg ditarosken ku Pak Bandiii.
Aduhh wilujeng tepang …. iihhh ie teh kang agfal agus fadillah tea …… kumaha bagea masih inget tee ka entin ciawi …….. kumaha damang ayena dimana kang aguss ….. masih inget kan ka entin kosgoro kan sok dibonceng kapungkur.
Gus gimana nih kabar babaturan alumni sok masih kontak-kontak teee …. aduh sok inget eeeyy masa masa disakola ….. kapan yeeehh aya reunian teeeee ?
eeehhh aya teh entiii ti Ciawii yeeehhh ooohh batur sakola kang Agfal geuning met gabung teh entin ?
Nantilah Kang Said, kalo ada waktu dan nuju teu aya padamelan saya pulang ka kuningan…. Kanggo neng entin wilujeng tepang deui, tos lami pisan nya kita gak ketemu, kumaha kabar entin sakulawargi ? mudah2an sehat2 sadayananya, saya jg alhamdulillah sehat..:) ayeuna kaleresan saya nuju dinas di padang, nyaa kieu lah saya mah udar ider bae ka kampung batur..:) ari entin ayeuna dimana ? puguh bae moal hilap ka rerencangan sakola mah, terutama ka entin, biar gimana jg urang duaan kan pernah gaduh kenangan indah,he he he he.. jadi sampe iraha oge moal tiasa di leungitkeun tina emutan. duh…mani hoyong deui balik ka jaman sakola
baheula..:).. o yah ari tuang rama sareng ibu kumaha kabarna ? kapungkur teh kantos mireng nuju udur rama teh… mugi2 bae dipasihan kasehatan ku Allah SWT. Salam baktos bae nya ka Rama sareng Ibu… nanti iraha2 urang ngayakeun reunian nya, buat manjangkeung tali silaturahmi supaya teu pareumeun obor teuing, terus kalo aya kabar2 rerencangan infokeun sa saya nya lewat email aja ka agfhal_fadillah@yahoo.com atanapi agus.fadilah@indosat.com.
Alhamdullilah sehat kang, sumuhun nya sok inget ari kersakola he he he…… ayena tos gaduh putra sabaraha kang ? saurna tos tiluuu aduh mani resep nyaaa …. aduuuhhh sumuhun saya sok ingettt kababaturan sakola kenangan …… wartosna kamarana nyaaaa, har ayena teh dipadang aduuhhh tebih pisannya singatos-atos wae didituuu. salam kanggo ka kakaluarga diditu. ari pun rai dimana nyaaaa …. nukasep tea sok iseng etah pun rai tehhh he he he kalau te salah mah sakolana di Indramayuuu nyaaaa. salam wae atuh. mangga kang agfal. yaaaa te acan mireng aya reunian di kosgoro teh gening.
Mangga kang.
Syukur atuh lah ari sarehat mah…….Alhamdulillah geuning ari buntut mah tos aya tilu….duka atuhnya geuning kenging dinas teh tebih kieu, tp panginten tahun ieu oge ngalih deui ka jawa…pun rayi teh ayeuna linggih di jakarta…..
Keun bae tilu oge Kang Agfhal, pameugeutmah teu katawis eta teh tilu tinu hiji ?
he he he he he he he…bisa aja kang dadang mah…..leres pisan kang dadang, tp geuning asa kurang tilu teh, hoyongna mah nambih deui 2 kitu meh rame….:)
Kang Dadang usum naon yeeh Dicigodeg …… kumaha nih anak-anak yang mau ikut pelatihan alat berat teh tos ayaa ? yaa alhamdullilah angkatan pertama 30 urang katampi damel di Freeport. Kumaha yeeeh kang Agfal ….. usum naon di Padang teeehh ?
Kuliah sambil narik beca
mani sepi kieu….kamarana yeuh…kang dadang, kang nur, kang said, teh nenen sareng entin….sok atuh ulah parundungan kieu….:)
Nepangkeun pribados Rastono, dupi kawitmah ti Desa Sidamulya – Kec. Jalaksana.
Mani reueus ku ayana komunitas urang Kuningan teh.
Margi kanggo nu ngumbara mah mangrupikeun landong kasono ka Lembur.
Dupi nganjrek mah ayeuna teh di Bandung.
Sok ah…………. geura midang urang Kuningan, ulah eleh ku nu sanes
Kang Jun, ari edisi cetak tos terbit? Upami atos anu sasih ayeuna, abdi bagi nya.
Wilujeng tepang kang Rastono,
Kumaha Bandung khabarna ?
Nn
Kanggo baraya sadayana, punteun upami gaduh waktos mah mampir di http://www.nenensnest.com teras isi my guestbook, biar tambah banyak teman, my guestbookna nembe dibikin jadi masih keneh kosong he..he..he..
Hatur nuhun,
Nn
Bungahna hate Abdi kapendak sareng blogna Urang Kuningan. Hatur nuhun Kang, Nepangkeun Abdi: Saenan, alumni SMAN Cilimus taun 1989, kawit ti Desa Bojong Cilimus, ayeuna di Jakarta deui saparantos ngumbara di Tanjungbalai Asahan (Sumut) , (2000 s.d. Des 2007). Sono ka lembur, ngan ukur sono wungkul, soalna teu acan sempet deui ka KUningan. Salam ka wargi Kuningan, khususna ka para wargi Blog ieu sareng kanggo alumni SMAN Cilimus (kapungkur mah namina SMA NeCis)…
WOlujeng tepang kang Saenan, leres abd oge jadi sono ka Kuningan, sono kana jajanan tradisionalna he..he..
daramang, kanggo téh nénén hayu urang ka kuningan,,,kang jun insya Allah abdi sakulawargi badé ka kuningan sasih juli, lumayan ngalongokan,,,,
saminggon di kuningan, saminggon di Bandung masihan workshop di SR UPI, teras work shop di jatiwagi,,,salangkungna ka jogyakarta,,,
kilang langkung 35 harian di Indonesia,,,
salam tepang oge ka sadayana
Kang Nur, wilujeng ka Kuningan, ngabibita he..he..
Abdi mah sigana teu acan tiasa, soalna nuju sakola, teras sasih juli (summer) aya training dilapangan.
Salresena abdi teh diundang ku go-persib.com web site Persib Bandung fan, kanggo membahas buku abdi “Soccer With Love”, bade mudik tapi teu tiasa mastikeun waktosna bilih lepat.
Iraha kang Nur, ngayakeun pameran di Toronto Kanada ?
Resep lamun urang tiasa kapendak dilembur REUNI, bahagia abdi teh he..he..he..
Kang Nur, upami tiasa mah mampir ka web abdi teras sign my guestbook jadi nambihan daftar sahabat.
Kanggo Kang Awan : Teu acan Kang, kumargi mani asa pabaliut geuning. Wilujeng tepang kanggo kang Rastono, Kang Saenan. Kanggo Kang Nurhidayat, upami ka Kuningan mampir atuh ka saung butut. The Nenen kumaha damang…? Enya resep nya upami ngariung.
Damang Kang Zoen,
Nyaan resep upami tiasa reuni kumpul-kumpul salih tukeran elmu, baraya anu dongkap direuni tiasa speaks tentang pengalaman sesuai dengan yang sedang digeluti, wah… ngan masih ngalamun geuningan, tapi ari plan mah sudah dirancang he..he..he..
Punten kasadayana, pribados nembe nonghol deui
Kaleresan pribados nembe kapapatenan pun bapa ngantunkeun (pupus)
Salami saminggon aya dilembur, Desa Kutakembaran-Garawangi. Alhamdullah ayeuna tos tiasa online deui sareng lemburkuring . . . . . kumaha daramang sadayana ?
Innalillahi Wainnailaihi Rojiuun…….
Pribados ngiringan duka cita yang sedalam-dalamnya atas wafatnya Bapak
dari Kang Dadang, semoga Almarhum diterima amal ibadahnya diampuni
segala keselahannya dan ditempatkan sebaik-baiknya disisi Allah SWT
serta kelurga yang ditinggalkan agar sabar dan tawakal dalam menerima
musibah ini. Amin.
U.Syamsuha/Palembang
Hatur Nuhun ka Kang Jun, Teh Nenen sareng nusanesna. Kang Jun sumuhun Bp Dalang Sukra tos almarhum, malih sareng abdi mah caket pisan bumina. Alhamdulillah dupi kaayaan alamna mah masih sapertos kapungkur pikabetaheun. Malah upami sakalian wangsul oge sok hoream deui ka Bandung upami teu emut ku padamelan mah.
Kangggo kang Syamsuha abdi ngiring bela sungkawa, mudah-mudahan dipasihan katabahan dina mayunan ieu cocobi.
Teh Nenen di bandung mah ayeuna heurin ku tangtung teh leres pisan, malah nu matak ngisinkeun mah jadi kota sampah. Sakalina aya rencana bade ngdamel PLTSampah malah diprotes. Seueur teuing nu pinter di bandung mah, janten seueur rapatna daripada damelna.
Kanggo kang Aghfal wilujeng tepang yeuh………………….
Upami bade koresponden ngalangkungan e-mail mangga kintunkeun ka salahsawios e-mail pribados : rastono@mbt-kons.co.id atanapi rastono32@yahoo.co.id
Rastono/Bandung
Sami sami Kang Tono wilujeung tepang oge…kanggo Kang Dadang abdi oge ngiring belasungkawa, mudah2an almarhum diterima di sisi Allah SWT, amin. leres pisan nya kang Tono kota bandung teh ayeuna mah mani kotor, teu sesuai sareng namina Bandung Kota Kembang…tapi mudanh2an bae kapayunna mah bandung teh jadi kota nu beresih…pokona mah hidup bandung lah…..! teh nenen kumaha babar kanada teh ? nuju usum naon yeuh…? iraha tiasa nganjang ka padang teh, sok lah diantos…kanggo nu sanesna oge, sok lah diantos …..
kang Dadang ngiring belasungkawa,,,,abdi sakulawargi ngiring duka cita,
kang agfhal, kang rastono kang u syamsuha,,,salam tepang,,
wilujeng kasadayana
wilujeng kang Nurhidayat, saurna nuju di nagri menara miring bilih
atuh pendak punten salam kanggo Zidane
salam tepang
u syamsuha/palembang
he,,he,,, menara miring mah panginten nagrina nu ditanduk ku Zidane,,
kang U syamsuha, wilujeng ah,,,wajit kadu masih usum di palembang,,,
salam baktos
nurhidayat sakulawargi
Kang Dadang, turut belasungkawa.
Kang Afgal, di Kanada nuju usum badai salju, nyaan kangen kalembur, komo kana Hucap he..he..he.. boa ayeuna mah harga gemet tos mahal, siga tempe & tahu, mangkaning hoyong gemet sabaskom…..
Kang Nurhidayat, upami mudik ka Kuningan, kang Zoen hoyongeun tepang jumpa darat saurna, ngan ulah ngabibita Hucap ha..ha..ha..
Kang Rastono, nyaan Bandung teh jadi kota sanpah ayeuna mah, sareng leres seueur teuing jalmi palinter tapi ngan nyarios wungkul, teu aya tindakkanna, ah… pusinggggggggg.
Kang Nur, leres pisan upami dilemburmah tuangeun eta teh kasebatna wajit
upami di daerah aslina palembang eta namina “lempo” ,dupi lempo mah teu
aya teu usumna usum terus, geuningan kang Nur apal kana lempo (wajit)
kantos kitu ka kota empek2.
Kang dupi rerencangan sakola kapungkur aya anu ti winduhaji ?
Kang Rastono punten dupi anu pupus (maot) teh ramana kang Dadang.
salam tepang
u syamsuha/palembang
muhun kang lempo, abdi mah seneng pisan, nuju kuliah seueur réréncangan di bandung sok nyarandak ,abdi kantos ka palembang ka komplek assegaf gaduh réréncangan diditu,
,,,,réréncangan di winduhaji ,,,gaduh namina wawan ( smpn 1),,,putrana guru silat geuning, teras aya réréncangan nikah ka urang winduhaji bumina sapaliheun masjid,,,namina iwan juliano,,,damelna di jakarta,,,
Insya Allah kang abdi bade ngalongokan lemah cai,,,sasih julian,,,akang badé uih henteu,,,
kanggo kang jun Insya Allah mampir,,,
salam baktos kasadayana
kang nur, guru silat teh namina p`uung bumina ti masjid kapalih kidul sakedik,
ari abdimah sareng kulawargi upami cutina sok nyandak pas boboran sakantenan
sok pendak sareng rerencangan sakola.
komplek assegaf mah tos caket atuh ka komperta karorompok (rdp) kantun
kana 2 km deui.
waktos akhir desember ka kuningan teh, ayeunamah upami bade lebet kota teh
tosdisambut kubundaran di parapatan cijoho (kapungkurmah simpang tilu)
teras ditaman kota teh tos aya air mancur tiasa joged ngiringan kana lagu,
mangga diantos dilemah cai kuningan.
kanggo kang zoen, mana atuh poto taman kotana ? di antos
He..he..he.. nyaan kang zoen mah hilap kana poto taman kota, abdi oge ngantosan kalah pegel leher.
Diantos potona kang Zoen.
Assalamu’alikum wr wb
Alhamdulilah geuningan aya ogenya jalmi anu masih peduli ka lemah caina…..sukur atuh kang pamudah-mudahan ieu blog terus di tingali ku balarea khususna warga kuningan anu mikanyaah,mikacinta,jeung mikadedeh ka kuningan anu caritana ayeuna teh ker ngabangun geuningan di pangwangunanana, bravoo kuningan lahhhhh…….hidup Kuningan euyyyyyyyyyy……..!!!!!!!!!
Assalamu’alikum wr wb.
Salam kenal kasadayana, nepangkeun abdi ticikaso kec. karamatmulya dupi linggih ayeuna di Jakarta, tos lami hoyong silaturahmi sareung urang kuningan teh, tapi nembe ayeuna mendakan blog iyeu teh. hayu atuh urang sami2 jadi duta urang kuningan, nepangkeun kanu sanes yen kuningan teh kota anu asri, kuningan teh kota anu hijau sareung kuningan teh salah sahiji tempat anu gaduh nilai sejarah. sejarah bangsa2 nukapungkur (Situs Purbakala Cipari) sejarah perjuangan (Perjanjian Linggarjati) etateh ngan saukur conto, salami iyeu katingalina teu acan aya anu situs anu secara khusus ngabewarakeun kanu sanes yen kuningan teh layak dijanteunkeun kota tujuan wisata. sakali deui hayu urang sami2 ngawangun, ngajaga, ngalestarikeun kota kuningan.
Wilujeng tepang kang Adjie, leres pisan naon anu dicarioskeun perkawis
Kuningan teh, da saha deui atuh anu kedah ngalestarikeun iwal ti urang.
Saurna kawit ti cikaso, bade naros tepang ka Budi putra P`Subandi bilihatuh
tepang ari anjeuna ayeuna dimana, haturnuhun.
salam ti peuntas/palembang
salam kanu gaduh bumi
Kanggo baraya sadayana, urang teh kedah gaduh rasa humor, ari ditingali kuabdi seratan teh Dewi saking bingahna tiasa pendak sareng rerencangan anu dikenal di blog ieu, sanes maksad kanu teu puguh, ngan juga urang kedah ati-ati bisi nuju humor oge ulah sampe berkesan negatif.
Salam tepang kanggo teh Dewi, mangga teraskeun urang ngobrol di lembur kuring, tos sawios aya anu nyarios teu puguh mah, ulah didamel sakit, ari jalmi hirup mah kedah tiasa narima kritik. Ari pandangan abdi mah, maksad teh Dewi ngan humor.
Upami hoyong curhat ka abdi (ngobrol-ngobrol), mangga tiasa lewat email abdi di gnenen@gmail.com atanapi ka web page abdi http://www.nenensnest.com
Ulah isin-isin, tiasa nambih persahabatan & babarayaan.
Salam tepang kanggo para akang anu nembean nimbrung.
Peace!
Nn
Salam deui Kang Rahim, hatur nuhun tos kersa rurumpaheunka saung butut
Ass. Wr.Wb.
Kang Rastono, di Bandung, kamana wae yeuh? Usum naon di Bandung ? Di Jakarta mah usum Banjir, Penggusuran..Hayu diantos kabarna. Pami SMS mah pan rada terbatas nya.
Kanggo Kang Ajun, kumaha kabarna kota Kuningan teh? Tos lami teu terang kaayaan perkembangan kota Kuningan. Maklum pami mudik ka lembur (Garajati Ciwaru), tara kabujeng jalan – jalan ka Kota Kuningan. Sok emut waktos sakola kapungkur, tukang mapayan jalan di Kuningan. Jigana mah tos benten pisan nya. Radio LInggarjati teh masih aya kitu? Mang Jaya masih sok ngadongeng keneh kitu? Teras rada ka kidul payuneun Pemda, aya toko buku puisi, 22, Sakola SPGN Kuningan, masih aya ? Plasa Kuningan, Kuning Ayu Teatre, Ciremai Teater, masih aya? Kapungkur mah eta tempat teh kanggo refresing saentos budal sakola. Matak waas pami emut ka jaman kapungkur, akhir tahun 80an. Mudah-mudahan mah Kota Kuningan langkung majeng.
Salam bae kanggo ka sadaya urang Kuningan di mana wae ayana.
Wassalam.
Euleuh-euleuh eta Kang Ikin nonghol deui. Alhamdulillah abdi ayeuna sehat, mung biasa di Bandung mah upami usum hujan tirisna moal aya matak hoream mandi enjing mun teu emut bade damel mah. Upami di Bandung mah ayeuna nuju usum Flu Burung, DBD sareng Chikungunya. Ngan panyawat anu umum nyerang murang kalih mah diare sareng demam. Sok lah kang sing sering atuh lebet ka lembur kuringna ngarah tiasa ngobrol. Abdi kenging nomor teh Eeng, ke ku abdi di SMS keun. Punten ah nomor Kang Dede nu aktif nu mana nya??? abdi sababarakali sms teu aya waleran bae.
Kang Ikin, abong-abong tos di Batawi nya mani alim we ningali kota Kuningan teh. Di kota Kuningan ayeuna tos robih pisan, perobihan anu paling utama di tengah kota sepanjang jalan siliwangi saatosna Kolam Renang palih kiri aya BCA, Toserba Fajar, palih kanan aya Toserba mung hilap namina, SDN 1 Kuningan tos dirombak janten sae malih jadi pusat Tutor UT kanggo guru-guru anu neraskeun S1, Ciremai Theatre tos disulap janten Toserba, kitu deui Kuning Ayu Theatre janten Yogya Dept Store, tah upami Kuningan Plaza dikembalikan fungsina janten taman. Malih taman mesjid agung oge ayeuna mah sae pisan. Upami ti Jalan Pramuka bade ka Cijoho teu kedah mengkol ka jalan siliwangi margi tos aya jalan tembus lempeng ka kaler anu tembusna ka Cijoho sareng ka Cirendang. Eta panginten diantawis parobihan Kuningan anu abdi terang. Anu langkung detil mah panginten kang Zoen langkung paos.
Sok ah diantos kabar sanesna.
Wassalam,
Rastono
Kang Rastono, boa abdi tiasa linglung upami lka Kuningan, seueur parubahan, teras maju Kuningan tercinta!
Kang Icuk, nu naroskeun kaayaan kota Kuningan ayeuna. Tos sababaraha dinten Kuningan diharudum pepedut (kabut). Hawa karaaos langkung tiris ti biasana.
Upami Kang Icuk kapungkur resep mapayan jalan di Kuningan leres ayeuna tos seueur nu robih, sakumaha nu disebatkeun ku Kang Rastono. Radio LInggarjati aya keneh, ayeuna namina Radio Siaran Linggarjati Utama (Rasilima). Kitu deui Mang Jaya ngadongeng keneh. Payuneun Pemda, aya toko buku puisi, 22, aya keneh. Sakola SPGN mah teu aya. Payuneun Pemda ayeuna janten SMAN 3 Kuningan, Plasa Kuningan janten Taman Kota. Kuning Ayu Teatre, Ciremai Teater mah tos teu aya. Teh Nenen, iraha bade ka Kuningan the…? Hatur nuhun ka Kang Icuk, hatur Nuhun Kang Rastono. Hatur Nuhun sadayana.
Kang Ajun, Kang Rastono, hatur nuhun informasina. Mudah-mudahan Kota Kuningan langkung majeng dina sagala widang.
Kanggo nu gaduh ieu rorompok wilujeung tepang, duh hapunteun nembe noel, kahilapkeun. Wilujeung Kang, mudah-mudahan tambih manfaat ku ayana blog ieu kanggo silaturahim warga Kota kuda, sok emut nuju SD aya soal dina ulangan ditaros naon lambang kota Kuningan, abdi ngawalerna “Kuda Jengke” hehheh…margi sok ningal patung kuda jengke dipayuneun masjid syiatul Islam kapungkurmah.
Kang Rastono wilujeng tepang oge , dipalih mana di Bandungna? abdi di Cinunuk caket Cibiru Kang. Leres tangtos pangling upami ka Kuningan teh seueur perobihan ayeunamah.
Di Darma oge nuju dibangun jalan lingkar ti tungtung waduk Darma, desa Jagara dugi ka kulon caket Puskesmas Darma, janten engkin mah, mobil nu arageung teh nguriling moal tiasa langsung kana jembatan panjang Waduk Darma, saurna teh bilih bocor oge ngabahayakeun pami jembatanna seueur teuing mobil nu arageung ngalangkung ka dinya
Kang Icuk wilujeung tepang oge.
Salam ka wanoh
Ali
APA KABAR TERMINAL KUNINGAN?
Sami2 Kang Ali, wilujeng tepang. Hatur Nuhun dilongokan. Kanggo Mr. T Alhamdulillah abdi sehat Kang.
Kang U. Samsuha wilujeung tepang ah.
dupi palembangna dimana?, abdi oge ayeuna nuju tugas di Palembang kirang langkung 2 mingguan. tinggal mah masih di Aston, kantor di Jl, Veteran.
Upami aya waktos mangga urang copy darat hehe…
Salam,
Kang Cecep tea
Asli Kuningan
Hehehehe… kang Agfhal mah percaya bae, entin teh kang Said said keneh hehehe….
Muhun…ka Said mah sok ngaheureyan muhun…hehehe muhun..
Kang, kumaha wartosna ayeuna? Di Bandung-na mah angger we paciweuh. Keur meunang cocoba lahir batin puguhing. Neda pidu’ana ti Ki Lanceuk.
Dadan Sutisna
http://daluang.com
Alhamdulillah sehat Yi. Keun pan hirup mah pinuh lalakon. Iwal ti kudu sabar dina nyanghareupanana. Ku Akang didu’akeun pisan.
Sampurasuuuuunnnnn salam kasadayanaaaaa ngiring nimbrung yeeeeeh kumaha sadayana daramang? ari kang Yadi Mulyadi alias kang Nanang Rukmana kamana nyaaaa damang kang?
Kang Cecep, abdi linggihna di komperta jl melati no 296 E, punten kang nenbe kabika kaleresan abdi oge nembe uwih ti bdg dinten minggu tgl 16 kamari.
Bilih bade amengan mangga diantos anatapi bade kopi darat di palembang kota mangga tlp wae ka bumi 597540.
salam tepang oge
Reh gening eta aya kang sidik urang cimucang Cipakem waras eeeyyyyy usum naon yeeehhh di Cipakem ? kang sidik ayena linggih teh dimana? reeeeh eta kang sidik mani tos lami tekakuping kabarnaaa sugan nyumput bae di Seklok atanapi di Sirigading.
Kanggo urang Kuningan nu aya dipangumbaraan, kumaha pada mudik ka Kuningan? Pedah waktos liburan ayeuna. Salam bae ka sadayana. Hanjakal abdi teu tiasa ka lembur. Tong hilap oleh-olehna, sorabi haneut, hucap. Golono makanan khas wewengkon Ciwaru.
Kang Rastono, Kang Ali Darma, kumaha mudik ka Kuningan ?
Teh Nenen kamana kitu ?
Wassalam.
Assalamu’alaikum.. Ngiringan ngawangkong.. Kumaha kabar Kuningan tercinta??
Assalamu’alaikum ….
Duh..waas pisan muka ieu “jandela” ! Pangalaman endah nu karandapan baheula, ngolebat dina ingetan….. Baraya urang Kuningan, muga-muga tali mimitran urang sadaya, tiasa pageuh deui ku forum ieu…
Salam kanggo alumni SMA Negeri I Kuningan (Baheula SMA Negeri Kuningan) angkatan tahun 1983. Toto Sunarto, Uud (Masih di Depsos ?) Yani di Pagajahan, Imam Sugema, Eman Kardiman… masih aya sadayana ? Nanang Sukmana di gang Ciwaru. dr. Iyep (masih tugas di Gebang ?) Ir. Eka Sukma, sareng nusanesna. Iraha bade reuni ?
Ti : Tata Tavip Budiawan.
salam kenal ti abdi kanggo kasayana
Punteen……
Geuning sesah nya, milarian ‘bungkeuleukanna” nu gaduh ieu blog. Maksad teh hoyong terang langkung jentre, saha sareng dimana-na. Reueus gaduh baraya nu kreatif ! Nu mageuhan tali mimitran tur ngaropea budaya sunda !!
Karasa beuki tibelat ka lemah cai….. tibelat ku kupat tahu-na …. tibelat ku seger hawa-na….. tibelat ku ramah rakyat-na…..
Kapungkur, tilu taun mondok moe (kost) di Kabumen,
ayeuna pating kolebat pangalaman endah nu geus karandapan ….. , ngolebat dina ingetan.
Duh…. lotek ceu Entin ,masih aya ?
Duh … Ice Juice payunan SMAN I Kuningan, masih aya ?
Duh…. tahu lamping Jagabaya, masih aya ?
Duh…….
Kumaha daramang wargi di Kuningan?
Abdi oge urang Kuningan, kawit ti wewengkon Kecamatan Darma. Ayeuna nuju ngumbara di luar Kuningan, tapi masih di Jawa Barat. Gaduh saung di Ciharendong.
Abdi yakin, moderator blog ieu teh sobat abdi, nu kantos sasarengan nyusud patok wates Kuningan sareng wewengkon Jawa Tengah.
“Bade ka RT Jawa Barat, atanapi ka RT Jawa Tengah, pak?” ceuk eta barudak leutik teh, waktu urang ulin ka hiji kampung di garis wates Jabar-Jatim.
He he he…, sok waas ari emut nuju sasarengan di Kuningan teh.
Mangga, lajengkeun lalakonna.
Cag, ah.
Maaf mau tanya nich…. Ada yang tahu nama tempat pengajiannya Sunan Gunung Jati waktu di Cirebon?
Dan apakah tempat itu sekarang masih ada?
Terima kasih,
Salam,
Karsono
Assalamu’alaikum…..
baraya ,kumaha daramang ?
punten nmbe tiasa ninbrung deui..
salam kasadaya anu login ..ka ieu blog
teu hilap kanggo kang Zoen ,Teh Nenen..
wassalam.
Assalamu’alaikum…..
baraya ,kumaha daramang ?
punten nmbe tiasa nimbrung deui..
salam kasadaya anu login ..ka ieu blog
teu hilap kanggo kang Zoen ,Teh Nenen..
wassalam.
Damang kang Tarso,
Kamana wae ?
Baktos
salam kenal ka sadayana urang kuningan anu aya di nusantara atawa di luar nagari, terutami ka teh Nenen sareng rengrenganana, oge ka teteh Maudy sareng anu sanesna anu taos lami ngageugeuh di lembur kuring.
Salam tepang kanggo kang Tamsaka Cipari
Kumaha di Cipari Daramang ?
Salam kangen ka baraya Kuningan,
Nenen Gunadi
hatur nuhun ka teh Nenen, tapi kamarana anu sanesna nya? mani tiiseun pisan, abdi hoyong nepangan ka sadayana ka urang Kuningan anu aya dimana bae. ka Teh Maudy cios teu makalangan janteun Bupati atawa Wakil Bupati teh, omat waler nya Teh, abdi ngarojong pisan.
baktos
Assalamu’alaikum wr.wb.
salam kenal ka sadaya baraya nu aya di Lembur Kuring utamina ka teh nenen nu aya di nagri sambrang sim kuring ti gunungkeling hoyong ngiring riung mungpulung di lembur kuring
Aduh mani ripuh pisan yeuh, BBM naek jadi semuanya naik, biaya hidup tinggi, komo hidup di jakarta, mani tambah beurat pisann…mohon bantuan doanya, mudah-2an kami kuat menghadapi kehidupan ini. Pemerintah sekarang sudah tidak peduli lagi ke Rakyat kecil seperti kami.
kang ajun……….. sibuk yeuuh…………………..
kumaha wartosna yeuh kanaekan BBM dikuningan, seueur nu demo kang,
Salam tepang kang Adang Wahyu
Kumaha damang ?
bade naroskeun yeuh upami dilinggarjati aya hotel apa yah, diktr aya rencana mau rapat di linggarjati.
Sampurasun……, hapunten ka wargi sadaya, sim kuring unjuk tumaros, aya anu terang sareng namina MULYADI, DEDE, ETIN sareng Yus, kawitna ti Cibeureum Kuningan palih wetan. Alumni SMPN Cibingbin angkatan tahun 79/80. Oge kang Sudar ti Cibodas; Amsor, Samsudin, Didin, IMAs, Otim, Entin, Gigis ti Cibingbin. Mani sono…. mang puluh tahun teu patepang. harita mah basa jaman SMP karasep sareng gareulis… percanten ayeuna oge siganamah tambah tambah…
Upami aya nayngkok ka dieu diantos kontek-kontekna…
Salam, ti sim kurung nu nuju ngantos wartosna.
Santobri…Pananggapan. Alumni SMPN Cibingbin lulus tahun 1982.
Boleh SMS saja ke 0811-760380
Assalamualaikum wr.wb.
Nepangkeun sim kuring, asli urang Sunda, ngumbara di Cilegon, Banten, tapi teu jadi jawara. Pangaresep masih keneh kana nulis. Sakedap deui, bade promosi, bakal terbit novel “Children of Heaven” adaptasi tina film Iran, tina judul anu sami. Upami panasaran mah, longok bae atuh blog sim kuring.
Salam ka sadayana urang Sunda.
hatur nuhun
Mun tiasa mah sok atuh urang ngayakeun tepang wargi
di lembur. pan..lamun lebaran teh gampil gnempel.
urang silih kenalkeun putra
silaturahmi teh kan manjangkeun umur nya kang ?
Teh Taty wilujeng tepang upami mireng nami taty teh nami yang yang selalu melekat siang kalayan wengi, pun bojo namina sami tati oge, alumni skkp kng & smkk crbn.
salam dr peuntas
Geuning di peuntas..
abdi oge. tos gaduh tilu.
ayeuna ngumbara di BSD Tangerang
Salam ka teh taty di bumi….. nepangkeun abdi.
Di peuntas sami nuju ngumbara oge, perkawis buntut tos dua anu hiji di bdg pameget anu alit istri nembe bade ngiringan spmb.
Kembali salam ti pun bojo kanggo keluarga.
Punten ah ngiring ngalangkung
Linggih heula atuh..Bade teras kamana..?
Sampurasun .
kumaha daramang kang ajun sakulawargi.
eta basa abdi kakuningan nyangakeun buku tea.hatur nuhun parantos di angkeun..,ngan hanjakal sakedap di kuningan nana.margi dadan tos ngantosan.
kang leres geuning peyeum teh raos pisan.abdi dugika meser 3 ember.
mudah mudahan ke pendak deuinya ari ak cupumanik.
salam baktos ka sadayana
nety anu sono bae ka lembur
Rampes
Alhamdulillah Teh sae.
Muhun, atuda mani rurusuhan. janten teu tiasa ngahormat. kamari oge pendak sareng Dadan, Kang Dhipa, Kang Atep Kurnia, Kang Rosyid E. Abby, kang Dian sareng nu sanesna waktos aya acara Panglawungan di Kuningan. Dupi Teh Neti ayeuna nuju dimana ? di luar nagreg. Eh di luar nagri…? Nuhun ah
Kang Zoen, kumaha damang ?
Salam kangen pisan
Alhamdulillah Teh, danget ieu abdi sakulawargi aya dina kaayaan sehat. Salam kanggo Mr nya..! Tah, aya Teh Neti. urang Bandung sambat geura, kamari ieu nganjang ka Kuningan. Salam kanggo ka sadayana, utamina kanggo ka Kang Uha nu satia ngalongokan ieu blog.
kang ajun sugan icalan peuyeum ayena mah sareng eta gaduh berita pariwisata henteu upami aya kintun ka email abdi nya ……………………… nuhunnn
kang ajun iraha janteun sekda teh teh sugan hilap ka abdu by mulus pelita ti hipsi tea euy rekanagus gondrong ieu teh ………………….????
kang ajunnnnnnnnnnnn gaduh data sd anu dapat DAK and rhole sharing henteu upami gaduh abdi moto copy nyaa………..trim,s
kang ajun kmh damang?geuning sae blog tentang kuningan teh..hehehe..huebatlah kang ajun teh. sim kuring kamari hilap teu pamit waktos mulang ka cianjur deui. iraha atuh bade ka cianjur??salam baktos ka sadayanan urang kuningan..ay lap yu oll we poko na mah nya, kang…..:)
Alhamdulillah Kang Beni, puguh abdi oge aya wartos ti Agus..saurna teh ka Cianjur. Salam kanggo ka Luki di Cianjur..!
assalamualaikum, Lembur Kuring….
Punten nganggo bahasa Indonesia, margi letah asa pabuelit, inggis lepat ucap, sieun ngaruksak bahasa sunda. \
Begini Kang,… saya lagi duduk melamun di suatu tempat di pinggiran kota Pekanbaru… kebayang tadi malam nonton TV ada sebagian warga di daerah Jawa sana yang berebut air bersih jatah pemerintah akibat kekeringan yang begitu panjang. Terus saya ingat akan daerah Kuningan Timur (Cibingbin dan sekitarnya) termasuk kampung saya Pananggapan, yang sangat potensial mengalami kekeringan seperti yang di Jawa sana. Ci jangkelok sungai utama di Cibingbin dulu merupakan sumber kehidupan yang menyenangkan. airnya mengalir tak mengenal musim. Ikannya jadi incaran para nelayan lokal. Sekarang “katanya” kering kerontang di saat kemarau dan banjir di saat musim hujan yang hanya mendatangkan bencana. Jauh berbeda dengan daerah Luragung ke arah Kota Kuningan yang airnya masih mengalir dengan baik yang menyuburkan tanah petani.
Kang,…. maksud saya, seberapa jauh PEMKAB Kungingan memperhatikan hal ini??, katanya sumberdaya alam teh salah satunya adalah air, selain tanah dll. Bagi manusia air adalah kehidupan. Buat kita-kita yang di kampung yang katanya hidupnya bertani, air adalah dewa. tanpa air petani kolap..Kondisi ini memperparah kondisi petani yang GUREM, Subsisten,modal cekak (karena akses ke dunia perbankan juga sulit), pengetahuan rendah, lahan tebatas, kadang-kadang hanya petani buruh. Dampak lanjutan tingkat ke sekian dari terbatasnya air adalah munculnya generasi penerus yang serba lemah (dari segi fisik karena kurang gizi, segi pendidikan ya tak berijazah karena tak mampu menyekolahkan, dari segi moral juga anjlok, karena akan berusaha dengan berbagai cara untuk pemenuhan kebutuhan hidupnya). Karena tidak adanya alternatif usaha, maka akan melakukan eksploitasi sumberdaya apa saja secara serampangan. Misalnya penebangan liar pohon jati punyanya Perhutani, pengambilan batu dan pasir di tempat-tempat yang tidak diperbolehkan, jual narkoba, jual diri, dlll yang sifatnya negatif.
Atau untuk mempertahankan kehidupannya, sebahagian warganya terutama yang laki-laki menjadi masyarakat urban di perkotaan Jakarta, bandung dan kota-kota besar lainya untuk bekerja, yang sebagian besar sebagai buruh kasar. Akibatnya usaha pertanian yang selama ini digelutinya ditinggalkan dan kalaupun diusahakan menjadi tidak optimal (produktivitas lahan menjadi rendah) dst…….
Tuh kan kang.. jadi panjang ceritanya….
Saran saya untuk Pemkab Kuningan atau para pemangku kepentingan di tatar Kuningan Timur, mari kita kembali ke alam… galakan yang namanya konservasi tanah dan air, mulai dari sekarang. dari rumah kita sendiri. buatlah lubang-lubang untuk tandon air tak kala hujan. jangan sampe air hujan yang sudah dianugrahkan Allah kepada kita hanya numpang lewat saja di halaman rumah kita. Suruh air itu mampir dulu di tanah pekarangan kita, biar dia masuk ke dalam tanah, tidak langsung ke sungai dan menjadi banjir. Insaya allah air itu akan kita panen di saat musim kamarau.
yang besar lagi tentu membuat embung atau dam atau waduk atau bendungan sebagai tabungan di saat musim kemarau. Buatlah di daerah hulu sungai Cijangkelok atau di hulu hulu sungai Cibeureum. Insaya Allah, Citenjo, Dukuh Badag dll desa yang ada dihilir Cibingbin atau Cibeureum akan kebagian air juga saat kemaru.
Tak kalah penting adalah memelihara dan mempertahankan hutan-hutan lindung atau konservasi dan lakukan gerakan menanam pohon apa saja disekitar kita atau di lahan-lahan yang kritis… contoh program yang sangat terkenal dan patu dicontoh dan dipertahankan adalah GERAKAN RATGANTANG…. anjuran Bapak Gubernur JABAR tempo DOELOE… (jangan-jangan lembur kuring juga udah lupa)
atau Mau sampai kapan kita bertahan dengan kondisi yang sangat mengkhawatirkna ini ????, bagai mana dengan anak cucu kita??? Mari kita merenung sejenak, dan ayo kita bangkit dan lakukan sekarang juga . Apa yang bisa kita lakukan lakukan lah…
Kesimpulannya ;;;;;;;;; mari kita hidupkan kembali RATGANTANG…
Kumaha kang??? Serem nya…..
Salam Hormat…..
Santobri (Pekanbaru)
salam kenal dari anak desa di kuningan .
oh ia boleh gak saya memasang link blog ini di blog saya .
saya tunggu kedatangan nya di blog saya
Salam, mangga diling wae
ass…
punten kasdayana…wilujeng enjing lah…..!!!!!!
Abdi numpang lewat…..
tos kangen euy..hoyong ngarobrol sareng wargi di kuningan…he..he..he….
Punten Ari “”Teh MAUDY teh saha etateh…!!!!!!!
mang leureus kitu Artis ….!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!
HE..HE..HE..lmun lereus teh jdi isin ih….
Margi nge fans pisan saya mah…………
he…he…he…peace nya…..!!!!!!!!
PUNTEN…………………!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!
BAde naros KAMArana Atuh barudak Pajambon geuning teu aya nu ngring corat-coret didieu…..
Saurna Bde Ngirimkeun Informasi..>!!!!!!!!!!!!!!!!!!
YA UDH LAH KU SAYA DI UMUMKEUN!!!!!!!!
KA SADAYA MASYARAKAT DESA PAJAMBON
KHUSUSNA PEMUDA OR PEMUDI NA…
MOHON DUKUNGANA..
KAMI SELAKU PENGURUS BOLA VOLLY DESA PAJAMBON (BINATAMA & BUHE) BADE NGARENCANAKEUN PERTANDINGAN BOLA VOLLY ANTAR DESA…
WAKTU: 2 HARI SETELAH IDUL FITRI….2008
KANGGO KELANCARAN ACARA TERSEBUT..
MOHON DO*A SARENG PARTISIPASINA TI SADAYANA
KANGGO SPONSOR NU BADE MASUK MANGGA DI ANTOS…
HUBUNGI : ANDRY
E-mail : kemuningbarata@yahoo.com
asdaranda@plasa.com
rohmat_pgs@yahoo.com
HATUR NUHUN….!!!!!!!!!!!!
Mats_Pajambon
Sok atuh ramekeun…!
rame pisan nya euy lemburkuring2007 teh,tapi salam kenal ti kuring teu asup wae , kunaon nya?
Salam tepang kang Maman, kumaha damang ?
sami sami
Punten pisan ieu teh
punten pisan akang teh di rewong ku rerencangan mani seueur ,meni ngagimbung, maklum lah di kantor ,nembe sakalimat tos di klik jadi we teu puguh.salam tepang we kasadayana wargi kuningan,mugia tanjeur di buritan jaya di buana.sok atuh urang ngadamel acara.
sepieun geuning,kamarana atuh ieu teh? sibuk meureunannya.
daramang sadayana ieu teh? wargi Garawangi araya kitu?
DI BATAS KOTA Song by,Tommy J.Pisa
Saha nu apal lagu etanya, punten di kintun, hatur nuhun.
Eta mah lagu jaman abdi kapungkur masih sakola di Kuningan. Tapi lirikna tos hilap.Sigana mah kieu : Di batas kota ini, ku menatap wajahmu, perpisahan ini membuat luka di hati, dst….. tos teu apal.
Tah tah kitu muhun leres kitu pisan lirikna teh, dupi Icuk Y Teh timana kawitna, sakola di Kuningan na di mana+alumni taun sabaraha nya? sok waas ari mireng lagu eta teh,babakunamah sok emut ka simanehna jaman kapungkur.
di hiji desa di kota Kuningan..desa anu kungsi (Insya Allah saterasna) kapatri dina ati..nya di ieu desa kuring kungsi ngarasa bangga jadi budak leuweng atawa gunung nu kiwari geus teu bisa kaalaman ku genersai ayeuna, dina samemeh usum panen kacipta kuring sarengsena sakola nya ka sawah bari mawa bekel saayana nungguan manuk pi’it anu nyerang pare nu keur memejeuhna paneneun, hoyah..hoyah..halik siah..minggat mun geus seubeuh” gorowok teh baru rikat ngabetot tali nu nalian bebegig..berrrr si pi’it saparakanca teh hiber ka sawah nu sejen (pinter nya) duka ayeuna aya keneh kitu manuk pi’it teh, aya deui manuk heulang (elang jawa kituh) muih di luhur bari panon ngawaskeun anak hayam nu misah jeung bikangna..aya keneh heulang teh kitu ayeuna????? ret kana munding hmmm coba rasakeun kulit leungen jeung kulit bitis mun urang pas aya dina luhur awak munding.hiyyy ginggiapeun tuda tapi da teu kapok hayang deui-hayang deui numpak munding teh..aya keneh munding di lembur??? nu bedas ngagaru sawah teu pernah ngarasa cape!! aya keneh kitu ayeuna munding nu ngawuluku atawa geus di ganti ku munding Jeoang atawa mesin traktor nu pasti bahan bakarna ku bensin anu matak jadi polusi jeung racun kana sawah!!! saha anu pernah nyieun sasaungan di pasir sisi gunung??? hmmm bari meuleum sampeu atawa jagong nepi ka tutung tapu da rasana edot bae..kungsi baheula kuring jang pada batur ulin di sasaungan di sisi gunung can ge meuleum jagung da kaburu aya bagong!!! aya keneh kituh bagong teh di lembur kuring, sakapeung kungsi aya kidang lumpat ka lembur di berik ku sadesa tapi sang kidang lumpatna taya tandingna (pantes mobil jepang aya ni di merekkan Kijang “memang tiada duanya” aya keneh kitu kidang di lembur kuring..monyet!! kamana eta kunyuk teh nu baheula ting gurawil dina tangkal di Pamalayan kamarana atuh silaing teh..sieun ku manungsa anu jahat atawa geus teu aya nu bisa di lebok..duka kamarana ayeuna moyet di lembur kuring teh?? Gatrik, adu pinci,gepak sodor, bebentengan, jiglong..ayeuna masih keneh aya kituh barudah dina mangsa caang bulan ulin babarengan uucingan??? kamana kabogoh kuring nu baheula nu geulis ku ambucuy meni pikaedaneun..Kiwari desa kuring loba nu ngajugjug reh ayeuna aya tempat rekreasi nu karek kapanggih nyaeta “lembah cilengkrang” kade kuring amanat ulah ngaruksak nu geus jadi hak!! ulah nambahan sangsara kana sasatoan, tatangkalan jeung nu sejenna!! cag ah sakieu heula coretan Budak Pajambon, salam ka N. Gunadi, kang Ajun sareng ka sadayana baraya di tatar Kuningan.
Budak ayeunamah teu apaleun beubeugig sawah
sabab bbegigna oge tos punah, jarang katingali ngajogrog nungguan pare
waas maos tulisan Kang Endang, ngalaman pribados oge
nunggu pare beukah di sawah dibaturan ku beubeugig
Teh Nenen Canada pasti bingung naon beubeugig teh
Salam tepang kangg kang Endang Sutisna, waduh… maos kisah laluna mani ngiring waas, komo pas di inget ka kabogoh mah he..he..he..
Leres hayu urang ngajaga alam lingkungan, sareng melindungi hewan-hewan liar disekitar kita. Siga gn. Ciremai kabakaran mani prihatin pisan, seueur sasatoan diurang mulai pada punah, dibantai/ditembakan boa…
Kang Endang, kisahna tod dipasang di web site abdi judulna Bangga Jadi Budak Leuweung, http://www.nenensnest.com
Wios ah… nembe minta ijin ayeuna oge
Mangga ditingali
Kang Dadang kumaha damang?
Beubeugig sami sareng jurig hulu ? hi..hi..hi…
Kanggo baraya sadaya, anu tiasa nyerat syair cinta, infona di http://blogpuisi.weebly.com/syair-cinta.html
Diantosan syair cintana
Baktos,
Nenen Gunadi
Wilujeng kanggo sadayana
numpang parkir bapak………abdi urang kuningan tapi nuju di dameul di Indramayu, artikel na tiasa di copy heunteu?haturnuhun
Mangga bade dicopi mah.
kanggo mats di Pajambon : tuan rumah kanggo volley teh pajambon? euleuh pasti mani rame da abdi ge resep kana volley teh..lembur mana anu sok langganan juara teh…salam olahraga ka sadaya pamuda Pajambon..
Akang meni heran , hese pisan ieu teh, hoyong ngobrol sareng urang salembur nu ti Garawangi, lebeng dugi ka ayeuna can aya kalangkang kalangkangna acan , kamarana kitu jalmi teh?
Garawangi ti palih mana Kang Maman
Akang ti palih kaler Garawangi, lengkepna ti Desa. Citiusari, Kec. Garawangi. Paling oge 30 m ka palih kaler ti pasar Garawangi teh, Ameng atuh kakaler,tapi akang ayeuna aya di Jakarta wangsul ka Kuningan saminggu sakali, saptu minggu libur.
Kang Ma2nwahyu wilujeng tepang ti simkuring anu anyeuna nuju di peuntas (palembang), kang saupamina ti pasar garawangi ka palih kelermah panginten tepang ka Endah sareng rakana nganhilap namina kapungkurna di sma kuningan, upami teulepatmah kapungkurteh caket bumina aya heuleur, anjeuna (endah) rerencangan sakola waktos di smp 2 ngalih ti smp garawangi bilih tepangmah salam ti simkuring.
salam dr peuntas
Nepangkeun Kang Maman abdi oge ti Kec. Garawangi ka palih kidul
pasna ti Ds. Kutakembaran (caket Pakembangan).
upami liburan abdi sok nyejakeun ka pasar Garawangi milarian tahu
raos pisan tahu Garawangi upami dicoelkeun kana sambel
komo upami sanguna pulen
SALAM KENAL
Dengan FRONT KOMUNITAS INDONESIA SATU (FKI-1, Ormas Independen). Utk lebh mengetahui kegiatan dan AD/ART FKI-1 dpt dilihat di Website:www.apindonesia.com (Klik LOGO FKI-1).
Terima Kasih Imas Nurhayani,SE. Sekretariat:Gd.Dewan Pers. Jl.Kebon Sirih No;32-34 Jakarta Pusat. Tlp:0213503349, 3864167, 0818798586. Email:satufki@gmail.com.
Kang Dadang teh di lembur kitu? di kinten ku akang mah di Jakarta, akang sok kalembur saminggu sakali da kulawargi mah di di lembur, 17 belasan insa allah aya di lembur , ameng atuh ,ke ku akang di antos, sakantenan borong tahu, alamat akang lengkepna.
Maman Wahyu.
Ds. Citiusari
blok batukarut,
dusun Kliwon,Kec.Garawangi.
ti psr ka kaler 30 m.
Insa allah pami tepang di wartoskeun, alumni taun sabaraha kang Uha teh, sareng kulawargi di PALEMBANG TEH? Lebaran ka Kuningan ameng ka rompok muhun.
Alumni smpn 2 th 80/81, di Plg sareng kulawargi tapi pun anak anu hiji di Bdg , Insya Allah boboran uwih, dupi simkuring di kuningan teh di kel winduhaji ka palih kidul ti kantor kelurahan, nya kalangkungan saupamina bade ka garawangimah.
Insya Allah Kang Mamanwahyu, kleresan upami boboran sok silaturahmi
ka Pa KH. Unu di sukamulya-Garawangi
sayogikeun bae tahu anu haneut
Kang Uha di Palembang, kmaha wartosna ?
Tos sepuh kang Uha teh , abdi mah taun 80/81 teh nembe kls 5 SD, Tamat SD teh Taun 82/83, bilih aya waktos mah tos Boboran ameng ka Wetan , ti Purwa sari kantun ngaler sakedik , tos dugi ka lembur abdi, sok lah di antos.
Tah geuning aya saderek di kaler, kantun ka kulon sakedik tos dugi ka lembur akang.
Mangga kang Dadang ameng ka kaler, hilap.. lulus taun sabaraha ti SMP/SMA teh?
Alhamdulillah sae kang, ngan ieuteh kamari rada-rada teu ngeunah hate lantaran SFC eleh ku Persija keurmah kaasupan golna geus di ujung waktu deuih.
Kang Dadang oge kumaha wartosna di Kuningan nuju usum naon ? saurna anyeuna tos mulai ngecek deui unggal dinten teh.
Kanggo Kang Ma2nwahyu keun wae tos sepuhmah da etamah hukum alam anu bakalan kuurang sakabeh bakalan kaalaman tapi anu ku urang kudu dipiaramah teu sanaos sepuh/anom urang bina dina silaturahim, salam kanggo sadaya wargi Garawangi, o iya Garawangi teh ari kapungkurmah kasohor ku dagena.
Abdi lulus ti SMP Garawangi/SMA 1 taun 1987/1990
Kang Maman mah panginten lanceuk kelas
umurmah masih anom tpi tos sgala diraos, loba teuing kahoyong panginten
Ulah leupat sangki Kang Maman, Kang Uha mah sanaos tos sepuh tpi kahoyongnamah teu kalah kunu anom.
Dinten Minggu kamari alhmdullah tos ngawitan hujan, para wargi tani tatan2 bade peupeulakan, trutami di wewengkon abdi anu sawahna tadah hujan
Upami aya anu hoyong ningali vidio & photo kegiatan warga Indonesia anu aya di Edmonton Kanada, waktos ngiringan heritage festival 2008 bulan Agustus tgl 3-5,
mangga tingali di http://www.nenensnest.com
Leres pisan akang teh tangtosna lanceuk kls,akang mah di teraskeun sakola teh tebih
SMP di Jakarta SMA di Bekasi, anclong anclongan , sakantenan milari waragad kanggo sahuap sakopeun, maklum di jaman akang mah sesah dahareun jaman werit saur sepuh mah . tos heula nya seur padamelan nu SEGERA SIPATNA. SALAM KA SADAYANA.
meuni rame euy…. urang sunda wungkul geuningan. syukur bagja tenemenan kaka…sae sae….ari kitu mah
Wilujeng sonten saderek sadaya,daramang ieu teh? nuhun pisan pami daramang mah, oge…Agustusan teh
geuning asa kirang meriah di Garawangi mah, tos Upacara teh teu aya naon naon,benten sareng kapungkurmah meni meriah pisan, zaman akang keur alit,da sagala di ayakeun teras di pamerkeun di lapang Kacamatan teh,nu Penca,Reog,Calung,jrd
naha dibatur ge sarua kitu?
Pak Bupati Gimana Teriminal Teh?…….. Ko ya masih gitu2 aja…
Pak Bupati Gimana Terminal Teh?…….. Ko ya masih gitu2 aja…
Assalamualaikum w.r w.b
Wilujeung boboran siam kangggo ka urang kuningan
dimana bae ayana,mudah-mudahan amal ibadah kita ditarima ku allah s.w.t, amiin
Mamat Rohimat,
Desa parakan
(Kelapa Gading)
Ass. wr.wb
sateuacana wilujeung boboran saum sareng wilujeung tepang sareng abdi, abdi oge ti Kuningan kaleresan ayeuna nuju ngumbara di Riau (Duri), kumaha daramang urang kuningan sadayana?
Alhamdulillah, mani bingah kuayana blong Kuningan mudah2an nambih ngiatkeun babarayaan khususna urang kuningan sareng nu nuju ngumbara.
sakieu wae, Insya Allah di sambung deui..
wassallam,
andi siswandi
Abdi urang sukamaju ciwaru kuningan, sok inget basa keur letik ngala suluh, balik-balik ngadahar sangu golono, asa ku nikmat nya…
Ass.
Kang Zoen, punten ngiring bewara sakedik :
Kanggo ka alumni Warga Reabe Spendruxs 1986-1989, insya allah bade aya reuni kaping 4 Okt 2008. Anu aya di Kuningan boh dimana bae. Diantos kasumpingannana.
Kanggo info saterasna, hubungi ka Kang rastono.
Wassalam.
haturan ka sadayana . wilujeng tepang sareng simkuring,ti jembrana bali.asli kuningan pisan 100%, ngiring jabung tumalapung, nya margim sok sono tur waas ka kuningan teh genetna, gemb\longna,tahu kopecina, kitu welah, pamugi urg kuningan ka alakurnya, ulah pakia2 teuing ku pasoalan beda paham, didieu oge heterogen kepercayaan teh, tp bisa bersikap berjiwa besar, ok , teu hilap hidup pesik.
ti
akang
alumni SMA 1 Kuningan
th 89.
cag ah
]gejlig tewewew
Kang Engkos Koswara, pasti apal nya ka Cipto H, asal Ciwaru. Alumni SMA 1 taun 89. Cipto rerencangan abdi waktos SMP.
Wilujeung teupang Kang Engkos Koswara di kota turis
Kuninganna kawit ti weuwengkon mana
rupinamah langceuk kelas abdi di SMA 1 Kngn
Aya kabar naon ti Pulau Dewata, kahade sing atos2 bilih aya bom deui
sumuhun atuh yi, sdy tepang k cipto ciwarumah, anu salirana alit rd jangkung, kumisan geuning kapungkurmah, da anjeunamah nj SMA oge tos kumisan, akang mah dugi ka 37 thn oge teu acan beger2 acan geuning makana teu katurut gaduh kumisteh he he he….
akang ti wewengkon pakidulan kawitmah, yi,kuninganateh,
alhamdulillah bom mah teu aya ayeunateh, mung nu seueur mah sono we ka lembur margi bd boboran tea,sugan pareng insya Allah sklwrgi akang seja sungkem ka sepuh di kuningan.amien
Assaalmu’alaikum
Kang Engkos, Nepangkeun abdi Didi Tarsidi, kawitna ti Sukajaya (Babakan) Segong caket Karangbaru, Gagambiran, Garajati.
Alumni SMP Ciwaru, tahun 1986, neraskeun di SMA Luragung, neraskeun deui di UNISMA, ayeuna abdi di Bekasi.
Linggih atuh ka Bekasi
wassalam
Kanggo neng Nendy kumaha damang ? teu aya kabarna teu aya mampirna , sibuk panginten Nendy teh ? teu sawios nuju sibuk mah, mugia sing aya dina kawilujengan bae.
Kang U Syamsuha teu acan mampir ka email abdi geuningan, sami jigana kang Uha teh sibuk, Kang Dadang Pakembangan , kumaha damang? syukur pami daramang mah.
Wilujeng netepan Puasa bae kasadayana nu teu tiasa kasebat hiji hijina .
Aslm. kang nepangkeun. aan – urg garawangi tulen. nembean buka blog ieu teh. resep lah aya rencang salembur.
Tah…tah ….gening aya batur salembur nu nyangkut ayeuna mah , kang Aan Rusdiana urang Garawangi, blok mana ti Garawangina ? nepangkeun abdi Maman Wahyu , kawit ti Citiusari, blok kidul.Tepang teu ka P. Tata juarta nu ayeuna janten Kep Sek SMPN Babakan reuma? salam pami taepang mah, nuhun nya.
tah nyambung ayeuna mah. garawangina ti blok karangken, tepang, aya wargi kitu? Ke..ke.. nu mana pa tata teh nya. siga na mah angkatan sepuh nya. he.. hee.. abdi angkatan enggal. lulus sma eh 97. jadi masih budak kamari sore. tepang ge kepala sekolah smpn garawangi pa uca sunarsa. kang maman teh, ayena linggih di mana? on line teh di citiu kitu?
Muhun akang teh saderek ka Didin + Uju, di Gg. Garuda. pami P.Tata Juarta mah kapungkur mah rompok na pengkereun mini market, P.Tata kantos janten guru di SDN. Suka imut , taun 86 an.
Ayeuna Aan sok di mana? di Garawangi? di Jakarta?
Senen dugi ka Jumat di Jakarta, Saptu Minggu di Citiusari, dugdag .
Alaaah cuapeee dech dug dag kitu. Punten kang maman, nembe buka net deui. nembe dongkap ti mitoha di cirebon. Oooh…. atuh caket gg garuda, mini market nu payuneun bri nya? abdi mah lilinggihan teh pengkeren koperasi bumela, palih kaler alun-alun desa garawangi. Abdi teh batan nganggur, ngawulang di husnul Khotimah – manis kidul jalaksana. damel mah di di palih dinya. ari linggih mah di jalaksana ( ngontrak cenah, da ari guru mah kabisa na ngontrak jeung ngontrak wae. di harap maklum cenah. wiljueung boboran siam 1429. minal aizin walfaidzin – hapunten lahir tumekaning batin kanggo kang maman, oge kasadaya nu ngageugueh ieu blog sareng nu gaduhna. mararangga. bade liburan heula…….
kang maman mampir k bumi bilih ngalangkung bade ka sukaimut mah
Hatur nuhun kana pangulemna, bade di sayogikeun naon nya pami ka Garawangi teh? aya tahu kapling kitu ? raos tahu kapling nya. Tos gaduh putra sabaraha ayeuna ?
Sallam baktos sateuacana kanggo AA jeung sadayana.mangga kanggo kamajuan urang kuningan mah tong aya batasna saling dukung saling mayung saling tutulung .cayo ka sadayana
Kang Aan musim naon di Garawangi ayeuna ? sok lah sayogikeun nu aneh bilih sawaktos waktos amengan.
emm… jadi kangen ka kuningan… btw kang kunaon teu dijadiin komersil aja kayak situs beritacirebon.com yaaa itung – itung nambah wadah buzt cari berita tentang kuningan yang up to date terus jujur.
Bilih kangen mah ameng atuh ka kuningan neng Andini , seueur nu raos di kuningan mah .
Geuning teu aya deui komentarna nya di UPTD Garawangi teh, tara di buka kitu lembur kuringna ? hanjakal atuh , abdi nuju milari laratan nu nami Tata Juarta ti Garawangi nu ayeuna cepeng damel janten Kepala SMPN Babakan reuma , Ibu Euis nu tos janten Kep Sek, nu kantos ngawulang di SDN Sukaimut teras ngawulang di SDN Mancagar, kamarana atuh nya jalmi teh , saribuk kitu pedah seueur uleman nu hajatan ?
kang maman puntennnnnn….. nembe buka deui. liburan bada teh ;lami. lumayan. di garawangi teh usum hajatan geuning. kamari wae katiluan nu hajat teh, rerencangan narikah. alahhh… kieu geuning hirup teh kudu kondangan wae. nembe gaduh hiji. 7 sasih jalu. kamari2 nglangkung ka citiu sari. bade mampir the da teu terang? pami teu lepat mah ayeuna kepsek babakan reuma teh pa apang apandi sanes pa tata, tos ngalih sugan? ibu euis..? cik urang taroskeun heula k rerencangan guru di sd mancagar. tahu.. tahuuuu
Hello
http://puisiku.weebly.com/balada-gitar-butut.html
sami atuh usum hajatan mah di citiu ge kitu da, meh ampir unggal dinten hajatan teh , pami bu euis sukmawati teh ayeuna ngajabat Kep Sek SDN Tambakbaya, kapungkur mah linggih na di Garawangi palih kulon perbatesan sareng purwasari, ti pos ronda/pangkalan ojeg ka kaler sakedik, ayeuna teh duka masih didinya duka tos ngalih, insaallah pami ka lembur hoyong ameng ka garawangi sakantenan ka Mi Emoh ,( ibuna didin,uju juwarsa, budi, ilah ) sareng bade maluruh laratan na kulawargi Bp.Sukinta,Ibu Sukati ( kembar ) P.Sukinta gaduh putra Nyi Umisah, dupi akina ti sadaya nu di sebat di luhur Bp. Reksa . manawi jang Aan terang kana nami nami nu di sebat ku akang ieu ?
KANGGO KASADAYANA SIMKURING BADE NGENALKEUN DIRI, ARI ABDI TEH NAMINA SYUKUIR MULYANA ARI ASLINA URANG CIBUNTU KECAMATAN PASAWAHAN KABUPATEN KUNINGAN JAWA BARAT, SIMKURING AYEUNA NUJU NGADU NASIB DIJAKARTA, KALERESAN ABIDI NUJU NGARINTIS USAHA NAMINA KLS TOUR & TRAVEL, BOH BILIH GADUH INFORMASI NUBADE JALAN-JALAN KAMANA BAE TONG KAMANA-MANA HUBUNGI KA SIMKURING.HATUR NUHUN SATEUACANA.SALAM KOMPAK KHUSUSNA KANGGO KALUARGI BESAR “LEMBUR KURING” NU NGUMBARA DIMANA BAE….
Pa Syukur Mulyana. . . wilujeung tepang
KLS Tour & Travel alamat di Jakarta dimana ?
No. Telp/fax/email ?
berarti lebetna blok karangken. muhun ke ari mampir ka blok eta di insyaalloh di taroskeun. kang maman di betawi teh damel naon?
Minggu, 12 Oktober 2008.
Keur urang Kuningan, poe ieu jadi bagian tina sajarah kahirupan.
Pilkada langsung pikeun milih pamingpin lima taun ka hareup, insya Allah rek dilaksanakeun. Ieu teh meureunan wujud tina kembang kahirupan masyarakat, sabab pan urang mah kudu mi-indung ka waktu mibapa ka jaman.
Tilu pasang calon, Arochman, Asri jeung ……. (hilap tah calon ti perseorangan….) maju nyalonkeun diri keur jadi pamingpin. Insya Allah tilu pasang calon, boga visi jeung misi nu hade keur kamajuan Kuningan.
Ti pangumbaraan , “mucunghul” harepan, muga muga “pesta demokrasi rakyat” Kuningan teh, bisa lungsur-langsar kalayan tetap didasaran ku kasadaran yen urang teh masih sadulur. Tong aya huru-hara. Tong aya naon-naon. Amin.
Sukses keur Kuningan Tercinta !!!!
punteun ah ka mang ganda
abdi ti tundagan
ghfytf
Sampurasuuun…. ngiring ngawangkong ah…. bari gogoleran…..
Salam kanggo sadayana dulur-2….., Blogna saae pisan…,
kanggo akang …gayana sapertos Pak prabowo partai gerinda euy
hehehehhe…
punten bade naros…ari pilkada kamari di kuningan.nu kenging saha nya?
Nu kenging teh bupati kapungkur pa aang. hayu ah urang dukung bupati ayeuna sangkan kuningan leuwih linuhung ti nu sanes. hidup maudy kusnaedy…..????
saha bae nu janten bupatina hayu urang dukung ku urang sarerea, sangkan pangwangunan di kota urang ningkat. sanes kitu kang ,teteh , euceu, ayi, ? ari tos jelas kapilih mah ulah janten perbedaan malah kedah ajanten sabeungkeutan , tingali sapu nyere , tah urang kedah nyonto ka sapu lidi.
Satuju pisan kang maman…saha deui nu bade majukeun kuningan…iwal ku urang sararea…salah sahiji conto, sing gede hate tur tawakal anu teu kapercanten jadi bupati…teras anu kapercanten sing…sholeh kalayan pageuh nyepeung amanah rakyat….mudah2an…amin ya rabb..
pokonamah kuningan maju terus tur jadi kota berwibawa…nu dieusian ku masyarakat saroleh…..
tos sakitu wae…bilih titilek letah…mangga lajengkeun..
betul sekali jang Andi Siswandi, pami teu acan pemilihan mangga dukung nu srek kana hate tapi pami tos aya nu kapilih kalayan sah nurutkeun hukum sareng undang undang, urang kedah sabeungkeutan ngarojong kana pangwangunan kana nu tos di programkeun ku pamarentah, ok.. selamat membangun.
kang agah, kumaha wartosna bebeledugan teh ? ngadamel teu waktos bulan puasa? rame panginten di luragung mah nya kang, kang U. Syamsuha kumaha tos angkat deui? wilujeng damel bae. kang dadang pakembangan , kang yani , jang aan di garawangi? kamarananya teu kapireng pireng ? araya kitu ?
Kang Mamanwahyu
Alhamdullh pribados aya nuju ngarengsekeun padameulan anu katunda liburan kamari, nuhun Kang.
wilujeng damel bae atuh, kang Dadang,mugi aya dina kaberhasilan
Aya kang maman yeuh masih ngarenghap…. he..he.. Nuju damel. salam tepang ka kang dadang, kang yani, sadayana nu ngageugueh ieu blog. kang lembur kuring nu ngadamel tatar kuningan hatur nuhun. wilujeung enjing sadayana.
Kuningan usum peuteuy yeuh……. saha bade nu bisnis burger isi peuteuy….
Sami2 wilujeung teupang Pa Aan
saurna ngawulang di Khusnul Khotimah, leres kitu ?
atuh teupang ka Pa Daswa ti Garawangi, Asep Udin ti Kutakembaran
Sanes ngawulang abdi mah purah ngabersihkeun kelas, badega ti ditu na mah. tepang atuh k pa daswa sareng pa asep mah. Wargi kumaha ka arenjeuna? line teh di mana, di kng atanapi dimana? kumaha bade bisnis burger eusi peuteuy?
Posisi line di Cikarang-Bekasi Pa Aan
Salam kasadayana. . . Pa Daswa, Asep, Pa Ustad Rijaludin + Pa Ustad Ahmad Taufiq (anggota DPRD), teu hilap oge ka Pa Haji Sahal Suhana (Pembina Ponpes).
Abdi oge sering ka Al-Multazam Khusnul Khotimah, insya Allah iraha2 urang pendak.
Assalamualaiku,
Kumaha daramah wargi2 sayadaya? Punten nembe aos blogna, mani reug-reug seur baraya.
salam kenal semuanya
pisst …………. ach
Waalaikumussallam wr.wb
Alhamdulillah, aya pang hibar ti gusti nu maha suci..mangga ..wilujeung tepang kanggo teh kertawangunan,
wilujeung boboran saum ( lebaran )…kasadayana bae kum masyarakat kuningan…
mangga atuh lajeungkeun….
Kalau boleh usul update terbaru selalu tampil di atas, kayanya lebih menarik dan seruh tuh,
hapuntern
hatur nuhun
muhun di antos kang dadang kasumpingan na. neng, bu, teteh, kang cacah wilujeng di ieu blog…. hidup kuningan poko na mah.
Sampurasun. ngiring nimrung. abdi Oman ti Garawangi. Kumaha daramang?
Damang Kang Oman… mangga calik
Hidup Kuningan
Salam kangen ti Kanada
kang oman sim kuring ge ti garawangi. Mizz u too teh nenen. mulai usum hujan yeuh kuningan. wengi2 k kota ngairirincik h