ANGGOTA

Mangga ka Baraya nu bade janten anggota sebatkeun jenengan sareng alamat.

175 Nu Mairan ANGGOTA

  1. Heri Abdi pok:

    Register No 1 : Heri Abdi
    DRC Afrc Tngh
    Salam kenal kasadayana,

  2. Budak cibunut_thea pok:

    Register No 2: Alexander Sudarna, Cibunut

  3. Dedi Haryadi pok:

    Register No. 3 : Salam kenal ti abdi Kang Dedi Urang Dukuh Tengah Maleber Kuningan.

  4. Rizal pok:

    Nepangkeun, simkuring Rizal ti Bandorasawetan. Salam kenal

    • lemburkuring2007 pok:

      Hatur Nuhun, tos kersa rurumpaheun.

      • Didi Tarsidi pok:

        Assalamu’alaikum

        Kumaha pami dilebetkeun daftar Anggota Lembur Kuring ( lengkap sareng alamat asalna sareng tiasa dibuka di menu anu mana ), supados tiasa panca kaki (sugan wae tepang sareng rerencanangan sakola), atanapi ngadamel koperasi LK, atanapi urang kumpul lewat darat

        Hatur Nuhun
        ———-Magga kang lebetkeun dina wawanohan. Di dieu mah cekap garus badagna.

  5. Maman wahyu pok:

    Register No.5, Maman Wahyu , alamat Citiusari Garawangi, Kuningan Wetan.

  6. Nepangkeun abdi Dedi tea, kawit ti Dukuh Tengah Kecamatan Maleber. Salam Kenal Ka sadayana.

  7. Nepangkeun abdi Ishaq, ti Cikaso Kacamatan Kramatmulya. Kumaha daramang sadayana ? Salam kenal kasadayana.

  8. Kang Zoen ngiringan ach simkuring U.Syamsuha kawit ti Kel Winduhaji Jln Pahlawan Rt 09/03 Link Karanganyar Kec/Kab Kuningan, alamat anu ayeuna Komperta Plaju Jln Permai 227 Palembang Sumsel.

  9. YATI SRI MARDIANTI pok:

    kang sim kuring bade ngiringan ah dupi jenengan mah yati sri mardianti kawitmah ti desa maniskidul kec. jalaksana nepangken kasadayana

    • Didi Tarsidi pok:

      Punten…………….Nepangkeun nami abdi Didi Tarsidi kawit ti Ciwaru, ayeuna ngumbara di bekasi

      Teh Yati di Manis Kidulna palih mana ? caket ka Husnul Khotimah ?
      Abdi gaduh putra nuju masantren di Husnul Khotimah.

    • Ayi Syamsuddin pok:

      Ass. Kahatur Teh Sari Mardianti,
      Wilujeung tepang sok sanaos mung ngalangkungan serat, tumaros dupi desa maniskidul kec. jalaksana kalebet kabupaten/kota naon, haturnuhun,

      Salam baktos
      Kang Ayi Syamsuddin
      Tanjung Enim Sumatera Selatan

  10. Rastono pok:

    Ngiringan Registrasi, Sim kuring Rastono, kawitna ti Desa Sidamulya – Kec. Jalaksanan – Kabupaten Kuningan.
    Ayeuna ngumbara di kota kembang alamatna : Pondok Padalarang Indah – Jl. Jati Blok D7 No. 3 – Padalarang – Kabupaten Bandung Barat.

  11. Mang Uu pok:

    Sim kuring oge ngiringan ari kenging, mah.
    Sebat bae mang Uu. Ari kawit mah ti Cipager/Cigugur, ngan ayeuna (tos 28 taun) dumuk di Bandung. Ayana “Lembur Kuring” kacida pisan saena, margi seueur mangfaatna. Kuring kacida pisan nganuhunkeun ka nugaduh ieu tempat.
    Salam baktos kasadaya baraya, boh nu di Kuningan atanapi sami-sami nuju usaha di lembur batur. “Kecil-kecil Kuda Kuningan”

  12. Endang A. Sutisna pok:

    sobat..
    unggal poe kuring ngalink ka ieu blog
    unggal poe abdi rumasa nambah baraya..
    tapi kamarana sobat kuring..anu baheula heureuy babarengan.

    (aya kitu Lulusan SMP PGRI Jalaksana angkatan 85 nu sok mampir ka ieu blog?)

    Abidi pun : Ndang Sutisna
    Kawit ti Pajambon..

    I love you full kasadayana urang Kuningan..

  13. Anank Fay pok:

    Ngiringan ah simpkuring….neupangkeun abdi Anank Fay, kawitna ti Ciparay Bandung, alamat ayeuna di Komplek RSU lama Jl. Kol. Soegiono Kuala Kapuas Kalteng.

  14. Anank Fay pok:

    Aya nu lulusan SDN A.Yani III Purwakarta teu……

  15. Anank Fay pok:

    Milarian nu namina Beti Nurbaeti, Dedeh, Aep Saepudin sareung babaturan nu di asrama Brimob Cipaisan Purwakarta araya keneh teu….salam sono ti abdi

  16. Ellon pok:

    Assalamualaikum Wr.Wb
    Kahatur sadaya dulur-dulur urang kuningan nu aya di pangumbaraan nepangkeun kuring budak ciawi gebang bade ngiring nimbrung dina ieu media. mugi mugi media tali silaturahmi ieu janten landong kangge urang anu sono sareung nineung ka lembur anu ASRI Kuningan tea.

  17. Tahqiq pok:

    Tong reuwas pedah ngaran emang rada aneh, kumaha atuh da ti karoehoen. Ngiringan ah, emang mah lahir teh anyar keneh nyeta dina taun 1935, jadi ngalaman dijajah Walanda, jeung Japan. Ari lembur mah ti Cimahi, ngan ngumbara ka Bandung bari mekarkeun bakat, nyeta bakat ku butuh, da loba kahayang keneh. Ngarah teu hese nyebut, sebut we Mang Atik, kumaha rempug? Sok atuh mekarkeun Sunda teh, ke Emang ngadongeng nu leuwih panjang tur rame geura, kitu ge mun parok ketang. Wassalam, Mang ATIK.

    • emanrais pok:

      Hatur salam wanoh ka mang ATIK. Abdi Eman urang Kuningan pituin. Sanaos diboborkeun di warsih 1944 di Palembang. Pun bapak kawit ti Linggajati Cilimus, pun biang ti Manislor Jalaksana. Ayeuna simkuring matuh di Tangerang. Kakapeungan di Jakarta. Wassalam.

      Blog Dewasalah mani hebat, karaos geregetna. Abdi oge nuju diajar ngeblog sanaos nyeratna masih kakapeungan tur masih kirang arah keneh. Mangga pangparioskeun di http://pantatruk.blogspot.com/

      Wassalam kum kasadayana urang Kuningan. Manawi salese, Insyallah sasih payun abdi seja bade nyaba ka Cinangsi.

  18. Tahqiq pok:

    Aya nu kaliwat, bisi panasaran Emang ge diajar ngeblog nyeta di http://www.dewasalah.blogspot,com atuh bisi nyuratan nya di tahqiq@live.com Hayang kacida Emang teh nyieun blog Sunda, cing atu papatahan kumaha mimitina.
    Wassalam, Mang Atik.

  19. Ngiringan atuh, ngenalkeun abdi pun Andy Gumilang

  20. Samprasun…neupa simkuring mamat rahmadi.

  21. Tarlan pok:

    Ngiringan Ach…ti Abdi paling ujung Kulona Kuningan alias ti Desa Padabeungar,wilujeung teupang kadulur2 sadayana…!

  22. IING Rain City pok:

    wilujeung enjing, abdi ti hulu cai, salam kasadayana, iing

  23. MAMAN WAHYU pok:

    Mangga sok enggal dalaftar janten anggota LK, supados rame.

  24. AKEN pok:

    nepangkeun abdi Akin ti parenca kutaraja “sampurasun”

  25. AKIN pok:

    Abdi Akin ti parenca kutaraja Maleber,hayu silh bantos

  26. lemburkuring2007 pok:

    Rampes, nuju usum naon di Kutaraja..?

  27. emanrais pok:

    Hatur salaam ka sadayana. Mangga dilajeng kulan.

  28. Kimto pok:

    Abdi alumnus STMN Kuningan tahun 1995 Jurusan Otomotif, bilih aya rerencangan anu bade lebet kana perkumpulan di FB mangga buka di alumni otomotip stmn kuningan tahun 1995, hatur nuhun….

    • henrik pok:

      kimto tepang keneh ka abd. abd henrik anu ngumbara di ujung kulon banten kumaha barudak otomotif th 95 anu di kuningan. kangen hayang mayoran tapi anu mencit hayamna si adun.

  29. DEDI CIPEDES pok:

    Wilu jeung tepang kasadayana, Wilu jeung istirahat siang

  30. DEDI CIPEDES pok:

    Aya wae ngan emang jarang ningalian ka lembur kuring teh, da gaduh anu enggal, janteun sok hilap ari kanu lawas, kumaha sae akang lembur kuring….

  31. Ayi Syamsuddin pok:

    Ass. kanggo kasadayana wargi anggota lembur kuring, salam kenal ti simkuring wasta Ayi Syamsuddin Tanjung enim Sumatera Selatan

  32. DEDI CIPEDES pok:

    Ka akang Lembur Kuring abdi bade tumaros upami di pairan hoyong aya foto na teh kedah kumaha kumaha kitu….

  33. Maman wahyu pok:

    WILUJENG SIANG KA SADAYANA ….DAMANG ? Sok lah enggal ramekeun deui Lembur Kuring.

    • Didi Tarsidi pok:

      Assalamu’alaikum WR Wb

      Kang Maman, unggal dinten abdi muka Lembur Kuring tapi teu aya warta anu enggal geuning, kamarannya urang Kuningan, khusuna urang Ciwaru.

      Punten ari kang Maman kawitna ti mana sareng ayeuna linggih dimana?

      Nepangkeun ach abdi Didi Tarsidi, kawitna ti Ciwaru, eyuena nuju ngumbara di bekasi.

      Wassalam

  34. lemburkuring2007 pok:

    @Kang Maman: Rame, rame, rame deui yeuh..!

  35. Diplong pok:

    Sampurasun

    Punten kasadayana ngiringan ah

  36. aan pok:

    wilujeung enjing… nu kasef… ak . he.. he… ngiringan ti garawangi – blok karangken caket alun-alun desa / kecamatan garawangi.

    • lemburkuring2007 pok:

      Sok atuh, aya rubrik enggal tiasa ditingali di kaca FIGURA. ijin bae ke fotona nangkring di dinya bade diluyukeun sareng Abjadna. Nuhun

  37. Maman wahyu pok:

    Satuju kang , ngiring bingah pami haneuteun deui mah, yu …ach urang ramekeun deui LEMBUR KURING. Pak Aan sibuk ngawulang nya ? ameng ka Citiusari.

  38. lemburkuring2007 pok:

    Kang Maman, siiiip lah. Naha eta email dina FB tos dibuka..?

  39. Diplong pok:

    Punten ngiring ngalangkung

  40. Maman wahyu pok:

    ntos kang , aya poto abdi sareng pun bojo, nuhun kang …..mudikk …mudiikkkk deui…….

  41. man maman pok:

    ass kuring ngirinan nimrung salam kenal wae kasadayana
    abdi teh urang kuningan asli asalmah ti selajambe alumni SMPN 1 SELAJAMBE THEA

  42. mamanwahyu pok:

    libuurrr…………….4 hari, asyik euy ! endah beneerrr…………MUDIIIKKK…..MUDIKKKKK…MUDIKKK…saha nu bade mudik ? infokeun ka abdi.

  43. diplong pok:

    kang maman meni bungah pisan bd liburan teh, tos sono pisan jigana ka lembur kuring nya………?

  44. maman wahyu pok:

    teu tiasa di ukur kabingah teh pami bade mulih kalembur mah, komo aya liburan panjang kieu mah. Ayooo….kita mudik bareng naek Cirex. mudiikk….mudikk….

  45. ade koswara pok:

    asalamualaikum wr.wb
    nepangkeun kasadayana simkuring ade koswara alumni SMP 2 Kuningan 81/82 alumni SPG Kuningan 83/84 ayeuna abdi guru SMP 230 Jakarta Timur rorompok di Pondok Ranggon Jakarta Timur. Kawit ti Desa Cantilan Kec. Selajambe

  46. Salam kenal kanggo Kang Dadi Tarsidik, Abdi Alumni SMA Luragung Angkatan 91, Abdi raina Agus Nur Iman. Abdi linggih di Tangerang

  47. Assalamualaikum wr.wb
    Nepangkeun
    Simkuring alumni SMPN 3 Bandung 88
    STMN 2 Bandung 91

    Damel di Bakasi eh nyunda teuing…Bekasi maksadna…

    salam wanoh sadayana

  48. Maman wahyu pok:

    BEWARA KA SADAYA BARAYA LEMBUR KURING.

    Di uningakeun ka sadaya Baraya Lembur kuring upami bade ngiring nimbrung d LK supados menyertakan no. Telpon. Hatur nuhun.

  49. Icuk Yunadi pok:

    Ngiringan daftar :
    Abdi Icuk Yunadi, asal ti Garajati Ciwaru,..
    Ayeuna ngumbara di Jakarta Timur, Cijantung !!

  50. aang pok:

    NGIRINGAN ATUH AH…NEPANGKEUN ABDI AANG ANU TI PARAKAN-MALEBER

  51. Ass.Punten abdi bade ngiringan. Bade nulis di-Buku Tamu-na teh, mani panjang sareung lami nungguan na. Jaya terus weh LEMBUR KURING…
    HTTP://DUTACIPTA.WORDPRESS.COM :roll:

  52. Didi Tarsidi pok:

    Nepangkeun kasadayanan anggota Wawanohan lembur Kuring :
    Nami abdi : Didi Tarsidi
    Kawitna : Sukajaya Ciwaru Kuningan
    SMP Ciwaru, SMA Luragung, ayeuna ngumbara di Bekasi

  53. Adokasarung pok:

    nepangkeun nami abdi LEKOT ti singkup tarikolot…
    ngiringan gabung ah…. hatur nuhun sa teu acan na … wasalam
    ti incu Kibuyut

  54. Thabib pok:

    Nepangkeun ka sadulur nu ti kuningan sadaya nami abdi:
    Anu nuju sakola :LEKOT tapi ayeuna tos ganti jadi Thabib
    Asalna ti desa singkup….Salam kenal ka sadaya urang kuningan ayeuna abdi nuju ngumbara di jakarta SENEN JAYA ari rompok mah di BINTARO JAYA…….ngiring gabung nya….Wassallam ti incu Q-Buyut…………..

  55. eros rostini pok:

    ngiring ngajeng2,nepangkeun kasadaya dulur nu ti kuningan nami abdi ti aalit eros rostini,ari kawit mah ti desa Margasari ayeuna mah abdi berdomisili di kota pempek(PALEMBANG)

  56. Sampurasun, wilujeung sonten ka sadayana…abdi mamat ti kuningan pernahna ti cigugur…kanggo muda – mudi kuningan kumaha lamun urang nyien paguyuban budak kuningan dina paguyubun eta konsepna mengeksplorasi keterampilan urang pan ayenamah kuningan tos nitiskeun batik tulis asli cigugur kuningan sanes eta wae upami minatmah urang damel UKM di paguyubanana. Kumaha aya nu gaduh ide lain kanggo ngarakeutkeun tali duduluran urang.

  57. mamanwahyu pok:

    Satuju pisan, ngiringan bae akang mah, tapi pami teu lepat mah pan tos aya perkumpulan mangga geura taroskeun ka kang Zoen.

  58. ade koswara pok:

    nepangkeun abdi ade koswara alumni SPG KUNINGAN tahun 83/84 SMP N 2 KUNINGAN 81/82 ngiring gabung hatur nuhun

  59. Ellon pok:

    Assalamualaikum Wr.Wb
    Punten ka dulur-dulur kuring nu di pangumbaraan,rehna simkuring nembe deui muncul di ieu wahana,ari padumukan simkuring ayana diciawi palih wetan pengkeren sakola SMAN 1,MAN ,SMA Korpri Ciawigebang (RT 04/04) Desa Ciawigebang Kec.Ciawigebang

  60. lemburkuring2007 pok:

    Hatur Nuhun atuh kersa rurumpaheun deui Kang Elon.

  61. listia arfan pok:

    hoyong ngiringan

  62. mamanwahyu pok:

    Mangga bade ngiringan mah, sok lebet atuh, ” kang Zoen tuh aya tamu namina listia arfan, bageakeun geura , cangkeuleun diluar bae.

  63. Icuk Yunadi pok:

    abdi oge ngiringan ah, punten..tos lami teu nganjang ka lembur kuring !!

  64. Punten ngiringan ah..urang sunda kamarananya..??

  65. H Achmad Sukradarma pok:

    Ass wr wb, Sanaos kolot yeuh, bade ngiring ulubiung dina ieu wahana. Sim kuring saleresna resep tulas tulis diantawisna di serial Hasbunallah wa ni’mal wakiil, kinten-kinten toas aya 30 judul. Rencana bade diserat ku basa sunda. Aya oge seratan puriding puringkak, kantun ngalebetkeun kana blog. Ti Iraha atuh ieu wadah dibentuk, sim kuring nembe pisan muka, nanging tos kataji pisaeeun kapayunna. Wass

  66. sampurasun..nepangkeun wasta anas nasihin..kawit ti desa cipancar..sumedang selatan..kab sumedang..bade ngiring ulubiung kana ieu rohangan…kangge ngaraketkeun tali babarayaan di antara urang sunda..hatur nuhun k sadayana..

  67. didi tarsidi pok:

    Sepi………….sepi…………..sepi…………….

    Kamarana atuh urang Kuningan ……………

    Hayu urang ngawangkong di Lembur Kuring……

  68. Suhanan pok:

    Assalamu’alaikum wr wb.
    Salam tepang ti abdi, Suhanan nu alamatna di Desa Manacagar Kec. garawangi. abdi bade ngiringan di ieu wahana pikeun manjangkeun duduluran, salam kasadayana nu ngiringan ieu wahana. Wassalam

  69. mamanwahyu pok:

    Aya wargi anyar yeuh,,, kang Suhanan.. abdi ti Citiusari.blok kidul.

  70. memang hebat lembur kuring ASKUN terus pererat silaturahim

  71. kalau mau buat blog gimana ?? tolong

  72. uking pok:

    niring nimbrung ah….
    abdi urang karangkancana kuningan timur euy…
    aya batur teu nu ti karangkancana..?

  73. didi tarsidi pok:

    Assalamu’alaikum

    Urang ngariung Yuuuuuu……………

    Rencanakeun atuh……..

    Sae namah ari lebaran (Idul Fitri) supados nuju kempel sadaya di lembur.

    Hatur nuhun

  74. didi tarsidi pok:

    Abdi mah ngiringan wae teu langkung komandan

  75. ihin solihin pok:

    salam kenal kasadayana.nepangkeun abdi Ihin solihin kawit ti desa pajambon

  76. esih pok:

    hayoo sadayana abi ngringan ah spesial ka pa ewo kumaha pak damang???

  77. mamanwahyu pok:

    Sok lah urang badantenkeun deui kempelan teh, bade di Kutaraja Maleber mangga, di Garawangi mangga, di Kang Zoen Sae, tapi langkung sae di CIAWI GEBANG. Wilujeng tepang deui kasadayana.

  78. mamanwahyu pok:

    neng esih….? urang mana nya ..?

  79. didi tarsidi pok:

    Hayu………….atuh………..urang ngariung………………abdi mah ngiringan, bade mana wae oge………..

  80. Gnenen pok:

    Huuh kang Zoen + kang Didi, hayu ngariung, abdi mah ngiringan. Dilembah Cilengkang resep sigana mah. Dimana aja ngariungna teu nanaon, ngiring aja :)

  81. uking pok:

    teh nenen kumha damang? kmha tos sae kejang otakna teh?

  82. ipan pok:

    assalamuallaikum wr.wb..
    abdi ngiringan ah ti rancakeusik kec.lebakwangi…
    ayeuna nuju ngumbara di bandung…
    salam pangwanoh we kanggo sadaya na…

  83. mamanwahyu pok:

    Tah geuning aya urang serang Awirarangan ! KANG ZOEN kumaha upami ngariung na di bumi Teh Lelasalon ? supados rada caket.

  84. Asslm,,,,nami kuring haris,,,,,,? salam ka wargi sadayana,,,,,,,,,,,,,,,amengan ka http://didjayaciptamekanik.wordpress.com,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,sampurasun,,,,,,,,,,,,,,,

  85. bilih aya tatanggi atanapi wargi dupi teu gduh dameuleun sareng katiasa piwarang amengan nya kasadayana,,,,,,

  86. MUhun atuh,,,dupi lela salon teh d cpeng ku saha,,,,? NOvi sanes,,,,?

  87. sidoey pok:

    Nepangkeun Jisim Abdi Sidoey tea, kawit mah ti desa cageur kec. Darma – Kuninangan. Salam kenal bae kasadayana.

    Cag ah…

  88. dedi k pok:

    kamarana atuh batur salembur teh geuning sepi nya….

  89. Tomas pok:

    Punten ah abdi oge bade ngiringan

  90. Dhany pok:

    Nepangkeun kasadayana, pun Abdi Dhany kawit ti Wangkeran, Ds. Cantilan, Kec.Salajambe. Damel di Jakarta, Linggih di Cibubur….
    WILUJENG BOBORAN MOHON MAAF LAHIR & BATHIN…

  91. jaka pok:

    Nepangkeun,
    pun abdi : Jakaria, ti Pasapen I Kuningan
    ayeuna linggih di Sentul – Bogor..
    Wilujeng Boboran… Minal aidin walfaidzin…

  92. trs pok:

    Rararehe….atuh…

  93. Aan pok:

    enjing sadayana… kamarana…?

  94. mamanwahyu pok:

    Mangga lalinggih kasadayana,sok kalebet, ke urang sauran nu gaduh rompokna, ” Kang Zoen ….aya tamu tuh di payun, enggal bageakeun.

  95. didi tarsidi pok:

    Kamarana sadulur………………??????????????/

    Meuni sepi kieu geuning…………………

  96. lemburkuring2007 pok:

    Sanes jarang2 deui ayeuna mah. paling daerah Ciwaru atanapi Cibingbin.

    • didi tarsidi pok:

      Eleh ku Organ Tunggal nya ?

      Padahal Organ Tunggal mah teu ngadidik ( punten sanes munafik ) da kumaha atuh nya ari teu hobby mah nya,
      Napsi-napsi bae lah…………..
      Padahal lamun urang ngaras urang Sunda mah, tong mopohokeun kana kasenian urang Sunda, sabab rek saha deui lamun teu urang anu ngalestarikeun.
      Mun tiasa usulmah ka Bapak Bupati : Ayakeun deui kontes kesenian ( termasuk dalang/wayang golek) di Kuningan, terus ajarkeun deui kesenian ( pupuh, asmarandana, kinanti jeung sajabana ) di sakola.
      Kapungkur mah urang keur sakola SD sering lomba kesenian di kecamatan-kecamatan teh.

  97. Icuk Yunadie pok:

    Desa Garajati, Ciwaru, masih satia ka wayang golek terutama ki dalang Asep sareng ki dalang Dede

  98. aep pok:

    samprasun kasadayana.salam kenal ti sim abdi.aep namina kawit ti desa citangtu kec. kuningan.bingah pisan aya forum “LK” teh tiasa muka tali silaturahmi di antara urang warga kuningan.mugia forum ieu mantun manpaat kanggo urang sadaya.

  99. Ki Mudji pok:

    Sampurasun…………..

  100. Ki Mudji pok:

    Sampurasun………..

  101. IMAS Uung pok:

    hoyong gabung sareng urang kuningan

  102. apihsyam pok:

    Punten….,LBK hayu urang ramekeun, kamarana yeuh

  103. arief mheonk pok:

    ngiringan ah……..

  104. rika ropiudin pok:

    tepang panginten ,bi saderek ti sindang barang jalaksana

  105. Asep Kusmayadi pok:

    abdi mah katinggaleun nembe ngabuka LEMBUR KURING, tapi abdi hoyong janten anggota LK

  106. ryan pok:

    nepangkeun julukan abdi ryan geggs..bade ngiring ngaramekeun ieu forum…
    kanggo anggota LK anu bade ngembang usahana…insya alloh abdi siap ngabantos permodalan na lewat bank nasional…maks 2 cair
    hayu urang bangun kuningan tercinta ieu

  107. nuhunkeun izin rurumpaheun kana ieu blog…………………………abdi wandi ewangga salam kenal yeuh dulur …abdi tigeresik ayeuna nuju dibekasi

  108. irman saleh pok:

    ngiringan ah …abdi nami Irman saleh kawitna ti desa cilimus (sakola Coro aminoto kapungkur) Payuneun TK ADE IRMA SURYANI N. ayeuna Linggih di BEKASI…nembe browsing teras pendak wae sareng Lembur Kuring

  109. Assalamu’alaikum Wr.Wb…punten kasadaya dulur salembur, nepangkeun abdi Wawan sue siswanto kawit ti Luragung…bade ngiring ulubiung sareng dulur sadayana…hatur nuhun

  110. Assalammulaikum wr,wb
    Nepangan abdi alumni smp 2 kuningan th 83/84 kawit ti darma tiasa kempel sasarengan tina acara ririungan nu ka payuna
    haturnuhun

  111. bahasa sunda abdi tos kagok

  112. ahmad pok:

    kumha carana ek jadi anggota teh, mani resep katingalina?

  113. dava pok:

    nepangken abdige salah sawios keturunana eyang hasan

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Connecting to %s