Pasir Gegerbeas
Posted by lemburkuring2007 dina 13 Juli 2011
GEGERBEAS teh nya eta hiji pasir kuloneun lembur Karangasem Desa Haurkuning, Kacamatan Nusaherang, Kabupaten Kuningan. Ceuk sawatara urang Haurkuning, pangna disebut Gegerbeas teh pedah d ponclot eta pasir aya pabeasan.
Lain pabeasan (padaringan) ilaharna samodel di goah imah, tapi ieu mah mangrupa taneuh gorowong. Naha taneuh gorowong bet disebut pabeasan ? Ceuk urang Haurkuning keneh, memang galibna kitu, sabab jang nu percaya mah bisa dipake sareat pikeun ngukur nasibna hiji jalma.
Nurutkeun urang Haurkuning, salian pabeasan atawa taneuh gorowong, di Pasir Gegerbeas teh aya batu panjang jeung batu ucing. Pangna disebut batu ucing, pedah gede jeung wangunna samodel ucing keur cinutrung. Eta ge sarua bisa dipake ngukur nasibna jalma deuih.
Tapi ceuk kokolot di eta lembur, kade ulah salah harti, Pasir Gegerbeas mah lain tempat munjung atawa muja, da munjung mah kudu ka indung muja kudu ka bapa, leuwih merenah hiji tempat pikeun jalma nu hayang noropong atawa ngolongan nasibna dina mangsa nu keur disanghareupan.
Bisa sagala rupa nu aya pakaitna jeung haliyah dunya, jabatan, jodo atawa bisa oge pamaksudan lianna. Upamana bae, hiji jalma boga karep hayang naek pangkat, pikeun ngolongan tinekanan jeung henteuna teh bisa kanyahoan lamun datang ka Pasirgegerbeas.
Carana cenah kawilang gampang, cukup ngodok bagean taneuh anu gorowong tea. Lamun kakodok tur meunang taneuh, cirining udagan hiji jalma engkena bisa tinekanan. Pon kitu sabalikna, lamun bagean taneuh gorowong teh teu bisa kakodok tur taneuh jeroeun nu gorowong teu bisa karanggeum, eta cirina paniatan hiji jalma moal tinekanan.
Ari batu panjang carana teh dideupaan. Lamun bisa kadeupaan, cirina paniatan atawa unek-unek jeroeun hate bisa tinekanan. Kitu deui sabalikna, lamun batu panjang teu bisa kadeupaan hiji ciri paniatan moal tinekanan.
Ngeunaan batu ucing mah carana teh kudu dijungjungkeun (diangkat). Tah, lamun batu ucing bisa kajungjungkeun, hiji ciri kahayang bisa kalaksanaeun. Tapi saupama teu bisa kajungjungkeun mah, cirina moal kalaksanakeun. Waallahu alam *
mukimeffendy pok
no commment