Sangu Kangsreng Has Luragung

DESA Luragung Landeuh, Kacamatan Luragung, Kabupaten Kuningan, tetela henteu saukur kawentar ku seni Cingcowong, tapi oge kadaharan has nu jarang kapanggih di daerah sejen.Kangsreng.1

Sebut wae sangu kangsreng, nyaeta ngarupakeun kadaharan sangu campur samodel sangu lengko. Tapi sangu kangsreng mah boga has sorangan, lauk minangka deungeunna nyaeta goreng hurang leutik (rebon).

Salian rebon, nu jadi has nasi kangsreng nyaeta kacang panjang jeung toge ditambah sambel badag. Cara nyieunns oge kawilang basajan, rebon, toge jeung kacang panjang nu geus disiksikan dihijikeun jeung sangu ditambah sambel.

Teuing naon sababna pangna disebut sangu kangsreng, nu jelas menu samodel kitu geus dikonsumsi masarakat di eta desa jauh samemeh Idonesia Merdeka. Biasana daharna teh pabeubeurang.

Henteu hese neangan warung nu ngajual sangu kangsreng, sabab rea warung sangu nu ngajual idangan kadaharan nu dipikaresep masarakat. Aya oge warung nu nghaja ngajual sangu kangsreng.

Salah sahiji diantarana warung milik Rumsiti (38), nu perenahna di Jalan Luragung-Cibingbin, deukeut jambatan Cisanggarung. Sanajan lokasina mencil jeung warungna katangen basajan , tapi kusabab sisi jalan henteu jarang jalma nu nyimpang meuli sangu kangsreng nu harga sabungkusa teh Rp1500.

“Memang seueur nu nyimpang kadieu, malih pak bupati oge kantos nyobian sangsu kangsreng di dieu,” ceuk Rumsiti. *** (Koran Galura M-II NOVEMBER 2009)

2 Balesan pikeun “Sangu Kangsreng Has Luragung”

  1. Didi Tarsidi Pok;

    Sangu Kangseng…………..?????

    Asa nembe nguping pisan…………..

    Sok palay nyobian …………………..

    Insya Allah ach engkin pami uih ka Ciwaru bade nyejakeun dahar sangu kangsreng

  2. Maman wahyu Pok;

    muhun nya abdi oge asa nembean mireng sangu kangsreng, hanjakal tebih ciwaru mah. kang zoen ameng yu ah ka ciwaru urang milari sangu kangsreng.
    ——————–
    Kang Maman sanes di Ciwaru, tapi di Luragung. Engke oge kalangkungan saupami cios ngariung di Cibingbin tea.

Tinggalkeun Balesan