35 Urang Warga Kuningan Hijrah

AYA 35 jiwa atawa 10 kapala kulawarga warga asal Kabupaten Kuningan, nu rek miang ka lokasi transmigrasi Jatisari Kacamatan Banyuasin/Kabupaten Banyuasin, Sumatera Selatan.

Miangna teh isukan, Salasa (4/11). Samemeh ka lokasi transmigrasi, ngajugjug heula Kantor Dinas Tenaga Kerja dan Transmigrasi Provinsi Jawa Barat.

Warga calon transmigran teh diantarana 20 jiwa atawa 6 kapala kulawarga (KK) asal ti Desa Bangunjaya Kacamatan Subang, 4 jiwa (1 KK) ti Desa Cantilan Kacamatan Selajambe, 8 jiwa (2 KK) ti Desa Mekarjaya Kacamatan Cimahi jeung 3 jiwa (1 KK) ti Kalurahan/Kacamatan Kuningan.

Muga-muga wae atuh, eta baraya urang teh sing tinemu kabagagjaan ti tempat anyar sarta bisa balik deui ka lembur kalayan salamet taya halangan sareng harungan itu reujeung ieu.

(Salam baktos kanggo sadsaya baraya nu satai ngalongokan ieu blog. Hapunten sim kuring nembe tiasa nepangan patali nuju pabaliut).

8 Balesan pikeun “35 Urang Warga Kuningan Hijrah”

  1. Dadang Pakembangan Pok;

    Mudah2 hijrahna dulur urang ti lembur tiasa mendakan naon anu dicita2keun. . . . aminn

    sami2 Kang Zoen urang silih hapunten, kunaon atuh mani pabaliut ?

  2. andi siswandi Pok;

    Sumuhun pribados oge ngaduakeun…ka dulur sadayanan nu bade angkat transmigrasi…sing salamet di jalan, salamet oge ditempat anu enggal kalayan kenging kabingahan lahir dugi ka bathin….

    Sing percanten ka Allah SWT yen urang tiasa berhasil upami aya tarekah tur disarengan ku ngadua…

    Soklah tong hariwang apan sumatra selatan mah caket…da bubuhan abdi oge aya di sumatra ( Riau )…

    selamat berjuang dulur sadayana…amin…

  3. Icuk Yunadi Pok;

    Selamat berjuang, selamat menjalani kehidupan yang baru !
    Mudah -mudahan sing sukses !!!!

  4. omiyan Pok;

    nu penting sing sehat bae oge sukse di tempat enggal

    punten ah bade tumaros, upami bad gabung ka komunitas blogger kuningan kumaha nya…sawios abdi orang majalengka da abdi mah sakola ge dikuningan

    salam kenal bae nya ti abdi

    http://bungaliani.wordpress.com/

  5. ipan Pok;

    bagus banget om blogs nya…. kapan2 mampir ya.. di blog saya.. di http://www.kuningans.co.cc terima kasih

  6. Syamsuha Pok;

    Wilujeng gabung di bumi Sriwijaya alias bumi Wong Kito Galo, semoga betah sareng kenging berkah ti Alloh lancar dina sagala rupina, sing percanten yen bumi sumatra selatan teh subur pisan komo deui kudongkapna tangan-tangan anu tos terampil sapertos saderek urang sadaya ti kuningan.

  7. agoey Pok;

    Nepangkeun kanu gaduh kagungan…

  8. agoey Pok;

    Abdi sami urang Kuningan,.. Mugi janten silaturahmi…

Tinggalkeun Balesan