Arsip pikeun Nopémber 2008

35 Urang Warga Kuningan Hijrah

AYA 35 jiwa atawa 10 kapala kulawarga warga asal Kabupaten Kuningan, nu rek miang ka lokasi transmigrasi Jatisari Kacamatan Banyuasin/Kabupaten Banyuasin, Sumatera Selatan.

Miangna teh isukan, Salasa (4/11). Samemeh ka lokasi transmigrasi, ngajugjug heula Kantor Dinas Tenaga Kerja dan Transmigrasi Provinsi Jawa Barat.

Warga calon transmigran teh diantarana 20 jiwa atawa 6 kapala kulawarga (KK) asal ti Desa Bangunjaya Kacamatan Subang, 4 jiwa (1 KK) ti Desa Cantilan Kacamatan Selajambe, 8 jiwa (2 KK) ti Desa Mekarjaya Kacamatan Cimahi jeung 3 jiwa (1 KK) ti Kalurahan/Kacamatan Kuningan.

Muga-muga wae atuh, eta baraya urang teh sing tinemu kabagagjaan ti tempat anyar sarta bisa balik deui ka lembur kalayan salamet taya halangan sareng harungan itu reujeung ieu.

(Salam baktos kanggo sadsaya baraya nu satai ngalongokan ieu blog. Hapunten sim kuring nembe tiasa nepangan patali nuju pabaliut).


Wilujeng Sumping

Pairan

Didi Tarsidi dina Sangu Kangsreng Has Lurag…
puter_sunda dina Kebun Raya Kuningan
MboelZ dina Kebun Raya Kuningan
lemburkuring2007 dina ANGGOTA
Didi Tarsidi dina ANGGOTA

Katagori

Nu Keur Nganjang

Blog Stats

  • 144,365 hits

Arsip