NU ngarana globalisasi, kiwari lir ngagulidagna cai walungan nu hese pikeun dibendungna. Rea nu panuju pikeun merangan budaya deungeun. Hanjakalna, ceuk Nana Gumilang Kencana, Ketua Komisi Adat Sunda, dina kabuktianana estu matak prihatin sabab budaya urang Sunda kasesered ku budaya deungeun.
Dina kaayaan kaprihatinan samodel kitu, Komisi Adat Sunda boga karep pikeun ngayakeun sosio-kultural pikeun sagancangna mulangkeun deui kaayaan budaya Sunda. Leuwih merenah lamun nyokong pilihan nasionalisme ngaliwatan penghayatan deui kana kaarifan lokal.
Sabab ceuk Nana, satuluyna, saban komunitas etnis di Indonesia neundeun tata niley nu luar biasa. Kusabab kitu, Komisi Adat Sunda ngahaja nyusun buku nu judulna Aku Anak Sunda. Eta buku nu dipedalkeun ku Lembaga Pengkajian Kebudayaan Nusantara (LPKN) teh ngarupakeun buku pangajaran muatan lokal pikeun barudak sakola SD, SMP jeung SMA.
“Ieu teh ngarupikeun buku nu ngamuat niley-niley kahirupan nu ngakar kana komunitas masarakat Sunda. Saupami tiasa napel dina budi pekerti aranjeunna, kaarifan lokal bakal mampuh ngadewasakeun aranjeunna,” ceuk Nana Gumilang, basa peluncuran Buku Aku Anak Sunda, di Gedong Paseban Tri Panca Tunggal, Cigugur Kabupaten Kuningan, Saptu (18/10), nu anyar kaliwat.
Sawatara kitu, Cendekiawan Sunda, Prof. Dr. Kusnaka Adimiharja dina sambutanana dina jero eta buku mere kamandang, gagasan miara, nangtayungan jeung mekarkeun salah sahiji budaya bangsa jeung keur ngarandapan ancaman kapunahan dina proses modernisasi kiwari, nyaeta gagasan nu penting jeung mulya. Pon kitu, ceuk Kusnaka, tarekah nu dilakonan ku Komisi Adat Nusantara nu ngareret kana pendidikan budaya jeung lingkungan Sunda nu ngarupakeun salah sahiji budaya di wilayah nusantara nu penting pikeun dipiara, ditangtayungan jeung dimekarkeun ngaliwatan media pendidikan dasar.Eta buku ceuk Kusnaka, mere pamahaman ku cara nu basajan, gampang kaharti ku barudak SD ngeunaan “etika Sunda’ dina rupa-rupa kahirupan.*
7 Pairan
RSS Pairan URI Pangroris RaratMalik
Béré pairan


Hidup anak Sunda
wilujeng siang teh nenen salam tepang
Alhamdulillah urang kudu reueus kumedalna buku nu nyowarakeun ngenaan adat sunda, bubuhan saha deui.. nu rek ngabudayakeun adat sunda, iwal ti urang sararea, urang sunda.. sanes kitu?
Hatur nuhun pisan ka Bapak Nana Gumilang selaku ketua komisi adat sunda anu atos nyusun sareng medalkeun buku ” Aku Anak Sunda “, sareng ka Bapak Prof. Dr. Kusnaka Adimiharja nu tos masihan wejanganana (gagasan),..
Mugi kasaean bapak sadayana di estukeun ku Allah SWT.
Pokonamah hidup urang sunda, hidup budaya sunda…Hidup Kuningan..God bless you….
wasallam, Andi tea ti Kuningan….
ngiring bingah ku parantos medalna buku” aku anak sunda”mugi sing janten pangrojong kana kamajengan budaya sunda .
sami ngiring bingah oge ku medalna buku “urang budak sunda=aku anak sunda”.
salam dr peuntas
Tah geuning..tos ngawitan nguniang deui…urang sunda makalangan…ieu buku lain pagawean bantrak-bantrakeun, gede pisan mangpaatna, sok geura baraca, da can karuhan kolotna oge arapaleun kana budaya sunda, jadi kumaha deuk mamatahan atawa ngadongeng budaya sunda ka barudakna, da kolotna oge tangtu teu apal deui jaman kiwari mah kana budaya sunda. jadi sanajan buku ieu pikeun barudak sakola, tapi teu aya lepatna kolot, sepuh anomna oghe kudu maraca ieu buku, sabab tangtu dimana iraha ditanya ku barudak sakola negunaan kasundaan, bisa ngajawab ku cara basa nu basajan pikeun barudak sakola..der ah! hidup urang Cigugur kuningan !!
wah… cara penulisana sae, urang sunda a. sundana timana? nepangken, abdi teh urang luragung- kuningan.. kapan2 maen nya ka blog abdi di http://www.kuningans.co.cc syukur2 lamun amengan ka bumi abdi, tapi abdi ayenamah nuju di bekasi.. hatur nuhunnya.. abdi jadi nambihan deui elmu teh..