Cag Nepi Kadieu

cag nepi kadieu
kuring moal ngaganggu anjeun deui
hampura… hampura nu kamari,
hampura nu geus kaliwat
hampura kuring…
teu kudu diguar deui
da hirup urang teh maju ka hareup!
lain ngan ukur poe ieu
sugan isuk masih keneh aya harepan
urang bisa diuk babarengan deui
siga baheula, basa urang can nyaho hartina hirup
Adi/adie_syaridillah@yahoo.co.id

Hampura Urang Silih Hampura

Jutaan umat mulang ka lemah sarakan
lir mulang nyungsi wiwitan
muru poe iedul fitri
matri suci diri
beresih ati
Dina jiwa anu pasrah
Suhud ibadah tanpa pamrih
Ngempur cahaya wening galih
Dosa musna
Ka luar tina waruga
Aweuhan takbir
Ngagedur
Dina jiwa
Dina rasa
Allahu Akbar
Allahu Akbar
Allahu Akbar
Ya, Allah Nu Maha Asih
Anu nyangking satungkebing
Mung ka Anjeun abdi sujud
Mung ka Anjeun abdi balaka
Mung ka Anjeun abdi sasadu
Mung ka [...]

Mulang ka Lembur

Mulang ka Lembur
NU ngaranna mulang ka lembur, enya mudik, hususna keur urang Kuningan mah sasatna geus jadi tradisi nu saban taun henteu bisa dilleungitkun. Sanajan saban minggu atawa saban bulan sok rajeun mulang ka lembur, dina pareng nyedek kana mangsa lebaran mah estu ngahajakeun mulang ka lembur teh.

BEREKAT

Carita Pondok

BEREKAT

Ku : Maman Aruman

LAYUNG koneng hibar beulah kulon, angin halodo ngahiliwir nebak kana kembang di pakarangan pating aroyag pating arulang kawas anu ngagupayan. Wanci ashar harita teh, di hareupeun imah Si Aki geus diuk nyanggeye dina korsi butut bari ngelepus udud daun kawung bangun nu nimat naker.

Haseupna nyerebung [...]

SAPTON (Tina Catetan Nu Kapopohokeun)

KAAYAAN lapang maen bal (tajong) Desa Cinagara, Kecamatan Maleber, Kabupaten Kuningan, Saptu, sawatara waktu kaliwat, beda ti sasari. Rebuan jalma ti suklakna ti siklukna tumplek ningker sakurilingna eta lapang.