Meuli Goreng Kentang Jeung Dage Haneut

Ku : Agah

KIRA taun 1985-an nepika taun 1990-an, di lembur kuring Luragung, rek munggahan teh sok rame ku nu baralanja ka pasar. Kaasup kuring sok milu riweuh mun ema balanja ka pasar teh

Jenatna pun bapa, (mugi sing dicaangkeun alam kuburna), jadi sedih inget jaman baheula, sok nitah kuring sangkan ngabantuan mawa balanjaan ema ti pasar.

Biasana ema teh sok meuli hayam jago (kampung), da keukeuh bapa mah tara nuang daging hayam nagri. Teu ngeunah cenah.daging hayam nagri mah. Eta daging hayam teh sok diopor keur sahur munggaran, da geus liwat tilu poe mah biasa wae kadaharan keur sahur teh sok saayana.

Kuring mah kadaharan keur sahur teh sok ngahaja meuli goreng kentang, goreng dage haneut, ngadadak jam dua samemeh mangsana sahur da di lembur loba nu dagang gorengan keur sahur tea.

Ari ema balanja ka pasar teh sok sakalian meuli lauk asin sepat, tawes, teri, cumi-cumi, sakapeung sok meuli gakser (apal gakser?) sabulaneun. Ari buka puasa kudu oge aya lauk nu arasin, jeung kudu aya coel sambel.

————

Insya Allah sim kuring mun teu pakupis ku pagawean rek ngadongeng aktivitas bulan puasa di lembur jaman baheula…nu sejen oge diantos ah dongengna etang-etang bernostalgia..

Sakali deui neda hapunten bilih aya kalepatan nulis, aya aksara nu teu merenah..urang sucikeun hate nyanghareupan bulan Ramadhan…MARHABBAN YAA RAMADHAN.

Saderek sadaya..wilujeng ngalakonan ibadah shaum..mugia urang sadaya kenging kaberkahan dina bulan nu suci ayeuna….Amien.

Ti Lembur Kuring : Hatur Nuhun parantos ngiring partisipasi kanggo ngareuah-reuah ieu blog. Leres, Mangga atuh nu sanesna diantos

Zoen

12 Pairan

  1. [...] oleh lemburkuring2007 dipublikasi ulang oleh Blogger [...]

  2. Waduh… jadi hoyong :)

    Cegah Satwa Punah
    http://www.youtube.com/watch?v=Y3xFFud_YQA

    http://www.nenensnest.com

    :)

  3. wah nyaan ieu mah pikabitaeun

  4. Kang Zoen ulah pundung, ceritana bade di copy kuabdi he..he..

    Nuhun ka Kang Agah :)

  5. Hidup Gemet, hidup golono

  6. Asyiii….k bade uwih mudik euy, naon wae anu namina makanan khas tikawit gemetna,golono,hucap,sorabi, gemblong jeung sajabana bakalan kacicip jigana sabada boboran syiam.

  7. upami Aa atanapi Bapak Agah eta nami lengkapna saha nyak ? aslina ti mana ? Hatur nuhun

  8. Tos lami teu uih ka lembur 10 tahun di tangerang janten hoyong noong lembur sareng rerencangan anu tos lami teu parendak

  9. Kang Tisna, asal ti mana ?

  10. jd hayang geuwat mudik ka ciwaru

  11. tos lami teu uih ka kuningan. jadi emut pasar cilimus…aya nu ker ngumbara di kedoya iraha arek mudik. aya nu ka cilimus yeuh

  12. Upami kang agah aslina timana? Jd inget kana golono


RSS Pairan URI Pangroris RaratMalik

Béré pairan