Cipanas Ciniru

Cipanas Ciniru

 

Pamandian Cipanas Ciniru perenahna deukeut irigasi Cimanis, Ngajugjug ka eta lokasi kawilang gampang da jalanna ngabulungbung tur geus diaspal. Ti jalan raya Padamenak (Cirebon-Kuningan) anggangna teh kurang leuwih dua kilometer, bisa tumpak  ojeg nu biasa mangkal di pangkalan ojeg Padamenak. Malah ayeuna mah kaliwatan ku angkutan kota Padamenak-Cikeleng.

Sabudeureun lokasi pamandian Cipanas, dikuriling ku pasawahan nu upluk-aplak, dipasieup runggunukna Gunung Ciremey nu ngabedega wuwuh matak waas. Tonggoheunana rajeg tangkal kai nu galede tur linduh. Atuh beulah kalereun pamandian aya batu lempar kaiuhan tangkal kai nu biasa diparake niis. Endahna kaayaan kapirig hiliwirna angin dibarung seahna sora cai walungan Cimanis. Mawa kaayaan nu tingtrim. *  

4 Balesan pikeun “Cipanas Ciniru”

  1. kuningan nyingcet Pok;

    aya peta palih mana pasna ieu pangojayan teh Kang?
    sigana pikaresepeun

  2. Rastono Pok;

    Euleuh-euleuh kang Zoen, atuh cipanas ciniru mah tempat abdi ibak upami awak asa carape. Salian ti tempatna pikabetaheun eta cipanas teh gratis deuih teu kedah ngaluarkeun biaya. Mung upami kanggo ibu-ibu mah ulah kadinya wengi margi nu aribak seuseurna pameget sareng punten (sok bubulucun).
    Upami abdi ka lebur sok ngahajakeun ibak didinya, salian ti nyehatkeun awak oge sok sakantenan nostalgia waktos kapungkur sempet kemping ditonggoheun pamandian Cipanas. Abdi ngaraos salut ka masyarakat sareng pamarentah Ciniru anu teu ngomersilkeun eta tempat.
    Kanggo akang kuningan nyingcet upami peryogi petana magga ngintun alamt emailna ka abdi rastono@mbt-kons.co.id
    Baktos ka sadayana….. cag ah…….

  3. Nenen G Pok;

    Kang Rastono,
    ari bubulucun naon hartosna ?

    Cheer,
    Nn G

  4. Rastono Pok;

    Bubulucun teh teu ngangge anggoan, paling banter nganggo lancingan lebet.
    He….he…he…

Tinggalkeun Balesan