Barade yeuh sorabi sareng gemet..? Mung hanjakal gemetna teu acan asak, janten kedah sabar ngantosan. Bari ngantosan gemet asak, mangga nyanggakeun eta aya buras, gemet sareng seupan cau hatur lumayan etang-etang landong tiris. Nyanggakeun ka sadayana. *
8 Pairan
RSS Pairan URI Pangroris RaratMalik
Béré pairan


Eh…. ngabibita, gemet… gemet… lucu namina, tapi raos rasana komo lamun didahar sareng cengek mmmhhhhhhhhh…………………
Nuju acara naon yeuh aya buras+gemet+seupan cau?
sakalian atuh upload gambar cuhcur, wajit, opak jeung barayana…hehehe
Mana caina, bilih kabuhulan
upami aya wios bajigur oge cocok tah kanggo Teh Nenen di Canada, ubar tiris
Teh Nenen kabitaeun..! Gemet dilawan…!
Kang awan, teu aya aya cara naon2. Ieu mah ngabibita Teh Nenen nu resep tuang gemet.
Kang Roni, Insya Allah sanes waktos diupload.
Kang Dadang, aya oge Teh Poci sareng sirop Jeruk Nipis. Hatur Nuhun kana perhatosanana. Salam Gemet.
Info Uniku Kembangkan TIK tiasa ditoong di tatar-kuningan.com.
Wah… awas kang Zoen, kudu nyuguhan abdi gemet sabaskom, upami abdi mudik he..he..he..
Eta… eta ci Kang Zoen kalah nyiar nyiar piatoheun jalmi nuju ngidam seupan cau geura… yap kadieu atuh di paket keun…
Kang Dadang, leres hoyong anu haneut-haneut siga bajigur, usum tiis badai salju didieu mah, abdi oge ayeuna nuju hareeng kaserang flu + batuk.