Suasana di Pasar Induk Jalaksana Desa Sadamantra, Kecamatan Jalaksana, yang sementara dijadikan sebagai lokasi “Pameran Pembangunan” Kabupaten Kuningan, Minggu (9/9). *
Ieu tulisan dimuat tanggal Ahad, 9 Séptémber 2007 pukul 1:43 pm sarta diberkaskeun dina FOTO, MEUNTAS WALUNGAN. Anjeun bisa nuturkeun sakur pairan ieu tulisan ngaliwatan pancingan RSS 2.0.
Anjeun bisa ninggalkeun pairan, atawa nyusudkeun raratmalik tina situs anjeun.
11 Séptémber 2007 pukul 3:08 pm |
har geuning jadi rame nya desa abdi ……. aduh nuhun ah ka akang anu gaduh website tos nepangkeun pameran pembangunan anu aya di desa sadamantra , abdi oge rencanana mah hoyong meser kiosna kanggo usah di bidang seni nya eta ART Galeries . kumaha dulur-dulur aya anu berminat ?
11 Séptémber 2007 pukul 11:39 pm |
Der atuh, da bakal rame. Sadamantra, Padamenak janten kota….! Bisnis internet oge di dinya berpeluang. Caket sakola SMP, SMA, Perguruan tinggi oge aya STIKES jrrd, Toserba, Pusat Pertokoan. Ti kapungkur Jalaksana teu gaduh pasar. Balanjana ka Kurucuk, Kalapagunung, Cilimus, Kuningan. Ayeuna rame.
15 Séptémber 2007 pukul 9:20 am |
Waduh kang kumaha lamun urang bisnis muka warnet supados tiasa ngaraosan teknologi kanggo anu teu acan nyobian ,nya kango murid – murid sakola supados tiasa berinteraksi sareng dunia luar .kumaha tah ?
15 Séptémber 2007 pukul 12:05 pm |
Wilujeung Kang Dodi,
Abdi oge kaget geuningan Kuningan teh jadi rame, lami pisan abdi mah kaluar ti Kuningan, masa remaja abdi mah Surabaya he..he..he..
Sabaraha harga kiosna di Pasar Jalaksana ?
waktos abdi diSurabaya, unggal wengi aya pasar jajanan tenda di lapangan Brawijaya, rupa-rupa masakanna, aya gorek bebek, belut, panggang ikan gurame, aya gift, permainan, musik, dll. Kangen ayeuna oge biasana rerencangan abdi nyamper ngajak kalapangan kanggo makan malam, rame pisan banyak pengunjung. Sigana mah panginteun di Kuningan oge aya anu kitu jajanan tenda dilapangan, kumaha kang Zoen, tos aya jajanan tenda dilapangan ?
17 Séptémber 2007 pukul 1:06 pm |
waduh teh Nn upami jajanan tenda di lapangan mah dugina can aya ,nu katingali ku abdi mah bisnis di bidang eta terutama makanan rupina kirang suport ti masyarakatna …tapi teu kunanaon seh upami nyobianmah sugan wae ciga warung nasi Ampera sapertos di Bandung terkenal pisan karna nyayogikeun makanan khas sunda,
..nah lamun harga kios na abdi oge kirang apal ngadangumah da di ical lepas ceunahmah ,jadi hartina tanah sareng bangunan jadi hak milik.
17 Séptémber 2007 pukul 2:59 pm |
Ari kang Dodi ayeuna aya dimana ?
sigana mah kedah dipromosikeun siga jajanan tenda/lesehan dilapangan, tapi upami teu didukung kupamarentah Kuningan jadi sesah he..he..he..
Padahal mah Kuningan tiasa disebat kota wisata, ngandung kakayaan pamandangan alam anu asri, ngan balik deui ka pamarentahna.
18 Séptémber 2007 pukul 3:00 pm |
Abdi ayeuna kaleresan damel di Bandung teh..!
nya teh leres promosi mah modal anu teu tiasa di leungitkeun upami Bisnismah , nya leres oge urang kudu gaduh suport ti pamarentah anu tiasa nagadukung ka sababaraha aspek nya eta wisatana, perdaganganna ,lingkunganna jeung seeur deui anu sanesna .kan ku ayana bidang – bidang eta tiasa ngadukung oge kana pendapatan daerah na keur kabupaten kuningan sendiri, leres heunteu teh?
23 Januari 2008 pukul 4:15 am |
Ngiring ngarengkol sakedap ah…
Ke.. ke.. Kang Dodi mana nya? Wilujeng Tepang ah ti abi urang Sadam he.. he..
2 Séptémber 2008 pukul 3:12 pm |
ah..sawios rame oge da kedah seeur artosna,komo deui gaduh murangkalih mh.Pusinggg abdi mah..